ARTIKEL PALAJARAN 32
Barudak Ngora, Terus Jieun Kamajuan Rohani Sanggeus Dibaptis
”Urang kudu . . . némbongkeun kanyaah. Ku kituna, urang bisa jadi asak dina sagala hal.”—ÉF. 4:15.
KAWIH 56 Cekel Pageuh Bebeneran
NU DIBAHASa
1. Hal alus naon waé nu geus dilakukeun ku loba budak ngora?
UNGGAL taunna, aya rébuan barudak ngora nu dibaptis. Ari anjeun kumaha, geus dibaptis ogé? Lamun enggeus, pasti Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman di sidang téh bungah pisan. (Sil. 27:11) Pék pikirkeun naon waé nu geus dilakukeun ku anjeun. Anjeun téh geus getol diajar Alkitab, meureun diajarna gé geus mangtaun-taun. Ku kituna, anjeun yakin yén Alkitab téh Firman ti Allah. Tapi nu leuwih penting, ayeuna anjeun geus kenal jeung nyaah ka Allah, Nu Ngarang Alkitab. Ahirna, kanyaah anjeun ka Yéhuwa nu beuki gedé ngagerakkeun anjeun pikeun ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Éta téh putusan nu alus pisan!
2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
2 Saacan dibaptis, iman anjeun téh geus diuji ku rupa-rupa masalah jeung tangtangan. Tapi beuki anjeun déwasa, bakal beuki loba tangtangan nu anyar. Sétan bakal tohtohan nyerang anjeun ngarah anjeun teu nyaah deui ka Yéhuwa sarta eureun ngawula Anjeunna. (Éf. 4:14) Ulah éléh ku Sétan! Jadi, naon nu bisa anjeun lakukeun supaya bisa tetep satia ka Yéhuwa jeung nyumponan ikrar pangbakti anjeun? Pék ”terus upayakeun” jadi jalma nu asak rohani. (Ibr. 6:1) Tapi, kumaha carana?
KUMAHA CARANA JADI URANG KRISTEN NU ASAK ROHANI?
3. Sanggeus dibaptis, naon nu kudu dilakukeun ku kabéh urang Kristen?
3 Sanggeus dibaptis, urang kabéh kudu terus nuturkeun naséhat Rasul Paulus ka urang Kristen di Éfésus. Paulus ngajurung maranéhna pikeun jadi urang Kristen nu ”déwasa”. (Éf. 4:13) Maksudna, maranéhna kudu ’terus nyieun kamajuan rohani’. Paulus nyaruakeun jalma nu nyieun kamajuan rohani siga orok nu beuki lila beuki gedé. Pas lahir, éta orok pasti dipikanyaah pisan ku kolotna. Tapi, moal mungkin pan manéhna teterusan jadi orok. Dina waktuna, manéhna teu meunang ”siga budak leutik deui”. (1 Kor. 13:11) Kitu ogé jeung urang Kristen. Sanggeus dibaptis, urang kudu terus nyieun kamajuan rohani. Hayu perhatikeun ku cara naon waé urang bisa ngalakukeunana.
4. Kumaha supaya anjeun bisa nyieun kamajuan rohani? Jelaskeun. (Filipi 1:9)
4 Kanyaah anjeun ka Yéhuwa kudu beuki gedé. Anjeun pasti nyaah pisan ka Yéhuwa, tapi kanyaah Anjeun bisa leuwih gedé deui. Kumaha carana? Rasul Paulus méré nyaho salah sahiji carana dina Filipi 1:9. (Baca.) Paulus ngadoakeun sangkan kanyaah urang Filipi ”beuki gedé”. Jadi, kanyaah urang gé bisa beuki gedé. Carana, urang kudu ”beuki ngarti jeung beuki paham kana kahayang Allah”. Lamun urang beuki kenal ka Yéhuwa, urang pasti beuki nyaah ka Anjeunna sarta leuwih ngahargaan sipat-sipat-Na jeung tindakana-Na. Urang gé jadi hayang nyenangkeun Anjeunna sarta embung ngalakukeun naon waé anu bisa nguciwakeun Anjeunna. Urang bakal upaya sabisa-bisa pikeun ngarti naon kahayang-Na jeung kumaha cara ngalakukeunana.
5-6. Kumaha carana supaya kanyaah urang ka Yéhuwa beuki gedé? Jelaskeun.
5 Sipatna Isa téh percis siga sipatna Yéhuwa. Jadi lamun urang leuwih kenal ka Isa, urang gé bisa leuwih nyaah ka Yéhuwa. (Ibr. 1:3) Cara nu panghadéna pikeun leuwih kenal ka Isa téh nyaéta diajar opat Injil. Lamun anjeun can rutin maca Alkitab unggal poé, pék mimitian ti ayeuna. Bari maca kisah hirup Isa, perhatikeun sipat-sipatna. Manéhna téh gampang pisan dideukeutan. Manéhna daék ngarangkul barudak leutik. (Mar. 10:13-16) Isa téh bageur jeung nyaahan, jadi para murid gé teu asa-asa pikeun ngutarakeun pamikiranana. (Mat. 16:22) Isa niru sipat ieu ti Bapana. Yéhuwa gé gampang pisan dideukeutan. Urang bisa ngadoa ka Anjeunna. Waktu urang ngadoa, urang bisa ngungkabkeun parasaan urang ka Anjeunna. Urang bisa yakin yén Yéhuwa téh moal ngahakiman urang. Yéhuwa téh nyaah sarta merhatikeun urang.—1 Pét. 5:7.
6 Isa téh jalmana karunyaan ka batur. Rasul Matius nulis, ”Ningali jalma réa, manéhna karunyaeun lantaran jalma-jalma éta ditindes jaba diculkeun siga domba-domba nu taya pangangonna.” (Mat. 9:36) Ari parasaan Yéhuwa kumaha? Isa nyebutkeun, ”Kahayang Bapa urang nu di sorga mah ulah aya saurang-urang acan ti jalma-jalma nu siga budak leutik ieu anu leungit.” (Mat. 18:14) Tangtu éta téh ngagedékeun haté urang. Jadi lamun urang beuki kenal ka Isa, kanyaah urang ka Yéhuwa gé bakal beuki gedé.
7. Naon mangpaatna lamun anjeun sering gaul jeung sadérék-sadérék nu asak rohani?
7 Anjeun bisa jadi jalma nu leuwih nyaahan jeung leuwih asak rohani lamun sering gaul jeung sadérék-sadérék nu asak rohani. Engké anjeun bisa ningali sakumaha bungah maranéhna ngawula Yéhuwa. Maranéhna téh teu pernah kaduhung kana putusan ieu. Pénta maranéhna nyaritakeun pangalaman alus salila maranéhna ngawula Yéhuwa. Terus, anjeun gé bisa ménta saran ti maranéhna lamun anjeun rék nyieun putusan. Pan ceuk Alkitab gé, urang téh bisa hasil lamun ”loba juru nasehatna”.—Sil. 11:14.
Kumaha supaya anjeun siap ngajawab lamun ditatanya ngeunaan téori évolusi? (Tingali paragrap 8-9)
8. Naon anu bisa dilakukeun lamun anjeun bingbang kana sababaraha pangajaran Alkitab?
8 Singkirkeun parasaan bingbang. Siga nu geus disebutkeun dina paragrap 2, Sétan téh bakal ngahalang-halang anjeun pikeun nyieun kamajuan rohani. Salah sahiji carana nyaéta nyababkeun anjeun bingbang kana sababaraha pangajaran Alkitab. Misalna, meureun bakal aya jalma-jalma nu hayang anjeun percaya yén urang téh aya ku lantaran évolusi, lain diciptakeun ku Allah. Pas leutik kénéh, meureun anjeun teu pernah kapikiran ngeunaan hal ieu. Tapi ayeuna di sakola, anjeun diajarkeun ngeunaan évolusi. Nu diterangkeun ku para guru téh katingalina bener jeung asup akal. Tapi, meureun maranéhna teu pernah bener-bener mariksa yén Nu Nyipta téh aya. Pan Siloka 18:17 gé nyebutkeun, ”Nu nyarita ti heula di pangadilan, memeh lawanna ngabantah mah caritana sok siga enya.” Jadi lamun anjeun diajarkeun hiji hal di sakola, ulah langsung percaya, tapi pariksa heula buktina tina Alkitab. Pék risét tina publikasi-publikasi urang. Terus, anjeun gé bisa tatanya ka dulur-dulur saiman anu baheulana percaya kana évolusi. Tanyakeun ku naon maranéhna jadi percaya yén Nu Nyipta téh aya jeung Anjeunna téh nyaah ka urang. Lamun anjeun ngobrol jeung maranéhna, anjeun bakal yakin yén Nu Nyipta téh aya.
9. Sadérék diajar naon tina pangalamanana Melissa?
9 Sadérék Melissa jadi leuwih yakin ka Nu Nyipta ku lantaran ngarisét ngeunaan bukti ayana Nu Nyipta.b Ceuk manéhna, ”Di sakola téh para guru ngajarkeun ngeunaan évolusi, pangajaranana téh meni ngayakinkeun pisan. Mimitina abdi sieun rék ngarisét, kumaha tah lamun évolusi téh bener. Tapi pan Yéhuwa téh embung urang asal percaya ka Anjeunna. Jadi abdi mulai ngarisét. Abdi maca buku Apakah ada Pencipta yang Mempedulikan Anda?, brosur Benarkah Kehidupan Diciptakan?, jeung Asal Mula Kehidupan—Lima Pertanyaan yang Patut Direnungkan. Justru ieu nu dibutuhkeun ku abdi. Coba mun ti baheula abdi ngarisét.”
10-11. Naon nu bisa ngabantu anjeun supaya tetep bersih sacara moral? (1 Tésalonika 4:3, 4)
10 Jauhan laku lampah nu goréng. Pas rumaja, napsu séksual téh biasana kuat pisan. Geus kitu, meureun aya nu ngagoda anjeun pikeun ngalakukeun lampah cabul. Sétan téh hayang anjeun éléh ku gogoda éta. Tapi, kumaha supaya anjeun bisa ngalawanna? (Baca 1 Tésalonika 4:3, 4.) Anjeun bisa ngadoa ka Yéhuwa. Caritakeun naon nu dirasakeun ku anjeun sarta pénta kakuatan ti Yéhuwa. (Mat. 6:13) Yéhuwa téh hayang mantuan anjeun, lain ngahukum anjeun. (Jab. 103:13, 14) Anjeun gé bisa mariksa Firman Allah. Melissa, nu tadi dicaritakeun, bajoang pikeun nyingkirkeun pikiranana nu goréng. Ceuk manéhna, ”Abdi maca Alkitab unggal poé supaya bisa ngalawan kahayang nu salah. Abdi diingetan, abdi téh milik Yéhuwa. Abdi gé hayang ngawula Anjeunna saumur hirup.”—Jab. 119:9.
11 Mun keur aya masalah, ulah ngandelkeun diri sorangan. Coba carita ka kolot. Mémang teu gampang pikeun nyaritakeun masalah pribadi, tapi ieu téh perlu dilakukeun. Melissa nyarita, ”Abdi ngadoa ka Yéhuwa ménta kakuatan. Geus kitu, abdi nyaritakeun masalah abdi ka si Bapa. Sanggeusna, abdi ngarasa plong pisan. Yéhuwa téh pasti reueus ka abdi.”
12. Kumaha supaya anjeun bisa nyieun putusan nu hadé?
12 Tuturkeun prinsip Alkitab. Beuki anjeun déwasa, bakal beuki loba putusan nu kudu dijieun ku anjeun. Tapi, pangalaman hirup anjeun can pati loba. Jadi, kumaha supaya anjeun teu nyieun kasalahan anu bisa ngaruksak sosobatan anjeun jeung Yéhuwa? (Sil. 22:3) Saurang sadérék nu ngaranna Karin ngajelaskeun kumaha manéhna bisa nyieun putusan anu hadé. Manéhna ngarti, urang Kristen nu asak sacara rohani mah teu butuh aturan keur sagala hal. Ceuk manéhna, ”Abdi kudu ngarti cara pikir Yéhuwa, teu ngan saukur nuturkeun aturan-aturan hungkul.” Jadi waktu maca Alkitab, pék pikirkeun, ’Tina ayat ieu, abdi diajar naon ngeunaan cara pikir Yéhuwa? Aya teu prinsip nu bisa dituturkeun ku abdi? Lamun aya, naon mangpaatna mun dituturkeun?’ (Jab.19:8; Yes. 48:17, 18) Lamun anjeun maca Alkitab jeung mikirkeun prinsip-prinsipna, anjeun bakal leuwih gampang nyieun putusan-putusan anu nyenangkeun haté Yéhuwa. Lamun anjeun beuki asak sacara rohani, anjeun bakal beuki ngarti yén anjeun téh teu butuh aturan keur sagala hal, sabab anjeun geus ngarti naon nu dipikaresep jeung nu dipikageuleuh ku Yéhuwa.
Sadérék istri ieu gaul jeung milih babaturan nu siga kumaha? (Tingali paragrap 13)
13. Kumaha babaturan nu hadé bisa ngabantu anjeun? (Siloka 13:20)
13 Téangan babaturan nu nyaah ka Yéhuwa. Siga nu geus disebutkeun saacanna, babaturan nu hadé téh bisa ngabantu anjeun pikeun nyieun kamajuan rohani. (Baca Siloka 13:20.) Saurang budak ngora nu ngaranna Sara pernah ngarasa teu suka bungah ngawula Yéhuwa. Nah, naon nu ngabantu manéhna jadi sumanget deui? Sara nyaritakeun, ”Waktu abdi keur teu sumanget, aya sababaraha babaturan nu ngabantu abdi. Abdi sok diajakan ku hiji budak ngora pikeun ngabahas Warta Hadé unggal mingguna. Tuluy, aya babaturan ogé nu ngabantu abdi pikeun méré koméntar di pasamoan. Ku lantaran bantuan ti babaturan abdi, abdi mulai rutin palajaran pribadi jeung leuwih husu dina ngadoa. Ahirna, abdi jadi leuwih akrab jeung Yéhuwa sarta suka bungah deui ngawula Anjeunna.”
14. Ku naon Julien bisa boga babaturan nu hadé?
14 Kumaha anjeun bisa boga babaturan anu hadé? Julien, anu ayeuna ngawula sabagé kokolot, nyarita kieu, ”Basa keur ngora, abdi téh boga babaturan nu hadé sabab abdi sok dines jeung maranéhna. Maranéhna téh meni getol, ku kituna abdi jadi katépaan ku sumanget maranéhna. Abdi gé jadi boga cita-cita pikeun jadi panaratas. Abdi sadar, baheula abdi téh teu boga loba babaturan sabab abdi ngan gaul jeung nu sapantaran hungkul. Ka dieunakeun, abdi gé nyobat jeung sadérék-sadérék di Bétel. Maranéhna téh ngabantu abdi pikeun milih hiburan nu alus sarta ngabantu abdi pikeun jadi leuwih akrab jeung Yéhuwa.”
15. Timotius geus diomat-omatan naon ku Paulus? (2 Timotius 2:20-22)
15 Kumaha lamun anjeun ngarasa di sidang aya babaturan anu mawa pangaruh goréng keur anjeun? Baheula, Paulus gé ningali aya sababaraha jalma di sidang Kristen anu cara pikir jeung kalakuanana teu siga urang Kristen. Jadi, manéhna ngomat-ngomatan Timotius pikeun ngajauh ti jalma-jalma siga kitu. (Baca 2 Timotius 2:20-22.) Sosobatan urang jeung Yéhuwa téh penting pisan. Urang geus susah payah ngaraket ka Anjeunna, jadi ulah ngantep saha waé ngaruksak sosobatan urang jeung Bapa di sorga.—Jab. 26:4.
KU NAON CITA-CITA ROHANI BISA NGABANTU ANJEUN NYIEUN KAMAJUAN?
16. Cita-cita naon nu bisa ditetepkeun ku anjeun?
16 Tetepkeun cita-cita. Pék tetepkeun cita-cita nu bisa nguatkeun iman anjeun jeung ngabantu anjeun jadi leuwih asak rohani. (Éf. 3:16) Misalna, anjeun bisa ngupayakeun pikeun rutin palajaran pribadi jeung maca Alkitab. (Jab. 1:2, 3) Atawa, anjeun bisa ngusahakeun pikeun leuwih sering ngadoa jeung ngabudalkeun eusi haté anjeun. Anjeun gé bisa leuwih bijaksana dina ngagunakeun waktu sarta ati-ati dina milih hiburan. (Éf. 5:15, 16) Lamun anjeun ngusahakeun hal-hal éta, Yéhuwa pasti bungah.
Cita-cita naon nu ditetepkeun ku manéhna? (Tingali paragrap 17)
17. Naon mangpaatna lamun anjeun réla mantuan batur?
17 Anjeun bakal leuwih asak rohani lamun réla mantuan batur. Isa ngomong, ”Leuwih bagja méré tibatan nampa.” (Kis. 20:35) Anjeun bakal bagja lamun anjeun daék ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun mantuan batur. Misalna, lamun di sidang aya nu fisikna lemah jeung nu sepuh, meureun anjeun bisa mantuan maranéhna pikeun balanja. Atawa, anjeun bisa ngajarkeun carana ngagunakeun handphone jeung tablét. Lamun anjeun téh sadérék pameget, anjeun bisa netepkeun cita-cita pikeun jadi palayan sidang. Ku kituna, anjeun bisa méré leuwih loba bantuan keur dulur-dulur saiman. (Flp. 2:4) Anjeun gé némbongkeun kanyaah ka batur lamun anjeun daék nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka maranéhna. (Mat. 9:36, 37) Terus lamun bisa, pék tetepkeun cita-cita pikeun jadi panaratas.
18. Ku naon naratas téh bisa ngabantu anjeun nyieun kamajuan rohani?
18 Lamun anjeun naratas, anjeun bakal boga loba kasempetan pikeun nyieun kamajuan rohani. Misalna, anjeun bisa miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan, ngalayanan di Bétel, atawa miluan proyék pembangunan. Panaratas ngora nu ngaranna Kaitlyn ngomong kieu, ”Sanggeus dibaptis, abdi sering dines jeung dulur-dulur saiman anu asak rohani. Abdi ngarasa jadi leuwih akrab jeung Yéhuwa. Dulur-dulur saiman téh méré tuladan nu alus keur abdi. Abdi jadi hayang diajar Alkitab leuwih jero sarta hayang leuwih tarampil ngajar batur.”
19. Lamun terus nyieun kamajuan rohani, anjeun bakal narima berkah-berkah naon?
19 Lamun anjeun terus nyieun kamajuan rohani, anjeun bakal narima loba berkah. Misalna, anjeun teu kudu miceunan waktu pikeun ngudag cita-cita nu teu guna. (1 Yah. 2:17) Anjeun gé bisa nyieun putusan nu hadé, ku kituna anjeun teu kudu ngarasakeun kapeurih lantaran nyieun putusan nu goréng. Terus, anjeun bakal suksés jeung ngarasakeun kabagjaan nu sajati. (Sil. 16:3) Anjeun gé bisa jadi conto keur dulur-dulur saiman, boh nu ngora boh nu kolot. (1 Tim. 4:12) Tapi nu pangpentingna, anjeun bakal ngarasa bagja sarta puas ku lantaran anjeun geus nyenangkeun Yéhuwa sarta jadi sobat Anjeunna.—Sil. 23:15, 16.
KAWIH 88 Ajar Abdi Jalan Gusti
a Kabéh umat Allah pasti bungah pisan waktu aya budak ngora nu dibaptis. Tapi sanggeus dibaptis, maranéhna kudu terus nyieun kamajuan rohani. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha barudak ngora nu kakara dibaptis bisa jadi jalma nu asak rohani.
b Sababaraha ngaran geus diganti.