PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w17 Juli kaca 9-14
  • ”Milu Ceurik ka nu Ceurik”

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • ”Milu Ceurik ka nu Ceurik”
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • YÉHUWA ”MAPARIN KATEGERAN HATE”
  • YÉSUS OGÉ PAHAM KANA PARASAAN URANG
  • PANGLILIPUR TI KITAB SUCI
  • SIDANG TÉH SUMBER PANGLILIPUR NU SAJATI
  • ULAH EUREUN NGALILIPUR
  • Yéhuwa téh Allah nu ”Maparin Kategeran Hate”
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
  • Nyadiakeun Panglilipur pikeun Korban Kajahatan Séksual
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Yéhuwa Sumber Panglipur dina Sagala Kasusah
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
w17 Juli kaca 9-14
Jalma-jalma di ruang tunggu rumah sakit nu keur sedih jeung guligah

”Milu Ceurik ka nu Ceurik”

”Heug . . . silih tegeran, silih tulungan jeung batur.”​—1 TES. 5:11.

KAWIH: 121, 75

NAHA SADÉRÉK INGET?

  • Kumaha carana Yéhuwa ngalilipur urang?

  • Ayat-ayat naon nu bisa ngalilipur nu dikantunkeun?

  • Kumaha carana sidang bisa ngalilipur nu dikantunkeun?

1, 2. Ku naon urang perlu ngabahas carana ngalilipur jalma nu dikantunkeun? (Tingali gambar dina awal artikel.)

SUSI nyarita, ”Ampir sataun sanggeus anak kuring maot, kuring duaan kasiksa ku kasedih nu kacida.” Hiji sadérék nu ngadadak dikantunkeun ku pamajikanana ngarasakeun ”nyeri awak nu hésé dijelaskeun”. Hanjakalna, ieu téh kaalaman ku loba jalma. Di sidang Kristen kiwari, sadérék-sadérék urang teu ngarepkeun jalma nu dipikaasihna maot saméméh Armagédon. Tapi, bisa waé jalma nu dipikaasih ku Sadérék maot atawa Sadérék apal aya nu dikantunkeun. Lamun kitu, kumaha jalma nu dikantunkeun bisa kalipur?

2 Aya nu ngomong yén waktu bisa nyageurkeun sagala kanyeri. Tapi, naha salawasna kitu? Hiji randa ngomong, ”Keur kuring mah, nu leuwih bisa nyageurkeun téh nyaéta naon nu urang lakukeun di sapanjang waktu éta.” Butuh waktu jeung perhatian pikeun nyageurkeun tatu dina awak, kitu ogé jeung nyageurkeun kasusah haté. Naon nu bisa ngurangan kasusah haté maranéhna nu dikantunkeun?

YÉHUWA ”MAPARIN KATEGERAN HATE”

3, 4. Naon nu nunjukkeun lamun Yéhuwa paham kana kasedih urang?

3 Yéhuwa, Bapa nu welas asih, sumber utama panglilipur. (Baca 2 Korinta 1:3, 4.) Mantenna conto pangunggulna dina némbongkeun rasrasan. Mantenna jangji ka umat-Na, ”Ieu Kami anu mere kakuatan ka maraneh.”​—Yes. 51:12; Jab. 119:50, 52, 76.

Yéhuwa sono sarta hoyong ngahirupkeun deui hamba-Na nu satia

4 Bapa Yéhuwa gé pernah dikantunkeun ku hamba-Na nu dipikanyaah, saperti Ibrahim, Ishak, Yakub, Musa, jeung Raja Daud. (Bil. 12:6-8; Mat. 22:31, 32; Ras. 13:22) Alkitab nunjukkeun yén Yéhuwa sono ka maranéhna sarta hoyong ngahirupkeun deui hamba-hamba-Na ieu. (Ayub 14:14, 15) Dina mangsana engké, maranéhna bakal bagja jeung séhat sampurna. Yéhuwa ogé pernah dikantunkeun ku Putra cikal-Na. Alkitab nyebutkeun yén Yésus téh ”sumber kasugemaan manah [Allah]”. (Sil. 8:22, 30) Urang moal bisa ngabayangkeun sakumaha peurihna manah Yéhuwa basa ningali Putra-Na maot dikaniaya.​—Yoh. 5:20; 10:17.

5, 6. Kumaha cara Yéhuwa ngalilipur urang?

5 Urang bisa bener-bener yakin yén Yéhuwa bakal nulungan urang. Jadi, tong asa-asa dina ngadoa ka Mantenna jeung ngungkabkeun kanalangsaan tur kasedih urang. Urang jadi tengtrem lantaran nyaho Yéhuwa paham kana parasaan urang jeung bakal ngalilipur urang. Kumaha cara Yéhuwa ngalilipur urang?

6 Salah sahijina, Yéhuwa masihan roh suci ka urang. (Ras. 9:31) Yésus jangji yén Bapa urang bakal masihan roh suci nu bisa ngalilipur saha waé nu nyuhunkeunana. (Luk. 11:13) Susi, nu disebutkeun saacanna, nyarita, ”Teu kaitung lobana kuring duaan sideku tur sasambat ka Yéhuwa nyuhunkeun panglilipur-Na. Unggal-unggal, kuring ngarasakeun katengtreman ti Allah nu ngajaga haté jeung pikiran kuring.”​—Baca Pilipi 4:6, 7.

YÉSUS OGÉ PAHAM KANA PARASAAN URANG

7, 8. Naon nu nunjukkeun yén Yésus bakal ngalilipur urang?

7 Basa keur di bumi, sagala ucap jeung lampah Yésus némbongkeun sipat-sipat hadé Bapana kalawan sampurna. (Yoh. 5:19) Yéhuwa ngutus Yésus ka bumi pikeun ngalilipur ”anu hatena remuk” jeung ”nu prihatin”. (Yes. 61:1, 2; Luk. 4:17-21) Karasa ku jalma-jalma yén Yésus paham kana kasangsaraan maranéhna jeung hayang pisan nulungan maranéhna.​—Ibr. 2:17.

8 Basa Yésus ngora kénéh, bisa jadi aya sobat jeung kulawargana nu maot. Contona, bisa jadi Yusup, bapana Yésus di bumi, maot waktu Yésus ngora kénéh.a (Tingali catetan handap.) Bayangkeun sakumaha beuratna budak ngora nu nyaahan ieu basa nandangan kasedihna sorangan ogé kasedih indung tur adi-adina.

9. Kumaha Yésus nunjukkeun rasrasan basa Lasarus maot?

9 Salila palayananana, Yésus nunjukkeun yén anjeunna paham sarta boga rasrasan ka manusa. Misalna, basa sobatna, Lasarus, maot, Yésus ngarasakeun kapeurih nu dialaman ku Maria jeung Marta nepi ka milu ceurik, sanajan nyaho yén anjeunna bakal ngahirupkeun deui Lasarus.​—Yoh. 11:33-36.

10. Ti mana urang yakin yén Yésus paham kana parasaan urang kiwari?

10 Kumaha urang bisa dililipur ku kekecapan Yésus baheula? Alkitab ngajéntrékeun lamun Yésus teu barobah, ”Yesus Kristus mah tetep teu barobah, bareto, ayeuna, pageto.” (Ibr. 13:8) Anjeunna nu ”nuyun manusa supaya manusa hirup” langgeng. Lantaran Yésus geus ngarasakeun sorangan sedihna dikantunkeun, ”anjeunna iasa nulung ka sakur anu keuna ku cocoba”. (Ras. 3:15; Ibr. 2:10, 18) Jadi, urang bisa yakin yén ayeuna Yésus masih ngaraskeun kapeurih batur. Anjeunna paham kana kasedih urang, jeung bisa méré panglilipur ”samangsa urang perlu”.​—Baca Ibrani 4:15, 16.

PANGLILIPUR TI KITAB SUCI

11. Ayat mana nu hususna ngalilipur Sadérék?

11 Catetan ngeunaan Yésus nu milu sedih lantaran Lasarus maot téh ngan salah sahiji ti loba ayat Alkitab nu ngalilipur urang. Mémang, ”anu ditulis dina Kitab Suci teh kabeh oge maksudna ngajar urang, kudu sabar tawekal supaya urang ulah nepi ka pegat harepan”. (Rum 15:4) Lamun Sadérék keur sedih lantaran dikantunkeun, Sadérék bisa manggihan panglilipur nu nengtremkeun haté tina ayat-ayat ieu:

  • ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.”​—Jab. 34:19, 20.

  • ”Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.”​—Jab. 94:19.

  • ”Mugi-mugi Gusti urang Yesus Kristus, kitu deui Allah Rama urang anu mikawelas mikaasih, maparin panglilipur, katabahan jeung kamantepan, supaya aranjeun salawasna teuneung jeung ludeung.”​—2 Tes. 2:16, 17.b—Tingali catetan handap.

SIDANG TÉH SUMBER PANGLILIPUR NU SAJATI

12. Kumaha urang bisa ngalilipur batur?

12 Nu keur saredih dikantunkeun ogé bisa meunang panglilipur ti sidang. (Baca 1 Tesalonika 5:11.) Kumaha Sadérék bisa nguatkeun jeung ngalilipur maranéhna nu ”nguluwut bae”? (Sil. 17:22) Inget yén ”aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita”. (Pan. 3:7) Hiji randa nu ngaranna Dalene ngajelaskeun yén jalma nu sedih dikantunkeun kudu ngungkabkeun pikiran jeung parasaanana. Jadi, nu paling penting téh nyaéta Sadérék ngaregepkeun manéhna, ulah motong. Junia, nu lanceukna bunuh diri nyarita, ”Sanajan Sadérék teu bener-bener paham kana kasedih maranéhna, nu penting mah Sadérék hayang paham kana parasaan maranéhna.”

13. Naon nu kudu diinget ku urang ngeunaan kasedih?

13 Urang kudu inget yén kasedih unggal jalma jeung cara ngungkabkeunana téh béda-béda. Sakapeung, hésé pisan rék ngajéntrékeun sakumaha parahna kapeurih urang. Ceuk Alkitab, ”Suka keur sorangan, duka keur sorangan, batur mah mo bisa milu ngarasakeun.” (Sil. 14:10) Sanajan hiji jalma geus ngungkabkeun parasaanana, teu gampang keur nu séjén pikeun paham naon maksudna.

Biasana, nu paling mangpaat téh nyaéta ”milu ceurik ka nu ceurik”

14. Naon nu bisa diomongkeun ka jalma nu keur sedih?

14 Urang bisa jadi bingung rék ngomong naon ka jalma nu keur sedih. Tapi ceuk Alkitab, ”Omongan anu make akal budi mah jadi tamba.” (Sil. 12:18) Loba nu nyaritakeun panglilipur tina brosur Bila Seseorang yang Anda Kasihi Meninggal.c (Tingali catetan handap.) Tapi biasana, nu paling mangpaat téh nyaéta ”milu ceurik ka nu ceurik”. (Rum 12:15) Gaby, nu dikantunkeun ku salakina, ngomong yén sakapeung hiji-hijina cara pikeun ngungkabkeun parasaanana téh nyaéta ceurik. Ceuk Gaby, ”Eta sababna kuring kalipur lamun aya batur nu milu ceurik. Kuring jadi teu ngarasa sedih sorangan.”

15. Lamun urang ngarasa hésé ngomong langsung, kumaha urang bisa ngalilipur batur? (Tingali ogé kotak ”Panglilipur nu Nengtremkeun Haté”.)

15 Lamun Sadérék ngarasa hésé ngomong langsung, Sadérék bisa ngirimkeun kartu, e-mail, SMS, atawa surat. Sadérék bisa nyutat ayat nu ngalilipur, nyebutkeun sipat hadé almarhum, atawa nyaritakeun pangalaman nu ngabungahkeun jeung almarhum. Ceuk Junia, ”Kuring kabantu pisan lamun narima pesen singget nu nguatkeun atawa lamun aya nu ngondang ririungan. Kuring jadi ngarasa dipikanyaah jeung diperhatikeun.”

16. Naon cara nu alus pikeun ngalilipur batur?

16 Doa-doa urang bisa nguatkeun sadérék-sadérék nu keur sedih. Urang bisa ngadoakeun atawa doa bareng jeung maranéhna. Sanajan éta bisa jadi teu gampang lantaran Sadérék sieun ceurik pas keur ngadoa, doa Sadérék nu sapinuh haté bisa bener-bener ngalilipur maranéhna. Dalene inget, ”Lamun aya sadérék-sadérék istri nu datang ngalilipur, kuring sakapeung ménta lamun aya nu bisa ngadoakeun kuring. Basa ngadoa, mimitina asa kararagok. Tapi biasana, sanggeus sababaraha kalimah, sora manéhna jadi beuki mantep jeung eusi doana sapinuh haté. Iman, kaasih, jeung perhatian maranéhna nguatkeun iman kuring.”

ULAH EUREUN NGALILIPUR

17-19. Ku naon urang kudu terus nyadiakeun panglilipur?

17 Urang moal bisa ngira-ngira sabaraha lila sedihna saurang jalma. Basa kakara dikantunkeun ku nu dipikanyaah, loba sobat jeung kulawarga nu datang ngalilipur. Tapi dina bulan-bulan sanggeusna ogé, nu dikantunkeun téh tetep butuh dukungan. Jadi, Sadérék kudu siap méré dukungan. ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?” (Sil. 17:17) Urang kudu terus méré panglilipur salila manéhna ngabutuhkeun urang.​—Baca 1 Tesalonika 3:7.

18 Inget lamun nu dikantunkeun bisa ujug-ujug kaserang ku kasedih. Ieu bisa waé lantaran ulang taun perkawinan, hiji lagu, poto, kagiatan, atawa malahan bau, sora, atawa usum nu lumangsung. Randa atawa duda bisa ngarasa sedih pisan basa keur mimiti ngalakukeun hiji kagiatan sorangan, misalna hadir di kongrés atawa di Pangéling-ngéling. Hiji sadérék nyarita, ”Kuring geus ngabayangkeun lamun kuring bakal nalangsa di ulang taun perkawinan nu bakal datang, jeung bener wé, éta téh teu gampang. Tapi, sababaraha sadérék ngayakeun ririungan jeung sobat-sobat kuring sangkan kuring teu nyorangan.”

19 Inget ogé yén nu dikantunkeun téh butuh dukungan lain ngan dina waktu-waktu husus. ”Seringna, nu paling mangpaat téh lamun kuring dibantu jeung dibaturan lain dina poé-poé husus. Kuring kalipur jeung ngahargaan pisan bantuan nu spontan,” ceuk Junia. Mémang, urang teu bisa ngaleungitkeun kabéh kasedih atawa kakosongan ku lantaran maotna nu dipikanyaah. Tapi, urang bisa ngalilipur ku cara prak nulungan manéhna. (1 Yoh. 3:18) Ceuk Gaby, ”Kuring nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa tos nyadiakeun para kokolot nu maturan kuring dina unggal kaayaan sulit. Ku lantaran maranéhna, kuring jadi ngarasakeun tangtayungan Yéhuwa.”

20. Naon jangji Yéhuwa nu nengtremkeun urang?

20 Urang jadi tengtrem lantaran nyaho yén Yéhuwa, sumber panglilipur, bakal nyirnakeun kabéh kasedih basa aya pihudangeunana nu maot. (Yoh. 5:28, 29) Allah jangji, ”PANGERAN Nu Maha Agung bakal numpes ajal maot sina sirna salalawasna! Cipanon ku Mantenna bakal disusut ti unggal panon.” (Yes. 25:8) Engké mah ti batan ”milu ceurik ka nu ceurik”, unggal jalma bakal ”milu bagja ka nu meunang bagja”.​—Rum 12:15.

a Numutkeun Alkitab, Yusup hirup kénéh basa Yésus keur 12 taun. Tapi, Yusup teu disebut-sebut basa Yésus ngalakukeun mujijatna nu mimiti, nyaéta ngarobah cai jadi anggur, kitu ogé sanggeusna. Bisa jadi, Yusup geus maot. Basa keur di tihang siksaan, Yésus nitipkeun indungna ka Rasul Yohanes. Yésus moal kitu lamun Yusup hirup kénéh.​—Yoh. 19:26, 27.

b Ayat-ayat séjénna nu ngalilipur urang nyaéta Jab. 20:2, 3; 31:8; 38:9, 10, 16; 55:23; 121:1, 2; Yes. 57:15; 66:13; Pil. 4:13; jeung 1 Pet. 5:7.

c Tingali ogé artikel ”Hiburlah Yang Berduka, seperti Yesus” di Menara Pengawal 1 Nopémber 2010.

KATERANGAN TAMBAHAN

  • Rasrasan: Kamampuh pikeun milu ngarasakeun kapeurih batur siga urang nu keur ngalaman. Urang ngupayakeun paham kana parasaan manéhna. Lamun urang boga rasrasan, urang bakal ngaregepkeun, sabar, jeung méré bantuan nu dibutuhkeun ku manéhna.

Hiji jalma nuliskeun ayat nu ngalilipur dina kartu

Panglilipur nu Nengtremkeun Haté

Ieu téh panglilipur nu ditulis ku sababaraha sadérék keur nu dikantunkeun:

  • ”Kuring ngan bisa ngucapkeun nyaah ka anjeun. Kuring teu bener-bener paham kumaha parasaan anjeun, tapi Yéhuwa pasti paham jeung bakal negerkeun anjeun. Mugia doa-doa kuring bisa ngabantu.”

  • ”Mugia Yéhuwa nguatkeun anjeun sangkan bisa nandangan kasusah ieu.”

  • ”Mugia anjeun kalipur lantaran terang nu dipikanyaah ku anjeun tetep hirup dina émutan Allah, nu émut kana sagala hal jeung bakal ngahirupkeun deui anjeunna.”

  • ”Kakasih anjeun moal sakali-kali deui nyangharepan musuh manusa, nyaéta maot. Kasatiaan anjeunna bakal terus diinget nepi ka waktuna urang patepang deui sareng anjeunna di Pirdaus.”

  • ”Kekecapan moal bisa ngagambarkeun kapeurih anjeun nu dikantunkeun ku kakasih, tapi urang ngadago-dago mangsana kekecapan moal bisa ngagambarkeun kabungah urang basa Bapa Yéhuwa ngahirupkeun deui kakasih anjeun.”

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun