Pék Lampahkeun ”Hukum Kahadéan”
”ABDI jadi hayang diajar Alkitab téh lantaran ningali kahadéan ti dulur-dulur saiman,” kitu ceuk Lisa.a Ieu gé nu dirasakeun ku Anne. Manéhna nyarita, ”Mimitina abdi diajar téh lain ku sabab resep kana pangajaranana, tapi ku sabab para Saksi téh bageur pisan.” Ayeuna dua sadérék istri ieu téh resep maca Alkitab sarta ngalenyepanana. Kahadéan nu ditémbongkeun ku dulur-dulur saiman téh gedé pangaruhna keur maranéhna.
Kumaha urang bisa nguatkeun batur liwat kahadéan urang? Ayeuna urang bakal ngabahas dua carana, nyaéta liwat omongan jeung tindakan. Geus kitu, urang gé bakal ngabahas, ka saha urang perlu némbongkeun kahadéan.
”HUKUM KAHADÉAN” DINA OMONGAN URANG
Siloka pasal 31 ngagambarkeun yén pamajikan nu bijaksana téh ngalarapkeun ”hukum kahadéan” dina omonganana. (Sil. 31:26, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Naon nu diomongkeun sarta cara ngomong manéhna dipangaruhan ku ”hukum” ieu. Tapi sakuduna para bapa ogé ngalampahkeun ”hukum” ieu dina omonganana. Para kolot pasti apal, lamun ngomong kasar, barudakna bakal nyeri haté. Omongan maranéhna gé moal bakal didéngékeun. Tapi lamun ngomongna soméah jeung bageur, biasana barudak leuwih daék ngadéngékeun jeung nuturkeunana.
Teu sual sadérék téh kolot atawa lain, kumaha urang bisa némbongkeun kahadéan liwat omongan urang? Bagian mimiti tina Siloka 31:26 (NW) nyebutkeun, ”Ngomongna bijaksana.” Éta téh kaasup milih kekecapan sarta ngatur nada sora urang. Jadi pék pikirkeun, ’Naha omongan abdi téh kalah ka nyieun batur ambek atawa jadi tenang?’ (Sil. 15:1) Ku kituna, urang kudu mikir heula saacan ngomong.
Buku Siloka gé nyebutkeun, ”Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos, jero ngaraheutanana.” (Sil. 12:18) Kekecapan sarta nada sora urang téh gedé pangaruhna kana parasaan batur. Ku kituna, urang hayang mikir heula saacan ngomong. Salian ti éta, lamun urang ngalarapkeun ”hukum kahadéan”, urang moal ngomong kasar jeung kejem. (Éf. 4:31, 32) Urang hayang ngarobah pamikiran sarta kekecapan nu goréng ku kekecapan nu hadé sarta soméah. Yéhuwa geus némbongkeun tuladan dina hal ieu waktu Anjeunna ngalilipur hamba-Na nu kasieunan, nyaéta Élia. Malaikat nu ngawakilan Yéhuwa gé ngomongna meni ”leuleuy sada harewos”, atawa lembut. (1 Rja. 19:12) Tangtu kahadéan téh teu ngan saukur ditémbongkeun dina omongan hungkul. Urang gé kudu némbongkeunana liwat tindakan. Kumaha carana?
TINDAKAN HADÉ NU BISA NGAJURUNG BATUR
Urang téh nuturkeun tuladan Yéhuwa lamun cara ngomong urang soméah sarta nyieun tindakan nu hadé. (Éf. 4:32; 5:1, 2) Lisa, nu tadi disebutkeun, nyaritakeun pangalamanana ngeunaan kahadéan nu ditémbongkeun ku dulur-dulur saiman. Ceuk manéhna, ”Basa kulawarga abdi dititah buru-buru pindah, aya dua pasangan di sidang nu cuti digawé pikeun mantuan urang bébérés, padahal harita abdi can diajar Alkitab!” Kahadéan maranéhna ngajurung Lisa pikeun diajar Alkitab.
Anne, nu disebutkeun saacanna, nganuhunkeun pisan kana kahadéan nu ditémbongkeun ku para Saksi. Manéhna ngomong, ”Lantaran ningali sikep jalma-jalma di sakuriling, abdi jadi curigaan ka batur. Abdi gé hésé percaya ka batur. Waktu mimiti panggih jeung para Saksi, abdi téh teu percaya ka maranéhna. Abdi mikir, ’Ku naon maranéhna téh bageur ka abdi?’ Tapi guru Alkitab abdi téh bener-bener bageur, abdi jadi percaya ka manéhna. Ku kituna, abdi jadi leuwih sérius diajar Alkitabna.”
Pék perhatikeun, Lisa jeung Anne téh kajurung diajar Alkitab lantaran ningali kahadéan ti dulur-dulur saiman di sidang. Jadi kahadéan ti dulur-dulur saiman téh ngabantu maranéhna pikeun percaya ka Yéhuwa jeung ka umat-Na.
PÉK CONTO ALLAH JEUNG TÉMBONGKEUN KAHADÉAN KA BATUR
Meureun aya jalma-jalma nu mémang biasana soméah sarta ngagunakeun kekecapan nu hadé lantaran budaya maranéhna. Mémang éta téh alus. Tapi lamun urang ngalakukeunana lantaran budaya urang hungkul, éta hartina urang can bener-bener nyonto kahadéan Allah.—Bandingkeun jeung Kisah 28:2.
Kahadéan téh salah sahiji buah nu dihasilkeun ku kawasa suci. (Gal. 5:22, 23) Jadi urang butuh kawasa suci pikeun mekarkeun sipat ieu. Lamun urang ngalakukeunana, éta hartina urang téh nyaah ka Yéhuwa jeung urang gé hayang nuturkeun Anjeunna. Salian ti éta, ku lantaran urang téh urang Kristen, urang hayang nuturkeun Isa nu perhatian ka batur. Jadi pangpangna, urang ngalakukeunana téh ku lantaran nyaah ka Yéhuwa sarta ka sasama. Ku kituna, kahadéan nu ditunjukkeun téh bakal iklas jeung urang bakal dipikaresep ku Allah.
KA SAHA URANG NÉMBONGKEUN KAHADÉAN?
Biasana, urang némbongkeun kahadéan téh ka jalma-jalma nu geus bageur ka urang atawa ka nu geus dikenal. (2 Sam. 2:6) Misalna, urang bisa nganuhunkeun ka maranéhna. (Kol. 3:15) Tapi, kumaha lamun urang ngarasa aya jalma nu teu layak narima kahadéan ti urang?
Yéhuwa téh conto nu panghadéna dina némbongkeun kahadéan atawa welas asih ka kabéh jalma, teu sual manéhna pantes pikeun narimana atawa henteu. Salian ti éta, kekecapan dina Firman-Na téh némbongkeun pentingna sipat ieu. Kecap ”welas asih nu taya bandingna” téh sok digunakeun dina Kitab-Kitab Yunani Kristen. Istilah ”welas asih nu taya bandingna” téh disebutkeun sababaraha kali dina Kitab-Kitab Yunani Kristen. Istilah ieu ngamaksudkeun saurang jalma nu méré hiji hal lantaran manéhna murah haté, lain lantaran jalma nu narimana téh geus pantes pikeun meunangkeunana. Kumaha Allah nunjukkeun kahadéana-Na ka urang?
Pék pikirkeun: Yéhuwa téh geus némbongkeun kahadéan ka kabéh jalma nu pernah hirup. Anjeunna nyadiakeun sagala nu dibutuhkeun ku manusa. (Mat. 5:45) Malah saacan manusa kenal ka Yéhuwa gé, Anjeunna geus némbongkeun kahadéan ka maranéhna. (Éf. 2:4, 5, 8) Misalna, Anjeunna méré Putra hiji-hijina nu dipikanyaah pikeun nyalametkeun manusa. Rasul Paulus nulis yén Yéhuwa téh nyadiakeun tebusan ”ku lantaran welas asih Allah nu taya bandingna”. (Éf. 1:7) Geus kitu, sanajan urang boga dosa jeung sering nguciwakeun Anjeunna, Yéhuwa tetep ngabingbing jeung ngajar urang. Pituduh-pituduh Anjeunna téh siga ”keclak-keclak cihujan” nu lembut. (Pam. 32:2) Urang moal bisa ngabales kahadéan nu geus ditémbongkeun ku Yéhuwa ka urang. Urang gé bisa boga harepan keur mangsa ka hareup téh lantaran kahadéan Yéhuwa ka urang.—Bandingkeun jeung 1 Pétrus 1:13.
Kahadéan Yéhuwa téh bener-bener ngajurung sarta nguatkeun urang. Ku kituna, urang hayang nuturkeun Yéhuwa ku cara némbongkeun kahadéan ka saha waé unggal poé, henteu milih-milih jalmana. (1 Tés. 5:15) Lamun urang terus némbongkeun kahadéan, urang téh siga seuneu nu haneut dina usum tiris. Ku kituna, urang bakal dipikaresep ku kulawarga, dulur saiman, batur gawé, batur sakola, sarta jalma-jalma di sakuriling urang.
Pék pikirkeun kumaha Sadérék bisa némbongkeun kahadéan ka kulawarga atawa ka dulur-dulur saiman di sidang. Meureun, aya sadérék nu butuh bantuan pikeun ngurus imah, kebon, atawa ngalakukeun kagiatan sapopoé, siga balanja. Salian ti éta, bisa jadi aya dulur saiman nu butuh bantuan dina dines. Bisa henteu Sadérék nawarkeun bantuan ka manéhna?
Ku nyonto Yéhuwa, mugia urang bisa ngalarapkeun ”hukum kahadéan” dina omongan sarta tindakan urang.
a Ngaran-ngaran geus diganti.