PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w17 Nopémber kaca 9-14
  • Naha Sadérék Nyalindung ka Yéhuwa?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Sadérék Nyalindung ka Yéhuwa?
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • ”GEURA TANGTUKEUN KOTA-KOTA SUAKA”
  • ”PERKARANA PUPULIHKEUN” KA PARA KOKOLOT
  • ”PEK KABUR KA SALAH SAHIJINA”
  • ”BISA SALAMET TINA PAMALES”
  • Pék Conto Kaadilan jeung Welas Asih Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Pék Nyalindung ka Yéhuwa
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
w17 Nopémber kaca 9-14
Jalma nu teu ngahaja maéhan nepi di kota suaka

Naha Sadérék Nyalindung ka Yéhuwa?

”Yéhuwa nyalametkeun kahirupan hamba-hamba-Na; kabéh nu nyalindung ka Mantenna moal bakal dianggap salah.”​—JAB. 34:22, Terjemahan Dunia Baru [NW].

KAWIH: 8, 54

TI AYANA KOTA SUAKA, SADÉRÉK DIAJAR NAON NGEUNAAN . . .

  • kokolot nu mantuan jalma nu ngalampahkeun dosa gedé?

  • carana urang bisa dipikawelas ku Allah?

  • Yéhuwa nu bener-bener ngahampura urang?

1. Lantaran boga dosa, kumaha parasaan loba hamba Allah?

RASUL PAULUS nulis, ”Jelema cilaka sim kuring teh!” (Rum 7:24) Ayeuna, loba umat Allah nu satia ogé ngarasa leutik haté jeung nalangsa siga Paulus. Ku naon? Sabab sanajan urang hayang nyenangkeun Yéhuwa, urang ngawaris dosa jeung teu sampurna. Jadi, urang bisa waé ngarasa sedih lamun gagal nyenangkeun Mantenna. Sababaraha urang Kristen nu ngalampahkeun dosa gedé ngarasa moal bakal dihampura ku Yéhuwa.

2. (a) Kumaha Jabur 34:22 ngayakinkeun hamba Yéhuwa sangkan henteu terus rumasa salah? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu? (Tingali kotak ”Palajaran atawa Harti Lambang?”)

2 Lamun urang nyalindung ka Yéhuwa, urang moal bakal nalangsa lantaran terus rumasa salah. Kitab Suci ngayakinkeun urang, ”Yéhuwa nyalametkeun kahirupan hamba-hamba-Na; kabéh nu nyalindung ka Mantenna moal bakal dianggap salah.” (Jab. 34:22, NW) Naon maksudna nyalindung ka Yéhuwa? Kumaha carana sangkan urang dipikawelas jeung dihampura ku Yéhuwa? Urang bisa meunang jawaban pikeun pananya-pananya éta tina aturan ngeunaan kota-kota suaka di Israil kuno. Aturan ieu aya dina Torét. Sanajan perjangjian Torét geus diganti dina Péntakosta taun 33 M, sumber aturan ieu téh Yéhuwa. Jadi tina aturan ieu, urang bisa paham cara pandang Yéhuwa ngeunaan dosa, jalma nu dosa, jeung jalma nu tobat. Mimitina, hayu urang bahas ku naon di Israil aya kota-kota suaka jeung kumaha éta digunakeun.

”GEURA TANGTUKEUN KOTA-KOTA SUAKA”

3. Naon hukuman pikeun jalma nu maéhan di Israil?

3 Yéhuwa moal ngantep waktu saurang jalma dipaéhan. Lamun aya urang Israil nu maéhan hiji jalma, ”baraya landes jelema nu dipaehan tea” kudu ngabales, maéhan éta jalma. (Bil. 35:19) Ku cara kitu, jalma nu maéhan mayar kasalahanana ku kahirupanana sorangan. Lamun jalma nu maéhan teu gancang dihukum, Nagri Perjangjian jadi teu suci deui. Yéhuwa maréntahkeun, ”Pacuan maraneh nganajisan ieu tanah enggon maraneh” lantaran maéhan jalma.​—Bil. 35:33, 34.

4. Kumaha lamun aya urang Israil nu teu ngahaja maéhan hiji jalma?

4 Tapi, kumaha lamun aya urang Israil nu teu ngahaja maéhan hiji jalma? Sanajan éta teu dihaja, manéhna tangtu rumasa salah lantaran geus maéhan jalma nu teu salah. (Kaj. 9:5) Dina kaayaan ieu, Yéhuwa némbongkeun welas asih-Na. Jalma éta bisa nyingkahan baraya nu rék males pati ku cara kabur ka salah sahiji ti genep kota suaka. Sanggeus diidinan cicing di éta kota, manéhna disalindungan. Tapi, manéhna kudu tetep aya di éta kota nepi ka maotna imam agung.​—Bil. 35:15, 28.

5. Ku naon aturan ngeunaan kota suaka nyingkabkeun cara pandang Yéhuwa?

5 Aturan ngeunaan kota-kota suaka lain dijieun ku manusa, tapi ku Yéhuwa. Mantenna miwarang Yosua, ”Geura tangtukeun kota-kota suaka.” Éta kota-kota dibéré status suci. (Yos. 20:1, 2, 7, 8) Yéhuwa mutuskeun yén kota-kota ieu kudu dipisahkeun. Ku ayana aturan ieu, urang bisa leuwih paham ngeunaan Yéhuwa. Misalna, urang jadi leuwih paham kana welas asih Mantenna. Urang ogé diajar carana nyalindung ka Yéhuwa kiwari.

”PERKARANA PUPULIHKEUN” KA PARA KOKOLOT

6, 7. (a) Jelaskeun tugas para kokolot dina mariksa jalma nu teu ngahaja maéhan. (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Ku naon alus lamun jalma nu teu ngahaja maéhan ngomong ka kokolot?

6 Urang Israil nu teu ngahaja maéhan kudu lumpat ka kota suaka jeung ’mulihkeun perkarana’ ka para kokolot di lawang kota. Kokolot kudu ngabagéakeun manéhna. (Yos. 20:4) Sanggeusna, manéhna bakal dikirimkeun ka para kokolot di kota asalna pikeun dipariksa perkarana. (Baca Bilangan 35:24, 25) Lamun kabukti yén éta teu dihaja, jalma éta bakal dibawa deui ka kota suaka.

7 Ku naon jalma éta kudu ngomong ka kokolot? Para kokolot bakal mastikeun sangkan umat Israil tetep bersih jeung mantuan jalma nu teu ngahaja maéhan pikeun narima welas asih Yéhuwa. Saurang ahli Alkitab nulis lamun jalma nu teu ngahaja maéhan henteu ngadatangan para kokolot, manéhna bisa dipaéhan. Tuluy, ahli Alkitab éta nambahkeun yén lamun jalma éta dipaéhan, éta téh salahna sorangan lantaran henteu ngamangpaatkeun bantuan nu geus disadiakeun ku Allah. Jadi, kuduna mah manéhna indit ka salah sahiji kota suaka, ménta jeung narima bantuan sangkan tetep hirup. Lamun henteu, manéhna bakal dipaéhan ku baraya nu rék males pati.

8, 9. Ku naon urang Kristen nu ngalampahkeun dosa gedé kudu ngomong ka kokolot?

8 Kiwari, saurang Kristen nu ngalampahkeun dosa gedé kudu manggihan para kokolot sangkan bisa dibantu pikeun mulihkeun hubunganana jeung Yéhuwa. Ku naon ieu téh penting? Kahiji, Yéhuwa nyalira nu ngatur sangkan kokolot mariksa kasus dosa gedé. (Yak. 5:14-16) Kadua, kokolot bisa ngabantu jalma nu tobat sangkan kamanah deui ku Yéhuwa jeung henteu ngalampahkeun deui dosana. (Gal. 6:1; Ibr. 12:11) Katilu, kokolot téh geus dibéré wewenang jeung dilatih pikeun ngagedékeun haté sarta nengtremkeun jalma nu tobat nu nalangsa lantaran rumasa salah. Yéhuwa nyaruakeun para kokolot jeung ”tempat nyalindung ari keur hujan”. (Yes. 32:1, 2) Ieu téh cara Yéhuwa némbongkeun welas asih-Na ka urang.

9 Loba hamba Allah ngarasa ngemplong sanggeus nyarita jeung narima bantuan ti kokolot. Contona, saurang sadérék nu ngaranna Daniel ngalampahkeun dosa gedé, tapi mangbulan-bulan manéhna teu manggihan para kokolot. Manéhna ngomong, ”Sanggeus sakitu lilana, abdi ngarasa kokolot moal bisa mantuan nanaon.” Tapi, manéhna tetep sieun dosana kanyahoan ku batur. Manéhna ogé ngarasa kudu terus ménta pangampura ka Yéhuwa unggal ngamimitian doa. Ahirna, manéhna ménta bantuan para kokolot. Manéhna ngomong, ”Jujur, abdi sieun manggihan maranéhna. Tapi sanggeusna, abdi ngarasa aya nu ngangkat kabeubeurat abdi.” Ayeuna, Daniel bisa laluasa deui ngadoa ka Yéhuwa. Manéhna boga haté sanubari nu bersih, sarta ahirna jadi palayan sidang.

”PEK KABUR KA SALAH SAHIJINA”

10. Sangkan bisa dihampura, naon nu kudu dilampahkeun ku jalma nu teu ngahaja maéhan?

10 Sangkan bisa dihampura, jalma nu teu ngahaja maéhan kudu geura kabur ka kota suaka nu pangdeukeutna. (Baca Yosua 20:4.) Manéhna bisa tetep hirup lamun indit ka kota éta jeung cicing di ditu nepi ka maotna imam agung. Manéhna kudu nyieun pangorbanan, saperti ninggalkeun pagawéan, imah, jeung teu bébas iinditan.a (Tingali catetan handap.) (Bil. 35:25) Ieu téh demi kasalametanana sorangan. Lamun manéhna kaluar ti éta kota, kaciri yén manéhna nyapirakeun kahirupan nu geus dileungitkeun ku manéhna, sarta nyawana sorangan bisa kaancam.

11. Kumaha urang Kristen nu tobat ngabuktikeun yén manéhna ngahargaan welas asih Allah?

11 Kiwari ogé, aya nu kudu diupayakeun ku jalma nu tobat sangkan dihampura ku Allah. Manéhna kudu eureun ngalampahkeun dosa. Ieu kaasup nyingkahan sagala hal nu bisa ngalantarankeun dosa gedé. Rasul Paulus ngajéntrékeun hal-hal nu dilampahkeun ku urang Kristen nu tobat di Korinta. Manéhna nulis, ”Kanalangsaan anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nungtun kana perih, matak eling kana diri, sadar kana kasalahan, nimbulkeun rasa ajrih, ngahudang pangharepan, sarta ngajak soson-soson kana kahadean!” (2 Kor. 7:10, 11, Sunda Formal) Lamun bajoang henteu ngadosa deui, urang némbongkeun ka Yéhuwa yén urang téh teu nyapirakeun kasalahan sarta teu nganggap Yéhuwa geus sakuduna welas asih ka urang.

