PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwfq artikel 15
  • Siga Kumaha Palajaran Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Siga Kumaha Palajaran Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa?
  • Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Saperti kumaha palajaran Alkitab Saksi-Saksi Yéhuwa téh?
  • Urang kudu mayar teu?
  • Sabaraha lila diajarna?
  • Kumaha cara miluan palajaran Alkitabna?
  • Bisa nyobaan heula sakali teu?
  • Lamun geus miluan palajaran Alkitab ieu, urang bakal dititah jadi Saksi Yéhuwa teu?
  • Bisa maké Alkitab sorangan teu?
  • Meunang ngajak batur teu?
  • Lamun baheula pernah diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa, meunang diajar deui teu?
  • Na bisa lamun hayang diajar Alkitabna ku sorangan waé?
  • Kumaha? Anjeun resep teu diajar Alkitab jiga kieu?
    Hirup Bagja Salilana!—Panganteur pikeun Diajar Alkitab
  • Carana Ngagunakeun Vidéo-Vidéo pikeun Diajar Alkitab
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2023
  • Naha Sadérék Kudu Jadi Saksi Yéhuwa lamun Diajar Alkitab?
    Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Conto Kecap Panganteur
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
Tingali Ogé
Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwfq artikel 15
Saurang Saksi Yéhuwa ngagunakeun brosur ”Hirup Bagja Salilana!” pikeun ngajarkeun Alkitab ka saurang jalma.

Siga Kumaha Palajaran Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

Saksi-Saksi Yéhuwa bisa mantuan Anjeun pikeun diajar Alkitab. Lamun diajar Alkitab, Anjeun jadi bisa:

  • Hirup bagja

  • Nyobat jeung Allah

  • Terang kana jangji-jangji Alkitab ngeunaan mangsa ka hareup

Artikel ieu bakal ngabahas:

  • Saperti kumaha palajaran Alkitab Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

  • Urang kudu mayar teu?

  • Sabaraha lila diajarna?

  • Kumaha cara miluan palajaran Alkitabna?

  • Bisa nyobaan heula sakali teu?

  • Lamun geus miluan palajaran Alkitab ieu, urang bakal dititah jadi Saksi Yéhuwa teu?

  • Bisa maké Alkitab sorangan teu?

  • Meunang ngajak batur teu?

  • Lamun baheula pernah diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa, meunang diajar deui teu?

  • Na bisa lamun hayang diajar Alkitabna ku sorangan waé?

Saperti kumaha palajaran Alkitab Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

Saurang Saksi Yéhuwa bakal mantuan Anjeun diajar Alkitab per topik. Diajarna maké buku Hirup Bagja Salilana! Lalaunan, Anjeun bakal nyaho kana pangajaran Alkitab jeung mangpaatna keur Anjeun. Pikeun nyaho leuwih loba, mangga tongton vidéo ieu.

Urang kudu mayar teu?

Teu kudu. Saksi-Saksi Yéhuwa nyonto Isa nu ngajarkeun ka murid-muridna, ”Maranéh narima ieu teu dipénta bayaran, jadi ulah ménta bayaran.” (Matius 10:8) Bahan-bahan palajaranana ogé disadiakeun gratis, kaasup Alkitab jeung buku Hirup Bagja Salilana!

Sabaraha lila diajarna?

Aya 60 bab dina buku Hirup Bagja Salilana! Anjeun bisa mutuskeun sorangan, rék ngaréngsékeun bahan ieu sabaraha lila. Kalolobaan jalma mah resep diajar hiji bab atawa leuwih unggal mingguna.

Kumaha cara miluan palajaran Alkitabna?

  1. 1. Eusian formulirna nu aya dina situs jw.org. Informasi pribadi nu Anjeun eusi ngan digunakeun supaya salah saurang Saksi Yéhuwa bisa ngontak Anjeun.

  2. 2. Saurang Saksi Yéhuwa bakal ngontak Anjeun. Manéhna bakal ngajelaskeun kumaha carana diajar jeung bakal ngajawab kabéh pananya Anjeun.

  3. 3. Anjeun jeung saurang Saksi Yéhuwa bisa jangjian heula. Diajarna bisa langsung, liwat telepon, video call, surat, atawa e-mail. Sakali diajar biasana sajam, tapi bisa leuwih sakeudeung atawa leuwih lila, gumantung kana jadwal Anjeun.

Bisa nyobaan heula sakali teu?

Bisa. Mimitina, eusian formulir online di jw.org. Waktu saurang Saksi Yéhuwa ngontak Anjeun, béré nyaho mun Anjeun hayang nyobaan heula diajar Alkitab. Manéhna bakal ngagunakeun brosur Hirup Bagja Salilana! Anjeun bisa nyobaan diajar maké tilu bab dina brosur éta. Sanggeus nyobaan diajar, Anjeun bisa mutuskeun hayang neruskeun diajar atawa henteu.

Bahan-bahan keur diajarna téh nyaéta ”Hirup Bagja Salilana!” jeung ”Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar”.

Lamun geus miluan palajaran Alkitab ieu, urang bakal dititah jadi Saksi Yéhuwa teu?

Henteu. Saksi-Saksi Yéhuwa resep ngajarkeun batur ngeunaan Alkitab. Tapi, urang teu pernah maksa batur pikeun jadi Saksi Yéhuwa. Urang ngahargaan hak kabéh jalma pikeun nangtukeun sorangan kapercayanana.​—1 Pétrus 3:15.

Bisa maké Alkitab sorangan teu?

Bisa, Anjeun bébas ngagunakeun Alkitab naon waé. Loba jalma leuwih resep ngagunakeun Alkitab nu geus sering dipaké ku maranéhna. Ari Saksi-Saksi Yéhuwa mah resep ngagunakeun Alkitab Terjemahan Dunia Baru nu leuwih jelas jeung akurat.

Meunang ngajak batur teu?

Mangga. Anjeun bisa ngajak babaturan atawa kabéh kulawarga.

Lamun baheula pernah diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa, meunang diajar deui teu?

Meunang. Meureun ayeuna Anjeun bakal leuwih resep diajarna, lantaran cara diajarna geus diluyukeun jeung kabutuhan jalma-jalma ayeuna. Bahanna gé leuwih pikaresepeun sabab geus dirancang pikeun diskusi sarta aya leuwih loba gambar jeung vidéo.

Na bisa lamun hayang diajar Alkitabna ku sorangan waé?

Bisa. Loba palajar Alkitab ngarasa meunangkeun leuwih loba mangpaat mun aya nu mantuan maranéhna diajar. Tapi, aya ogé nu mimitina resep diajar Alkitab sorangan heula. Dina bagian Bantuan pikeun Diajar Alkitab aya loba bahan gratis nu bisa ngabantu Anjeun diajar Alkitab sorangan. Bahan-bahanna téh nyaéta:

  • Vidéo Alkitab. Vidéo singget ieu ngajarkeun pangajaran penting ti Alkitab.

  • Pananya nu Dijawab Alkitab. Dina bagian ieu, aya artikel-artikel nu bakal ngajawab loba pananya tina Alkitab.

  • Ayat Alkitab Dijelaskan. Bagian ieu ngajelaskeun harti tina ayat-ayat jeung kekecapan nu kasohor tina Alkitab.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun