PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w18 Juli kaca 30-31
  • Carana Sangkan Diajar Alkitab Leuwih Mangpaat jeung Pikaresepeun

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Carana Sangkan Diajar Alkitab Leuwih Mangpaat jeung Pikaresepeun
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Bahan nu Sarupa
  • Carana Meunang Loba Mangpaat Waktu Maca Alkitab
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • ”Pangandika Allah teh . . . Kuat”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Cara Diajar Sadérék Bisa Leuwih Hadé
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
w18 Juli kaca 30-31
Yosua maca Hukum dicaangan ku lilin

Carana Sangkan Diajar Alkitab Leuwih Mangpaat jeung Pikaresepeun

Yosua maca Hukum; témbok Yériho runtuh tapi imah Rahab tetep ajeg; Yosua ngangkat leungeun ngadoa ka sawarga

YOSUA kudu mingpin bangsa Israil asup ka Tanah Perjangjian. Tugas ieu téh hésé pisan. Ku kituna, Yéhuwa nguatkeun jeung ngagedékeun haté Yosua ku nyarios, ”Sing teteg, sing yakin.” Mantenna ngabéjaan Yosua yén lamun manéhna maca jeung taat ka Hukum, manéhna bisa nyieun putusan nu bijaksana jeung suksés.​—Yos. 1:7, 8.

Urang hirup di jaman nu ”loba kasukeran”, jadi kahirupan urang gé teu gampang. (2 Tim. 3:1) Lamun urang hayang suksés siga Yosua, urang kudu nuturkeun naséhat ti Yéhuwa ka Yosua. Urang kudu rutin maca Alkitab jeung ngalarapkeun palajaranana pikeun nyieun putusan nu bijaksana.

Sababaraha bisa jadi teu nyaho carana diajar, atawa teu resep diajar. Tapi, palajaran Alkitab pribadi téh penting pisan. Pék pariksa kotak ”Tuturkeun Saran-Saran Ieu”. Sadérék bisa manggihan saran-saran nu bisa ngabantu Sadérék meunangkeun mangpaat jeung leuwih resep diajar.

Nu nulis jabur ngawih, ”Mugi abdi tiasa junun kana hukum Gusti, margi nya ku eta abdi ngarasa bagja.” (Jab. 119:35) Sadérék ogé bisa resep diajar Firman Allah. Sadérék bakal meunangkeun loba palajaran nu alus lamun terus diajar Alkitab.

Mémang, Sadérék teu mingpin hiji bangsa saperti Yosua, tapi Sadérék ogé boga masalah. Jadi saperti Yosua, Sadérék kudu diajar jeung taat ka Firman Allah. Ku kituna, Sadérék bakal nyieun putusan nu bijaksana jeung suksés dina kahirupan.

TUTURKEUN SARAN-SARAN IEU

  • Saurang lalaki ngadoa ngeupeulkeun leungeun

    Ngadoa saacan diajar. Alkitab téh eusina pikiran Yéhuwa nu ditulis pikeun mangpaat Sadérék. Jadi waktu maca Alkitab, pénta bantuan ti Yéhuwa sangkan Sadérék ngarti nu dibaca, bisa inget, jeung ngagunakeunana pikeun nyieun putusan nu hadé.​—Esra 7:10.

  • Saurang lalaki keur mikirkeun pananya

    Pikirkeun pananya-pananya waktu maca Alkitab atawa publikasi nu dumasar kana Alkitab. Misalna, ’Tina bahan ieu, abdi diajar naon ngeunaan Yéhuwa? Naon patalina jeung téma Alkitab? Kumaha abdi bisa ngagunakeun bahan ieu keur ngabantu batur?’

  • Saurang lalaki keur ngalenyepan

    Lenyepan naon nu keur dibaca. Waktu keur maca, pék eureun heula sakeudeung tuluy pikirkeun: ’Kumaha parasaan abdi waktu maca ieu? Ku naon abdi bet ngarasa kitu? Naha ieu aya patalina jeung naon nu kaalaman ku abdi baheula, ayeuna, atawa nu bisa kaalaman dina mangsa kahareup? Kumaha abdi bisa ngalarapkeun prinsip atawa naséhat ieu dina kahirupan?’ (Ayub 23:5; Jab. 49:4) Waktu ngalenyepan, naha Sadérék bisa paham alesan Yéhuwa ngalarang hiji hal ka umat-Na? Pikirkeun ogé kumaha jadina lamun tokoh nu keur dibaca ngalampahkeun hal nu sabalikna.​—Pam. 32:28, 29.

  • Saurang lalaki ngabayangkeun kisah Alkitab

    Bayangkeun kisah nu keur dibaca. Misalna, naha Sadérék bisa ngabayangkeun waktu Yusup dijual ku dulur-dulurna ka kaom Ismail? (Kaj. 37:18-28) Pék bayangkeun Sadérék jadi tokoh nu keur dibaca. Naha Sadérék bisa ngarasakeun sorangan nu ditingali, didéngé, jeung diambeu ku manéhna? Naon nu dipikirkeun jeung dirasakeun ku manéhna? Waktu urang ngabayangkeun kisah nu keur dibaca, urang bisa leuwih ngarti.

  • Saurang lalaki ngagunakeun sarana risét

    Gunakeun sarana risét ti organisasi sangkan palajaranana leuwih pikaresepeun. Pék diajar kumaha carana ngagunakeun sarana ieu, boh di Internét boh nu geus dicitak, nu aya dina basa Sadérék. Ulah asa-asa nanyakeun ka batur carana ngagunakeun sarana ieu. Misalna, Indeks Publikasi Menara Pengawal atawa Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa bisa dipaké pikeun néangan bahan-bahan nu geus aya ngeunaan hiji topik sarta bisa ngajelaskeun loba ayat Alkitab. Gunakeun lampiran dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru lamun geus aya dina basa Sadérék. Lampiran ieu ngamuat peta, urutan kajadian, ukuran beurat jeung panjang, sarta katerangan séjénna.

  • Saurang lalaki ngaringkeskeun inti palajaran

    Ringkeskeun inti palajaranana. Ieu bisa ngabantu Sadérék inget kana palajaranana. Leuwih hadé deui lamun éta dicaritakeun ka batur. Naha ieu bisa digunakeun dina dines? Ku kituna, Sadérék bakal inget kana inti palajaranana. Batur ogé bisa meunang mangpaat.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun