PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 104
  • Kumaha Supaya Abdi Bisa Fokus?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Supaya Abdi Bisa Fokus?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Ku naon abdi téh sok teu fokus?
  • Kumaha supaya urang bisa leuwih fokus?
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Kabiasaan Diajar Anjeun?
    Éling!—2021
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Sosobatan Anjeun?
    Éling!—2021
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Perkawinan Anjeun?
    Éling!—2021
  • Kumaha Supaya Tetep Sumanget Waktu Diajar di Imah?
    Pananya Budak Ngora
Tingali Ogé
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 104
Budak awéwé nu keur diajar tapi diganggu ku hal-hal di sakurilingna. Nu ngagangguna téh nyaéta musik, vidéo, SMS, jeung gambar.

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Bisa Fokus?

  • Ku naon abdi téh sok teu fokus?

  • Kumaha supaya urang bisa leuwih fokus?

  • Ceuk budak ngora séjénna

Ku naon abdi téh sok teu fokus?

”Baheula mah abdi téh resep maca buku, tapi ayeuna mah boro-boro. Maca paragrap panjang gé sok horéam.”​—Elaine.

”Mun keur nongton vidéo, terus caritana téh asa lila pisan, vidéona téh ku abdi sok dipaju-pajukeun.”​—Miranda.

”Mun hp disada, najan abdi téh keur ngalakukeun pagawéan nu penting, nu aya di pikiran téh ngan: ’Saha nya nu ngirim chat?’”—Jane.

Na téknologi bisa nyieun urang hésé fokus? Aya nu ngarasa kitu. Ceuk Nicholas Carr, saurang konsultan manajemén jeung nu nulis buku, ”Beuki sering urang ngagunakeun Internét, otak urang téh jadi leuwih gampang kasimpangkeun. Ku lantaran urang gancang narima informasi nu aya, bari jeung teu bener-bener merhatikeun naon eusi informasina.”a

Perhatikeun kumaha téknologi bisa ngaganggu anjeun dina tilu kaayaan ieu.

  • Pas keur ngobrol. Ceuk budak ngora nu ngaranna Maria, ”Najan keur ngobrol gé, jalma-jalma téh sok maén hp. Maranéhna chatting-an, maén game, atawa ningalian média sosial. Ari batur di hareupeun mah kalah ka diculkeun.”

  • Pas keur di sakola. Ceuk buku Digital Kids, ”Pas jam palajaran, loba barudak sakola ngagunakeun alat éléktronik pikeun chatting-an, maén Internét, atawa ningalian informasi-informasi anu euweuh hubunganana jeung palajaran.”

  • Pas keur diajar. ”Mun handphone disada téh, teu bisa diantep, kudu ditingali,” ceuk Chris nu umurna 22 taun. Lamun anjeun budak sakola, tugas anu sakuduna bérés dina sajam, bisa jadi tilu jam atawa leuwih lantaran hayoh wé ningalian handphone.

Palajaran penting: Lamun urang dikadalikeun ku téknologi, urang téh moal bakal bisa fokus.

Budak lalaki ngajleng ti kuda.

Pikiran nu teu fokus téh, ibarat kuda liar nu teu bisa dikadalikeun

Kumaha supaya urang bisa leuwih fokus?

  • Pas keur ngobrol. Ceuk Alkitab, ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.” (Pilipi 2:4) Jadi lamun urang ngahargaan batur, urang bakal bener-bener ngadéngékeun manéhna. Urang bisa ningali panonna jeung ulah ningalian handphone waé.

    ”Mun keur ngobrol, ulah hayang ningalian waé handphone. Hargaan batur nu keur ngomong ku cara bener-bener ngadéngékeun manéhna.”​—Thomas.

    SARAN: Mun keur ngobrol, teundeun handphone di tempat nu teu katingali. Ceuk para ahli, mun katingali wéh aya handphone urang sok jadi teu fokus, pasti bakal ngaganggu urang.

  • Pas keur di sakola. Ceuk Alkitab, ”Darengekeun enya-enya.” (Lukas 8:18) Jadi najan di sakola urang bisa muka Internét, tapi lamun pas keur diajar, ulah mariksa pesen nu asup, ulah maén game atawa ulah chatting jeung batur.

    ”Lamun keur diajar perhatikeun enya-enya, jieun catetan, malah mun bisa mah urang diuk di hareup, supaya teu gampang ka ganggu.”​—Karen.

    SARAN: Ti batan urang nyieun catetan dina komputer, mending urang nyatetna dina buku. Para ahli nyebutkeun, lamun urang ngalakukeun hal ieu, urang moal gampang kasimpangkeun. Jeung urang ogé bakal leuwih inget ka palajaran anu geus urang tarima.

    Budak awéwé keur diajar. Tas, handphone, jeung majalahna téh diteundeun di kasur.
  • Pas keur diajar. Ceuk Alkitab, ”Sing meunang hikmah. Sing meunang pangarti.” (Siloka 4:5) Jadi palajaran téh teu ngan saukur dibaca supaya lulus hungkul, tapi usahakeun urang ngarti kana palajaranana.

    ”Pas keur diajar abdi nyetél tablét abdi ka mode pesawat, jadi abdi teu gampang kaganggu. Abdi gé teu mariksa pesen nu asup. Pas diajar gé, waktu aya hal-hal nu penting, ku abdi langsung dicatet.”​—Chris.

    SARAN: Pastikeun tempat diajar urang téh bersih jeung rapih, supaya urang teu gampang disimpangkeun.

a Tina buku The Shallows—What the Internet Is Doing to Our Brains.

Ceuk budak ngora séjénna

Katie.

”Waktu keur diajar, ulah jiga jalma nu ulin ski air, bisa ka mamana tapi ngan di luhureun cai hungkul. Urang kudu jiga tukang teuleum, anu neuleuman cai jang manggihan barang-barang anu alus.”​—Katie.

Rogelio.

”Mun awak urang séhat, pikiran urang gé jadi leuwih cékas. Jadi abdi ngadahar nu séhat-séhat jeung saré sing cukup supaya isukanana abdi bisa leuwih konséntrasi.”​—Rogelio.

Ringkesan: Kumaha supaya abdi bisa fokus?

  • Pas keur ngobrol. Perhatikeun batur nu keur ngomong, ulah disimpangkeun ku hal séjénna.

  • Pas keur sakola. Pas keur jam palajaran ulah ningalian waé pesen nu asup, ulah maén game, ulah chatting jeung batur.

  • Pas keur diajar. Pastikeun tempat diajar urang téh bersih jeung rapih. Supaya urang bisa leuwih fokus.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun