PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwfq artikel 61
  • Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngagunakeun Sumbangan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngagunakeun Sumbangan?
  • Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Bahan nu Sarupa
  • ’Nyumbangkeun pangbakti ka PANGERAN’
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Kumaha Kagiatan Urang di Sakuliah Dunya Dibiayaan?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
  • Nganuhunkeun ka Yéhuwa kana Kanyaah Sadérék
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Nu Leuwih Nutupan nu Kurang
    Sumbangan Sadérék Dipaké Keur Naon Waé?
Tingali Ogé
Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwfq artikel 61
Gambar: Kagiatan agama jeung bantuan kamanusaan ti Saksi-Saksi Yéhuwa nu didukung ku sumbangan. 1. Saksi-saksi ngawangun Balé Karajaan. 2. Saurang rélawan Saksi méré cai ka saurang awéwé. 3. Di deukeut rak léktur, Saurang Saksi ngabahas hiji topik dina brosur ”Hirup Bagja Salilana” ka saurang awéwé.

Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngagunakeun Sumbangan?

Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun sumbangan pikeun ngadukung kagiatan rohani jeung kagiatan kamanusaan nu dilakukeun ku organisasi urang. Kagiatan-kagiatan ieu jadi bagian tina tujuan utama Saksi-Saksi Yéhuwa dina ngabantu jalma-jalma jadi murid Yésus Kristus.—Mateus 28:19, 20.

Saksi-Saksi Yéhuwa teu pernah ngagunakeun sumbangan pikeun kapentingan sorangan. Pandéta atawa kokolot urang teu dibayar. Saksi-Saksi Yéhuwa ogé teu dibayar pikeun nguarkeun warta hadé ti imah ka imah. Jalma-jalma nu ngalalayanan di kantor cabang jeung kantor pusat kaasup Badan Pingpinan ogé teu dibayar.

Conto Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa

  • Penerbitan: Urang narjamahkeun, nyitak, ngirim, jeung ngabagikeun jutaan Alkitab jeung publikasi Kristen unggal taunna, kabéhanana téh haratis. Kitu ogé, situs Internét jw.org jeung aplikasi JW Library téh nyadiakeun publikasi haratis dina bentuk digital sarta euweuh iklan.

    Saurang Saksi Yéhuwa nu keur gawé di tempat nyitak keur mariksa kualitas Alkitab nu kakara dicitak.
  • Pangawangun jeung Parawatan: Urang ngawangun jeung ngarawat tempat-tempat ibadah di sakuliah dunya, tempat-tempat éta dipaké ku jamaah-jamaah urang pikeun ngumpul jeung muji Allah. Urang ogé ngawangun jeung ngarawat kantor-kantor cabang jeung kantor-kantor panarjamahan. Kalolobaan pagawéan ieu téh digawékeun ku para sukarélawan, ku kituna biayana gé jadi hémat.

    Saurang Saksi keur nyusun perancah di luar bangunan nu sok dipaké ibadah.
  • Administrasi: Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di kantor pusat, kantor-kantor cabang, jeung kantor-kantor panarjamah, ogé rohaniwan nu iinditan ka daérah-daérah, didukung ku sumbangan ti sakuliah dunya.

    Saurang Saksi Yéhuwa keur ngagawékeun pagawéan administrasi.
  • Pangwawaran: Kagiatan nguarkeun warta hadé atawa ngajarkeun ”pangersa Allah” téh teu dibayar. (2 Korinta 2:17) Tapi, saperti urang Kristen di abad kahiji, aya rohaniwan nu dilatih jeung ditugaskeun pikeun ngabaktikeun kalolobaan waktuna keur ngawawar jeung ngajar. Maranéhna dibéré tempat panyicingan nu saderhana jeung kabutuhan dasar.—Pilipi 4:16, 17; 1 Timoteus 5:17, 18.

    Hiji pasangan salaki pamajikan Saksi keur nyetélkeun vidéo nu dumasar kana Alkitab ka saurang lalaki.
  • Pangajaran: Kongrés-kongrés urang téh didukung ku sumbangan ogé. Salian ti éta, aya rekaman audio jeung vidéo nu dumasar kana Alkitab nu disadiakeun pikeun disetél dina kongrés. Urang ogé ngayakeun sakola pikeun ngalatih para kokolot jeung palayan sapinuh waktu supaya leuwih hadé dina ngajalankeun tugasna.

    Hadirin kongrés nongton vidéo di tempat nu gedé.
  • Bantuan Kamanusaan: Urang nyadiakeun dahareun, cai, jeung tempat panyicingan keur jalma-jalma nu ngalaman musibat alam. Bantuan kamanusaan ieu téh teu ngan nulungan ”batur sakapercayaan” wungkul, tapi ogé jalma nu lain Saksi.—Galata 6:10.

    Sababaraha Saksi keur nyiapkeun barang-barang bantuan di hiji gudang.
    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun