PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • foa artikel 4
  • Maranéhna Nyumbangkeun nu Panghadéna

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Maranéhna Nyumbangkeun nu Panghadéna
  • Tina Arsip Urang
  • Subjudul
  • Saksi-Saksi di Nagri Séjén Langsung Nyieun Tindakan
  • Hasil nu Luar Biasa
  • ”Maranéh Silih Pikanyaah”
Tina Arsip Urang
foa artikel 4
Saksi Yéhuwa ngasupkeun peti barang sumbangan ka karéta pikeun dikirimkeun ka Jerman.

TINA ARSIP URANG

Maranéhna Nyumbangkeun nu Panghadéna

Sanggeus Perang Dunya II bérés dina taun 1945, kaayaan di Jerman jadi parah pisan. Kota-kotana alalancur, sakola-sakola karosong, rumah sakit teu bisa dipaké, jeung masih kénéh loba bom nu aktif dimana-mana. Sasadiaan dahareun gé saeutik, jadi hargana marahal. Misalna di pasar gelap, harga 500 gram mentéga téh sarua jeung upah genep minggu digawé!

Ieu gé kaalaman ku ratusan Saksi Yéhuwa nu kakara bébas sanggeus mangtaun-taun cicing di kamp konséntrasi jeung dipanjara ku lantaran imanna. Dina taun 1945, maranéhna dibébaskeun bari ngan mawa acuk urut ti panjara. Malah, aya Saksi Yéhuwa nu kaleungitan imah jeung harta bandana. Aya ogé sababaraha nu kalaparan nepi ka salatri, tuluy pingsan pas keur ibadah di pasamoan.

Saksi-Saksi di Nagri Séjén Langsung Nyieun Tindakan

Sanggeus apal Saksi-Saksi di Jerman butuh dahareun jeung papakéan, para Saksi di nagri-nagri séjén langsung nyieun tindakan. Kantor pusat Saksi-Saksi Yéhuwa di Amerika Serikat ménta kantor cabang di Bern, Swiss, pikeun méré bantuan ka Jerman. Wakil ti kantor pusat, Nathan H. Knorr, datang ka Eropa pikeun ngatur sangkan bantuan kamanusaan gancang dikirimkeun.

Nathan H. Knorr keur méré hutbah di Wiesbaden, Jerman dina taun 1947. Di luhurna aya ayat taunan dina basa Jerman, ”Puji Yéhuwa, Sakabeh Bangsa”

Para Saksi di Swiss nyumbangkeun dahareun, pakéan, jeung duit. Terus barang-barang éta dikirim heula ka Bern pikeun disortir jeung disiapkeun, saacan dikirim deui ka Jerman. Sadérék-sadérék ti nagri séjénna siga Swedia, Kanada, jeung Amerika Serikat gé milu méré bantuan kamanusaan. Bantuan ieu teu ngan mangpaat keur para Saksi di Jerman hungkul, tapi ogé di daérah nu kapangaruh ku perang, siga Eropa jeung Asia.

Hasil nu Luar Biasa

Dina sababaraha bulan, kantor cabang Swiss geus ngirimkeun kopi, susu, sereal, bubuahan nu digaringkeun, sayur, kornét jeung sardén. Maranéhna gé ngirim duit.

Ogé, para Saksi di Swiss ngirimkeun lima ton baju, kaasup jakét, baju awéwé, jeung jas lalaki. The Watchtower 15 Januari 1946 nyebutkeun, ”Sadérék-sadérék téh lain ngan asal méré, kabéh nu dibéré téh nu panghadéna. Maranéhna daék nyieun pangorbanan pikeun ngabantu sadérék-sadérék di Jerman.”

Sadérék-sadérék di Swiss ogé nyumbangkeun 1.000 pasang sapatu. Saacan dikirim, sapatu-sapatu ieu téh dicék heula masih kénéh bisa dipaké atawa henteu. Pas muka pakétna, sadérék-sadérék di Wiesbaden, Jerman, rareuwaseun lantaran ningali barang-barangna téh meni aralus jeung rupa-rupa. Saurang Saksi nulis, ”Di Jerman euweuh da toko nu nyadiakeun barang-barang salengkep jeung saalus kieu.”

Bantuan kamanusaan terus dikirim nepi ka Agustus 1948. Total bantuan nu dikirim ka Jerman ku para Saksi di Swiss téh nyaéta 444 peti barang nu beuratna 25 ton. Sakumaha nu geus disebutkeun, lain ngan para Saksi di Swiss hungkul nu méré bantuan kamanusaan ieu. Padahal mun dibandingkeun jeung nagri-nagri séjén nu nyumbang, para Saksi di Swiss mah teu pati loba. Basa éta, di Swiss mah ngan aya 1.600 Saksi!

”Maranéh Silih Pikanyaah”

Isa Al-Masih nyebutkeun, ”Kabéh jalma bakal nyaho maranéh téh murid urang lamun maranéh silih pikanyaah.” (Yahya 13:34, 35) Lantaran silih pikanyaah, umat Yéhuwa teu ngan saukur méré nu dibutuhkeun, tapi malah méré nu panghadéna. (2 Korintus 8:1-4) Hiji surat ti Zurich nyebutkeun, ”Aya sadérék-sadérék nu sabenerna mah kakurangan, tapi maranéhna tetep hayang nyumbang duit.”

Umat Yéhuwa di Jerman bisa gancang pulih deui sanggeus panganiayaan jeung perang. Salah sahiji alesanna téh ku lantaran sakitu lobana sumbangan ti sadérék-sadérék nu diatur ku cara nu bener. Ieu bukti yén maranéhna teu mentingkeun diri jeung nyaah sapinuh haté.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun