PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwhf artikel 14
  • Nu Kudu Dipikanyaho ku Kolot Saacan Nitipkeun Budak

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Nu Kudu Dipikanyaho ku Kolot Saacan Nitipkeun Budak
  • Bantuan keur Kulawarga
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Pananya pikeun dipikirkeun
  • Nu bisa Sadérék lakukeun
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Ngurus Indung Bapa nu Geus Kolot?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Bantuan keur Kulawarga
ijwhf artikel 14
Barudak keur nyepeng cocooan di tempat panitipan budak.

BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK

Nu Kudu Dipikanyaho ku Kolot Saacan Nitipkeun Budak

Sababaraha kolot nu sibuk nitipkeun budakna ka tempat panitipan budak, nyaéta hiji tempat keur ngajaga budak nu mirip jeung sakola. Na Sadérék ogé perlu nitipkeun budak ka ditu?

  • Pananya pikeun dipikirkeun

  • Naon nu bisa dilakukeun?

Pananya pikeun dipikirkeun

Na panitipan budak téh bisa ngajauhkeun kolot ti budak? Bisa waé. Waktu leutik kénéh, perkembangan otak budak téh gancang pisan. Éta téh bisa mangaruhan hubunganana jeung jalma séjén. Jadi basa budakna leutik kénéh, kolot kudu ngagunakeun saloba-lobana waktu pikeun deukeut jeung budak.—Pamindo 6:6, 7.

  • Kolot nu rék nitipkeun budakna ka tempat panitipan budak kudu mikirkeun carana supaya tetep deukeut jeung budak.

Mun geus dititipkeun, na budak bakal tetep nurut ka kolot? Can tangtu. Buku Hold On to Your Kids nyebutkeun, ”Beuki sering budak ulin jeung babaturanana, beuki kapangaruh manéhna ku babaturanana.”

  • Kolot nu rék nitipkeun budakna ka tempat panitipan budak kudu mikirkeun, na budak bakal tetep nurut ka kolot.

Na budak bakal jadi leuwih pinter jeung siap sakola engkéna? Aya nu ngomong enya. Tapi, aya ogé nu ngomong nitipkeun budak mah mangpaatna saeutik, atawa malah euweuh mangpaatna kana kamampuh budak pikeun diajar. Teu sual mana nu bener, Psikolog budak nu ngaranna Penelope Leach nyebutkeun, ”Ulah mikir didikan ti sakola téh konci kasuksésan hirup budak. Ulah ngarasa, beuki gancang budak diasupkeun ka sakola, bakal beuki hadé. Lamun Sadérék mikir kitu, sabenerna Sadérék nyapirakeun pentingna didikan kolot ka budak.”

  • Kolot nu rék nitipkeun budakna ka tempat panitipan budak kudu mikirkeun, na éta mémang penting atawa aya mangpaatna.

Na Sadérék atawa batur hirup Sadérék bisa cicing di imah pikeun ngurus budak? Kadang, indung jeung bapa ngarasa kudu digawé méh bisa hirup ngeunah jeung loba duit. Tapi, na mangpaatna sabanding jeung pangorbananana?

  • Kolot nu rék nitipkeun budakna ka tempat panitipan budak kudu mikirkeun, na bisa hirup saderhana supaya salah sahiji bisa ngurus budak di imah.

Saacan rék nitipkeun budak di tempat panitipan budak, kolot kudu mikirkeun untung rugina. Lamun Sadérék mutuskeun rék nitipkeun budak, naon nu bisa Sadérék lakukeun?

Nu bisa Sadérék lakukeun

Ceuk Alkitab, ”nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.” (Siloka 14:15) Pikirkeun naséhat ieu saacan nyieun pilihan.

Pikirkeun pilihan Sadérék

  • Sababaraha kolot milih nitipkeun budak di hiji imah nu dijadikeun tempat panitipan budak. Biasana, aya sababaraha jalma nu ngasuh jeung barudakna teu pati loba.

  • Aya ogé nu nitipkeun budak ka dulurna atawa ngupahan saurang jalma keur ngasuh budak, nu sok disebut babysitter.

Unggal pilihan aya untung rugina. Pék tanyakeun ka kolot séjén nu geus pernah nitipkeun barudakna. Ceuk Alkitab, ’Jadi jalma mah ulah sungkan menta naséhat.’—Siloka 13:10.

Kumaha lamun Sadérék milih nitipkeun budak ka tempat panitipan? Naon waé nu kudu dipikirkeun?

Pariksa tempatna

  • Na tempatna geus boga ijin nu lengkep? Kumaha koméntar batur ngeunaan tempatna?

  • Na tempatna bersih jeung aman?

  • Naon waé kagiatan nu bakal dilakukeun ku barudak diditu?a

Pariksa pagawéna

  • Nu ngasuh budak geus meunang palatihan naon waé? Na pagawéna geus meunangkeun palatihan keur ngajarkeun barudak hal-hal dasar siga méré Pertolongan Pertama pada Kecelakaan (P3K), jeung CPR?

  • Na Sadérék bisa mariksa kasang tukang nu ngasuh budak, bisi pernah ngalakukeun kajahatan?

  • Na pagawéna sok gunta-ganti? Lamun sering gunta-ganti, budak Sadérék jadi kudu terus nyaluyukeun diri jeung ka pangasuh anyar.

  • Nu ngasuh téh bakal ngurus sabaraha budak? Lamun hiji jalma ngasuh loba budak, bisa jadi budak Sadérék bakal kurang diperhatikeun. Perhatian nu dibutuhkeun budak téh gumantung kana umur jeung kamampuhna.

  • Na nu ngurus budak téh boga komunikasi nu alus jeung para kolot?

a Contona, na budak téh ngan dititah nongton TV hungkul, atawa aya kagiatan diajar jeung olahraga?

Ringkesan: Nu Kudu Dipikanyaho ku Kolot Saacan Nitipkeun Budak

  • Pikirkeun pilihan Sadérék. Sababaraha kolot nitipkeun budak di hiji imah nu dijadikeun tempat panitipan budak. Aya ogé nu nitipkeun budak ka dulurna. Kolot téh kudu bener-bener mikir saacan nitipkeun, sabab kabéh pilihan aya untung rugina.

Lamun Sadérék rék nitipkeun budak ka tempat panitipan . . .

  • Pariksa tempatna. Na tempatna bersih jeung aman? Na tempatna geus boga ijin nu lengkep? Naon waé kagiatan nu bakal dilakukeun ku barudak diditu?

  • Pariksa pagawéna. Na pagawéna geus meunangkeun palatihan? Na nu ngurus budak téh boga komunikasi nu alus jeung para kolot? Na hiji jalma ngasuh loba budak?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun