PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 178
  • Saha Yahya Jurubaptis téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Saha Yahya Jurubaptis téh?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Naon istiméwana Yahya Jurubaptis?
  • Saha kolotna Yahya Jurubaptis?
  • Saha nu maéhan Yahya Jurubaptis?
  • Yahya Jurubaptis jeung Isa Al-Masih téh saingan teu?
  • Yohanes Jurubaptis—Tuladan Supaya Urang Tetep Suka Bungah
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Yohanes Nyiapkeun Jalan keur Mésias
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 178
Yahya Jurubaptis ngabaptis saurang lalaki di walungan.

Saha Yahya Jurubaptis téh?

Jawaban Alkitab

Yahya Jurubaptis téh saurang nabi. (Lukas 1:76) Manéhna lahir teu lila saacan Isa lahir. Yahya hirup nepi ka abad kahiji M. Allah méré tugas ka manéhna pikeun nyiapkeun jalan keur Mésias, atawa Al-Masih. Yahya ngajalankeun tugasna ieu ku cara ngawartakeun warta ti Allah ka urang Yahudi supaya maranéhna balik deui ka Allah.​—Markus 1:1-4; Lukas 1:13, 16, 17.

Warta ti Yahya ngabantu jalma-jalma nu rendah haté pikeun sadar yén Isa ti Nazarét téh Mésias nu dijangjikeun. (Matius 11:10) Yahya ngajurung jalma-jalma nu ngadéngékeun wartana pikeun tobat tina dosa-dosana terus dibaptis pikeun nunjukkeun yén maranéhna geus tobat. (Lukas 3:3-6) Yahya téh ngabaptis loba jalma, jadi manéhna disebut Jurubaptis. Baptisan pangpentingna nu pernah dilakukeun ku Yahya téh nyaéta ngabaptis Isa.a—Markus 1:9.

Dina artikel ieu

  • Naon istiméwana Yahya Jurubaptis?

  • Saha kolotna Yahya Jurubaptis?

  • Saha nu maéhan Yahya Jurubaptis?

  • Yahya Jurubaptis jeung Isa Al-Masih téh saingan teu?

  • Dina Alkitab, aya sabaraha jalma nu ngaranna Yahya?

Naon istiméwana Yahya Jurubaptis?

Pagawéanana geus dinubuatkeun: Ku cara ngajalankeun tugasna, sabenerna Yahya téh ngawujudkeun nubuat ngeunaan utusan Yéhuwa. (Malak 3:1; Matius 3:1-3) Yahya kabukti sabagé jalma nu bakal nyiapkeun ”umat nu siap ngalalayanan Yéhuwa”. (Lukas 1:17) Maksudna, manéhna nyiapkeun jalan keur urang Yahudi supaya maranéhna siap pikeun narima warta ti wakil utama Allah Yéhuwa, nyaéta Isa Al-Masih.

Nu geus dilakukeun ku Yahya: Isa nyebutkeun yén ”di antara jalma nu pernah dijurukeun ku awéwé euweuh nu leuwih luhur tibatan Yahya Jurubaptis. Tapi, nu pangleutikna dina Pamaréntahan sorga leuwih punjul tibatan manéhna”. (Matius 11:11) Yahya téh lain nabi biasa, sabab manéhna geus dinubuatkeun bakal jadi ”utusan” Allah. Ku kituna, euweuh hamba Allah séjénna saacan Yahya nu leuwih luhur tibatan manéhna. Kekecapan Isa gé nunjukkeun, Yahya moal diangkat ka sorga pikeun jadi raja dina Pamaréntahan Allah.b Ku naon? Sabab manéhna maot saacan Al-Masih muka jalan keur jalma-jalma supaya bisa hirup di sorga. (Ibrani 10:19, 20) Tapi, Yahya bakal jadi rahayat tina Pamaréntahan Allah. Manéhna boga harepan pikeun hirup langgeng di Pirdaus di bumi.​—Jabur 37:29; Lukas 23:43.

Saha kolotna Yahya Jurubaptis?

Kolotna Yahya téh Zakharia jeung Élisabét. Zakharia téh saurang imam Yahudi. Kalahiran Yahya téh mangrupa mujijat, sabab sabenerna indungna téh mandul. Salian ti éta, harita Zakharia jeung Élisabét téh ”geus karolot”.​—Lukas 1:5-7, 13.

Saha nu maéhan Yahya Jurubaptis?

Raja Hérodés Antipas téh neukteuk beuheungna Yahya. Manéhna ngalakukeun ieu sabab dihasud ku pamajikanana, nyaéta Hérodias. Hérodias geuleuh pisan ka Yahya sabab Yahya pernah ngomong ka Hérodés yén perkawinan Hérodés jeung Hérodias téh ngalanggar hukum Yahudi.​—Matius 14:1-12; Markus 6:16-19.

Yahya Jurubaptis jeung Isa Al-Masih téh saingan teu?

Euweuh catetan dina Alkitab nu nunjukkeun yén Yahya jeung Isa téh saingan. (Yahya 3:25-30) Malah, Yahya sadar manéhna dibéré tugas pikeun nyiapkeun jalan keur Mésias. Jadi, manéhna teu saingan jeung Isa. Yahya ngomong, ”Urang ngabaptis manéhna ku cai téh supaya bisa dikenal ku urang Israél.” Terus Yahya gé ngomong, ”Manéhna téh Putra Allah.” (Yahya 1:26-34) Jadi, Yahya bungah waktu ngadéngé Isa suksés ngajalankeun palayananana.

a Isa ”teu pernah nyieun dosa”. (1 Pétrus 2:21, 22) Jadi, manéhna dibaptis lain pikeun mersihan dirina tina dosa, tapi supaya bisa nyanggakeun kahirupanana pikeun ngajalankeun kahayang Allah. Éta téh kaasup ngorbankeun kahirupanana keur urang.​—Ibrani 10:7-10.

b Tingali artikel ”Saha nu Bakal ka Sorga?”

Dina Alkitab, aya sabaraha jalma nu ngaranna Yahya?

Dina Alkitab, aya lima jalma nu ngaranna Yahya.

  1. 1. Yahya Jurubaptis, putrana Zakharia jeung Élisabét.​—Markus 1:4; Lukas 1:57-60.

  2. 2. Yahya bapana Rasul Pétrus.​—Yahya 1:42.

  3. 3. Rasul Yahya, ’anakna Zébédéus’. (Matius 10:2) Rasul ieu téh nu nulis Injil Yahya, surat Yahya nu Kahiji, Kadua, jeung Katilu, sarta kitab Wahyu.

  4. 4. Yahya nu disebut ogé Markus. Manéhna téh nu nulis Injil Markus.​—Kisah 12:12.

  5. 5. Saurang pangawasa Yahudi. Katingalina, manéhna téh barayana imam kapala Hanas.​—Kisah 4:6.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun