PANGALAMAN HIRUP
Diberkahan Lantaran Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa
Abdi jeung salaki, bareng jeung lanceuk tur pamajikanana, ditawaran hiji tugas. Abdi sadaya langsung ngajawab, ”Siap!” Ku naon urang narima tugas éta, jeung naon berkahna ti Yéhuwa? Abdi bakal nyaritakeun ti mimiti.
ABDI lahir taun 1923 di Hemsworth, hiji kota di Yorkshire, Inggris. Lanceuk abdi ngaranna Bob. Basa abdi umur salapan taun, pun bapa narima buku nu ngajelaskeun yén agama palsu téh geus ngabobodo loba jalma. Bapa kataji pisan kana bacaan éta. Manéhna teu suka ka para pamingpin agama nu teu ngalampahkeun pangajaranana. Sababaraha taun sanggeusna, Bob Atkinson ngawawar ka imah abdi tuluy nyetélkeun rekaman hutbah Sadérék Rutherford. Kulawarga abdi engeuh yén hutbah ieu asalna ti kelompok nu medalkeun buku nu dibaca ku Bapa. Kolot abdi ngondang Sadérék Atkinson pikeun dahar bareng unggal peuting, jadi manéhna bisa ngajawab loba pananya Alkitab. Manéhna ngajak kulawarga abdi datang ka pasamoan di imah hiji sadérék nu teu jauh ti imah. Abdi sakulawarga jadi rutin masamoan, tuluy hiji sidang leutik diadegkeun di Hemsworth. Teu lila, hamba zona (ayeuna mah pangawas wilayah) osok mondok di imah, panaratas ti sidang séjén gé osok dahar bareng di imah abdi. Maranéhna méré pangaruh alus ka abdi.
Harita, kulawarga abdi boga usaha sorangan. Tapi, Bapa ngomong ka lanceuk abdi, ”Mun manéh hayang naratas, eureunkeun wé nya usaha ieu.” Bob satuju, tuluy manéhna jadi panaratas di umur 21 taun. Dua taun sanggeusna basa umur 16 taun, abdi ogé jadi panaratas. Di ahir minggu abdi boga batur ngawawar, tapi mun di poé séjénna abdi sok ngawawar sorangan. Abdi ngagunakeun fonograf jeung kartu kasaksian, nyaéta kartu leutik nu eusina warta singget tina Alkitab. Yéhuwa ngaberkahan abdi ku hiji palajar Alkitab nu maju nepi ka dibaptis. Kulawarga manéhna ogé loba nu jaradi Saksi. Sataun sanggeusna, abdi dilantik jadi panaratas istiméwa bareng jeung Mary Henshall. Abdi duaan diutus ka daérah nu can pernah diwawaran di daérah Cheshire.
Salila Perang Dunya II, awéwé ogé kudu digawé ngarojong perang. Rohaniwan agama séjén meunang teu miluan perang, jadi abdi nyangka yén panaratas istiméwa gé bisa bébas. Tapi, pangadilan teu nyatujuan, abdi dihukum panjara salila 31 poé. Taun saterusna, basa abdi umur 19, abdi dua kali deui ka pangadilan lantaran haté sanubari abdi teu ngidinan pikeun ngarojong perang. Tapi, di dua pangadilan éta abdi dibébaskeun. Basa ngalaman éta, abdi ngarasa dibantuan ku roh suci sarta dikuatkeun jeung ditegerkeun ku Yéhuwa.—Yes. 41:10, 13.
BOGA BATUR ANYAR
Taun 1946, abdi panggih jeung Arthur Matthews. Arthur kakara dibébaskeun sanggeus dihukum tilu bulan panjara lantaran teu daék milu perang. Manéhna langsung milu jeung adina, Dennis, nu naratas istiméwa di Hemsworth. Maranéhna diajar ngeunaan Yéhuwa ti leuleutik ku bapana sarta dibaptis basa keur rumaja kénéh. Teu lila sanggeus maranéhna naratas bareng, Dennis ditugaskeun ka Irlandia. Jadi, Arthur ditinggalkeun sorangan. Kolot abdi resep ningali Arthur nu sopan jeung sumanget naratas. Jadi, Arthur diajak cicing jeung maranéhna. Lamun abdi keur balik ka imah, Arthur jeung abdi biasana ngumbah piring sanggeus dahar. Ahirna, abdi duaan susuratan. Dina 1948, Arthur kudu asup panjara deui salila tilu bulan. Abdi duaan nikah dina bulan Januari 1949, sarta boga cita-cita ngawula sapinuh waktu salila-lilana. Abdi duaan kudu hémat, jeung ngagunakeun waktu liburan pikeun digawé ngala buah. Ku berkah Yéhuwa, abdi duaan bisa terus naratas.
Teu lila sanggeus nikah taun 1949 di Hemsworth
Kira-kira sataun sanggeusna, abdi duaan ditugaskeun ka Irlandia Utara, mimitina ka Armagh terus ka Newry. Di dua kota ieu, lolobana jalma nganut agama Katolik jeung panatik, jadi urang kudu ati-ati jeung bijaksana basa ngawawar ka maranéhna. Abdi masamoan di imah hiji kulawarga nu jarakna 16 kilométer ti imah abdi. Kira-kira aya dalapan urang nu masamoan. Sakapeung, abdi duaan kudu mondok di dinya, saréna dina lanté. Tapi isukna, abdi dibéré sarapan nu loba jeung ngeunah. Bungah pisan nyaho ayeuna aya loba Saksi di ditu.
”SIAP!”
Lanceuk abdi jeung Lottie, pamajikanana, geus ngawula sabagé panaratas istiméwa di Irlandia Utara. Dina 1952, urang opatan milu kongrés distrik di Belfast. Saurang sadérék nampung abdi opatan di imahna. Pryce Hughes nu ngawula sabagé hamba cabang Inggris gé mondok di dinya. Hiji peuting, urang kabéh ngabahas buku leutik God’s Way Is Love (Jalan Allah téh Asih) nu dijieun husus keur jalma-jalma di Irlandia. Sadérék Hughes nyarita yén teu gampang ngawawar ka urang Katolik di Républik Irlandia. Sadérék-sadérék dialusiran ti imahna sarta pastor ogé nitah jalma-jalma pikeun nyerang sadérék-sadérék. Pryce ngomong, ”Urang butuh sababaraha pasangan nu maké mobil pikeun nyebarkeun buku leutik ieu ka sabudeureun nagri.”a (Tingali catetan handap.) Abdi sadaya ngajawab, ”Siap!”
Bareng jeung panaratas séjén dina motor nu aya gandénganana
Hiji tempat nu biasa dipaké mondok di Dublin ku panaratas téh nyaéta imahna Ma Rutland, sadérék istri nu geus satia ngawula Yéhuwa mangtaun-taun. Urang opatan gé mondok di dinya. Sanggeus ngajual sawaréh barang bawaan, urang kabéh padesek-desek di motorna Bob nu aya gandénganana, terus indit néangan mobil. Urang manggihan hiji mobil urut nu alus kénéh, jeung ménta supaya bisa dikirim lantaran teu aya nu bisa nyetir. Peuting éta, Arthur diuk dina ranjang, api-apina keur ngoper gigi mobil. Isukna, waktu manéhna rék ngaluarkeun mobil ti garasi, datang misionaris nu ngaranna Mildred Willett (nu ahirna nikah jeung John Barr). Manéhna bisa nyetir. Jadi, urang dialajar nyetir tuluy siap indit.
Mobil jeungtrailer urang
Teu lila, urang néangan tempat panyicingan. Sadérék-sadérék ngingetan sangkan teu cicing di trailer lantaran bisa diduruk ku musuh. Jadi, urang néangan imah, tapi teu kapanggih. Peuting éta, urang opatan saré di mobil. Isukanana, urang ngan manggihan trailer leutik nu eusina dua ranjang susun. Éta nu jadi imah urang. Untungna, teu aya masalah basa mobil urang diparkir di lahan para patani nu balageur. Urang ngawawar ka daérah nu jauhna 16 nepi ka 24 kilométer ti tempat urang parkir. Tapi, sanggeus pindah ka daérah saterusna, kakara urang ngawawar di daérah tempat parkir nu tadi.
Teu aya nu nentang basa urang ngawawar ka sakabéh imah di Républik Irlandia beulah kidul-wétan. Urang ngabagikeun leuwih ti 20.000 buku leutik jeung ngirimkeun daptar jalma nu minat ka kantor cabang Inggris. Ayeuna, di dinya aya ratusan Saksi, tangtu ieu téh berkah ti Yéhuwa!
BALIK KA INGGRIS, TERUS KA SKOTLANDIA
Sababaraha taun sanggeusna, abdi duaan ditugaskeun ka London beulah kidul. Sanggeus sababaraha minggu, sadérék-sadérék ti kantor cabang Inggris nelepon Arthur jeung ménta manéhna pikeun jadi pangawas wilayah isukanana! Abdi duaan dilatih salila saminggu tuluy indit ka Skotlandia, wilayah tugas urang, jadi Arthur teu boga loba waktu pikeun nyiapkeun hutbahna. Tapi, manéhna réla narima tugas naon waé, teu sual sakumaha héséna éta. Manéhna jadi tuladan keur abdi. Abdi duaan bungah dina tugas ieu. Sanggeus mangtaun-taun ditugaskeun ka daérah nu can pernah diwawaran, resep pisan bisa ngumpul jeung loba dulur saiman.
Basa Arthur diondang ka Sakola Giléad taun 1962, abdi duaan kudu nyieun putusan penting. Sakola éta téh sapuluh bulan lilana, tapi abdi teu bisa milu lantaran teu diondang. Abdi duaan sapakat Arthur narima éta ondangan. Kantor cabang ngirim abdi balik ka Hemsworth lantaran abdi kudu pisah jeung Arthur. Waktu Arthur balik sataun sanggeusna, manéhna ditugaskeun jadi pangawas distrik. Daérahna kaasup Skotlandia, Inggris beulah kalér, jeung Irlandia beulah kalér.
TUGAS ANYAR DI IRLANDIA
Taun 1964, Arthur ditugaskeun jadi hamba cabang di Républik Irlandia. Mimitina, abdi rada hariwang kudu digawé di Bétel lantaran abdi resep pisan dines lapangan. Tapi mun diinget-inget deui, abdi nganuhunkeun pisan kana kahormatan bisa ngawula di Bétel. Abdi percaya lamun urang narima tugas naon waé, sanajan teu pati dipikaresep, Yéhuwa bakal ngaberkahan urang. Di Bétel, abdi pernah digawé di kantor, ngepak bacaan, masak, jeung bebersih. Arthur pernah sababaraha kali jadi pangawas distrik, jadi abdi duaan bisa panggih jeung sadérék-sadérék di sakuliah nagri. Abdi ogé bungah ningali kamajuan palajar-palajar Alkitab. Ku kituna, abdi duaan boga hubungan nu dalit jeung sadérék-sadérék di Irlandia. Ieu téh berkah nu luar biasa!
KONGRÉS PENTING DI IRLANDIA
Kongrés internasional nu mimiti di Irlandia diayakeun di Dublin taun 1965.b (Tingali catetan handap.) Sanajan aya tentangan kuat, kongrésna suksés. Aya 3.948 nu hadir, jeung 65 nu dibaptis. Aya 3.500 tamu ti luar nagri nu mondok di imah sadérék-sadérék di Dublin. Kabéh sadérék nu imahna dijadikeun tempat mondok narima surat nu eusina ngahaturkeun nuhun. Sadérék-sadérék nu dianjangan ogé muji tingkah laku sadérék-sadérék nu nganjang. Ieu téh parobahan nu alus di Irlandia.
Arthur nyalaman Nathan Knorr nu datang pikeun kongrés taun 1965
1983, Arthur ngenalkeun Buku Cerita Alkitab dina basa Gélik
Dina taun 1966, para Saksi di Irlandia beulah kalér jeung kidul ditalingakeun ku kantor cabang Dublin. Kasatunggalan ieu béda jeung kaayaan jalma-jalma di nagri ieu nu kapisah-pisah ku agama jeung daérah. Abdi duaan gumbira pisan ningali loba urang Katolik jaradi Saksi sarta sabilulungan jeung sadérék-sadérék nu tadina Protéstan.
PAROBAHAN GEDÉ DINA TUGAS
Hirup abdi duaan barobah pisan dina taun 2011 basa kantor cabang di Inggris jeung Irlandia dihijikeun, terus abdi duaan ditugaskeun ka Bétel London. Harita, abdi mulai hariwang lantaran Arthur gering Parkinson. Sedihna, dina tanggal 20 Méi 2015, Arthur, nu geus 66 taun jadi batur pakumaha abdi, maot.
Sababaraha taun katukang, abdi ngarasakeun kaleungitan, sedih, jeung déprési. Baheula mah abdi pasti dililipur ku Arthur. Abdi meni sono pisan ka Arthur! Tapi basa ngalaman hal-hal éta, biasana urang jadi beuki raket ka Yéhuwa. Abdi bungah sabab loba nu nyaah ka Arthur. Abdi narima surat ti sadérék-sadérék di Irlandia, Inggris, malahan ti Amerika. Surat-surat ieu sarta panglilipur ti adina Arthur, nyaéta Dennis jeung Mavis, pamajikanana, sarta ti Ruth jeung Judy, alo abdi, nguatkeun pisan.
Hiji ayat nu kacida nguatkeunana nyaéta Yesaya 30:18, ”Sangkilang kitu ge maraneh mo burung dihampura ku PANGERAN, mo burung diajeng-ajeng jeung dipikawelas, da Mantenna mah dina sagala perkara bener sapapanjangna. Bagja sakur anu nyalindung ka PANGERAN.” Abdi ngarasa tengtrem lantaran nyaho Yéhuwa hayang pisan ngaréngsékeun sagala masalah urang sarta masihan tugas nu nyugemakeun di dunya anyar.
Nineung deui kahirupan abdi duaan, abdi sadar yén Yéhuwa ngabingbing jeung ngaberkahan pangwawaran di Irlandia! Abdi ngarasa reueus bisa ulubiung dina pagawéan ieu. Geus kabukti lamun urang ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa, urang bakal diberkahan.
a Tingali 1988 Yearbook of Jehovah’s Witnesses, kaca 101-102.
b Tingali 1988 Yearbook, kaca 109-112.