PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwhf artikel 11
  • Lamun Budak Sadérék Hésé Dipercaya

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Lamun Budak Sadérék Hésé Dipercaya
  • Bantuan keur Kulawarga
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Budak abdi téh tukang ngalawan kitu?
  • Abdi kudu kumaha mun budak abdi osok ngabohong?
  • Saha nu salah?
  • Carana ngabantu budak supaya bisa dipercaya deui
  • Kumaha Carana Supaya Abdi Dipercaya ku Kolot Abdi?
    Pananya Budak Ngora
  • Urang Bisa Percaya ka Dulur-Dulur Saiman
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
Bantuan keur Kulawarga
ijwhf artikel 11
Indung jeung bapa nu kuciwa ka budakna.

BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK

Lamun Budak Sadérék Hésé Dipercaya

Aya sababaraha budak ngora anu embung nuturkeun aturan ti kolotna. Meureun maranéhna ngabohong, cicing-cicing kaluar ti imah supaya bisa ulin jeung babaturanana, jeung balik leuwih peuting ti jam nu geus ditangtukeun. Sadérék kudu kumaha lamun budak Sadérék hésé dipercaya?

  • Budak abdi téh tukang ngalawan kitu?

  • Abdi kudu kumaha mun budak abdi osok ngabohong?

  • Saha nu salah?

  • Carana ngabantu budak supaya bisa dipercaya deui

  • Ceuk para kolot séjénna

Budak abdi téh tukang ngalawan kitu?

Can tangtu. Kitab Suci nyebutkeun, ”Barudak ngora téh sok ngalakukeun hal nu bodo.” (Siloka 22:15, Terjemahan Dunia Baru) Kalolobaan budak ngora mémang siga kitu. Dr. Laurence Steinberg nulis, ’Barudak ngora sok buru-buru nyieun putusan, terus hasilna goréng. Jadi teu héran mun maranéhna nyieun kasalahan.’a

Abdi kudu kumaha mun budak abdi osok ngabohong?

Ulah langsung nganggap yén budak Sadérék téh ngahaja ngalawan Sadérék. Hasil risét nunjukkeun yén sabenerna barudak ngora téh nganggap penting pandangan kolotna ngeunaan maranéhna, sanajan katingalina mah teu siga kitu. Budak Sadérék meureun kuciwa ka dirina sorangan jeung ngarasa sedih lantaran geus nguciwakeun Sadérék.

Gambar: 1. Gambar X-ray tulang suku anu potong. 2. Suku nu di-gips. 3. Saurang lalaki keur leumpang sanggeus sukuna cageur.

Kawas tulang anu potong bisa cageur jeung kuat deui, kitu ogé budak anu ngalawan aturan kolotna bisa dipercaya deui

Saha nu salah?

  • Salah lingkunganana? Ceuk Alkitab, ”Pergaulan nu goréng ngaruksak kabiasaan nu hadé.” (1 Korintus 15:33) Enya, barudak ngora téh gampang kapangaruhan ku babaturanana. Salian ti éta, maranéhna gé gampang kapangaruhan ku média sosial jeung iklan. Biasana barudak ngora can boga loba pangalaman, jadi teu héran mun maranéhna nyieun putusan anu salah. Sanajan kitu, maranéhna kudu diajar pikeun tanggung jawab kana putusanana supaya maranéhna jadi jalma nu déwasa.

  • Salahna abdi kitu? Sadérék meureun mikir yén barudak osok ngalawan téh lantaran Sadérék méré loba teuing aturan. Atawa, barudak jadi bébas teuing téh lantaran Sadérék teu tegas. Tibatan teterusan mikirkeun hal éta, mending Sadérék mikirkeun carana ngabantu budak Sadérék.

Carana ngabantu budak supaya bisa dipercaya deui

  • Ulah ambek-ambekan. Budak Sadérék meureun nyangka yén manéhna bakal dicarékan. Tibatan ambek-ambekan, Sadérék bisa nyobaan cara séjén. Pék ngobrol sing tenang jeung budak ngeunaan masalahna. Ku naon manéhna nyieun salah téh? Lantaran panasaran? Bosen? Ngarasa sorangan? Atawa butuh babaturan? Mémang, éta kabéh téh teu bisa dijadikeun alesan pikeun teu nurut. Tapi lamun geus diobrolkeun, Sadérék jeung budak Sadérék jadi leuwih paham naon sababna budak Sadérék ngalakukeunana.

    Naséhat Kitab Suci: ”Kudu gancang ngadéngé, ulah gancang ngomong, jeung ulah gancang ambek.”​—Yakobus 1:19.

  • Bantu budak Sadérék diajar tina kasalahanana. Sadérék bisa nanya ka budak Sadérék: Hidep diajar naon tina kajadian ieu? Mun aya deui kajadian anu siga kieu, hidep bakal kumaha? Pananya-pananya siga kitu bisa ngabantu budak Sadérék sangkan manéhna bisa nyieun putusan anu bener.

    Naséhat Kitab Suci: ”Béré tegoran, pépéling, jeung naséhat, tapi kudu sabar jeung maké cara ngajar nu alus.”​—2 Timotius 4:2.

  • Béré hukuman. Hukuman nu cocog téh nyaéta nu aya hubunganana jeung kasalahanana. Contona, mun budak Sadérék maké motor tapi teu bébéja heula ka Sadérék, Sadérék bisa ngalarang manéhna maké motor pikeun sababaraha waktu.

    Naséhat Kitab Suci: ”Naon nu dipelak, éta ogé nu bakal kaala.”​—Galatia 6:7.

  • Yakinkeun budak Sadérék yén manéhna bisa dipercaya deui. Mémang butuh waktu supaya budak bisa Sadérék dipercaya deui. Tapi, Sadérék kudu terus ngayakinkeun manéhna yén lila-lila manéhna bisa dipercaya deui. Lamun budak Sadérék ngarasa manéhna moal bakal dipercaya deui ku Sadérék, manéhna bisa jadi nyerah.

    Naséhat Kitab Suci: ”Ulah ngalantarankeun barudak jadi keuheul, bisi maranéhna jadi leutik haté.”​—Kolose 3:21.

Lampu bohlam.

Saran: Béré tuladan ku cara ménta maap waktu Sadérék nyieun putusan nu goréng atawa nyieun kasalahan ka budak Sadérék.

Ceuk para kolot séjénna

Joseph jeung Lisa.

”Percumah urang ngajarkeun ka budak carana jadi jalma nu bisa dipercaya lamun urangna sorangan gé teu bisa dipercaya. Tapi, mun budak ningali yén urang téh bisa dipercaya, manéhna gé bakal kageuing pikeun jadi jalma nu siga kitu. Hasilna, manéhna bakal ngarasa puas.”​—Joseph, jeung pamajikanana, Lisa.

Karyn jeung Daniel.

”Lamun urang akrab jeung barudak ti saprak maranéhna leutik kénéh, urang bakal leuwih gampang ngabantu maranéhna pas maranéhna geus rumaja. Kolot kudu méré kabébasan nu cocog jeung kaayaan budakna. Kolot gé kudu méré nyaho naon nu meunang jeung teu meunang dilakukeun ku maranéhna. Lamun barudak ngarasa yén kolotna téh paham ka maranéhna jeung bakal méré leuwih loba kabébasan, barudak gé bakal leuwih gampang pikeun nurut.”​—Karyn, jeung salakina, Daniel.

Ringkesan: Lamun Budak Sadérék Hésé Dipercaya

  • Ulah ambek-ambekan. Pék ngobrol sing tenang jeung budak ngeunaan masalahna.

  • Bantu budak Sadérék diajar tina kasalahanana. Sadérék bisa nanya ka budak: Hidep diajar naon tina kajadian ieu? Mun aya deui kajadian anu siga kieu, hidep bakal kumaha?

  • Béré hukuman. Hukuman nu cocog téh nyaéta nu aya hubunganana jeung kasalahanana.

  • Yakinkeun budak Sadérék yén manéhna bisa dipercaya deui. Lamun budak Sadérék ngarasa manéhna moal bakal dipercaya deui ku Sadérék, manéhna bisa jadi nyerah.

a Tina buku You and Your Adolescent.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun