PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w22 Juni kaca 2-7
  • Yéhuwa, Allah nu Jembar Hampura

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yéhuwa, Allah nu Jembar Hampura
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • YÉHUWA TÉH DAÉK NGAHAMPURA
  • CARA YÉHUWA NGAHAMPURA TÉH ISTIMÉWA
  • SAHA NU BAKAL DIHAMPURA KU YÉHUWA?
  • SING YAKIN YÉHUWA TÉH BAKAL NGAHAMPURA SADÉRÉK
  • Yéhuwa Ngaberkahan Nu Daék Ngahampura
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
w22 Juni kaca 2-7

ARTIKEL PALAJARAN 24

Yéhuwa, Allah nu Jembar Hampura

”Gusti teh langsar manah, jembar hampura, murah asih ka sugri nu sok sasambat.”​—JAB. 86:5.

KAWIH 42 Doa Hamba Allah

NU DIBAHASa

1. Naon nu disebutkeun ku Raja Sulaéman dina Pandita 7:20?

RAJA Sulaéman nulis, ”Di dunya moal aya jelema anu bener sapapanjangna teu kungsi milampah salah.” (Pan. 7:20) Éta téh bener pisan, urang kabéh téh jalma nu boga dosa. (1 Yah. 1:8) Jadi, urang pasti hayang dihampura ku Allah jeung ku sasama.

2. Kumaha rasana lamun geus dihampura ku sobat?

2 Meureun Sadérék inget, Sadérék téh pernah nganyenyeri sobat Sadérék. Supaya bisa tetep nyobat jeung manéhna, Sadérék pasti ménta maap ka manéhna. Kumaha rasana waktu manéhna geus ngahampura Sadérék? Pasti Sadérék ngarasa plong jeung bungah!

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Urang pasti hayang jadi sobatna Yéhuwa, tapi bisa waé omongan jeung kalakuan urang téh nganyenyeri Anjeunna. Ku naon urang bisa yakin yén Yéhuwa téh daék ngahampura urang? Naon bédana waktu Yéhuwa ngahampura saurang jalma jeung waktu urang ngahampura batur? Geus kitu, saha nu bakal dihampura ku Anjeunna?

YÉHUWA TÉH DAÉK NGAHAMPURA

4. Kumaha urang bisa yakin yén Yéhuwa téh daék ngahampura urang?

4 Firman Allah ngayakinkeun urang yén Yéhuwa téh daék ngahampura. Waktu Yéhuwa nyingkabkeun ngeunaan diri-Na ka Musa di Gunung Sinai, Anjeunna ngutus malaikat pikeun ngomong, ”Kami PANGERAN, nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu. Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan.” (Bud. 34:6, 7) Yéhuwa téh Allah nu bageur sarta karunyaan. Anjeunna daék ngahampura jalma-jalma nu tobat.​—Neh. 9:17; Jab. 86:15.

Di sabeulah sadérék istri ieu aya kekecapan ti Jabur 103:13, 14, ”Mantenna uninga kana bahan asal urang.” Di sakurilingna aya poto-poto ti manéhna leutik nepi ka ayeuna.

Yéhuwa apal yén kajadian-kajadian dina hirup urang téh bisa mangaruhan sipat urang (Tingali paragrap 5)

5. Dumasar Jabur 103:13, 14, ku lantaran nyaho ngeunaan manusa, Yéhuwa téh jadi kajurung pikeun ngalakukeun naon?

5 Sabagé Nu Nyipta, Yéhuwa nyaho kabéhanana ngeunaan urang. Pék pikirkeun ieu, Anjeunna téh nyaho sagala rincian ngeunaan unggal jalma di bumi ieu. (Jab. 139:15-17) Anjeunna gé apal urang téh ngawaris kateusampurnaan ti kolot urang. Terus, Anjeunna gé nyaho yén kajadian-kajadian di hirup urang téh mangaruhan sipat urang. Ku kituna, Anjeunna jadi kajurung pikeun ngahampura urang.​—Jab. 78:39; baca Jabur 103:13, 14.

6. Kumaha urang bisa yakin Yéhuwa téh daék ngahampura urang?

6 Yéhuwa ngabuktikeun yén Anjeunna téh daék ngahampura urang. Anjeunna nyaho urang téh jadi jelema dosa jeung kudu maot lantaran kalakuan manusa nu mimiti, nyaéta Adam. (Rm. 5:12) Urang teu bisa ngalakukeun nanaon pikeun ngabébaskeun diri sorangan jeung batur tina dosa sarta maot. (Jab. 49:8-10) Tapi, Yéhuwa téh karunyaan jeung nyieun tindakan pikeun ngabébaskeun urang. Naon nu dilakukeunana? Yahya 3:16 nyebutkeun yén Yéhuwa ngutus Putra hiji-hijina demi urang. (Mat. 20:28; Rm. 5:19) Isa daék ngorbankeun nyawana pikeun nyalametkeun saha waé nu boga iman ka manéhna. (Ibr. 2:9) Pasti Yéhuwa téh nalangsa pisan waktu ningali Putra-Na disiksa sakitu parahna jeung dipaéhan! Yéhuwa moal bakal ngalakukeun ieu lamun Anjeunna embung ngahampura urang.

7. Sebutkeun conto-conto ti jalma nu dihampura ku Yéhuwa.

7 Dina Alkitab, aya kisah ngeunaan jalma-jalma nu dihampura ku Yéhuwa. (Éf. 4:32) Saha nu kapikiran ku Sadérék? Meureun, Raja Manasyé. Manéhna téh jahat pisan sarta ngabarontak ka Yéhuwa. Manéhna ibadah ka allah-allah palsu sarta ngajurung batur ngalakukeun nu sarua. Manasyé ogé maéhan budakna supaya bisa dikorbankeun ka allah-allah palsu. Terus, manéhna gé neundeun berhala-berhala di bait suci Yéhuwa. Alkitab gé nyebutkeun, ”Dorakana ka PANGERAN teh nataku, matak bendu.” (2 Bab. 33:2-7) Tapi basa Manasyé bener-bener tobat, Yéhuwa daék ngahampura manéhna. Yéhuwa gé ngidinan manéhna jadi raja deui. (2 Bab. 33:12, 13) Bisa jadi, Sadérék gé kapikir ngeunaan Raja Daud. Manéhna nyieun dosa-dosa sérius, kaasup jinah sarta maéhan saurang jalma. Tapi Yéhuwa daék ngahampura waktu manéhna ngakukeun dosa-dosana sarta tobat. (2 Sam. 12:9, 10, 13, 14) Jadi, urang bisa yakin yén Yéhuwa téh daék ngahampura urang. Salian ti éta, cara Yéhuwa ngahampura téh béda jeung cara urang ngahampura.

CARA YÉHUWA NGAHAMPURA TÉH ISTIMÉWA

8. Kumaha kadudukan Yéhuwa sabagé Hakim mangaruhan cara Yéhuwa ngahampura?

8 Yéhuwa téh ”Hakim sabumi”. (Kaj. 18:25) Hakim nu hadé kudu bener-bener ngarti kana hukum. Sabagé Hakim urang, Yéhuwa téh ngarti pisan kana hukum lantaran Anjeunna nu nyieun hukum. (Yes. 33:22, Terjemahan Dunia Baru) Teu aya nu leuwih ngarti ngeunaan naon nu bener jeung nu salah tibatan Yéhuwa. Naon deui nu kudu dilakukeun ku hakim nu hadé téh? Manéhna kudu nyaho heula sakabéh faktana saacan nyieun putusan. Yéhuwa téh nyaho unggal faktana, jadi jelas Yéhuwa téh Hakim nu panghadéna.

9. Saacan ngahampura saurang jalma, naon waé nu dipikirkeun ku Yéhuwa?

9 Cara Yéhuwa ngahakiman mah béda jeung manusa. Yéhuwa mah nyaho kana sakabéh faktana dina unggal kasus. (Kaj. 18:20, 21; Jab. 90:8) Manusa mah ngan nyaho kana nu ditingali jeung didéngé, ari Yéhuwa mah teu kitu. Anjeunna ngarti yén tindakan saurang jalma téh dipangaruhan ku loba hal. Misalna, kalakuan sarta sipat nu diwariskeun ku kolotna, pendidikan, lingkungan, émosi, jeung méntal manéhna. Yéhuwa gé bisa maca haté. Anjeunna nyaho kumaha niat saurang jalma waktu ngalakukeun hiji hal. Moal aya nu bisa disumputkeun ti Yéhuwa. (Ibr. 4:13) Ku kituna waktu Yéhuwa ngahampura saurang jalma, Yéhuwa téh pasti geus nyaho kabéh faktana.

Di sabeulah gunung aya kekecapan ti Pamindo 32:4, ”Gunung Batu, sampurna tindakana-Na,”.

Yéhuwa adil jeung teu beurat sabeulah. Anjeunna teu bisa disogok (Tingali paragrap 10)

10. Ku naon cara Yéhuwa ngahakiman téh pasti adil? (Pamindo 32:4, NW)

10 Cara Yéhuwa ngahakiman téh adil jeung teu beurat sabeulah. Anjeunna teu kapangaruhan ku rupa luar, kakayaan, kadudukan, atawa kasanggupan saurang jalma. (1 Sam. 16:7; Yak. 2:1-4) Euweuh saurang-urang acan nu bisa maksa atawa nyogok Yéhuwa. (2 Bab. 19:7) Putusana-Na téh henteu dipangaruhan ku parasaan pribadi-Na. (Bud. 34:7) Jadi, Yéhuwa téh Hakim nu panghadéna lantaran Anjeunna nyaho sagalana ngeunaan urang jeung sakabéh faktana.​—Baca Pamindo 32:4 tina catetan handap.b

11. Ku naon cara Yéhuwa ngahampura téh istiméwa?

11 Jalma-jalma nu nulis Kitab-Kitab Ibrani apal yén cara Yéhuwa ngahampura téh istiméwa. Dina sababaraha ayat, maranéhna ngagunakeun kecap Ibrani nu husus. Hiji réferénsi nyebutkeun yén kecap ieu ”ngan dipaké pikeun ngajelaskeun cara Allah ngahampura jalma nu dosa, kecap ieu teu pernah dipaké pikeun ngajelaskeun cara manusa ngahampura sasamana”. Ngan Yéhuwa nu boga kamampuh pikeun ngahampura jalma sacara tutas. Naon hasilna lamun Yéhuwa ngahampura urang?

12-13. (a) Kumaha parasaan saurang jalma waktu dihampura ku Yéhuwa? (b) Waktu Yéhuwa ngahampura urang, éta téh ngan sementara kitu?

12 Waktu urang dihampura ku Yéhuwa, urang ngarasa ”disegerkeun”, pikiran urang tengtrem, sarta haté sanubari urang gé bersih. Éta téh parasaan nu bakal dibéré ku Yéhuwa. (Kis. 3:19) Waktu Yéhuwa ngahampura urang, urang bisa jadi sobat-Na deui sarua siga saacan urang nyieun dosa.

13 Waktu Yéhuwa ngahampura urang, Anjeunna moal nginget-nginget atawa ngahukum urang ku lantaran dosa éta. (Yes. 43:25; Yer. 31:34) Yéhuwa bakal ngajauhkeun urang ti dosa ”sakumaha anggangna wetan ti kulon”.c (Jab. 103:12) Lamun mikirkeun kahadéan Yéhuwa ieu, urang pasti nganuhunkeun pisan. (Jab. 130:4) Tapi saha nu bakal dihampura ku Yéhuwa?

SAHA NU BAKAL DIHAMPURA KU YÉHUWA?

14. Urang geus diajar naon ngeunaan cara Yéhuwa mutuskeun rék ngahampura atawa henteu?

14 Siga nu geus dibahas, putusan Yéhuwa pikeun ngahampura téh teu dumasar kana sabaraha gedé dosana. Salian ti éta, urang gé geus diajar yén Yéhuwa sabagé nu Nyipta, Nu nyieun hukum, sarta Hakim bakal ngagunakeun pangarti-Na pikeun nangtukeun yén Anjeunna bakal ngahampura saurang jalma atawa henteu. Tapi naon nu dipikirkeun ku Yéhuwa waktu rék ngahampura?

15. Nurutkeun Lukas 12:47, 48, naon salah sahiji hal nu dipikirkeun ku Yéhuwa?

15 Salah sahiji nu dipikirkeun ku Yéhuwa téh nyaéta, naha jelema éta sadar naon nu dilakukeun ku manéhna téh salah. Isa ngajelaskeun hal ieu dina Lukas 12: 47, 48. (Baca.) Lamun saurang jalma ngarencanakeun hal nu jahat jeung nu dipikaijid ku Yéhuwa, tapi manéhna tetep ngalakukeunana, manéhna téh nyieun dosa nu sérius. Jalma jiga kieu can tangtu dihampura ku Yéhuwa. (Mar. 3:29; Yah. 9:41) Mémang, sakapeung urang téh sadar nu dilakukeun ku urang téh salah. Jadi, urang masih bisa dihampura ku Yéhuwa henteu? Bisa, sabab aya hal séjén deui nu dipikirkeun ku Yéhuwa.

Di sabeulah sadérék ieu aya kekecapan ti Yesaya 55:7, ”Mantenna sipat welas jeung hampuraan.” Gambar di tukang, manéhna sedih pisan jeung ancur haténa. Gambar di hareup, manéhna bagja jeung puas.

Urang yakin yén Yéhuwa bakal ngahampura lamun urang bener-bener tobat (Tingali paragrap 16-17)

16. Naon hartina tobat, jeung ku naon éta téh penting lamun urang hayang dihampura ku Yéhuwa?

16 Hal séjénna nu dipikirkeun ku Yéhuwa téh nyaéta naha enya jalma éta bener-bener tobat. Naon maksudna tobat? Tobat téh hartina ”ngarobah cara pikir, laku lampah, sarta tujuan”. Jalma nu tobat téh ngarasa kaduhung jeung sedih pisan kana kalakuan goréngna, atawa kaduhung lantaran henteu ngalakukeun naon nu sakuduna dilakukeun. Manéhna sedih téh teu ngan saukur lantaran hal-hal goréng nu geus dilakukeunana hungkul, tapi ogé lantaran geus ngajauh ti Yéhuwa jeung ahirna ngalakukeun hal-hal goréng éta. Raja Manasyé jeung Daud gé ngalakukeun dosa sérius, tapi Yéhuwa ngahampura maranéhna ku lantaran maranéhna bener-bener tobat. (1 Rja. 14:8) Jadi saacan Yéhuwa ngahampura urang, Anjeunna kudu ningali heula bukti-buktina yén urang téh geus tobat. Urang teu cukup ngan ngarasa kaduhung hungkul, urang gé kudu nyieun tindakan.d Ku kituna, aya hal séjénna deui nu dipikirkeun ku Yéhuwa.

17. Naon parobahan téh, jeung ku naon éta téh penting supaya urang henteu ngalakukeun deui dosa nu sarua? (Yesaya 55:7)

17 Hal séjénna nu dipikirkeun ku Yéhuwa nyaéta parobahan. Barobah téh hartina ”balik arah”. Jadi maksudna, saurang jalma kudu ngarobah kalakuanana ku cara ninggalkeun cara hirupna nu goréng jeung nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. (Baca Yesaya 55:7.) Cara pikirna kudu nuturkeun cara pikir Yéhuwa. (Rm. 12:2; Éf. 4:23) Manéhna kudu sabisa-bisana miceun pikiran jeung kalakuan goréngna. (Kol. 3:7-10) Nu jadi dasar keur Yéhuwa pikeun ngahampura sarta ngabébaskeun urang ti dosa téh nyaéta iman urang kana tebusan Isa. Ku nilai tebusan éta jeung bukti-bukti nu nunjukkeun urang téh bener-bener tobat, kakara Yéhuwa bakal ngahampura urang.​—1 Yah. 1:7.

SING YAKIN YÉHUWA TÉH BAKAL NGAHAMPURA SADÉRÉK

18. Urang geus ngabahas naon ngeunaan cara Yéhuwa ngahampura?

18 Hayu urang tingali sababaraha hal nu geus dibahas. Yéhuwa téh Pribadi nu paling jembar hampura di jagat raya ieu, ku naon? Kahiji, Anjeunna téh daék ngahampura. Kadua, Anjeunna nyaho sagala hal ngeunaan urang. Anjeunna apal, urang téh sabenerna jalma siga kumaha. Geus kitu, Anjeunna gé nyaho urang téh sabenerna geus bener-bener tobat atawa henteu. Katilu, waktu Yéhuwa ngahampura urang, Anjeunna bakal mopohokeun dosa urang siga urang henteu pernah ngalakukeun dosa éta. Ku kituna, urang jadi boga haté sanubari anu bersih jeung bisa dipikaresep deui ku Yéhuwa.

19. Sanajan urang teu sampurna jeung bakal terus nyieun dosa, ku naon urang bisa tetep bungah?

19 Mémang salila urang teu sampurna, urang bakal terus nyieun dosa. Najan kitu, urang bisa dikuatkeun ku kekecapan nu aya dina buku Pemahaman Alkitab, Jilid 2, kaca 1055. Di ditu disebutkeun, ”Yéhuwa téh apal kana kalemahan jasmani hamba-hamba-Na, ku kituna maranéhna teu perlu teterusan kaduhung kana kasalahan nu dilakukeun lantaran kateusampurnaan nu diwariskeun. (Jab. 103:8-14; 130:3) Lamun maranéhna bener-bener ngupayakeun pikeun nuturkeun patokan hirup ti Allah, maranéhna bisa tetep bungah. (Flp. 4:4-6; 1 Yah. 3:19-22).” Kekecapan éta téh bener-bener nguatkeun.

20. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Urang téh nganuhunkeun pisan ku lantaran Yéhuwa daék ngahampura lamun urang bener-bener kaduhung. Tapi kumaha urang bisa nyonto cara Yéhuwa ngahampura? Naon nu sarua jeung nu béda dina cara ngahampura Yéhuwa sarta urang? Ku naon urang kudu ngarti kana hal? Artikel-artikel saterusna bakal ngabahas pananya-pananya éta.

SADÉRÉK GEUS DIAJAR NAON NGEUNAAN CARA YÉHUWA NGAHAMPURAN TINA . . .

  • Jabur 103:13, 14?

  • Ulangan 32:4?

  • Yesaya 55:7?

KAWIH 45 Nu Dilenyepan ku Abdi

a Dina Firman-Na, Yéhuwa téh ngayakinkeun urang yén Anjeunna daék ngahampura jalma-jalma nu tobat. Tapi sakapeung urang ngarasa urang téh teu layak dihampura. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon urang bisa yakin yén Anjeunna bakal ngahampura lamun urang bener-bener kaduhung kana dosa urang.

b Pamindo 32:4 (NW): ”Gunung Batu, sampurna tindakana-Na, Kabéh jalan-Na adil. Allah nu satia, nu tara beurat sabeulah; Anjeunna téh adil jeung bener.”

c Tingali buku Mendekatlah kepada Yehuwa, psl. 26, par. 9

d KATERANGAN TAMBAHAN: ”Tobat” téh ngamaksudkeun ngarobah pikiran jeung ngarasa kaduhung kana cara hirup nu baheula, kalakuan goréng, atawa lantaran teu ngalakukeun hal nu sakuduna dilakukeun. Jalma nu bener-bener tobat téh bakal ngarobah laku lampahna.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun