Naha Sadérék Nyonto Kaadilan Yéhuwa?
”Kami seja muji pajenengan PANGERAN . . . Allah maraneh satuhu sarta saestu.”—PAM. 32:3, 4.
1, 2. (a) Kateuadilan naon nu kaalaman ku Nabot jeung putra-putrana? (b) Dua sipat naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
HIJI priya dituding ngalakukeun kajahatan ku dua jalma bangkawarah. Éta téh tuduhan palsu. Éta priya dianggap salah jeung dihukum pati. Bayangkeun kumaha parasaan jalma-jalma nu cinta kaadilan basa ningali manéhna jeung putra-putrana dibalédogan ku batu nepi ka maot! Ieu téh bener-bener kajadian ka hamba Allah nu satia nu ngaranna Nabot. Manéhna hirup di jaman Raja Ahab maréntah Israil.—1 Rja. 21:11-13; 2 Rja. 9:26.
2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon nu kaalaman ku Nabot. Urang ogé bakal ngabahas conto hiji kokolot sidang Kristen di abad kahiji nu nyieun kasalahan gedé. Tina dua conto ieu, urang diajar lamun sipat rendah haté jeung resep ngahampura bisa ngabantu urang nyonto kaadilan Yéhuwa.
KATEUADILAN NU KACIDA
3, 4. Jalma nu siga kumaha Nabot téh, jeung ku naon manéhna teu daékeun ngajual kebon anggurna ka Raja Ahab?
3 Nabot hirup waktu kalolobaan urang Israil nuturkeun conto goréng ti Raja Ahab jeung pamajikanana nu jahat, Ratu Isebél. Maranéhna nyembah allah palsu Baal jeung teu ngajénan Yéhuwa sarta hukum-Na. Tapi, Nabot mah tetep satia sarta leuwih ngutamakeun sosobatanna jeung Yéhuwa ti batan hirupna sorangan.
4 Baca 1 Raja 21:1-3. Basa Ahab nawarkeun rék meuli kebon anggur Nabot atawa ngagantikeunana jeung kebon anggur nu leuwih alus, Nabot teu daékeun. Ku naon? Nabot ngajelaskeun ku cara nu sopan, ”Ieu kebon anggur gagaduhan teh pusaka ti karuhun. Paliyas kasanggakeun, PANGERAN henteu ngidinan.” Nabot teu daékeun lantaran ngajual tanah pusaka téh ngalanggar hukum Yéhuwa keur bangsa Israil. (Ima. 25:23; Bil. 36:7) Jadi, Nabot taat ka Yéhuwa.
5. Naon nu dilakukeun ku Isebél pikeun meunangkeun kebon anggur Nabot?
5 Lantaran ditolak, Raja Ahab jeung pamajikanana ngalakukeun hal nu telenges. Sangkan bisa meunangkeun kebon anggur éta, Ratu Isebél nitah dua lalaki pikeun nuding Nabot ngalakukeun kajahatan. Balukarna, Nabot jeung putra-putrana dipaéhan. Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa ningali kateuadilan nu kacida ieu?
KAADILAN ALLAH
6, 7. Naon nu némbongkeun lamun Yéhuwa cinta kaadilan, sarta ku naon éta bisa ngalilipur kulawarga jeung sobat Nabot?
6 Yéhuwa langsung ngutus Élias. Élias negor Ahab lamun manéhna téh geus mah maéhan, ngarampas pangaboga batur deuih. Naon hukuman ti Yéhuwa? Ahab, pamajikanana, jeung putra-putrana bakal dipaéhan, sakumaha Nabot jeung putra-putrana.—1 Rja. 21:17-25.
7 Kulawarga jeung sobat Nabot sedih ningali katelengesan Ahab. Tapi, maranéhna pasti kalilipur lantaran nyaho yén Yéhuwa ningali kateuadilan éta jeung langsung nyieun tindakan. Sanajan kitu, kajadian saterusna bisa nguji karendahan haté jeung kapercayaan maranéhna ka Yéhuwa.
Élias ngabéjaan Ahab yén Yéhuwa moal ngahukum manéhna lantaran manéhna geus ngarendahkeun diri
8. Kumaha sikep Ahab basa ngadéngé hukuman ti Yéhuwa, jeung kumaha hasilna?
8 Basa Ahab ngadéngé hukuman ti Yéhuwa, manéhna ”nyosoeh anggoanana bari tuluy dicuculan diganti ku karung. Teu kersa tuang, kulemna ge disasarap ku karung, alum liwung pinuh kaduhung”. Ahab ngarendahkeun dirina! Hasilna? Yéhuwa nyarios ka Élias, ”Ku sabab manehna geus nembongkeun kaduhungna, bahla teh ku Kami moal didatangkeun dina jaman manehna, engke bae dina jaman anakna kakara eta bahla teh ku Kami rek didatangkeun ka sakabeh kulawarga Ahab.” (1 Rja. 21:27-29; 2 Rja. 10:10, 11, 17) Yéhuwa nu bisa nguji haté jeung bisa ningali diri urang nu saenyana, welas asih ka Ahab.—Sil. 17:3.
KARENDAHAN HATÉ TÉH PANYALINDUNGAN
9. Ku naon karendahan haté jadi panyalindungan keur kulawarga jeung sobat Nabot?
9 Iman kulawarga jeung sobat Nabot diuji basa maranéhna ngadéngé lamun kulawarga Ahab moal bakal dihukum saméméh Ahab maot. Tapi, karendahan haté bisa nyalindungan iman maranéhna. Naon sababna? Lamun rendah haté, maranéhna bakal terus nyembah ka Yéhuwa jeung percaya yén Mantenna moal mungkin teu adil. (Baca Pamindo 32:3, 4) Dina mangsa kahareup, kulawarga Nabot bakal panggih jeung Nabot tur putra-putrana nu dihirupkeun deui. Maranéhna bakal narima kaadilan nu sampurna. (Ayub 14:14, 15; Yoh. 5:28, 29) Jalma nu rendah haté nyaho lamun ”sagala lampah urang boh hade boh goreng, najan anu rikip buni ge baris dipariksa ku Allah”. (Pan. 12:14) Yéhuwa geus nimbang-nimbang kabéh kanyataan nu teu dipikanyaho ku urang. Jadi, karendahan haté nyalindungan urang sangkan teu kaleungitan iman ka Yéhuwa.
Karendahan haté nyalindungan urang sangkan teu kaleungitan iman ka Yéhuwa
10, 11. (a) Kaayaan naon waé nu bisa nguji rasa adil urang? (b) Kumaha karendahan haté bisa nyalindungan urang?
10 Kumaha sikep Sadérék lamun teu ngarti atawa teu satuju kana putusan nu dijieun ku kokolot sidang? Contona, kumaha lamun Sadérék atawa jalma nu dipikaasih ku Sadérék kaleungitan hak istiméwa dines? Kumaha lamun batur hirup, budak, atawa sobat Sadérék dipecat sarta Sadérék teu satuju kana putusan ti kokolot? Kumaha lamun Sadérék yakin yén kokolot téh sakuduna mah teu ngahampura hiji jalma nu dosa? Kaayaan-kaayaan ieu bisa nguji iman urang ka Yéhuwa jeung kana carana sidang diorganisasi. Kumaha karendahan haté bisa nyalindungan Sadérék lamun nyanghareupan salah sahiji kaayaan ieu? Hayu urang bahas dua carana.
Kumaha sikep Sadérék lamun teu satuju kana putusan ti kokolot sidang? (Tingali paragrap 10, 11)
11 Kahiji, lamun urang rendah haté, urang bakal sadar yén urang teu nyaho kaayaan nu sabenerna. Sanajan urang yakin yén urang nyaho kaayaan nu sabenerna, ngan Yéhuwa nu terang eusi haté manusa. (1 Sam. 16:7) Ku kituna, urang bakal rendah haté jeung ngaku lamun urang teu nyaho sagala-galana sarta daék nyaluyukeun cara mikir urang. Kadua, lamun urang ningali atawa ngalaman kateuadilan, karendahan haté bakal mantuan urang pikeun taat jeung sabar ngadagoan Yéhuwa menerkeun kaayaanana. Ceuk Alkitab, ”Mun maneh sieun ku Allah tinangtu mulus rahayu,” tapi ”nu jahat mah moal jamuga . . . bakal paeh ngora-ngora.” (Pan. 8:12, 13) Lamun urang tetep rendah haté, urang jeung saha waé nu kalibet bakal diberkahan.—Baca 1 Petrus 5:5.
LAMUN AYA KAMUNAPÉKAN DI SIDANG
12. Kisah naon nu bakal dibahas ayeuna, jeung naon tujuanana?
12 Urang Kristen abad kahiji di Antioki Siria nyanghareupan kaayaan nu nguji karendahan haté jeung karélaan maranéhna pikeun ngahampura. Hayu urang bahas kisahna bari mariksa pandangan urang ngeunaan ngahampura. Ku kituna, urang bakal paham naon patalina sipat réla ngahampura jeung kaadilan Yéhuwa.
13, 14. Tugas naon nu dipiboga ku Pétrus, jeung kumaha manéhna némbongkeun kawani?
13 Lolobana urang Kristen abad kahiji geus wanoh ka Rasul Pétrus. Manéhna téh deukeut jeung Yésus sarta dibéré tugas-tugas penting. (Mat. 16:19) Contona dina taun 36 M, Pétrus ditugaskeun pikeun ngawawar ka Kornélius jeung rumah tanggana. Ku naon ieu téh istiméwa? Lantaran Kornélius téh urang kapir nu teu disunat. Basa Kornélius jeung rumah tanggana narima roh suci, Pétrus nyaho lamun maranéhna bisa dibaptis sabagé urang Kristen. Ceuk manéhna, ”Ieu dulur-dulur geus narampa Roh Suci cara urang. Saha anu bisa ngahalang-halang lamun ayeuna dibaptis ku cai?”—Ras. 10:47.
14 Dina taun 49 M, para rasul jeung kokolot musawarah pikeun mutuskeun naha urang Kristen ti bangsa séjén perlu disunat atawa henteu. Basa éta, Pétrus wani ngomong yén manéhna ningali sorangan lamun jalma nu teu disunat ti bangsa séjén narima roh suci. Pangalaman Pétrus ieu ngabantu badan pingpinan nyieun putusan. (Ras. 15:6-11, 13, 14, 28, 29) Urang Kristen, boh nu Yahudi boh nu ti bangsa séjén, bungah lantaran Pétrus wani nyaritakeun hal éta. Maranéhna tangtu percaya pisan ka Pétrus nu satia jeung kuat imanna! —Ibr. 13:7.
15. Basa di Antioki Siria, Pétrus nyieun salah naon? (Tingali gambar dina awal artikel.)
15 Teu lila sanggeus musawarah di Yérusalém, Pétrus indit ka Antioki Siria. Basa di dinya, manéhna campur gaul jeung dulur-dulur ti bangsa séjén. Maranéhna tangtu resep pisan bisa diajar ti Pétrus nu boga loba pangaweruh jeung pangalaman. Tapi, maranéhna reuwas jeung nyeri haté basa Pétrus ujug-ujug teu daék dahar babarengan deui jeung maranéhna. Urang Kristen Yahudi séjénna, kaasup Barnabas, ogé kapangaruhan. Ku naon kokolot nu kuat iman ieu bisa nyieun kasalahan gedé nu bisa ngaruksak karukunan sidang? Nu leuwih penting, urang bisa diajar naon tina kasalahan Pétrus, hususna lamun dinyenyeri ku omongan atawa tindakan saurang kokolot?
Kumaha sikep urang Kristen ti bangsa séjén nu dinyenyeri ku Pétrus?
16. Kumaha Pétrus ditegor? Terus, muncul pananya-pananya naon?
16 Baca Galata 2:11-14. Pétrus sieun ka manusa. (Sil. 29:25) Pétrus sabenerna mah paham kumaha pandangan Yéhuwa ka jalma-jalma ti bangsa séjén. Tapi, manéhna sieun dianggap rendah ku urang Kristen Yahudi nu datang ti Yérusalém lamun katingali keur campur gaul jeung urang Kristen ti bangsa séjén. Rasul Paulus negor Pétrus lantaran geus munapék. Padahal mah basa musawarah di Yérusalém taun 49 M, Pétrus buméla pisan ka jalma-jalma ti bangsa séjén. (Ras. 15:12; Gal. 2:13) Kumaha sikep urang Kristen ti bangsa séjén nu dinyenyeri ku Pétrus? Naha maranéhna bakal kuciwa? Naha hak istimewa Pétrus bakal dicopot?
SING RESEP NGAHAMPURA
17. Naon buktina Pétrus dihampura ku Yéhuwa?
17 Pétrus rendah haté narima tegoran Paulus. Alkitab teu nyebutkeun lamun Pétrus kaleungitan hak istiméwana. Malah ka dieunakeun, manéhna diilhamkeun pikeun nulis dua surat nu jadi bagian Alkitab. Dina surat nu kadua, manéhna nyebut Paulus sabagé ”dulur sim kuring”. (2 Pet. 3:15) Tangtu kalakuan Pétrus nganyerikeun haté urang Kristen ti bangsa séjén. Tapi, Yésus salaku kapala sidang terus ngagunakeun manéhna. (Epe. 1:22) Harita, sadérék-sadérék di sidang bisa nyonto ka Yésus jeung Yéhuwa ku cara ngahampura Pétrus. Mugia teu aya saurang gé nu kuciwa ku kasalahan hiji jalma nu teu sampurna.
18. Dina kaayaan naon urang kudu nyonto kaadilan Yéhuwa?
18 Sakumaha di sidang Kristen abad kahiji, di sidang Kristen kiwari gé teu aya kokolot nu sampurna. Ceuk Alkitab, ”Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan.” (Yak. 3:2) Urang nyaho kana hal ieu, tapi kumaha lamun urang sorangan ngalaman kanyeri lantaran kateusampurnaan batur? Naha urang bakal nyonto kaadilan Yéhuwa? Misalna, Sadérék bakal kumaha lamun aya kokolot nu omonganana siga ngagogoréng hiji kelompok? Naha Sadérék bakal kuciwa lamun aya kokolot nu asal ngomong nepi ka nganyenyeri Sadérék? Ti batan buru-buru mikir lamun manéhna téh teu layak jadi kokolot, naha Sadérék bakal sabar ngadagoan Yésus, kapala sidang, nu ngaréngsékeun masalahna? Ti batan terus mikirkeun masalahna, naha Sadérék bisa inget kana kasatiaan kokolot éta, nu geus mangtaun-taun ngawula? Lamun manéhna tetep jadi kokolot jeung narima leuwih loba tugas, naha Sadérék bakal milu bungah? Lamun Sadérék réla ngahampura, éta hartina Sadérék nyonto kaadilan Yéhuwa.—Baca Mateus 6:14, 15.
19. Naon tékad urang?
19 Lantaran urang cinta kana kaadilan, urang miharep pisan mangsana Yéhuwa bakal ngaleungitkeun kabéh kateuadilan nu dilantarankeun ku Sétan jeung dunyana nu jahat. (Yes. 65:17) Ayeuna mah, lamun ngalaman kateuadilan, sing rendah haté jeung sadar lamun urang téh teu nyaho kaayaan nu sabenerna. Sing réla ngahampura batur. Ku kituna, urang bisa nyonto kaadilan Yéhuwa.