Pék Mekarkeun Kadali Diri
”Anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah . . . nahan napsu.”—GAL. 5:22, 23.
1, 2. (a) Naon balukarna lamun kurang kadali diri? (b) Naon sababna urang perlu ngabahas sipat kadali diri?
KADALI DIRI téh sipat Yéhuwa. Mantenna bisa mantuan urang miboga sipat ieu. (Gal. 5:22, 23) Kadali diri Yéhuwa mah sampurna, tapi lantaran urang teu sampurna, urang kudu bajoang pikeun ngadalikeun diri. Sabenerna, kurang kadali diri nyababkeun loba masalah ayeuna. Saurang jalma bisa jadi ngaengké-engké tugas nu penting, teu bener digawéna, atawa teu bener diajarna di sakola. Kurang kadali diri ogé ngabalukarkeun omongan kasar, pamabokan, kakerasan, pepegatan, hutang, kacanduan, dipanjara, sangsara sacara émosi, panyakit liwat hubungan séks, jeung boga anak nu teu dipikahayang.—Jab. 34:12-15.
2 Jalma nu teu boga kadali diri bisa nyababkeun masalah keur dirina sorangan sarta batur. Beuki dieu, jalma-jalma beuki teu bisa ngadalikeun diri. Ieu lain hal nu anéh sabab Firman Allah geus nganubuatkeun yén dina ”ahir jaman”, loba jalma bakal ngumbar napsu atawa teu boga kadali diri.—2 Tim. 3:1-3.
3. Ku naon urang kudu ngadalikeun diri?
3 Ku naon urang kudu ngadalikeun diri? Aya dua alesan penting. Kahiji, jalma nu bisa ngadalikeun parasaan jeung émosina biasana teu boga loba masalah. Manéhna ogé bisa boga hubungan nu alus jeung batur sarta teu gampang ambek, hariwang, atawa strés. Kadua, sangkan tetep jadi sobat Allah, urang kudu bisa ngalawan gogoda jeung ngadalikeun hasrat nu salah. Éta nu gagal dilampahkeun ku Adam jeung Hawa. (Kaj. 3:6) Kawas maranéhna, loba jalma ayeuna kabeulit masalah gedé lantaran teu bisa ngadalikeun diri.
4. Ku naon jalma-jalma nu keur bajoang ngadalikeun hasrat nu salah bisa gedé haté?
4 Yéhuwa paham urang téh teu sampurna jeung kudu bajoang pikeun ngadalikeun diri. Tapi, Mantenna hayang ngabantu urang pikeun ngadalikeun hasrat nu salah. (1 Rja. 8:46-50) Sabagé Sobat nu nyaah ka urang, Mantenna nguatkeun jalma-jalma nu sakapeung ngarasa hésé ngadalikeun parasaan jeung hasratna. Dina artikel ieu, urang bakal diajar tina conto Yéhuwa. Urang ogé bakal ngabahas conto-conto séjén tina Alkitab, boh nu hadé boh nu goréng, sarta saran-saran nu bisa dilampahkeun ku urang.
YÉHUWA MASIHAN TULADAN
5, 6. Yéhuwa masihan tuladan naon dina ngadalikeun diri?
5 Kadali diri Yéhuwa téh sampurna sabab Mantenna sampurna dina sagala hal. (Pam. 32:4) Urang mémang teu sampurna, sanajan kitu, urang tetep perlu nalungtik tuladan Yéhuwa sangkan urang bisa nyaho sikep nu bener lamun aya nu ngajéngkélkeun urang. Naha Sadérék inget sababaraha conto kadali diri Yéhuwa?
Kadali diri Yéhuwa téh sampurna sabab Mantenna sampurna dina sagala hal
6 Pék pikirkeun kumaha sikep Yéhuwa basa Sétan barontak di Éden. Tuduhan Sétan tangtu nyababkeun kabéh hamba Allah nu satia di sawarga jadi reuwas, keuheul, jeung ijid ka Sétan. Bisa jadi Sadérék ogé ngarasa kitu lamun ngabayangkeun kasangsaraan nu dibalukarkeun ku Sétan. Tapi, sikep Yéhuwa henteu kaleuleuwihi. Mantenna ngaréngsékeun éta masalah ku cara nu bener. Mantenna teu gancang ambek sarta adil dina ngaréngsékeun masalah jeung Sétan. (Bud. 34:6; Ayub 2:2-6) Yéhuwa masih kénéh sabar lantaran Mantenna teu hoyong saurang-urang acan dibinasakeun, tapi ”kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana”.—2 Pet. 3:9.
7. Urang diajar naon ti tuladan Yéhuwa?
7 Ti tuladan Yéhuwa, urang diajar yén urang kudu mikir heula saacanna ngomong sarta ulah gagabah. Jadi, basa Sadérék rék nyieun putusan nu penting, sadiakeun waktu keur mikir. Pék doa nyuhunkeun hikmat sangkan ucap jeung lampah urang bener. (Jab. 141:3) Lamun urang keur ambek atawa keuheul, gampang pisan urang jadi gagabah. Éta sababna loba nu kaduhung geus gagabah!—Sil. 14:29; 15:28; 19:2.
CONTO NU HADÉ JEUNG GORÉNG TI HAMBA-HAMBA ALLAH
8. (a) Di mana urang bisa meunangkeun conto alus ngeunaan kadali diri? (b) Naon sababna Yusup bisa nolak gogoda ti pamajikan Potipar? (Tingali gambar dina awal artikel.)
8 Conto Alkitab mana nu nandeskeun pentingna kadali diri? Bisa jadi Sadérék inget ka Yusup, anakna Yakub. Manéhna nolak gogoda di tempat gawéna di imah Potipar, kapala kawal karaton Piraon. Ku sabab Yusup téh ”nya kasep nya tegep dedeganana”, pamajikan Potipar kapincut jeung sababaraha kali ngagoda manéhna. Ku naon Yusup bisa nolak gogoda éta? Bisa jadi manéhna mikirkeun heula balukarna lamun nyerah kana gogoda éta. Basa gep, éta awéwé ngabetot pakéanana, Yusup kabur. Ceuk manéhna, ”Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.”—Kaj. 39:6, 9; baca Siloka 1:10.
Pék doa ka Yéhuwa nyuhunkeun hikmat jeung kadali diri pikeun ngalawan gogoda
9. Kumaha Sadérék bisa nyiapkeun diri pikeun nolak gogoda?
9 Urang bisa diajar naon ti conto Yusup? Urang kudu ngalawan lamun digoda sina ngalanggar hukum Allah. Sateuacan jadi Saksi Yéhuwa, aya nu kudu bajoang ngaleungitkeun kabiasaan dahar jeung nginum kaleuleuwihi, ngudud, nyalahgunakeun narkoba, rucah, jeung sajabana. Sanggeus dibaptis gé maranéhna sakapeung osok kagoda deui. Lamun éta kaalaman ku Sadérék, pikirkeun kumaha jadina sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa lamun nyerah kana gogoda. Pikirkeun ogé dina kaayaan naon waé Sadérék bisa kagoda jeung kumaha nyingkahanana. (Jab. 26:4, 5; Sil. 22:3) Lamun Sadérék ngalaman gogoda siga kitu, geura ngadoa ka Yéhuwa nyuhunkeun hikmat jeung kadali diri.
10, 11. (a) Naon nu kaalaman ku barudak ngora di sakola? (b) Naon nu bisa ngabantu barudak ngora Saksi sangkan bisa nolak gogoda pikeun ngalanggar hukum Allah?
10 Kiwari, loba budak ngora Saksi ngalaman gogoda nu siga Yusup, misalna Kim. Babaturan sakelasna osok susumbar ngeunaan hubungan séks maranéhna di ahir minggu. Kim teu boga picaritaeun. Kim ngaku yén sakapeung manéhna jadi ngarasa anéh sorangan. Ceuk babaturanana, manéhna téh bodo lantaran teu bobogohan. Tapi, saenyana Kim téh bijaksana. Manéhna apal yén basa keur ngora, gogoda kana séks téh kuat pisan. (2 Tim. 2:22) Babaturanana osok nanya ka Kim naha manéhna parawan kénéh. Éta jadi kasempetan pikeun ngajelaskeun alesan manéhna henteu ngalakukeun hubungan séks. Urang reueus ka barudak ngora nu tékad pikeun nolak gogoda. Yéhuwa ogé tangtu reueus!
11 Dina Alkitab ogé aya conto jalma-jalma anu nyerah kana gogoda ngalakukeun hubungan séks nu salah. Alkitab ogé nunjukkeun balukarna lamun urang teu boga kadali diri. Lamun Sadérék nyanghareupan gogoda kawas Kim, pikirkeun budak ngora nu dicaritakeun di Siloka pasal 7. Pikirkeun ogé ngeunaan Amnon jeung kasusahan nu dibalukarkeun ku laku lampahna. (2 Sam. 13:1, 2, 10-15, 28-32) Kolot bisa mantuan barudakna mekarkeun kadali diri jeung hikmat ku cara ngabahas conto-conto ieu dina ibadah kulawarga.
12. (a) Kumaha Yusup ngadalikeun parasaanana di hareupeun dulur-dulurna? (b) Dina kaayaan naon waé urang kudu ngadalikeun parasaan urang?
12 Yusup ogé jadi tuladan kadali diri dina kaayaan séjénna, nyaéta basa dulur-dulurna datang ka Mesir pikeun meuli dahareun. Sangkan bisa paham pipikiran maranéhna, Yusup teu méré nyaho lamun manéhna téh dulurna. Basa manéhna teu bisa nahan deui parasaanana, manéhna indit, ceurik sorangan. (Kaj. 43:30, 31) Lamun aya nu ngajéngkélkeun Sadérék, conto Yusup bisa ngabantu Sadérék ngadalikeun diri sangkan teu salah ngomong atawa salah lampah. (Sil. 16:32; 17:27) Atawa, lamun aya baraya nu dipecat, kadali diri bisa ngabantu Sadérék sangkan teu kontak jeung manéhna. Éta téh mémang hésé. Tapi, lamun Sadérék inget yén Sadérék keur nyonto Yéhuwa jeung ngalampahkeun paréntah-Na, éta bakal jadi leuwih gampang.
Urang teu meunang percaya diri teuing, ngarasa moal bakal kagoda
13. Urang bisa diajar naon tina kahirupan Raja Daud?
13 Urang ogé bisa diajar ti conto Daud. Basa Saul jeung Siméi mancing-mancing émosi manéhna, Daud teu ambek atawa ngagunakeun kawasana pikeun ngalawan maranéhna. (1 Sam. 26:9-11; 2 Sam. 16:5-10) Tapi, Daud ogé teu salawasna bisa ngadalikeun diri. Contona, basa manéhna ngalakukeun dosa jeung Batséba sarta basa rék merangan Nabal nu sarakah. (1 Sam. 25:10-13; 2 Sam. 11:2-4) Urang bisa meunang palajaran penting ti Daud. Kahiji, para pangawas di sidang hususna perlu ngadalikeun diri sangkan teu nyalahgunakeun wewenang. Kadua, urang teu meunang percaya diri teuing, ngarasa moal bakal kagoda.—1 Kor. 10:12.
NU BISA DILAMPAHKEUN KU URANG
14. Naon nu kaalaman ku saurang sadérék, sarta ku naon sikep urang dina kaayaan siga kitu téh penting?
14 Sadérék kudu kumaha sangkan bisa mekarkeun sipat ieu? Pikirkeun pangalaman Luigi. Mobil manéhna ditubruk ti tukang ku mobil séjén. Sanajan lain manéhna nu salah, lalaki nu nubruk téh kalah ka gogorowokan, ngajak gelut. Luigi doa ka Yéhuwa sangkan tetep kalem, sarta ngarépéhkeun éta lalaki. Tapi, manéhna terus waé gogorowokan. Jadi, Luigi nulis rincian asuransi éta lalaki terus indit. Saminggu ti harita Luigi dines, nganjangan saurang awéwé. Ari pék téh, lalaki tadi salakina! Éta lalaki jadi éra jeung ménta maap. Manéhna nawarkeun bantuan rék mangneleponkeun kantor asuransi Luigi sangkan mobil Luigi bisa leuwih gancang dioméan. Manéhna miluan diskusi Alkitab jeung resepeun. Lantaran kajadian ieu, Luigi sadar yén tetep kalem téh penting, malahan lamun manéhna milu ambek bakal parah balukarna.—Baca 2 Korinta 6:3, 4.
Sikep urang aya pangaruhna kana dines (Tingali paragrap 14)
15, 16. Kumaha diajar Alkitab bisa ngabantu Sadérék tur kulawarga mekarkeun kadali diri?
15 Saurang Kristen bisa mekarkeun kadali diri lamun rutin ngulik Alkitab. Inget pangéling Yéhuwa ka Yosua, ”Karepkeun yen maneh rek maca eta kitab Hukum salawasna dina ngajalankeun ibadah. Ulik beurang peuting, tiginkeun sakumaha anu ditulis di dinya. Upama kitu hirup maneh tan wande senang sarta hasil.” (Yos. 1:8) Tapi, kumaha éta bisa ngabantu urang mekarkeun kadali diri?
Sadérék bisa mekarkeun kadali diri lamun rutin ngulik Alkitab
16 Urang geus diajar tina conto-conto Alkitab mangpaatna ngadalikeun diri jeung balukarna lamun henteu. Aya alesanana Yéhuwa nulis conto-conto éta téh. (Rum 15:4) Jadi, alus lamun urang maca, ngulik, jeung ngalenyepanana. Pikirkeun ogé carana Sadérék jeung kulawarga bisa ngalarapkeunana. Ménta pitulung Yéhuwa sangkan bisa ngalarapkeun Firman-Na. Lamun Sadérék ngarasa kurang bisa ngadalikeun diri dina sababaraha kaayaan, ulah diantep. Doakeun hal éta, jeung jieun upaya pikeun mekarkeun sipat ieu. (Yak. 1:5) Talungtik publikasi urang pikeun meunang naséhat nu alus.
17. Kumaha carana kolot ngabantu budakna sangkan bisa ngadalikeun diri?
17 Kumaha carana mantuan budak Sadérék sangkan bisa ngadalikeun diri? Sipat ieu lain bawaan orok. Jadi, kolot kudu ngajarkeun sipat ieu ka manéhna ku cara méré conto. (Epe. 6:4) Lamun budak Sadérék katingali kurang ngadalikeun diri, pariksa diri Sadérék naha geus jadi conto nu alus keur manéhna. Sadérék bisa jadi conto nu alus ku cara miheulakeun kagiatan rohani, saperti rutin ngawawar, hadir di pasamoan, jeung ngayakeun ibadah kulawarga. Penting ogé sangkan ulah asa-asa nyaram manéhna! Yéhuwa masihan watesan ka Adam jeung Hawa. Éta watesan ngabantu maranéhna sangkan ngajénan wewenang Yéhuwa. Kitu ogé, lamun kolot méré disiplin jeung conto nu alus, budakna bakal diajar pikeun ngadalikeun diri. Manéhna bisa diajar hal nu penting nyaéta nyaah ka wewenang Yéhuwa jeung ngajénan papakon-Na.—Baca Siloka 1:5, 7, 8.
18. Ku naon urang kudu bijaksana milih sobat?
18 Teu sual urang boga budak atawa henteu, urang kudu bijaksana milih sobat. Lamun sobat Sadérék nyaah ka Yéhuwa, maranéhna bakal ngajurung Sadérék pikeun miboga cita-cita nu alus sarta nyingkahan masalah. (Sil. 13:20) Tuladan maranéhna dina ngadalikeun diri bisa ngajurung Sadérék. Tangtu, conto Sadérék ogé bisa ngajurung maranéhna. Lamun miboga kadali diri, urang bakal kamanah ku Allah sarta boga hubungan nu alus jeung nu dipikanyaah ku urang.