PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwhf artikel 21
  • Carana Supaya Teu Keuheul kana Sipat Batur Hirup

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Carana Supaya Teu Keuheul kana Sipat Batur Hirup
  • Bantuan keur Kulawarga
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Carana boga pandangan nu leuwih positif kana sipat nu pikakeuheuleun
  • Nu bisa dibahas
  • 3 Rasa Hormat
    Éling!—2018
  • Carana Teu Mamawa Urusan Pagawéan ka Imah
    Bantuan keur Kulawarga
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Perkawinan Anjeun?
    Éling!—2021
  • Carana Ngadalikeun Amarah
    Bantuan keur Kulawarga
Tingali Ogé
Bantuan keur Kulawarga
ijwhf artikel 21
Saurang lalaki nu dahar sorangan bari keuheul, ari pamajikanana keur ngobrol jeung hiji pasangan.

BANTUAN KEUR KULAWARGA | PERKAWINAN

Carana Supaya Teu Keuheul kana Sipat Batur Hirup

  • Anjeun mah mun ngalakukeun sagala hal téh leuwih resep dadakan, tapi ari pasangan anjeun mah leuwih resep lamun direncanakeun heula.

  • Anjeun mah jalmana kalem, tapi ari pasangan anjeun mah maceuh jeung resep gaul.

Na sipat pasangan anjeun téh pikakeuheuleun? Mun anjeun terus ngunek-ngunek, perkawinan anjeun bisa ruksak. Alkitab gé nyebutkeun, ”Ngunek-ngunek bae kana kasalahanana mah keur nyobat ge bisa pegat.”​—Siloka 17:9.

Sipat nu pikakeuheuleun téh bisa nyieun masalah dina perkawinan anjeun, jadi ulah diantep. Meureun anjeun bisa néangan hal alus tina sipatna éta.

Dina artikel ieu urang bakal ngabahas

  • Carana boga pandangan nu leuwih positif kana sipat nu pikakeuheuleun

  • Ceuk salaki pamajikan séjén

  • Nu bisa dibahas

Carana boga pandangan nu leuwih positif kana sipat nu pikakeuheuleun

Sipat nu pikakeuheuleun ti pasangan anjeun téh meureun aya hubunganana jeung sipat nu dipikaresep ku anjeun. Coba pikirkeun tilu conto ieu:

”Salaki abdi mah sok lila mun ngagawékeun hiji hal atawa mun rék indit ka luar. Tapi sipat éta nu nyieun manéhna jadi leuwih sabar ka batur, kaasup ka abdi ogé. Sakapeung mah abdi sok keuheul, tapi sipat éta ogé nu nyieun abdi bogoh ka manéhna.”​—Chelsea.

”Pamajikan abdi téh osok nyieun rencana heula malah mah nepi ka hal-hal nu leutik. Manéhna hayang kabéhanana téh kudu sajalan jeung rencanana. Sakapeung abdi sok keuheul kana sipatna éta. Tapi justru ku sipatna éta, mun aya nanaon téh manéhna pasti geus siap.”​—Christopher.

”Abdi keuheul lantaran salaki abdi mah sok lempeng wé teu paduli pisan. Tapi justru sipat kalem manéhna nu matak abdi bogoh téh. Abdi resep pisan lantaran manéhna bisa tetep tenang sanajan kaayaanana keur riweuh.”​—Danielle.

Siga nu diomongkeun ku Chelsea, Christopher, jeung Danielle, kaleuwihan jeung kakurangan batur hirup anjeun téh sok teu bisa dipisahkeun, lantaran éta téh asalna ti hiji sipat nu sarua. Siga koin, anjeun teu bisa miceun salah sahiji sisina hungkul. Anjeun gé teu bisa ngan miceun kakurangan ti batur hirup anjeun, ku lantaran kaleuwihanana gé bakal kapiceun.

Mémang, aya sababaraha sipat nu euweuh alus-alusna acan. Misalna, Alkitab nyebutkeun yén aya sababaraha jalma nu ”barangasan”. (Siloka 29:22) Lamun kitu, jalma éta kudu sabisa-bisa miceun ”sagala kakeuheul, kaambek, amarah, sentak sengor, hinaan”.a—Éfésus 4:31.

Mun anjeun ningali aya sipat nu pikakeuheuleun, pék tuturkeun naséhat Alkitab ieu: ”Aranjeun kudu terus silih sabaran . . . sanajan aya nu pikakeuheuleun.”​—Kolose 3:13.

Terus téangan hal alus ti batur hirup anjeun. Bisa jadi aya hal alus nu baheula nyieun anjeun bogoh ka manéhna. Ceuk saurang salaki nu ngaranna Joseph, ”Mun urang terus mikirkeun sipat nu pikakeuheuleun ti batur hirup urang, éta téh siga aya permata nu éndah tapi nu ditingali téh ngan sisi-sisi nu seukeutna hungkul.”

Ceuk salaki pamajikan séjén

Derrick jeung Haley.

”Waktu abdi jeung pamajikan keuheul kana sipat pasangan, biasana urang sok mikirkeun dina hal naon sipat éta bisa mawa mangpaat.”​—Derrick, jeung pamajikanana, Haley.

Mikiah jeung Curtis.

”Urang bisa maklum kana sipatna nu pikakeuheuleun, lamun urang sadar sabenerna éta téh salah sahiji sipat nu baheula matak urang bogoh ka manéhna.”​—Mikiah, jeung salakina, Curtis.

Nu bisa dibahas

Mimitina, anjeun masing-masing bisa mikirkeun pananya-pananya ieu. Tuluy sanggeusna bahas babarengan.

  • Na batur hirup anjeun boga sipat nu bisa ngaruksak perkawinan? Lamun aya, sipat naon éta téh?

  • Na sipatna téh bener-bener goréng atawa ngan pikakeuheuleun hungkul?

  • Na aya hal alus tina sipatna éta? Lamun aya, sipat naon éta téh, jeung ku naon anjeun ngahargaan sipat éta?

a Tingali artikel ”Carana Ngadalikeun Amarah”, ”Bagaimana Agar Kata-Kata yang Menyakitkan Tidak Sampai Terlontar”, jeung ”Bagaimana Supaya Tidak Bertengkar Terus?”

Ringkesan: Kumaha carana supaya teu keuheul kana sipat batur hirup urang?

Pikirkeun hal-hal ieu:

  • Lamun teterusan mikirkeun sipat nu pikakeuheuleun, éta bisa ngaruksak perkawinan anjeun.

  • Sipat nu pikakeuheuleun ti batur hirup anjeun téh bisa jadi aya hubunganana jeung sipat nu dipikaresep ku anjeun, malah bisa jadi sipat éta nu baheula matak anjeun bogoh ka manéhna.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun