PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w21 Juni kaca 26-30
  • Ngutamakeun Yéhuwa Unggal Rék Nyieun Putusan

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ngutamakeun Yéhuwa Unggal Rék Nyieun Putusan
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
  • Subjudul
  • PANGWAWARAN DI LEBANON
  • PINDAH KA LUAR NAGRI
  • MUSIBAH NU BEURAT PISAN
  • PUTUSAN-PUTUSAN PENTING
  • NYIEUN PUTUSAN ANU PENTING DEUI
  • HADIAH NU TEU DISANGKA-SANGKA!
  • PINDAH DEUI KA TEMPAT SÉJÉN
  • ABDI BAKAL NGALAKUKEUN NU SARUA
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
w21 Juni kaca 26-30

PANGALAMAN HIRUP

Ngutamakeun Yéhuwa Unggal Rék Nyieun Putusan

DICARITAKEUN KU DYAH YAZBEK

Dyah Yazbek pas keur ngora.

ISUK-ISUK dina taun 1984, abdi kaluar ti imah abdi di hiji komplék anu méwah. Abdi rék indit pikeun digawé. Tapi, di jalan abdi mikirkeun hiji artikel nu aya dina majalah Menara Pengawal. Éta téh ngabahas ngeunaan kumaha pandangan batur ka urang. Abdi nempo imah-imah tatangga bari mikir, ’Salila ieu, kumaha nya pandangan para tatangga ka abdi? Maranéhna nganggap abdi sabagé pagawé bank anu suksés atawa sabagé palayan Allah nu digawé pikeun nganapkahan kulawarga?’ Abdi sadar, jigana mah abdi dianggap sabagé pagawé bank anu suksés. Asa sedih mikirkeun hal éta. Jadi, abdi mutuskeun rék barobah.

Abdi lahir tanggal 19 Méi 1940 di kota Amioûn, Lebanon. Tapi, sababaraha taun sanggeusna kulawarga abdi pindah ka Tripoli. Abdi téh anak bungsu, abdi boga tilu lanceuk awéwé jeung hiji lanceuk lalaki. Kulawarga abdi téh kulawarga nu bagja, nu nyaah ka Yéhuwa. Nya, keur kolot abdi mah néangan duit téh lain nu pangpentingna. Nu pangpentingna mah, urang sakulawarga kudu diajar Alkitab, masamoan, jeung méré nyaho batur ngeunaan Yéhuwa.

Di sidang abdi téh aya sababaraha jalma anu diistrénan. Salah sahijina, nyaéta Michel Aboud anu mandu palajaran buku sidang. Michel téh diajar bebeneran di New York, terus ngawawar di Lebanon ti taun 1921. Abdi inget pisan, Michel bener-bener ngahargaan jeung osok mantuan dua sadérék istri lulusan Gilead, nyaéta Anne jeung Gwen Beavor. Maranéhna téh deukeut jeung kulawarga abdi. Puluhan taun ti harita, abdi panggih deui jeung Anne di Amerika Serikat. Meni senang téh! Teu lila, abdi gé panggih jeung Gwen. Manéhna geus nikah jeung Wilfred Gooch. Harita, maranéhna ngawula di Bétel di London, Inggris.

PANGWAWARAN DI LEBANON

Pas abdi ngora kénéh mah, Saksi Yéhuwa di Lebanon téh ngan saeutik. Tapi najan kitu, urang kabéh tetep sumanget ngawawar, padahal harita para pamingpin agama ngahalang-halang kagiatan urang. Abdi masih inget kénéh sababaraha kajadian nu kaalaman ku urang.

Sakali waktu, abdi jeung Sana lanceuk awéwé abdi ngawawar di hiji apartemén. Pas urang keur ngobrol jeung saurang jalma, ujug-ujug aya pendéta datang. Pasti aya nu ngalapor ieu mah. Mimitina mah, éta pendéta ngan ngahina Sana. Tapi, lila-lila manéhna jadi kasar jeung nyuntrungkeun Sana nepi ka labuh ngagulitik. Awak Sana nepi ka raraheut. Untungna, aya saurang jalma nu nelepon pulisi. Pulisi langsung datang jeung ménta batur nulungan Sana. Terus, éta pendéta dibawa ka kantor pulisi. Ari pék téh, di ditu kanyahoan manéhna mamawa péstol. Kapala pulisi nepi ka nanya kieu, ”Ari Bapa téh nanaonan? Bapa téh pamingpin agama atawa tukang nyieun huru-hara?”

Aya deui pangalaman séjénna. Abdi inget, sidang abdi téh pernah nyéwa beus pikeun ngawawar ka hiji daérah nu mencil. Mimitina mah lancar-lancar waé. Tapi, aya saurang pendéta nu ngadéngé urang téh keur ngawawar. Manéhna langsung ngumpulkeun warga. Urang diganggu jeung dibalédogan ku batu. Éta batu téh keuna ka si Bapa. Si Bapa nepi ka getihan sabeungeut-beungeut. Terus, si Mamah buru-buru mawa si Bapa balik ka beus. Urang kabéh gé balik ka beus bari hariwang. Tapi abdi inget, waktu si Mamah keur ngelapan getihna si Bapa, si Mamah téh ngomong kieu, ”Yéhuwa, hampura wéh maranéhna, da maranéhna teu nyahoeun naon nu geus dilakukeun ku maranéhna.”

Terus, aya deui kajadian séjén pas abdi umur genep taun. Hiji poé, abdi sakulawarga balik ka lembur, hayang ulin ka imah baraya. Pas ka imah aki, di ditu aya saurang pendéta anu dihormat pisan ku jalma-jalma. Manéhna nyahoeun kolot abdi téh Saksi-Saksi Yéhuwa. Najan abdi leutik kénéh, manéhna hayang nyieun abdi éra. Manéhna nanya, ”Jang, naha can dibaptis kénéh?” Abdi ngajelaskeun, da abdi mah leutik kénéh. Terus, mun rék dibaptis téh kudu nyaho leuwih loba ngeunaan Alkitab, urang gé kudu boga iman anu kuat. Manéhna teu resep ngadéngé abdi ngomong kitu. Jadi, manéhna ngomong ka si aki, abdi téh meni euweuh tatakramana pisan.

Nya, mémang aya waé pangalaman goréng mah, tapi éta téh ngan saeutik. Biasana, urang Lebanon téh balalageur jeung soméah. Loba ogé nu daék ngadéngékeun warta urang jeung diajar Alkitab.

PINDAH KA LUAR NAGRI

Basa abdi masih sakola kénéh, aya saurang sadérék ngora ti Venezuela nu ulin ka Lebanon. Manéhna sempet milu masamoan di sidang urang. Terus, manéhna bobogohan jeung Wafa, lanceuk abdi. Geus kitu, maranéhna duaan nikah jeung cicing di Venezuela. Wafa osok ngirim surat. Manéhna teterusan ngolo si Bapa supaya urang sakulawarga pindah ka Venezuela, sabab manéhna téh sono pisan ka urang kabéh. Ahirna, urang sakulawarga pindah ka ditu!

Taun 1953, urang sakulawarga pindah ka Venezuela jeung cicing di Caracas. Éta téh deukeut istana présidén. Jadi, unggal présidén ngaliwat maké mobil méwahna, abdi téh meni atoh pisan. Maklum, da leutik kénéh. Tapi, pindah ka luar nagri téh teu gampang keur kolot abdi. Urang kudu diajar basa anyar. Terus, cuaca, budaya, jeung dahareunana meni béda pisan. Geus kitu, waktu masih adaptasi kénéh, kulawarga urang meunang musibah anu beurat.

Ti kénca ka katuhu: Bapa. Mamah. Abdi dina taun 1953, pas urang sakulawarga pindah ka Venezuela

MUSIBAH NU BEURAT PISAN

Si Bapa mulai ngarasa teu ngarareunah awak. Urang sakulawarga héran, da asana si Bapa teu pernah kitu. Biasana mah si Bapa séhat jeung kuat, asa teu pernah gering. Ari pék téh, si Bapa keuna kangker pankréas jeung kudu dioperasi. Tapi tetep wéh, saminggu sanggeusna si Bapa ngantunkeun.

Dunya téh asa runtuh! Urang sakulawarga téh meni sedih pisan, hésé dijelaskeun kumaha parasaanana. Teu aya nu nyangka si Bapa bakal ngantunkeun. Harita, abdi kakara umur 13. Mamah gé can bisa narima kanyataan. Tapi, urang bisa teger ku bantuan Yéhuwa. Terus pas umur 16 taun, sanggeus lulus SMA, abdi hayang mantuan kulawarga néangan napkah.

Sana lanceuk abdi jeung Rubén salakina téh bener-bener ngabantu abdi nyieun kamajuan rohani

Teu lila, Sana nikah jeung sadérék nu ngaranna Rubén Araujo. Rubén téh lulusan Sekolah Gilead jeung ditugaskeun balik ka Venezuela. Sanggeus nikah, maranéhna pindah ka New York. Terus, harita kulawarga téh hayang abdi kuliah. Jadi, abdi indit ka New York jeung numpang di imahna Sana sarta Rubén. Maranéhna duaan ngabantu supaya abdi beuki akrab jeung Yéhuwa. Terus, di sidang gé aya sadérék-sadérék anu bisa dijadikeun tuladan, misalna Sadérék Milton Henschel jeung Frederick Franz anu ngalayanan di Bétel Brooklyn. Meni resep téh bisa kenal sarta gaul jeung maranéhna.

Pas abdi dibaptis dina taun 1957

Sanggeus ampir sataun kuliah, abdi mulai mikirkeun tujuan hirup abdi. Abdi maca artikel-artikel ngeunaan cita-cita rohani dina majalah Menara Pengawal. Abdi terus mikirkeunana. Di sidang gé, abdi ningali para panaratas jeung urang Bétel téh meni barungah. Abdi hayang jiga maranéhna. Tapi, harita abdi can dibaptis. Jadi abdi sadar, abdi téh kudu ngabaktikeun diri heula ka Yéhuwa. Ahirna, abdi dibaptis dina tanggal 30 Maret 1957.

PUTUSAN-PUTUSAN PENTING

Sanggeus dibaptis, abdi kapikiran hayang jadi panaratas. Beuki lila, kahayang éta beuki kuat. Tapi mun naratas bari kuliah, jigana hésé. Jadi, abdi susuratan jeung si Mamah sarta lanceuk-lanceuk abdi di Venezuela. Abdi ngajelaskeun, abdi téh hayang eureun kuliah, terus balik ka Venezuela jeung jadi panaratas.

Jadi abdi balik ka Caracas dina bulan Juni 1957. Tapi geuning, pas balik, abdi ningali kauangan kulawarga téh rada susah. Kudu aya nu mantuan néangan napkah. Kumaha nya carana mantuan kulawarga? Harita, abdi téh ditawaran gawé di bank. Tapi abdi hayang pisan jadi panaratas, puguh éta tujuan abdi balik ka dieu téh. Ahirna sanggeus mikir-mikir, duanana dilakonan ku abdi. Jadi, abdi gawé di bank enya, naratas ogé enya. Éta téh terus dilakukeun salila sababaraha taun. Nya mémang sibuk pisan, tapi abdi senang pisan!

Terus abdi gé bungah, sabab abdi panggih jeung Sylvia, saurang sadérék istri anu nyaah pisan ka Yéhuwa. Manéhna téh asalna ti Jerman, tapi pindah ka Venezuela bareng jeung kolotna. Geus kitu, urang duaan nikah. Urang boga dua anak, hiji lalaki hiji awéwé. Ngaranna Michel (Mike) jeung Samira. Terus abdi gé mulai ngurus si Mamah. Si Mamah cicing bareng jeung kulawarga abdi. Nya mémang, abdi kudu eureun naratas, da abdi boga tanggung jawab sabagé kapala kulawarga. Tapi, abdi masih sumanget ngawawar, jiga waktu naratas kénéh. Terus mun keur usum libur gé, abdi jeung Sylvia osok naratas ékstra.

NYIEUN PUTUSAN ANU PENTING DEUI

Hal nu ku abdi dicaritakeun dina awal artikel téa, éta téh kajadianana waktu barudak masih sakola kénéh. Nya, mémang kahirupan abdi sakulawarga téh serba cukup, abdi gé boga jabatan nu lumayan di bank. Tapi, abdi hayang leuwih dikenal sabagé palayan Allah. Abdi terus kapikiran kana hal éta. Jadi, abdi ngabahas hal ieu jeung Sylvia. Saupama engké abdi kaluar gawé, abdi bakal dibéré pesangon nu lumayan gedé. Terus, untungna abdi teu boga hutang. Jadi mun engké abdi sakulawarga hirupna leuwih saderhana, duit pesangon téh bakal cukup keur sababaraha waktu mah.