12. Naon nu kudu dikorbankeun ku urang Kristen sangkan narima welas asih Yéhuwa?

12 Naon nu kudu dikorbankeun ku urang Kristen sangkan narima welas asih Yéhuwa? Manéhna kudu siap ngorbankeun hal-hal nu dipikaresep nu bisa ngalantarankeun dosa. (Mat. 18:8, 9) Contona, lamun babaturan Sadérék mawa pangaruh goréng, naha Sadérék bakal eureun campur gaul jeung manéhna? Lamun Sadérék hésé ngadalikeun diri waktu nginum alkohol, naha Sadérék bakal nyingkahan kaayaan nu bisa ngajurung Sadérék loba teuing nginum? Lamun Sadérék ngarasa hésé ngadalikeun napsu séksual, naha Sadérék bakal nyingkahan film, situs Internét, atawa kagiatan nu ngalantarankeun pikiran nu rucah? Inget yén pangorbanan urang pikeun satia ka hukum Yéhuwa téh moal percumah. Teu aya nu leuwih peurih ti batan ngarasa ditinggalkeun ku Yéhuwa. Sarta, teu aya nu leuwih ngabungahkeun salian ti ngarasakeun Yéhuwa ”mikanyaah sapapanjangna”.​—Yes. 54:7, 8.

”BISA SALAMET TINA PAMALES”

13. Naon sababna jalma nu teu ngahaja maéhan bisa ngarasa aman jeung bagja di kota suaka?

13 Yéhuwa nyarios yén waktu jalma nu teu ngahaja maéhan éta nepi ka kota suaka, manéhna ”bisa salamet tina pamales”. (Bil. 35:11, 12) Yéhuwa teu ngawajibkeun manéhna sangkan diadilan deui di kota suaka. Sarta, baraya nu rék males pati teu diidinan asup ka éta kota. Salila jalma nu teu ngahaja maéhan aya di éta kota, manéhna aman disalindungan ku Yéhuwa. Manéhna lain dipanjara sabab bisa digawé, nulungan batur, jeung laluasa ngawula Yéhuwa. Manéhna bisa hirup bagja jeung sugema!

Jalma nu teu ngahaja maéhan nepi di kota suaka

Sadérék bisa yakin kana pangampura Yéhuwa (Tingali paragrap 14-16)

14. Urang Kristen nu tobat bisa yakin kana hal naon?

14 Sababaraha hamba Allah nu ngalampahkeun dosa gedé masih kénéh rumasa salah sanajan geus tobat. Malahan, aya nu ngarasa Yéhuwa moal pernah ngahampura maranéhna. Lamun Sadérék ngarasa kitu, sing yakin yén lamun Yéhuwa ngahampura, dosa Sadérék dianggap punah. Jadi, Sadérék teu perlu teterusan rumasa salah. Ieu nu kaalaman ku Daniel nu tadi dicaritakeun. Sanggeus dibantuan ku para kokolot pikeun miboga haté sanubari nu bersih, manéhna ngarasa ngemplong. Ceuk Daniel, ”Abdi teu perlu rumasa salah deui. Dosa nu dihampura, leungit salalawasna. Sakumaha saur Yéhuwa, Mantenna nyandak kabeubeurat Sadérék jeung dijauhkeun ti Sadérék. Éta moal katingali deui.” Sanggeus jalma nu teu ngahaja maéhan asup ka kota suaka, manéhna teu kudu sieun jalma nu rék males pati bakal datang jeung maéhan manéhna. Kitu ogé, dosa nu dihampura ku Yéhuwa moal bakal diutik-utik deui. Urang teu kudu sieun dihukum Yéhuwa ku lantaran dosa éta.​—Baca Jabur 103:8-12.

15, 16. Kumaha tugas Yésus salaku Panebus jeung Imam Agung bisa ngayakinkeun urang kana welas asih Allah?

15 Sabenerna, urang boga alesan nu leuwih kuat ti batan urang Israil pikeun yakin kana welas asih Yéhuwa. Sanggeus Paulus ngarasa jadi ”jelema cilaka” nu teu bisa sagemblengna taat ka Yéhuwa, manéhna ngomong, ”Rebu laksa nuhun ka Allah . . . ku jalan Gusti urang Yesus Kristus.” (Rum 7:25) Naon maksudna? Sanajan Paulus boga dosa baheulana jeung kudu bajoang ngalawan kahayang nu salah, manéhna geus tobat. Éta bukti manéhna yakin kana pangampura Yéhuwa ku jalan korban tebusan Yésus. Salaku Panebus, Yésus bisa ngabantu urang boga haté sanubari nu bersih jeung katengtreman batin. (Ibr. 9:13, 14) Salaku Imam Agung, Yésus ”iasa nyalametkeun manusa anu datang ka Allah liwat Anjeunna, sabab Anjeunna, anu jumeneng salalanggengna bakal mangmundutkeun kasalametan manusa ka Allah”. (Ibr. 7:24, 25) Imam agung di jaman baheula ngayakinkeun bangsa Israil yén Yéhuwa bakal ngahampura dosa maranéhna. Komo deui Yésus salaku Imam Agung, anjeunna bisa ngayakinkeun urang yén ”Mantenna tangtu mikawelas jeung maparin rahmat pitulung samangsa urang perlu ku pitulung Mantenna”.​—Ibr. 4:15, 16.

16 Pikeun nyalindung ka Yéhuwa, urang kudu iman ka korban tebusan Yésus. Ulah mikir yén mangpaat tebusan téh keur jalma réa wungkul. Sing yakin yén Sadérék ogé meunang mangpaatna. (Gal. 2:20, 21) Sing yakin yén Yéhuwa bakal ngahampura dosa Sadérék ku lantaran tebusan. Sing yakin yén tebusan mawa harepan hirup langgeng pikeun Sadérék. Korban tebusan Yésus téh kurnia Yéhuwa pikeun Sadérék!

17. Ku naon Sadérék hayang nyalindung ka Yéhuwa?

17 Bahasan ngeunaan kota suaka ngabantu urang paham kana welas asih Yéhuwa. Urang paham yén kahirupan téh suci. Urang ogé paham kumaha kokolot bisa mantuan urang, naon hartina bener-bener tobat, jeung kumaha urang bisa bener-bener yakin yén Yéhuwa ngahampura urang. Naha Sadérék nyalindung ka Yéhuwa? Teu aya deui tempat nu leuwih aman! (Jab. 91:1, 2) Dina artikel saterusna urang bakal ngabahas kumaha urang bisa nulad ka Yéhuwa, tuladan kaadilan jeung welas asih nu panghadéna.

a Numutkeun para ahli Yahudi, kulawarga ti jalma nu teu ngahaja maéhan bisa waé milu pindah ka kota suaka.

KATERANGAN TAMBAHAN

  • Lamun urang geus ngalampahkeun dosa gedé, urang bisa nyalindung ka Yéhuwa ku cara tobat jeung néangan bantuan ti kokolot sidang. Urang bisa yakin yén Yéhuwa bener-bener ngahampura urang sarta korban tebusan Yésus téh mangpaat keur urang pribadi. Hasilna, urang miboga haté sanubari nu bersih jeung bagja

Palajaran atawa Harti Lambang?

The Watch Tower 1 Séptémber 1895 ngajelaskeun yén kota-kota suaka téh boga harti lambang. Ceuk éta majalah, kota-kota suaka ngalambangkeun panyalindungan pikeun jalma-jalma dosa nu iman ka Kristus. Saratus taun sanggeusna, Menara Pengawal ngajelaskeun yén kota suaka ngagambarkeun sagala nu dilampahkeun ku Allah pikeun nyalindungan urang tina maot lantaran geus ngalanggar paréntah-Na ngeunaan kasucian getih.

Tapi, Menara Pengawal 15 Maret 2015 ngajelaskeun alesanana publikasi urang nu anyaran jarang nyebutkeun gambaran jeung papadana, atawa harti lambang tina kisah-kisah Alkitab, ”Lamun Alkitab ngajarkeun yén hiji jalma, kajadian, atawa barang téh ngalambangkeun hiji hal dina mangsa kahareup, urang bakal percaya kana hal éta. Tapi, urang sakuduna henteu ngahartikeun sorangan hiji kisah Alkitab lamun teu aya dasar ayatna.” Alkitab henteu nyebutkeun yén kota suaka téh boga harti lambang dina mangsa kahareup. Éta sababna artikel ieu jeung nu saterusna nandeskeun palajaran tina éta kota pikeun urang Kristen..

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun