ARTIKEL PALAJARAN 41
Urang Ngawula Allah nu ”Kacida Welas Asihna”
”Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.”—JAB. 145:9.
KAWIH 44 Doa Waktu keur Nalangsa
NU DIBAHASa
1. Naon nu kapikir ku urang ngeunaan jalma nu boga sipat welas?
WAKTU mikirkeun jalma nu boga sipat welas, urang bisa jadi ngabayangkeun jalma nu bageur, soméah, karunyaan, jeung murah haté. Meureun urang gé inget ka ibarat nu dicaritakeun ku Isa ngeunaan urang Samaria nu bageur. Waktu manéhna ningali urang Yahudi nu diserang jeung dirampog, manéhna ”karunyaeun” jeung daék ”nulungan” lalaki éta sanajan teu sabangsa jeung manéhna. Manéhna gé daék ngurus urang Yahudi éta nu keur raraheut. (Luk. 10:29-37) Ibarat éta ngajarkeun urang ngeunaan sipat welas Yéhuwa nu éndah pisan. Yéhuwa mikawelas urang téh lantaran nyaah ka urang. Urang gé bisa ngarasakeun hal éta unggal poé.
2. Ku cara naon deui saurang jalma némbongkeun sipat welas?
2 Sipat welas atawa sipat karunyaan téh bisa ditémbongkeun ogé ku cara séjén. Jalma nu boga sipat welas mah moal buru-buru ngahukum jalma nu nyieun salah. Kitu ogé nu dilakukeun ku Yéhuwa ka urang kabéh. Nu nulis Jabur nyebutkeun yén Yéhuwa téh ’ngahukumna tara diukur-ukur kana dosa urang’. (Jab. 103:10) Tapi sakapeung, Yéhuwa mémang méré disiplin nu tegas ka jalma nu nyieun dosa.
3. Pananya naon waé nu bakal urang bahas?
3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu pananya: Ku naon Yéhuwa mikawelas urang? Kumaha bisa disiplin nu tegas téh némbongkeun sipat welas Yéhuwa? Terus, naon nu bisa ngabantu urang némbongkeun sipat welas? Hayu urang tingali jawabanana tina Firman Allah.
KU NAON YÉHUWA MIKAWELAS URANG?
4. Ku naon Yéhuwa mikawelas urang?
4 Yéhuwa téh mikawelas lantaran nyaah ka urang. Rasul Paulus nulis yén Allah téh ”kacida welas asihna”. Di dieu, Paulus ngajelaskeun sipat welas Allah téh katingali ku cara méré harepan hirup di sorga ka umat-Na nu teu sampurna, nyaéta kaom nu diistrénan. (Éf. 2:4-7) Tapi, sipat welas Yéhuwa téh teu ngan saukur keur kaom nu diistrénan hungkul. Daud nulis, ”Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.” (Jab. 145:9) Jadi mun aya alesan pikeun mikawelas, Anjeunna pasti mikawelas.
5. Kumaha Isa bisa diajar sipat welas ti Yéhuwa?
5 Isa téh apal pisan sakumaha welasna Yéhuwa. Saacan diutus ka bumi, manéhna geus lila pisan babarengan jeung Bapana di sorga. (Sil. 8:30, 31) Jadi, manéhna ningali sakumaha welas Bapana ka jalma-jalma nu sok nyieun dosa. (Jab. 78:37-42) Waktu ngajar jalma-jalma, Isa sering nyaritakeun sipat éndah Bapana ieu.
Si bapa teu nyieun éra budakna, tapi bungah nyambut budakna (Tingali paragrap 6)c
6. Kumaha Isa ngagambarkeun sipat welas Bapana?
6 Siga nu dibahas dina artikel saacanna, Isa ngagunakeun ibarat ngeunaan anak nu leungit pikeun némbongkeun sakumaha welasna Yéhuwa. Dina ibarat éta, budakna téh ninggalkeun imahna jeung ”ngahambur-hamburkeun hartana bari hirup sakarep-karep”. (Luk. 15:13) Tapi, manéhna tobat ti kahirupanana nu bejad, ngarendahkeun dirina, jeung balik deui ka imahna. Kumaha réaksi bapana? Ceuk Isa, ”Ti jauh kénéh, ku bapana geus katempo, haténa ngahelas ningali éta budak. Beretek bapana lumpat nyampeurkeun budakna. Barang amprok, gabrug budak téh ditangkeup bari diciuman.” Bapana teu nyieun budakna éra, sabalikna manéhna daék ngahampura jeung langsung nyambut budakna. Si budak téh geus nyieun kasalahan nu gedé. Tapi lantaran tobat, bapana daék ngahampura budakna. Bapa nu mikawelas éta téh ngagambarkeun Yéhuwa. Jadi dina ibarat éta, Isa nunjukkeun yén Yéhuwa hayang ngahampura jalma dosa nu bener-bener tobat.—Luk. 15:17-24.
7. Naon hubunganana kabijaksanaan Yéhuwa jeung sipat welas Anjeunna?
7 Yéhuwa téh mikawelas atawa karunyaan lantaran Anjeunna bijaksana pisan. Yéhuwa pasti nyieun putusan nu pangahadéna keur ciptaana-Na. Alkitab nyebutkeun yén ”kabijaksanaan nu asalna ti sorga” téh nyaéta ’karunyaan pisan jeung loba nyieun kahadéan’. (Yak. 3:17) Siga kolot nu nyaah ka budakna, Yéhuwa téh apal umat-Na butuh piwelas Anjeunna. (Jab. 103:13; Yes. 49:15) Kabéh umat-Na téh teu sampurna. Tapi lantaran piwelas Anjeunna, maranéhna jadi bisa hirup langgeng. Lantaran bijaksana gé, Yéhuwa daék mikawelas jalma nu bener-bener tobat. Tapi, Yéhuwa téh saimbang. Jadi, lamun aya jalma nu ngahaja nyieun dosa ku Anjeunna moal diantep.
8. Sakapeung aya tindakan naon nu kudu dilakukeun, jeung ku naon?
8 Urang kudu kumaha lamun aya umat Allah nu teterusan nyieun dosa? Yéhuwa nitah Paulus ngingetan sidang supaya ”ulah babarengan deui” jeung maranéhna. (1 Kor. 5:11) Jalma nu teu tobat téh perlu dipecat. Tindakan ieu perlu dilakukeun pikeun ngalindungan sadérék-sadérék nu satia jeung pikeun ngajungjung patokan Yéhuwa nu suci. Tapi, bisa jadi aya nu mikir pangaturan éta téh teu némbongkeun sipat welas ti Allah. Na éta téh bener? Hayu urang tingali jawabanana.
KUMAHA BISA DISIPLIN NU TEGAS TÉH NÉMBONGKEUN SIPAT WELAS YÉHUWA?
Waktu aya domba nu gering, manéhna kudu dipisahkeun heula, tapi manéhna masih diurus ku pangangonna (Tingali paragrap 9-11)
9-10. Nurutkeun Ibrani 12:5, 6, ku naon mecat saurang jalma téh bukti Yéhuwa mikawelas urang? Caritakeun ibaratna.
9 Lamun di sidang diumumkeun yén kulawarga atawa babaturan urang ”lain deui saurang Saksi Yéhuwa”, pasti urang sedih pisan. Meureun kapikir ku urang, ku naon sih meni kitu-kitu teuing. Na enya dipecatna saurang jalma téh némbongkeun sipat welas ti Yéhuwa? Enya. Justru lamun urang teu ngadisiplin jalma éta, urang téh teu bijaksana, teu mikawelas, jeung teu nyaah ka manéhna. (Sil. 13:24) Na enya mecat manéhna téh bisa ngabantu manéhna barobah? Bisa. Ku disiplin nu tegas ieu, loba sadérék nu nyieun dosa sérius téh jadi sadar. Disiplin ieu ngélingan manéhna supaya barobah jeung balik deui ka Yéhuwa.—Baca Ibrani 12:5, 6.
10 Pikirkeun ibarat ieu. Saurang pangangon ningali aya hiji dombana nu gering. Manéhna nyaho si domba téh kudu dipisahkeun ti gorombolanana. Tapi sabenerna, domba téh sato nu osok babarengan jeung gorombolanana. Jadi na ieu hartina si pangangon téh jahat, misahkeun manéhna ti gorombolan? Henteu kitu, pangangon éta téh ngarti lamun dombana teu dipisahkeun ti gorombolan, panyakitna bisa népa ka mamana. Jadi ku cara misahkeun hiji domba nu gering, pangangon téh ngalindungan kabéh domba-dombana.—Bandingkeun jeung Imamat 13:3, 4.
11. (a) Ku naon jalma nu dipecat bisa disaruakeun siga domba nu keur gering? (b) Jalma nu dipecat téh masih bisa kénéh ngalakukeun jeung meunang bantuan naon?
11 Urang bisa nganggap jalma nu keur gering téh jiga domba nu keur gering. Manéhna téh keur gering sacara rohani. (Yak. 5:14) Siga jalma gering nu bisa népakeun panyakitna, jalma nu keur gering sacara rohani gé bisa mangaruhan batur. Manéhna kudu dipisahkeun heula supaya teu campur gaul jeung sidang. Disiplin téh cara Yéhuwa pikeun ngajaga sidang, sarta éta bisa ngageuing jalma nu nyieun kasalahan supaya tobat. Jalma nu dipecat téh masih bisa datang ka pasamoan. Di ditu, manéhna bisa meunangkeun kadaharan rohani jeung nguatkeun deui imanna. Manéhna gé bisa nyokot publikasi keur dibaca sorangan. Geus kitu, manéhna masih bisa nongton JW Broadcasting®. Bari terus merhatikeun kamajuanana, para kokolot bisa terus méré anjuran keur manéhna supaya manéhna bisa séhat deui jeung bisa diumumkeun deui sabagé Saksi Yéhuwa.b
12. Kumaha para kokolot némbongkeun kanyaah jeung sipat welasna lamun aya jalma nu teu tobat?
12 Urang kudu inget nu dipecat téh ngan jalma nu teu tobat. Saacan mutuskeun rék mecat hiji jalma, para kokolot téh kudu mikirkeun bener-bener ngeunaan hal éta. Maranéhna nyaho Yéhuwa téh ngadisiplin ”reujeung adil”. (Yer. 30:11) Para kokolot téh nyaah pisan ka sadérék-sadérék di sidang. Maranéhna embung aya hal nu bisa ngabahayakeun karohanian sadérék-sadérék di sidang. Jadi sakapeung mah, hiji-hijina cara némbongkeun kanyaah jeung sipat welas téh nyaéta ngaluarkeun jalma nu teu tobat ti sidang.
13. Ku naon saurang lalaki di sidang Korintus kudu disingkirkeun ti sidang?
13 Perhatikeun naon nu dilakukeun ku Rasul Paulus waktu aya jalma nu teu tobat. Baheula dina abad kahiji, aya saurang lalaki di sidang Korintus nu jinah jeung pamajikan bapana. Éta téh pikageuleuheun pisan! Paulus nyaho yén Yéhuwa pernah ngabéjaan urang Israél, ”Sing saha anu ngajinahan salah sahiji pamajikan bapana, teu ngendahkeun ka nu jadi bapa, kudu dipaehan jeung awewena.” (Im. 20:11) Nya mémang, Paulus teu bisa ménta sidang Korintus pikeun maéhan lalaki éta. Tapi Paulus nitah sidang Korintus pikeun nyingkirkeun manéhna ti sidang. Kalakuan lalaki éta téh geus mangaruhan sadérék-sadérék di sidang, malah sababaraha ti maranéhna nganggap kalakuan lalaki éta téh lain dosa sérius!—1 Kor. 5:1, 2, 13.
14. Kumaha Paulus némbongkeun sipat welas ka lalaki di sidang Korintus nu teu tobat, jeung ku naon? (2 Korintus 2:5-8, 11)
14 Sababaraha waktu sanggeusna, Paulus ningali yén lalaki éta téh geus barobah. Manéhna bener-bener tobat! Sanajan lalaki éta geus mawa aéb keur sidang, Paulus méré nyaho para kokolot yén manéhna embung ”ngagedé-gedékeun” sual ieu. Paulus gé ngabéjaan, ”Geus, ayeuna mah dihampura wéh. Sing bageur ka manéhna jeung gedékeun haténa.” Perhatikeun ku naon Paulus ngomong kitu, ”Supaya manéhna ulah nalangsa katutuluyan, bisi pegat harepan.” Paulus karunyaeun ka lalaki éta, manéhna gé embung ningali lalaki éta teterusan sedih jeung tungtungna nyerah pikeun ménta pangampura ti Yéhuwa.—Baca 2 Korintus 2:5-8, 11.
15. Kumaha para kokolot bisa saimbang dina némbongkeun sipat welas jeung sikep tegas?
15 Para kokolot gé nyonto sipat welas Yéhuwa. Maranéhna sabisa-bisana mikawelas batur, tapi mun perlu mah maranéhna bakal méré disiplin nu tegas ka jalma nu nyieun dosa. Sabab mun teu kitu, para kokolot téh ngantep kasalahan jalma éta. Tapi, na ngan para kokolot hungkul nu kudu némbongkeun sipat welas?
NAON NU BISA NGABANTU URANG NÉMBONGKEUN SIPAT WELAS?
16. Ceuk Siloka 21:13, naon nu bakal Yéhuwa lakukeun ka jalma-jalma nu teu némbongkeun sipat welas?
16 Kabéh urang Kristen perlu nyonto sipat welas ti Yéhuwa. Ku naon? Salah sahijina lantaran lamun urang teu némbongkeun sipat welas ka batur, doa urang moal didéngékeun ku Yéhuwa. (Baca Siloka 21:13.) Pasti urang hayang doa-doa urang téh didéngékeun ku Yéhuwa, ku kituna urang ulah jadi jalma anu teu karunyaan. Lamun aya dulur saiman nu keur susah, urang hayang ngadéngékeun ’jumerit maranehna anu sangsara’. Urang ogé hayang nuturkeun naséhat ti Alkitab anu nyebutkeun, ”Jalma nu teu némbongkeun welas asih bakal dihakiman tanpa welas asih.” (Yak. 2:13) Jadi mun urang mikirkeun sakumaha perluna urang dipikawelas, urang jadi leuwih hayang némbongkeun sipat welas ieu. Hususna, ka jalma anu balik deui ka sidang.
17. Kumaha Raja Daud némbongkeun sipat welas?
17 Conto-conto dina Alkitab bisa ngabantu urang jadi jalma nu mikawelas batur, lainna jadi jalma nu kejem. Perhatikeun Raja Daud. Manéhna téh sering mikawelas batur. Sanajan Saul rék maéhan Daud, manéhna mah teu pernah boga niat pikeun ngabales atawa nyilakakeun raja nu dilantik ku Yéhuwa.—1 Sam. 24:9-12, 18, 19.
18-19. Dina dua kajadian naon Daud teu némbongkeun sipat welas?
18 Tapi, Daud gé pernah teu némbongkeun sipat welas. Contona, waktu Nabal nu kasar embung méré dahareun ka Daud jeung baladna. Daud kacida ambekna jeung rék maéhan Nabal sarta kabéh lalaki di rumah tanggana. Tapi pamajikan Nabal, nu ngaranna Abigail, bageur jeung sabar. Manéhna buru-buru méré dahareun ka Daud. Tindakan Abigail téh nyegah Daud pikeun maéhan Nabal jeung rumah tanggana.—1 Sam. 25:9-22, 32-35.
19 Terus dina hiji waktu, Nabi Natan nyaritakeun ka Daud ngeunaan hiji jalma beunghar nu ngarampas domba ti jalma nu miskin nu ngan hiji-hijina. Daud kacida ambekna. Ceuk manéhna, ”Demi jumenenging PANGERAN, jalma kitu kudu dipaehan!” (2 Sam. 12:1-6) Daud téh apal kana Hukum Musa. Mun aya hiji jalma anu maling domba, manéhna kudu ngagantian ku opat domba. (Bud. 22:1) Tapi na mémang kudu dipaéhan? Henteu, éta téh teungteuingeun. Sabenerna Natan carita kieu téh supaya Daud ngarti naon anu dilakukeun ku Daud téh jauh leuwih parah tibatan nu maling domba! Ieu ogé ngabuktikeun yén sipat welas Yéhuwa ka Daud jauh leuwih gedé tibatan sipat welas Daud ka jalma anu maling domba tadi!—2 Sam. 12:7-13.
Raja Daud teu némbongkeun sipat welas ka lalaki beunghar nu dicaritakeun ku Natan (Tingali paragrap 19-20)d
20. Urang bisa diajar naon ti Daud?
20 Coba perhatikeun waktu Daud ambek. Daud hayang Nabal jeung kabéh lalaki di rumah tanggana dipaéhan. Daud gé hayang maéhan jalma nu dicaritakeun ku Nabi Natan. Dina conto nu kadua, urang bisa jadi héran ku naon Daud nu biasana mah bageur, tapi ayeuna téga ngahukum jalma nepi ka kituna. Coba pikirkeun kaayaanana. Basa éta, haté sanubari Daud téh keur kaganggu. Lamun saurang jalma meni téga ngahakiman batur, éta nyirikeun manéhna téh keur jauh jeung Yéhuwa, kitu ogé sabalikna. Isa ngingetan murid-muridna, ”Tong sok ngahakiman batur ngarah maranéh gé teu dihakiman, sabab cara nu dipaké ku maranéh keur ngahakiman batur, bakal dipaké ogé keur ngahakiman maranéh.” (Mat. 7:1, 2) Jadi, urang embung kejem ka batur jeung urang gé hayang sabisa-bisana nyonto Yéhuwa nu ”kacida welas asihna”.
21-22. Ku cara naon waé urang bisa némbongkeun sipat welas?
21 Jalma nu welas téh teu ngan saukur ngarasa karunya ka batur. Tapi manéhna bakal nyieun tindakan pikeun nulungan batur. Urang kabéh bisa merhatikeun aya teu kulawarga, dulur-dulur di sidang, sarta jalma-jalma di sakuriling urang nu butuh bantuan. Ku kituna, pasti urang bisa némbongkeun sipat welas ka maranéhna. Misalna, na aya nu butuh dikuatkeun? Na urang bisa nawarkeun dahareun atawa mikirkeun bantuan nu diperlukeun ku batur? Na di sidang téh aya jalma nu kakara balik deui ka Yéhuwa nu butuh dibaturan? Na urang téh nyaritakeun warta hadé ka batur? Ieu téh salah sahiji cara nu panghadéna pikeun némbongkeun sipat welas ka sakabéh jalma.—Ayub 29:12, 13; Rm. 10:14, 15; Yak. 1:27.
22 Lamun urang merhatikeun jalma-jalma nu butuh bantuan, éta téh kasempetan pikeun némbongkeun sipat welas. Waktu urang ngalakukeunana, urang pasti nyenangkeun Bapa urang nu di sorga, Allah nu ”kacida welas asihna”!
KAWIH 43 Doa Ngahaturkeun Nuhun
a Sipat welas téh salah sahiji sipat Yéhuwa nu pangéndahna. Ieu téh sipat nu kudu urang tingkatkeun. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon Yéhuwa mikawelas urang, ku naon disiplin nu tegas téh némbongkeun sipat welas Anjeunna, jeung kumaha urang bisa némbongkeun sipat welas.
b Dina majalah ieu, tingali artikel ”Kuatkeun Deui Hubungan Sadérék jeung Yéhuwa”. Artikel ieu ngabahas kumaha jalma nu dipecat bisa mulihkeun hubunganana deui jeung Yéhuwa sarta kumaha para kokolot bisa ngabantu manéhna.
c KATERANGAN GAMBAR: Tina hateup imahna, si bapa ningali anak bungsuna balik deui ka imah, buru-buru ku bapana disampeurkeun jeung ditangkeup.
d KATERANGAN GAMBAR: Raja Daud nu haté sanubarina keur kaganggu, kacida ambekna ka lalaki beunghar nu dicaritakeun ku Natan. Manéhna nepi ka hayang maéhan éta lalaki.