Nyieun putusan jiga kitu téh teu gampang. Tapi, Sylvia jeung si Mamah ngadukung pisan. Jadi abdi bisa naratas deui. Meni bungah pisan! Éh, tapi aya hal nu teu disangka-sangka.

HADIAH NU TEU DISANGKA-SANGKA!

Dyah jeung Sylvia bareng Gabriel, orokna nu kakara lahir.

Si bungsu Gabriel, hadiah nu teu disangka-sangka

Dokter ngabéjaan, Sylvia téh hamil. Urang duaan meni bungah pisan! Ieu téh kabar gumbira. Tapi abdi jadi kapikiran, abdi masih bisa naratas teu, nya? Najan kitu, urang duaan tetep nyiapkeun diri pikeun nyambut anggota kulawarga nu anyar. Jadi, kumaha tah jeung rencana abdi pikeun naratas?

Sanggeus badami jeung Sylvia, urang duaan mutuskeun abdi bisa tetep naratas. Anak lalaki abdi, Gabriel, lahir dina April 1985. Abdi tetep kaluar ti bank jeung mulai naratas deui dina Juni 1985. Sanggeus sababaraha waktu, abdi dibéré kahormatan pikeun jadi anggota Panitia Cabang. Tapi, kantor cabang téh lain di Caracas. Jadi, dua atawa tilu poé saminggu, abdi kudu bolak-balik ti imah ka ditu. Sakali jalan téh jauhna kurang leuwih 80 kilométer.

PINDAH DEUI KA TEMPAT SÉJÉN

Kantor cabang téh ayana di kota La Victoria. Jadi ngarah leuwih deukeut ka Bétel, urang sakulawarga mutuskeun pikeun pindah ka ditu. Nya, ieu téh parobahan nu gedé keur kulawarga abdi. Éta sababna, abdi bener-bener nganuhunkeun kana dukungan ti kulawarga. Baha, lanceuk awéwé abdi, réla ngurus si Mamah. Terus, harita Mike geus nikah. Ari Samira jeung Gabriel mah masih bareng jeung abdi. Jadi waktu pindah ka La Victoria téh, maranéhna kudu ninggalkeun babaturanana di Caracas. Terus, Sylvia gé réla pindah ti kota gedé ka kota leutik. Di ditu, imah urang gé leuwih leutik tibatan nu saacanna. Jadi, nya mémang loba anu barobah waktu urang sakulawarga pindah ka La Victoria.

Tapi, kaayaan barobah deui. Gabriel nikah, terus Samira gé geus cicing sorangan. Geus kitu, dina taun 2007, abdi jeung Sylvia diondang pikeun ngalayanan di Bétel. Nepi ka ayeuna, urang duaan masih di Bétel. Mike anak urang nu panggedéna, ayeuna ngawula sabagé kokolot jeung naratas bareng Monica, pamajikanana. Ari Gabriel jeung pamajikanana mah aya di Itali. Gabriel ogé jadi kokolot. Terus, Samira gé ngawula sabagé panaratas jeung sukarélawan jarak jauh di Bétel.

Ti kénca ka katuhu: Bareng jeung Sylvia di kantor cabang Venezuela. Putra kahiji, Mike, jeung Monica. Samira, budak awéwé urang. Si bungsu Gabriel jeung Ambra

ABDI BAKAL NGALAKUKEUN NU SARUA

Nya, salila ieu abdi geus nyieun loba putusan penting dina kahirupan. Tapi, abdi teu pernah kaduhung. Saupama waktu bisa dibalikkeun deui gé, abdi bakal ngalakukeun nu sarua. Abdi nganuhunkeun pisan kana sagala hal anu bisa dilakukeun ku abdi keur Yéhuwa. Salila mangtaun-taun, abdi ngarasakeun sorangan, urang téh kudu ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa. Waktu urang kudu nyieun putusan, boh leutik boh gedé, Yéhuwa bisa méré katengtreman ”anu moal kahontal ku akal”. (Pil. 4:6, 7) Abdi jeung Sylvia resep pisan bisa ngalayanan di Bétel. Urang duaan ngarasa Yéhuwa ngaberkahan urang, sabab unggal rék nyieun putusan, urang ngutamakeun Yéhuwa.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun