Urang Kristen Meunang Maké KB Teu?
Jawaban Alkitab
Yésus teu méré pituduh naha urang Kristen kudu boga anak atawa henteu. Kitu ogé, murid-muridna teu pernah ngajarkeun nanaon ngeunaan hal éta. Dina Alkitab ogé teu aya larangan ngeunaan KB.
Jadi, salaki pamajikan bisa mutuskeun sorangan naha rék boga anak atawa henteu, rék boga sabaraha, sarta rék iraha bogana. Lamun maranéhna maké KB lantaran embung boga anak, éta téh putusan jeung tanggung jawab maranéhna. Tapi mun rék maké KB, ulah nepi ka ngagunakeun KB nu bisa ngagugurkeun kandungan. Batur gé teu meunang ngahakiman putusan maranéhna. Ceuk Alkitab, ”Urang teh kudu nyanggakeun tanggung jawab ka Allah tina kalakuan urang masing-masing.”—Rum 14:4, 10-13.