ARTIKEL PALAJARAN 34
”Terus Aya di Jalan nu Bener”
”Terus aya di jalan nu bener.”—3 YAH. 4.
KAWIH 111 Sumber Kabungah Urang
NU DIBAHASa
1. Naon mangpaatna lamun urang nyaritakeun kumaha urang bisa jadi Saksi Yéhuwa?
”KUMAHA caritana Sadérék bisa jadi Saksi Yéhuwa?” Pasti Sadérék geus sababaraha kali ditanya siga kitu. Biasana, urang nanyakeun éta supaya leuwih kenal ka dulur-dulur saiman. Urang pasti resep ngadéngékeun dulur-dulur saiman nyaritakeun kumaha maranéhna bisa kenal jeung nyaah ka Yéhuwa. Urang gé resep nyaritakeun ka maranéhna yén urang téh bungah bisa jadi Saksi Yéhuwa. (Rm. 1:11) Lamun urang ngobrolkeun hal-hal ieu, urang jadi inget deui sakumaha penting bebeneran ieu keur urang. Urang gé jadi leuwih hayang pikeun ”terus aya di jalan nu bener”, nyaéta ngajaga cara hirup urang supaya terus dibéré berkah jeung dipikaresep ku Yéhuwa.—3 Yah. 4.
2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha alesan ku naon urang cinta kana bebeneran. Urang gé bakal ngabahas kumaha carana ngabuktikeun yén urang téh ngahargaan hadiah ieu. Artikel ieu bakal ngabantu urang pikeun leuwih nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran Anjeunna geus narik urang kana bebeneran. (Yah. 6:44) Ku kituna, kahayang urang pikeun nyaritakeun bebeneran gé bakal leuwih kuat.
KU NAON URANG CINTA KANA ”BEBENERAN”?
3. Naon alesan utama urang cinta kana bebeneran?
3 Aya loba alesan ku naon urang cinta kana bebeneran. Tapi nu utamana nyaéta lantaran urang nyaah ka Yéhuwa, Sumberna bebeneran. Tina Firman-Na, nyaéta Alkitab, urang bisa nyaho yén Anjeunna téh teu ngan saukur Nu Nyipta langit jeung bumi, tapi ogé Bapa di sorga nu nyaah ka urang. (1 Pét. 5:7) Allah urang téh ”sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu”. (Bud. 34:6) Yéhuwa gé suka kaadilan. (Yes. 61:8) Lamun ningali urang sangsara, Anjeunna téh sedih, jeung Anjeunna hayang geura nyingkirkeun kasangsaraan urang dina waktu nu geus ditetepkeun. (Yer. 29:11) Urang gé pasti ngadago-dago hal éta! Jadi, urang pasti nyaah pisan ka Yéhuwa.
Bebeneran dina Alkitab téh Siga . . . Jangkar
Jangkar téh bisa nahan kapal supaya teu oyag kabawa ombak. Kitu ogé, harepan tina Alkitab bisa ngabantu urang teger nyanghareupan tangtangan. Bebeneran Alkitab gé ngajurung urang pikeun ngabagikeun harepan ieu ka batur (Tingali paragrap 4-7)
4-5. Ku naon Rasul Paulus nyaruakeun harepan urang jeung jangkar?
4 Naon deui alesan séjénna urang cinta kana bebeneran? Bebeneran dina Alkitab téh méré loba mangpaat. Misalna, urang jadi nyaho yén urang téh boga harepan nu éndah. Rasul Paulus nulis kieu, ”Harepan ieu téh ibarat jangkar keur kahirupan urang, nu kuat jeung bisa diandelkeun.” (Ibr. 6:19) Jangkar téh bisa nahan kapal supaya teu oyag kabawa ombak. Kitu deui jeung harepan urang tina Alkitab. Harepan urang téh bisa ngabantu urang tetep tenang waktu aya masalah.
5 Mémang, Paulus téh keur ngabahas harepan di sorga keur urang Kristen nu diistrénan. Tapi, ieu ogé bisa dilarapkeun keur urang Kristen nu boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi pirdaus. (Yah. 3:16) Ku lantaran boga harepan hirup langgeng, urang téh jadi boga tujuan hirup.
6-7. Naon mangpaat nu dirasakeun ku Yvonne ku lantaran diajar bebeneran ngeunaan mangsa ka hareup?
6 Hayu tingali pangalaman Sadérék Yvonne. Kulawargana lain Saksi, terus pas keur leutik téh manéhna sieun pisan maot. Manéhna pernah maca hiji kekecapan ieu, ”Tungtungna, urang kabéh téh bakal paéh.” Kekecapan éta meni némpél pisan dina pikiranana. Ceuk Yvonne, ”Abdi osok hudang peuting-peuting ku lantaran mikirkeun kumaha kahirupan abdi engkéna. Maenya abdi téh hirup ngan keur paéh? Jang naon atuh mun kitu mah? Abdi mah embung paéh!”
7 Ka dieunakeun waktu rumaja, Yvonne panggih jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéhna nyarita, ”Abdi jadi percaya yén abdi boga harepan pikeun hirup di Pirdaus salilana.” Naon mangpaat nu dirasakeun ku Yvonne lantaran diajar bebeneran? Ceuk manéhna, ”Ayeuna mah mun saré téh tibra, tara hudang-hudang deui, da geus teu sieun kana maot atawa hariwang mikiran mangsa ka hareup.” Jadi, bebeneran téh gedé pisan mangpaatna keur Yvonne. Manéhna gé resep nyaritakeun harepanana ka batur.—1 Tim. 4:16.
Bebeneran dina Alkitab téh Siga . . . Harta
Bisa ngawula Yéhuwa ti ayeuna nepi ka salilana dina Pamaréntahan Allah téh ibarat harta. Pangorbanan naon waé nu kudu dijieun téh teu aya nanaonna dibandingkeun harta éta (Tingali paragrap 8-11)
8-9. (a) Dina carita nu dicaritakeun ku Isa, kumaha jalma nu manggihan harta nu kakubur téh ngahargaan pisan harta éta? (b) Keur Sadérék, sakumaha gedé nilai bebeneran téh?
8 Tina Alkitab, urang gé diajar ngeunaan Pamaréntahan Allah. Isa nyaruakeun bebeneran ngeunaan Pamaréntahan Allah siga harta nu kakubur. Dina Matius 13:44, Isa ngomong, ”Pamaréntahan sorga téh saupama harta nu kakubur di hiji lahan, kapanggih ku saurang jalma, tuluy disumputkeun deui. Bakating ku bungah, manéhna ngajual sagala pangabogana jeung meuli éta lahan.” Perhatikeun, éta jalma téh sabenerna henteu keur néangan harta. Tapi pas manggihan éta harta, manéhna daék ngorbankeun sagalana pikeun meunangkeunana. Manéhna nepi ka ngabélaan ngajual sagala pangabogana. Ku naon? Lantaran manéhna nyaho nilai tina harta éta téh jauh leuwih gedé tibatan sagala pangabogana.
9 Pasti Sadérék gé ngahargaan pisan kana bebeneran. Kabéh hal di dunya ieu téh euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung bungahna ngawula Yéhuwa sarta harepan hirup langgeng dina Pamaréntahan Allah. Sosobatan urang jeung Yéhuwa téh jauh leuwih gedé nilaina dibandingkeun jeung pangorbanan naon waé nu kudu dijieun. Urang bakal bungah pisan lamun bisa ”bener-bener nyenangkeun Anjeunna”.—Kol. 1:10.
10-11. Naon nu ngayakinkeun Michael pikeun nyieun parobahan nu gedé?
10 Loba jalma nyieun pangorbanan nu gedé supaya bisa dipikaresep ku Yéhuwa. Aya nu réla ninggalkeun kariér nu dipandang hébat ku dunya ieu. Aya nu eureun ngudag kabeungharan. Aya ogé anu bener-bener ngarobah cara hirupna waktu maranéhna diajar ngeunaan Yéhuwa. Éta nu dilakukeun ku Michael. Kulawargana téh lain Saksi. Waktu ngora, manéhna diajar karaté. Manéhna nyarita, ”Keur abdi mah, penting pisan pikeun boga awak nu tetep kuat. Sakapeung, abdi ngarasa moal aya nu bisa ngéléhkeun abdi.” Tapi waktu diajar Alkitab, Michael jadi ngarti kumaha parasaan Yéhuwa kana kakerasan. (Jab. 11:5) Michael nyaritakeun ngeunaan sapasang Saksi nu ngajarkeun Alkitab ka manéhna. Ceuk manéhna, ”Maranéhna téh teu pernah nitah abdi eureun tina karaté, tapi maranéhna ngan terus ngajarkeun Alkitab ka abdi.”
11 Beuki kenal ka Yéhuwa, Michael gé jadi beuki nyaah ka Anjeunna. Nu paling nanceb kana haténa téh nyaéta waktu nyaho yén Yéhuwa téh nyaah pisan ka umat-Na. Michael jadi sadar yén manéhna kudu nyieun parobahan nu gedé pisan dina kahirupanana. Manéhna nyarita, ”Abdi nyaho, eureun tina karaté téh bakal beurat pisan. Tapi, abdi nyaho ieu téh pasti bakal nyenangkeun Yéhuwa, jeung pangorbanan ieu téh layak dilakukeun demi bisa ngawula Anjeunna.” Michael nyaho sakumaha gedéna nilai bebeneran. Éta sababna manéhna réla nyieun parobahan nu gedé.—Yak.1:25.
Bebeneran dina Alkitab téh Siga . . . Lampu
Lampu téh bisa nyaangan di jalan nu poék. Kitu ogé, Firman Allah bisa nungtun urang pikeun nyieun putusan nu bener di dunya Sétan nu jahat ieu (Tingali paragrap 12-13)
12-13. Kumaha bebeneran Alkitab ngabantu Mayli?
12 Alkitab ngagambarkeun sakumaha gedé nilai bebeneran. Alkitab nyaruakeun bebeneran siga lampu nu caang di tempat nu poék. (Jab. 119:105; Éf 5:8) Mayli ti Azerbaijan bener-bener ngahargaan caang bebeneran tina Firman Allah. Indungna téh nganut agama Yahudi, bapana nganut agama séjén. Manéhna nyarita, ”Abdi percaya Allah téh aya, tapi abdi masih bingung kana sababaraha hal. Abdi panasaran, ’Ku naon Allah nyiptakeun manusa? Terus, maenya jalma nu sapanjang hirupna geus sangsara téh kudu disiksa deui di naraka? Jang naon éta téh?’ Ceuk jalma-jalma, kabéh hal téh kajadian ku karana mémang éta nu dipikahayang ku Allah. Jadi abdi mikir, ’Enya kitu manusa téh siga cocooan keur Allah? Allah téh resep kitu ningali manusa sangsara?’”
13 Mayli terus néangan jawabanana. Manéhna diajar Alkitab, tuluy jadi Saksi Yéhuwa. Ceuk Mayli, ”Nu dijelaskeun dina Alkitab téh asup akal jeung bisa dipercaya. Abdi jadi jalma nu leuwih bagja, jeung abdi ngarasa tengtrem.” Sarua siga Mayli, urang kabéh hayang muji Yéhuwa nu geus ”ngajait [urang] ti nu poék ka caang Anjeunna nu luar biasa”.—1 Pét. 2:9.
14. Naon nu perlu dilakukeun supaya urang beuki cinta kana bebeneran? (Tingali ogé kotak ”Ibarat Séjén”.)
14 Éta téh ngan sababaraha pangalaman nu nunjukkeun sakumaha gedéna nilai bebeneran. Sadérék gé meureun kapikiran pangalaman séjén. Jadi dina palajaran pribadi, meureun Sadérék bisa mikirkeun alesan séjén ku naon sakuduna Sadérék cinta kana bebeneran. Lamun beuki cinta kana bebeneran, Sadérék bakal néangan leuwih loba cara pikeun nunjukkeunana.
CARANA NGABUKTIKEUN YÉN URANG CINTA KANA BEBENERAN?
15. Naon salah sahiji cara urang némbongkeun yén urang téh cinta kana bebeneran?
15 Urang bisa ngabuktikeun yén urang téh cinta kana bebeneran ku cara getol diajar Alkitab jeung publikasi-publikasi. Urang kudu terus diajar, teu sual geus sabaraha lila urang jadi Saksi Yéhuwa. Majalah Warta Hadé nu pangmimitina nyebutkeun, ”Bebeneran téh bisa diibaratkeun siga kembang leutik di tegalan. Kembang leutik di antara jujukutan nu jarangkung téh hésé ditéangna. Terus mun geus kapanggih gé, urang kudu dongko heula pikeun nyokot éta kembang. Bebeneran gé hésé ditéangna lantaran dunya ieu pinuh ku kabohongan. Mun geus kapanggih gé, urang kudu upaya pikeun ngajadikeun bebeneran milik urang. Ulah gancang puas mun geus meunang hiji ”kembang” bebeneran. . . . Pék téangan leuwih loba deui.” Palajaran pribadi téh mémang butuh upaya, tapi éta sabanding jeung hasilna.
16. Cara diajar jiga kumaha nu pangcocogna keur Sadérék? (Siloka 2:4-6)
16 Teu kabéh jalma resep maca atawa diajar. Tapi, Yéhuwa hayang urang terus ”kotektak” jeung terus ”neangan” supaya urang leuwih ngarti kana bebeneran. (Baca Siloka 2:4-6.) Pasti bakal aya mangpaatna lamun urang ngalakukeunana. Corey nyaritakeun, waktu maca Alkitab téh unggal ayat diulik ku manéhna. Ceuk manéhna, ”Tina hiji ayat, abdi maca kabéh catetan handapna, réferénsi silangna, jeung ngarisét leuwih loba. . . . Loba pisan nu bisa dipanggihan!” Teu sual rék diajar Alkitab maké cara naon, lamun urang nyieun upaya jeung nyadiakeun waktu pikeun diajar, éta nunjukkeun urang téh ngahargaan bebeneran.—Jab. 1:1-3.
17. Salian diajar bebeneran, naon deui nu kudu dilakukeun? (Yak. 1:25)
17 Urang nyaho, teu cukup ngan saukur diajar bebeneran téh. Supaya bisa meunang leuwih loba mangpaat, urang gé kudu ngajalankeunana dina kahirupan. Ngan ku cara kitu bebeneran bisa ngabagjakeun urang. (Baca Yakobus 1:25.) Kumaha carana mastikeun, urang geus ngajalankeun bebeneran atawa acan? Salah saurang sadérék méré saran supaya urang terus mariksa diri, mana nu geus dijalankeun jeung mana nu perlu ditingkatkeun. Rasul Paulus gé ngomong, ”Urang kudu terus maju sakumaha nu salila ieu dilakukeun.”—Flp. 3:16.
18. Ku naon urang kudu sabisa-bisana ngupayakeun pikeun ”terus aya di jalan nu bener”?
18 Pék pikirkeun mangpaatna lamun urang ngusahakeun sabisa-bisana pikeun ”terus aya di jalan nu bener”. Urang bakal hirup bagja sarta bisa nyenangkeun Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman. (Sil. 27:11; 3 Yah. 4) Éta téh alesan nu paling penting ku naon urang sakuduna cinta kana bebeneran jeung ngajalankeunana.
KAWIH 144 Teuteup Pahala!
a Biasana, nu disebut ”bebeneran” ku urang téh ngamaksudkeun kapercayaan atawa jalan hirup urang. Urang kudu mikirkeun ku naon urang cinta kana bebeneran, teu sual urang kakara jadi Saksi Yéhuwa atawa geus lila. Éta bisa ngabantu urang pikeun terus bajoang supaya urang dipikaresep ku Yéhuwa.