PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w17 Maret kaca 15-20
  • Sing Sagemblengna Haté dina Ngawula ka Yéhuwa!

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Sagemblengna Haté dina Ngawula ka Yéhuwa!
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • ASA NGAWULA KA YÉHUWA KU SAGEMBLENGNA HATÉ
  • YOSAPAT SATÉKA-TÉKA IBADAH KA YÉHUWA
  • HISKIA TETEP NGALAMPAHKEUN NU BENER
  • YOSIA TAAT KA PARÉNTAH-PARÉNTAH YÉHUWA
  • SING SAGEMBLENGNA HATÉ DINA NGAWULA KA YÉHUWA!
  • Naha Sadérék Daék Diajar tina Kajadian-Kajadian nu Baheula?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Mangpaatkeun Waktu Meungpeung Keur Tengtrem
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • Budak Ngora, Kumaha Supaya Anjeun Bisa Dipercaya ku Batur?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
  • Topik-Topik Utama 2 Babad
    Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Tingali Ogé
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
w17 Maret kaca 15-20
Asa, Yosapat, Hiskia, jeung Yosia

Asa, Yosapat, Hiskia, Yosia

Sing Sagemblengna Haté dina Ngawula ka Yéhuwa!

”Nun PANGERAN, masing emut yen abdi ngawula ka Gusti teh kalayan satia satuhu [”sagemblengna haté”, Terjemahan Dunia Baru (NW)].”​—2 RJA. 20:3.

KAWIH: 52, 65

NAON JAWABAN SADÉRÉK?

  • Naon hartina ngawula ka Yéhuwa ku sagemblengna haté?

  • Tina conto opat raja Yuda nu kamanah ku Yéhuwa, naon hikmahna keur urang?

  • Tina opat raja éta, saha nu hayang diconto ku Sadérék, jeung naon sababna?

1-3. Naon hartina ngawula ka Yéhuwa ku ”sagemblengna haté”? Béré contona.

URANG kabéh teu sampurna jeung bisa salah. Tapi, sukur ka Yéhuwa nu geus nyadiakeun tebusan jadi urang bisa dihampura. Lamun tobat jeung rendah haté, urang bisa nyuhunkeun pangampura ti Mantenna. Urang yakin lamun Yéhuwa ”ngahukumna ge tara diukur-ukur kana dosa urang”. (Jab. 103:10) Tapi, urang kudu ”cengeng kumureb ka Mantenna dibarengan ku hate”. (1 Bab. 28:9) Sanajan teu sampurna, kumaha urang bisa ngalampahkeunana?

2 Urang bisa diajar tina conto Raja Asa jeung Raja Amasia. Duanana pernah ngalampahkeun nu hadé, tapi lantaran teu sampurna, maranéhna pernah nyieun kasalahan. Sanajan kitu, Alkitab nyebutkeun lamun Asa ”tetep sumujud [”sagemblengna haté”, NW] ka PANGERAN”. (2 Bab. 15:16, 17; 25:1, 2; Sil. 17:3) Manéhna ngupayakeun pikeun nyukakeun haté Yéhuwa jeung enya-enya ngabdi ka Mantenna. Sabalikna, Amasia henteu ngawula ka Yéhuwa ku ”sagemblengna haté”. Sanggeus ngéléhkeun musuh-musuh Allah, manéhna mawa brahala-brahala musuh tuluy disarembah.​—2 Bab. 25:11-16.

3 Jalma nu ngawula ka Yéhuwa ku ”sagemblengna haté” bener-bener nyaah jeung hayang ngawula ka Mantenna salalawasna. Dina Alkitab, ”haté” ngamaksudkeun cara mikir, naon nu dipikaresep, cita-cita, jeung alesan urang ngalampahkeun hiji hal. Sanajan teu sampurna, urang bisa ngawula ka Yéhuwa ku sagemblengna haté. Urang bener-bener hayang ngawula ka Mantenna, lain lantaran kapaksa atawa geus jadi kabiasaan.​—2 Bab. 19:9.

4. Naon nu bakal dibahas ayeuna?

4 Urang bisa leuwih paham naon hartina ngawula ka Yéhuwa ku sagemblengna haté ku cara ngabahas kahirupan opat raja Yuda nu satia, nyaéta Asa, Yosapat, Hiskia, jeung Yosia. Sanajan maranéhna pernah nyieun kasalahan, maranéhna tetep nyukakeun Yéhuwa. Yéhuwa nganggap maranéhna ngawula ku sagemblengna haté. Ku naon bisa kitu? Kumaha urang bisa nyonto maranéhna?

ASA NGAWULA KA YÉHUWA KU SAGEMBLENGNA HATÉ

5. Naon nu dilampahkeun ku Asa basa jadi raja?

5 Asa téh raja Yuda nu katilu sanggeus bangsa Israil dibagi jadi karajaan Israil jeung karajaan Yuda. Basa naék tahta, manéhna boga tékad pikeun nyingkirkeun ibadah palsu jeung kalakuan nu bejad. Manéhna ngancurkeun arca-arca brahala jeung ngusir jalma-jalma nu jarinah di tempat ibadah. Malahan, Asa mecat eyangna ”tina kalungguhan ibu suri, lantaran ngadamel arca Dewi Asera”. (1 Rja. 15:11-13) Asa gé ngajurung urang Yuda pikeun ”ngalampahkeun pangersa PANGERAN” jeung ”nurut kana papakon-papakon jeung timbalan-timbalan Mantenna”. Asa satékah polah mantuan rahayatna pikeun nyembah ka Yéhuwa.​—2 Bab. 14:4.

Asa boga tékad pikeun nyingkirkeun ibadah palsu

6. Naon nu dilampahkeun ku Asa basa urang Sudan rék narajang Yuda?

6 Ti saprak Asa maréntah, karajaan Yuda teu ngalaman perang. Tapi sapuluh taun sanggeusna, urang Sudan narajang Yuda ku sajuta prajurit jeung tilu ratus karéta. (2 Bab. 14:1, 6, 9, 10) Naon nu dilampahkeun ku Asa? Manéhna yakin lamun Yéhuwa bisa nulungan umat-Na. Jadi, manéhna ngadoa ka Yéhuwa nyuhunkeun bantuan sangkan unggul perang. (Baca 2 Babad 14:11.) Sakapeung, Yéhuwa nulungan umat-Na sangkan unggul perang sanajan raja-rajana teu saratia. Ieu pikeun némbongkeun lamun Mantenna téh Allah nu sajati. (1 Rja. 20:13, 26-30) Tapi ayeuna, Yéhuwa nulungan Asa lantaran ngandel ka Mantenna. Yéhuwa ngajawab doa Asa jeung musuh bisa diéléhkeun. (2 Bab. 14:12, 13) Ka dieunakeun, Asa nyieun dosa gedé waktu manéhna ménta tulung ka raja Siria, lain ka Yéhuwa. (1 Rja. 15:16-22) Sanajan kitu, Yéhuwa terang lamun Asa nyaah ka Mantenna. ”Sapanjang jumenengna anjeunna tetep tuhu ka PANGERAN.” Kumaha urang bisa nyonto tuladan Asa?​—1 Rja. 15:14.

7, 8. Kumaha urang bisa nyonto Asa?

7 Kumaha urang bisa nyaho lamun urang sagemblengna haté ngawula ka Yéhuwa? Pék lenyepan pananya-pananya ieu: ’Sanajan teu gampang, naha kuring bakal tetep taat? Naha kuring boga tékad pikeun ngajaga ibadah sajati tetep bersih?’ Bayangkeun sakumaha gedéna kawani nu dibutuhkeun ku Asa pikeun mecat eyangna tina kadudukanana! Bisa waé Sadérék ogé butuh kawani siga Asa. Contona, kumaha lamun anggota kulawarga atawa sobat Sadérék ngalampahkeun dosa, henteu tobat, jeung dikaluarkeun ti sidang? Naha Sadérék bakal tegas pikeun teu campur gaul jeung manéhna? Naon tékad haté Sadérék?

8 Siga Asa, bisa waé urang ngarasa dimusuhan ku sakabéh jalma. Misalna, batur sakola atawa guru ngahina Sadérék lantaran Sadérék Saksi Yéhuwa. Atawa bisa ogé batur gawé nganggap Sadérék anéh lantaran Sadérék nyokot cuti keur datang ka kongrés atawa lantaran tara ngalembur. Dina kaayaan kitu, sing ngandel ka Yéhuwa cara Asa. Doa ka Yéhuwa, sing wani, jeung lampahkeun nu bener. Allah geus nguatkeun Asa, Mantenna gé bakal nguatkeun Sadérék.

9. Kumaha pangwawaran urang bisa ngabungahkeun haté Yéhuwa?

9 Asa teu mikirkeun diri sorangan waé, manéhna ngajurung batur pikeun ”ngalampahkeun pangersa PANGERAN”. Urang ogé mantuan batur pikeun nyembah ka Yéhuwa. Mantenna merhatikeun waktu urang ngawawar ngeunaan Mantenna ka batur. Lamun urang ngalampahkeunana lantaran nyaah ka Mantenna jeung karunya ka jalam-jalma, Mantenna bakal kacida bungahna!

YOSAPAT SATÉKA-TÉKA IBADAH KA YÉHUWA

10, 11. Kumaha urang bisa nyonto Yosapat?

10 Yosapat ngalampahkeun anu saluyu jeung kahoyong Yéhuwa ”sakumaha Asa, ramana”. (2 Bab. 20:31, 32) Kumaha carana? Sakumaha bapana, Yosapat ngajurung rahayatna pikeun tetep ibadah ka Yéhuwa. Manéhna ngutus sababaraha priya ka kota-kota Yuda pikeun ngajarkeun ”buku Hukum PANGERAN”. (2 Bab. 17:7-10) Malahan manéhna indit ka karajaan Israil di beulah kalér, nyaéta ka jalma-jalma di pagunungan Épraim, pikeun ngajurung maranéhna ”marulang deui ka PANGERAN”. (2 Bab. 19:4) Raja Yosapat ”sateka-teka ngajalankeun ibadah ka PANGERAN”.​—2 Bab. 22:9.

Yosapat ngajurung rahayatna pikeun tetep ibadah ka Yéhuwa

11 Kiwari, Yéhuwa hoyong jalma-jalma di sakuliah dunya diajar ngeunaan Mantenna. Urang bisa ngadukung kagiatan pangajaran ieu. Naha Sadérék boga tujuan pikeun ngalakukeunana unggal bulan? Naha Sadérék resep ngajarkeun Alkitab ka batur sangkan maranéhna bisa ngawula ka Yéhuwa? Naha ieu nu didoakeun ku Sadérék? Lamun Sadérék nyieun upaya, Yéhuwa bakal ngabantu Sadérék miboga palajar Alkitab. Naha Sadérék réla ngajarkeun Alkitab sanajan kudu ngorbankeun waktu Sadérék? Sakumaha Yosapat ngajurung batur pikeun ngawula deui ka Yéhuwa, urang ogé bisa ngabantu dulur saiman nu geus teu aktif. Para kokolot sidang gé nyieun upaya pikeun nganjangan jeung ngabantu jalma-jalma nu dikaluarkeun ti sidang nu bisa jadi geus tobat.

12, 13. (a) Basa Yosapat ngarasa sieun, naon nu dilampahkeun ku manéhna? (b) Naon mangpaatna lamun urang nyonto tuladan Yosapat?

12 Sakumaha Asa, bapana, Yosapat ngandel ka Yéhuwa basa rék diserang ku balad musuh nu réa pisan. (Baca 2 Babad 20:2-4.) Manéhna sieun jeung nyuhunkeun bantuan Yéhuwa. Dina doana, manéhna ngaku lamun manéhna jeung rahayatna moal bisa ngéléhkeun musuh tur bingung kudu kumaha. Yosapat bener-bener yakin lamun Yéhuwa bisa mantuan maranéhna. Ceuk manéhna, ”Abdi . . . mung ngaharep pitulung ti Gusti.”​—2 Bab. 20:12.

13 Kawas Yosapat, urang gé bisa bingung jeung sieun basa nyanghareupan masalah. (2 Kor. 4:8, 9) Tapi, inget kana lalampahan Yosapat. Di hareupeun jalma réa, manéhna ngadoa jeung ngaku lamun maranéhna rumasa teu daya teu upaya. (2 Bab. 20:5) Kapala kulawarga bisa nyonto tuladan Yosapat. Ulah éra lamun kulawarga Sadérék ngadéngékeun Sadérék ngadoa nyuhunkeun bantuan Yéhuwa sangkan bisa nyanghareupan masalah jeung nyaho naon nu kudu dilakukeun. Maranéhna bakal nyaho lamun Sadérék bener-bener ngandel ka Yéhuwa. Sakumaha Mantenna mantuan Yosapat, Mantenna gé bakal mantuan Sadérék.

HISKIA TETEP NGALAMPAHKEUN NU BENER

14, 15. Kumaha carana Hiskia ngandel ka Allah?

14 Hiskia téh raja séjénna nu ”kacida ngestona” ka Yéhuwa sanajan bapana nyembah brahala jeung teu méré conto nu alus. Hiskia ”ngabasmi tempat-tempat ibadah ka brahala, pilar-pilar pamujaan digempur, arca-arca Dewi Asera dicacag; Nehustan, nya eta oorayan tambaga damelan Musa oge dibubukkeun” lantaran osok diparuja ku urang Israil. Hiskia sagemblengna haté ngawula ka Yéhuwa. Manéhna ”tuhu kana sagala timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Musa”.​—2 Rja. 18:1-6.

15 Basa Hiskia maréntah, pasukan Asur nyerang Yuda jeung ngancam rék ngancurkeun Yérusalém. Sanhérib, raja Asur, ngahina Yéhuwa jeung maksa Hiskia supaya nyerah. Dina kaayaan ieu, Hiskia bener-bener ngandel ka Yéhuwa jeung ngadoa ménta tulung. Manéhna nyaho lamun Allah leuwih kuat ti batan urang Asur jeung bisa nyalametkeun umat-Na. (Baca Yesaya 37:15-20.) Allah ngajawab doa Hiskia ku cara ngutus hiji malaikat nu maéhan 185.000 serdadu Asur.​—Yes. 37:36, 37.

16, 17. Kumaha urang bisa nyonto Hiskia?

16 Ka dieunakeun, Hiskia gering jeung sakarat. Dina mangsa éta, Hiskia sasambat ka Yéhuwa sangkan inget kana kasatiaanana jeung nulungan manéhna. (Baca 2 Raja 20:1-3.) Yéhuwa ngadangukeun doa Hiskia jeung nyageurkeun manéhna. Alkitab teu nyebutkeun lamun ayeuna urang bisa ngarepkeun mujijat Allah sangkan bisa cageur jeung hirup leuwih lila. Tapi siga Hiskia, urang ngandelkeun pitulung Yéhuwa. Urang bisa ngadoa, ”Nun [Yéhuwa], masing emut yen abdi ngawula ka Gusti teh kalayan satia satuhu.” Naha Sadérék percaya lamun Yéhuwa salawasna bisa ngajaga Sadérék, ogé basa Sadérék keur gering?​—Jab. 41:4.

17 Ku cara naon deui urang bisa nyonto tuladan Hiskia? Bisa waé aya nu ngaganggu sosobatan urang jeung Yéhuwa atawa nyimpangkeun urang tina ibadah ka Mantenna. Contona, kiwari loba jalma muja-muja jalma séjén. Maranéhna muja artis jeung jalma séjén nu teu dikenal. Maranéhna méakkeun loba waktu pikeun maca jeung ningalian poto jalma-jalma éta atawa komunikasi jeung batur di Internét. Urang bisa waé komunikasi jeung kulawarga atawa sobat maké sosial média. Tapi, urang ogé bisa méakkeun loba waktu di dinya. Urang bisa ngarasa agul lamun loba nu resep kana poto jeung koméntar urang di Internét. Malahan, urang bisa waé keuheul lamun batur eureun ningalian poto jeung koméntar urang. Urang bisa diajar tina conto Rasul Paulus, Akwila, jeung Priskila. Naha maranéhna unggal poé osok hayang nyaho kahirupan batur, utamana jalma nu teu saiman? Alkitab nyebutkeun lamun Paulus ”laluasa nguarkeunana Pangandika jeung mere panyaksen” ka batur. Priskila jeung Akwila ogé ngagunakeun waktuna pikeun ngawawar jeung ngajelaskeun ”Jalan Allah nepi ka sataliti-talitina”. (Ras. 18:4, 5, 26, Sunda Formal) Urang bisa ngalenyepan: ’Naha kuring muja-muja jalma séjén? Naha kuring méakkeun loba waktu keur hal-hal nu teu penting?’​—Baca Epesus 5:15, 16.

YOSIA TAAT KA PARÉNTAH-PARÉNTAH YÉHUWA

18, 19. Kumaha urang bisa nyonto Yosia?

18 Raja Yosia taat ka paréntah-paréntah Yéhuwa ”terus jeung manah”. (2 Bab. 34:31) Yosia téh buyutna Hiskia. Basa keur rumaja, Yosia ”geus mimiti ngajalankeun ibadah ka Allah panutan Raja Daud karuhunna”. Terus, basa umurna 20 taun, manéhna nyingkirkeun ibadah ka brahala ti Yuda. (Baca 2 Babad 34:1-3.) Yosia kacida sumangetna nyukakeun Yéhuwa leuwih ti raja-raja Yuda nu séjén. Hiji poé, imam agung nimu kitab Hukum Allah di bait. Bisa jadi ieu téh buku nu ditulis ku Musa sorangan! Waktu dibacakeun ku sékertarisna, Yosia sadar yén masih aya deui nu kudu dilakukeun ku manéhna dina ngawula ka Yéhuwa. Manéhna ogé ngajurung batur pikeun ngalakukeun nu sarua. Hasilna, ”rahayat ngabdi ka PANGERAN” sapanjang hirupna Yosia.​—2 Bab. 34:27, 33.

Yosia boga tékad pikeun nyukakeun Yéhuwa jeung langsung nyieun parobahan

19 Lamun Sadérék ngora kénéh, Sadérék bisa nyonto Yosia jeung bisa leuwih wanoh ka Yéhuwa. Yosia bisa jadi diajar ti Raja Ménasé, akina, nu geus tobat jeung dihampura ku Yéhuwa. Sadérék ogé bisa diajar ti nu leuwih kolot di kulawarga atawa di sidang. Maranéhna bisa nyaritakeun sakumaha bageurna Yéhuwa. Perhatikeun kumaha parasaan Yosia basa manéhna dibacakeun Kitab Hukum. Manéhna boga tékad pikeun nyukakeun Yéhuwa jeung langsung nyieun parobahan. Lamun Sadérék maca Alkitab, Sadérék ogé bisa boga tékad pikeun taat ka Yéhuwa. Hasilna, sosobatan Sadérék jeung Mantenna bakal leuwih kuat sarta Sadérék leuwih bagja. Terus, Sadérék bakal hayang ngawawar ngeunaan Yéhuwa ka batur. (Baca 2 Babad 34:18, 19.) Lamun diajar Alkitab, Sadérék bisa waé sadar yén masih aya deui nu bisa dilakukeun dina ngawula ka Yéhuwa. Ku kituna, upayakeun pikeun nyieun parobahan cara Yosia.

SING SAGEMBLENGNA HATÉ DINA NGAWULA KA YÉHUWA!

20, 21. (a) Naon sasaruaanana opat raja ieu? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Urang bisa diajar naon ti opat raja Yuda nu ngawula ka Yéhuwa ku sagemblengna haté? Maranéhna boga tékad pikeun nyukakeun Yéhuwa jeung ngabakti ka Mantenna saumur hirupna. Maranéhna ngandel ka Yéhuwa basa diserang ku musuh-musuh nu kuat. Nu pangpentingna, maranéhna ngawula ka Yéhuwa lantaran nyaah ka Mantenna.

21 Sanajan opat raja ieu teu sampurna jeung bisa salah, maranéhna kamanah ku Yéhuwa. Mantenna terang lamun maranéhna bener-bener nyaah ka Mantenna tina jero haté. Urang ogé teu sampurna jeung bisa salah. Tapi, urang bisa kamanah ku Yéhuwa lamun urang ngawula ka Mantenna ku sagemblengna haté. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas hikmah tina kasalahan opat raja ieu.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun