PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w17 Januari kaca 9-14
  • Ngahargaan Kurnia Kabébasan Milih

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ngahargaan Kurnia Kabébasan Milih
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • DIAJAR TI TULADAN YÉHUWA JEUNG YÉSUS
  • CARA NU HADÉ JEUNG NU GORÉNG DINA NGAGUNAKEUN KABÉBASAN MILIH
  • ULAH NYALAHGUNAKEUN KURNIA KABÉBASAN MILIH
  • NGAHARGAAN KABÉBASAN MILIH BATUR
  • Cara Meunangkeun Kabébasan Sajati
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Pék Ngawula Yéhuwa, Allah Kabébasan
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Budak Ngora, Nu Nyiptakeun Hidep Hoyong Hidep Bagja
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
w17 Januari kaca 9-14
Ibrahim, Sarah, jeung nu séjénna ninggalkeun Ur

Ngahargaan Kurnia Kabébasan Milih

”Di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.”​—2 KOR. 3:17.

KAWIH: 62, 65

NAON JAWABAN SADÉRÉK?

  • Naon kabébasan milih téh?

  • Kumaha putusan urang némbongkeun yén urang nyaah ka Yéhuwa?

  • Kumaha urang bisa ngahargaan putusan batur?

1, 2. (a) Kumaha pandangan jalma-jalma ngeunaan kabébasan milih? (b) Naon nu diajarkeun Alkitab ngeunaan kabébasan milih, jeung pananya-pananya naon nu bakal dibahas?

WAKTU rék nyieun putusan, saurang awéwé ngomong kieu ka babaturanana, ”Urang keur horéam mikir, kumaha manéh wé lah.” Awéwé éta leuwih resep dibéré nyaho kudu kumaha ti batan maké kabébasan milihna, kurnia ti Nu Nyipta. Lamun Sadérék kumaha? Naha Sadérék leuwih resep nyieun putusan sorangan atawa dipangnyieunkeun ku batur? Kumaha pandangan Sadérék kana kabébasan milih?

2 Loba jalma boga pandangan nu béda-béda ngeunaan kabébasan milih. Aya nu ngomong lamun urang mah teu boga kabébasan milih lantaran sagalana geus ditakdirkeun ku Allah. Aya ogé nu ngomong yén urang bisa boga kabébasan milih lamun boga kabébasan mutlak. Tapi, Alkitab ngajarkeun yén waktu diciptakeun, urang dibéré kamampuh jeung kabébasan pikeun nyieun putusan sorangan. (Baca Yosua 24:15.) Alkitab ngajawab pananya-pananya ieu: Naha kabébasan milih urang aya watesna? Kumaha carana ngagunakeun kabébasan milih urang? Kumaha putusan urang némbongkeun kanyaah urang ka Yéhuwa? Kumaha urang bisa ngahargaan putusan batur?

DIAJAR TI TULADAN YÉHUWA JEUNG YÉSUS

3. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun kabébasan mutlak-Na?

3 Urang bisa diajar tina carana Yéhuwa ngagunakeun kabébasan mutlak-Na. Contona, Yéhuwa milih bangsa Israil pikeun dijadikeun ”umat-Na”. (Pam. 7:6-8) Yéhuwa gaduh alesan waktu nyieun éta putusan, nyaéta pikeun nedunan jangji ka sobat-Na, nu ngaranna Ibrahim. (Kaj. 22:15-18) Yéhuwa ngagunakeun kabébasan-Na dibarengan ku sipat adil jeung asih. Éta katémbong tina cara-Na ngadisiplin urang Israil nu teu taat. Waktu maranéhna ngarasa kaduhung kana kasalahanana, Yéhuwa mikawelas jeung ngahampura maranéhna. Saur Mantenna, ”Kami rek nyokot umat Kami sina baralik, baris dipikaasih saiklas-iklasna.” (Hos. 14:4) Cara Yéhuwa ngagunakeun kabébasan-Na jadi tuladan nu alus keur urang!

Saacan datang ka bumi, Yésus milih pikeun tetep satia ka Allah sarta teu milu barontak jeung Sétan

4, 5. (a) Saha nu mimiti dipasihan kabébasan milih ku Allah, jeung kumaha anjeunna ngagunakeunana? (b) Pananya naon nu kudu urang lenyepan?

4 Yéhuwa masihan kabébasan milih ka malaikat jeung manusa. Mantenna ogé masihan kabébasan milih ka ciptaan-Na nu mimiti, nyaéta Yésus, nu diciptakeun nyeplés jeung Mantenna. (Kol. 1:15) Kumaha Yésus ngagunakeun kabébasanna? Saacan datang ka bumi, Yésus milih pikeun tetep satia ka Allah sarta teu milu barontak jeung Sétan. Waktu di bumi, anjeunna gé nolak godaan Sétan. (Mat. 4:10) Saacanna maot, Yésus ngungkabkeun tékadna pikeun ngalampahkeun kahoyong Bapana. Saur anjeunna, ”Nun Ama, upami kenging, mugi ditebihkeun ieu lumur kasangsaraan ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi, mung pangersa Ama bae anu kedah laksana.” (Luk. 22:42) Saperti Yésus, naha urang bisa ngagunakeun kabébasan milih urang pikeun ngamulyakeun Yéhuwa sarta ngalampahkeun kahoyong-Na?

5 Urang bisa nyonto Yésus lantaran urang gé diciptakeun nyeplés jeung Yéhuwa. (Kaj. 1:26) Mémang, urang teu boga kabébasan mutlak saperti Yéhuwa. Firman Allah ngajelaskeun yén Allah ngawatesan kabébasan urang. Mantenna miharep urang teu ngalanggar watesan éta. Contona, dina kulawarga, pamajikan kudu tunduk ka salaki, barudak ogé kudu nurut ka kolot. (Epe. 5:22; 6:1) Kumaha watesan-watesan éta mangaruhan cara urang ngagunakeun kabébasan milih? Jawaban urang pikeun pananya éta nangtukeun mangsa pikahareupeun urang.

CARA NU HADÉ JEUNG NU GORÉNG DINA NGAGUNAKEUN KABÉBASAN MILIH

6. Caritakeun ibarat nu ngagambarkeun pentingna watesan pikeun kabébasan urang.

6 Naha kabébasan nu diwatesan téh bisa disebut kabébasan nu sajati? Bisa. Naon sababna? Sabab watesan bisa nyalindungan urang. Misalna, urang rék iinditan maké mobil. Bayangkeun lamun di jalan, jalma-jalma nyetir sangeunahna, teu maké aturan, jeung ngararebut. Naha Sadérék bakal ngarasa aman? Tangtu moal. Watesan téh perlu sangkan kabéh bisa ngarasakeun mangpaat tina kabébasan nu sajati. Hayu urang bahas conto tina Alkitab nu némbongkeun yén watesan ti Yéhuwa mawa mangpaat keur urang.

7. (a) Naon nu ngabédakeun Adam ti sasatoan? (b) Jelaskeun kumaha Adam ngagunakeun kabébasan milihna.

7 Waktu Yéhuwa nyiptakeun manusa nu mimiti, nyaéta Adam, Mantenna gé masihan kurnia kabébasan milih. Tapi, sasatoan mah teu dibéré kurnia éta. Kumaha Adam ngagunakeun kabébasanana ku cara nu hadé? Adam dibéré kabébasan pikeun méré ngaran unggal sasatoan. Éta mawa kabagjaan keur manéhna. Allah ”palay uninga kumaha rek dingarananana eta sasatoan teh”. Sanggeus nilik-nilik paripolah unggal sasatoan, seug ku Adam dibéré ngaran nu cocog. Yéhuwa teu ngarobah ngaran nu geus dipilih ku Adam. ”Ku jalan kitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaran masing-masing.”​—Kaj. 2:19.

8. Kumaha Adam nyalahgunakeun kabébasan milihna, jeung naon balukarna?

8 Yéhuwa masihan tanggung jawab ka Adam pikeun ngarobah bumi jadi pirdaus. Saur Mantenna, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui ka bangsa sasatoan leuweung.” (Kaj. 1:28) Tapi, Adam kalah ka ngalanggar watesan ti Yéhuwa ku cara ngadahar buah nu dilarang. Lantaran Adam nyalahgunakeun kabébasan milihna, balukarna sakabéh manusa jadi sangsara salila rébuan taun. (Rum 5:12) Pék pikirkeun balukar tina putusan Adam. Urang bakal kajurung pikeun ngagunakeun kabébasan ku cara nu hadé jeung moal ngalanggar watesan ti Yéhuwa.

Bangsa Israil mutuskeun jadi umat Allah, jeung satuju kana aturan nu ditetepkeun ku Allah

9. Yéhuwa masihan pilihan naon ka bangsa Israil, jeung naon jangji maranéhna?

9 Lantaran dosa nu diwariskeun ku Adam jeung Hawa, kabéh manusa jadi teu sampurna terus maot. Tapi, urang masih kénéh boga hak pikeun ngagunakeun kabébasan milih. Ti mana urang nyaho? Baheula, Yéhuwa masihan pilihan ka bangsa Israil, naha maranéhna daék jadi umat-Na atawa henteu. (Bud. 19:3-6) Bangsa éta daraékeun, jeung satuju kana aturan nu ditetepkeun ku Yéhuwa. Ceuk maranéhna, ”Sagala timbalan PANGERAN bakal diestokeun.” (Bud. 19:8) Hanjakalna, ka dieunakeun maranéhna ngalanggar jangji éta. Jadi palajaranana, urang kudu terus ngahargaan kabébasan milih urang, terus ngaraket ka Yéhuwa, jeung taat kana paréntah-Na.​—1 Kor. 10:11.

10. Manusa nu teu sampurna bisa ngagunakeun kabébasan milihna pikeun nyenangkeun Allah. Sebutkeun contona. (Tingali gambar dina awal artikel.)

10 Di Ibrani pasal 11 disebutkeun tuladan iman ti 16 lalaki jeung awéwé nu leuwih miheulakeun kahoyong Yéhuwa. Hasilna, maranéhna diberkahan tur narima harepan nu éndah dina mangsa kahareup. Contona, Nuh boga iman nu kuat jeung taat kana paréntah Allah pikeun nyieun bahtera, ku kituna kulawarga jeung turunanana bisa salamet. (Ibr. 11:7) Lantaran taat ka Allah, Ibrahim jeung Sarah réla indit ka nagri nu dijangjikeun ka maranéhna. Sanajan maranéhna bisa waé balik deui ka Ur, tapi maranéhna tetep manteng kana jangji Allah pikeun mangsa kahareup. Ceuk Kitab Suci, ”Anu dipikirna teh lemah cai anu leuwih pikasenangeun.” (Ibr. 11:8, 13, 15, 16) Musa nolak sakabéh harta Mesir, manéhna leuwih ”milih hirup sangsara babarengan jeung umat Allah” ti batan ”hirup dina kagenahan dosa anu umurna moal awet”. (Ibr. 11:24-26) Hayu urang nyonto iman maranéhna ku cara ngagunakeun kurnia kabébasan milih urang pikeun ngalampahkeun kahoyong Allah.

11. (a) Kasempetan alus naon nu dipiboga ku urang? (b) Naon nu ngajurung urang pikeun ngagunakeun kabébasan milih urang ku cara nu hadé?

11 Mémang, leuwih gampang lamun batur nu mangnyieunkeun putusan keur urang. Tapi lamun kitu, urang bakal kaleungitan kasempetan nu alus. Kasempetan naon? Éta dijelaskeun di Pamindo 30:19, 20. (Baca.) Di ayat 19 disebutkeun Allah masihan piliheun ka bangsa Israil. Di ayat 20 ogé dijelaskeun yén Yéhuwa masihan kasempetan nu alus ka maranéhna pikeun némbongkeun kanyaah ka Mantenna. Urang ogé bisa milih pikeun ngawula ka Yéhuwa. Urang bisa ngagunakeun kurnia kabébasan milih pikeun ngamulyakeun Yéhuwa jeung némbongkeun kanyaah urang ka Mantenna!

ULAH NYALAHGUNAKEUN KURNIA KABÉBASAN MILIH

12. Ngeunaan kabébasan milih, naon nu moal bakal urang lakukeun?

12 Bayangkeun Sadérék méré kado ka babaturan. Kumaha parasaan Sadérék lamun kadona dipiceun atawa dipaké keur nyilakakeun batur? Pasti Sadérék nyeri haté. Yéhuwa masihan kurnia kabébasan milih ka urang. Jadi, Mantenna gé bakal nyeri haté lamun jalma-jalma nyalahgunakeun kabébasan éta, komo lamun dipaké keur nyilakakeun batur. Ceuk Kitab Suci, jalma-jalma di ”ahir jaman” bakal ”taya panarima”. (2 Tim. 3:1, 2) Terus, kumaha carana urang nganuhunkeun kana kurnia ieu? Jeung, kumaha sangkan urang teu nyalahgunakeun kurnia ieu?

13. Kumaha cara nu bener pikeun ngagunakeun kabébasan urang?

13 Urang kabéh boga kabébasan pikeun milih babaturan, pakéan, dangdanan, jeung hiburan. Tapi, urang bisa waé ngamangpaatkeun kabébasan urang pikeun ngalampahkeun kagoréngan atawa pipilueun kana kabiasaan jalma-jalma di dunya. (Baca 1 Petrus 2:16.) Ti batan nyalahgunakeun kabébasan urang pikeun ngalampahkeun nu teu bener, urang sakuduna ngagunakeunana pikeun ’ngamulyakeun Allah’.​—1 Kor. 10:31; Gal. 5:13.

14. Ku naon perlu percaya ka Yéhuwa dina ngagunakeun kabébasan milih urang?

14 Saur Yéhuwa, ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina.” (Yes. 48:17) Urang kudu percaya ka Yéhuwa jeung taat kana aturan-Na sangkan bisa nyieun pilihan nu bener. Kalawan rendah haté urang sadar yén ”manusa mah teu kawasa nangtoskeun nasibna [atawa, jalanna], teu kawasa nangtoskeun hirupna [atawa, léngkahna]”. (Yer. 10:23) Adam jeung bangsa Israil ngalawan aturan ti Yéhuwa jeung ngandelkeun diri sorangan. Urang bisa diajar tina conto maranéhna. Ti batan ngandel ka diri sorangan, hayu urang ”temen ngandel ka PANGERAN”.​—Sil. 3:5.

NGAHARGAAN KABÉBASAN MILIH BATUR

15. Urang diajar naon tina prinsip di Galata 6:5?

15 Urang kudu ngahargaan kabébasan batur dina nyieun putusanna sorangan. Naon sababna? Urang masing-masing dibéré kabébasan milih, jadi moal aya dua urang Kristen nu bakal terus nyieun putusan nu sarua pisan. Ieu kaasup putusan ngeunaan kabiasaan jeung ibadah. Sing inget kana prinsip di Galata 6:5. (Baca.) Lamun urang paham yén unggal urang Kristen kudu tanggung jawab kana putusanna sorangan, urang bakal ngahargaan cara batur ngagunakeun kabébasanna.

Saurang sadérék nu nolak nginum anggur

Urang bisa nyieun putusan sorangan, tapi moal maksa batur pikeun nyieun putusan nu sarua (Tingali paragrap 15)

16, 17. (a) Ku naon kabébasan milih jadi masalah di Korinta? (b) Kumaha Paulus mantuan sidang Korinta, jeung naon palajaranna keur urang?

16 Hayu urang tingali conto Alkitab nu nandeskeun pentingna ngahargaan kabébasan milih dulur-dulur urang. Urang Kristen di sidang Korinta ngaributkeun masalah ngadahar daging urut korban ka brahala nu dijual di pasar. Haté sanubari sababaraha urang Kristen teu kaganggu lamun ngadahar éta daging lantaran maranéhna paham yén brahala mah teu nyawaan. Tapi, aya sababaraha urang Kristen nu baheulana nyembah ka brahala ngarasa yén éta téh bagian tina ibadah. (1 Kor. 8:4, 7) Ieu téh masalah sérius nu bisa mecah belah sidang. Kumaha Paulus mantuan sidang Korinta pikeun ngaréngsékeun masalah ieu?

17 Mimitina, Paulus ngingetan dulur-dulurna lamun dahareun mah moal nguatkeun sosobatan maranéhna jeung Allah. (1 Kor. 8:8) Paulus mépélingan ka nu dalahar daging sangkan pilihan maranéhna ulah nepi ka nganyenyeri haté sanubari batur. (1 Kor. 8:9) Sanggeusna, Paulus ogé mapatahan ka jalma-jalma nu teu ngadahar daging sangkan ulah ngahakiman sing saha baé nu ngadahar daging. (1 Kor. 10:25, 29, 30) Jadi, dina nyieun putusan penting nu aya patalina jeung ibadah, unggal urang Kristen kudu nyieun putusan sorangan. Tangtu urang bakal ngahargaan putusan dulur-dulur urang, sanajan dina hal-hal nu leutik.​—1 Kor. 10:32, 33.

18. Kumaha cara Sadérék ngahargaan kurnia kabébasan milih?

18 Yéhuwa tos ngurniakeun kabébasan milih nu ngahasilkeun kabébasan sajati. (2 Kor. 3:17) Urang ngahargaan ieu kurnia lantaran urang jadi boga kasempetan pikeun némbongkeun kanyaah ka Yéhuwa. Jadi, hayu urang terus nyieun putusan nu ngamulyakeun Mantenna, jeung ngahargaan hak batur dina ngagunakeun kabébasan milihna.

KATERANGAN TAMBAHAN

  • Mung Yéhuwa nu kagungan kabébasan mutlak, nyaéta kabébasan nu taya watesna. Yéhuwa ngawatesan kabébasan urang pikeun ngajaga urang. Lamun taat, urang bakal ngarasakeun kabébasan sajati

  • Waktu diciptakeun, urang dibéré kabébasan milih, éta hartina urang boga hak pikeun nyieun putusan jeung pilihan sorangan. Sabagé urang Kristen, urang bisa milih rék ngomong naon, rék ngalakukeun naon, atawa rék maké baju naon, asal teu ngaruksak hubungan urang jeung Yéhuwa sarta dulur-dulur urang

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun