Kumaha Sikep Saksi-Saksi Yéhuwa ka Jalma nu Geus Lain Anggotana Deui?
Saksi-Saksi Yéhuwa téh upaya pikeun mikanyaah, bageur, jeung ngahargaan unggal jalma. Jadi, lamun aya salah sahiji Saksi Yéhuwa nu jadi belang-betong kana ibadah, atawa malah eureun ibadahna, manéhna téh ku urang dideukeutan, diajak ngobrol, jeung diyakinkeun yén urang téh nyaah ka manéhna.a Urang hayang mantuan manéhna supaya ngaraketan Allah deui.—Lukas 15:4-7.
Tapi dina sababaraha kaayaan, ku lantaran tindakanana, hiji jalma bisa waé dikaluarkeun ti sidang jamaah. (1 Korintus 5:13) Najan kitu, ku sabab urang bener-bener nyaah ka dulur saiman, saacan manéhna dikaluarkeun, urang sabisa-bisa nulungan ngarah manéhna teu dikaluarkeun. Tapi lamun manéhna nepi ka dikaluarkeun gé, urang tetep mikanyaah sarta ngahargaan manéhna, sajalan jeung naséhat tina Kitab Suci.—Markus 12:31; 1 Pétrus 2:17.
Naon nu ngalantarankeun hiji jalma dikaluarkeun ti sidang jamaah?
Dina Kitab Suci disebutkeun yén upama aya urang Kristen nu ngalampahkeun dosa gedé sarta teu daék tobat, manéhna kudu dikaluarkeun ti sidang jamaah.b (1 Korintus 5:11-13) Kitab Suci nerangkeun dosa gedé nu saperti kumaha nu bisa ngalantarankeun hiji jalma dikaluarkeun ti sidang jamaah. Conto nu disebutkeun téh saperti jinah, mabok-mabokan, maéhan, nganiaya anggota kulawarga, sarta maok.—1 Korintus 6:9, 10; Galatia 5:19-21; 1 Timotius 1:9, 10.
Sanajan kitu, jalma nu ngalampahkeun dosa gedé téh henteu langsung dikaluarkeun ti sidang jamaah. Para kokolot sidangc ngupayakeun heula pikeun méré bantuan, tujuanana supaya éta jalma bisa ngarobah kalakuanana. (Roma 2:4) Para kokolot sabisa-bisa ngageuing haténa ku cara nu lemah lembut, leuleuy, jeung bageur. (Galatia 6:1) Mun dikitukeun, sugan anu boga salah téh sadar kana kasalahanana, seug tobat. (2 Timotius 2:24-26) Tapi, lamun manéhna teterusan ngalampahkeun tindakan nu dilarang ku Kitab Suci sanajan geus mangkali-kali dibantuan ku para kokolot, nya manéhna kudu dikaluarkeun ti sidang jamaah. Para kokolot bakal méré pangumuman singget ka sidang jamaah yén manéhna geus lain Saksi-Saksi Yéhuwa deui.
Ku cara nu bageur, leuleuy, jeung lemah lembut, para kokolot upaya pikeun ngageuing haté jalma nu nyieun dosa
Naon hasilna lamun jalma nu teterusan ngalampahkeun dosa dikaluarkeun? Kahiji, sidang jamaah téh tetep nyekel patokan moral ti Allah sarta kajaga tina pangaruh goréng éta jalma. (1 Korintus 5:6; 15:33; 1 Pétrus 1:16) Salian ti éta, jalma nu ngalampahkeun dosa téh bisa kageuing pikeun eureun nyieun dosa sarta upaya pikeun ngarobah kalakuanana.—Ibrani 12:11.
Kumaha sikep Saksi-Saksi Yéhuwa ka anggotana nu dikaluarkeun ti sidang jamaah?
Kitab Suci nyebutkeun yén urang Kristen ”ulah babarengan deui” jeung jalma nu dikaluarkeun ti sidang jamaah, ”malah, dahar bareng gé ulah”. (1 Korintus 5:11) Jadi, urang moal babarengan deui jeung jalma nu geus dikaluarkeun. Tapi, éta lain hartina urang sama sakali teu paduli ka manéhna. Urang tetep ngahargaan manéhna. Manéhna tetep ditarima pikeun datang ibadah. Lamun manéhna datang, Saksi-Saksi Yéhuwa nu rék ibadah bisa nyalaman atawa ngucapkeun salam ka manéhna.d Manéhna gé bisa ménta bantuan rohani ka para kokolot ngarah bisa jadi anggota sidang jamaah deui.
Jalma nu geus dikaluarkeun ti sidang jamaah téh ditarima pikeun datang ka tempat ibadah urang
Kumaha lamun nu dikaluarkeun ti sidang téh nyaéta hiji jalma nu batur hirupna atawa budakna anggota Saksi-Saksi Yéhuwa? Mémang sual urusan ibadah mah geus teu katalian deui, tapi sual hubungan kulawarga mah angger, teu barobah. Ku sabab cicing saimah, perkawinanana atawa hubunganana jeung budak tetep sarua. Maranéhna sakuduna tetep silih pikanyaah.
Jalma nu dikaluarkeun bisa ménta didatangan ku para kokolot. Engké para kokolot bakal méré naséhat Kitab Suci nu némbongkeun kanyaah sarta ku cara nu bageur bakal ngageuing haténa sangkan tobat jeung balik deui ka Allah. (Zakharia 1:3) Lamun manéhna eureun ngalampahkeun nu salah sarta nunjukkeun tina tindakanana yén manéhna hayang nuturkeun patokan Kitab Suci, manéhna bisa jadi anggota sidang jamaah deui. Sidang jamaah bakal ’ngahampura sarta ngagedékeun haténa’, sakumaha nu dilampahkeun ku urang Kristen di Korintus ka jalma dosa nu geus tobat tina dosana.—2 Korintus 2:6-8.
Naon nu ayeuna dirasakeun ku jalma nu pernah dikaluarkeun ti sidang jamaah?
Perhatikeun koméntar ti sababaraha Saksi Yéhuwa nu pernah dikaluarkeun ti sidang jamaah tuluy ka dieunakeun balik deui ka Allah.
”Waktu abdi mutuskeun hayang balik deui ka sidang, sugan téh para kokolot hayang nyaho sagala nu dilampahkeun ku abdi waktu abdi di luar organisasi. Ari pék téh, para kokolot ngan ngomong kieu, ’Ayeuna mah pikirkeun ka hareupna wéh nya.’ Ngadangu kitu, haté téh mani asa reugreug.”—Maria, Amerika Serikat.
”Sidang jamaah ngarep-ngarep pisan abdi balik deui. Abdi jadi ngarasa dihargaan. Dulur-dulur saiman ngayakinkeun yén abdi téh geus dihampura, ku kituna abdi teu terus mikiran kasalahan nu ka tukang-tukang. Para kokolot gé siap nulungan iraha waé sangkan abdi bisa akrab deui jeung Yéhuwa. Aranjeunna ngagedékeun haté abdi sarta ngabantu abdi ngarasakeun yén Yéhuwa téh masih kénéh ngahargaan jeung nyaah ka abdi.”—Malcom, Sierra Leone.
”Ku lantaran nyaah ka umat-Na, Yéhuwa mastikeun sangkan organisasi-Na bersih, éta matak abdi bungah. Meureun batur nganggap aturan siga kieu téh teungteuingeun, tapi sabenerna éta téh penting, malah éta téh bukti kanyaah. Abdi ngucap sukur lantaran Bapa urang di sorga téh Allah nu nyaahan sarta hampuraan.”—Sandi, Amerika Serikat.
a Katerangan dina ieu artikel téh keur awéwé atawa lalaki.
b Saacanna, urang nyebut yén jalma nu nyieun dosa sarta teu tobat téh jalma nu dipecat. Tapi, ayeuna mah urang maké kecap nu asalna tina Kitab Suci, jadi urang nyebut manéhna téh jalma nu dikaluarkeun ti sidang.
c Kokolot téh lalaki Kristen nu asak rohani, nu ngajar dumasar kana Kitab Suci sarta ngajaga umat Yéhuwa ku cara nulungan jeung nguatkeun maranéhna. Dina ngajalankeun tugasna, para kokolot téh teu dibayar.—1 Pétrus 5:1-3.
d Sanajan jarang pisan, aya jalma nu ninggalkeun sidang jamaah sarta terus upaya pikeun ngaruksak sidang jamaah atawa ngalemahkeun karohanian batur di sidang jamaah, malah nepi ka ngajak batur ngalampahkeun nu salah. Mun kitu, urang nuturkeun naséhat Kitab Suci pikeun teu ”ngucap salam” ka manéhna.—2 Yahya 9-11.