Naha Allah Bakal Nulungan Lamun Urang Ngadoa?
Jawaban Alkitab
Tangtu, Allah pasti nulungan jalma nu enya-enya ménta tulung ka Mantenna salila éta luyu jeung kahoyong-Na. Sanajan Sadérék can pernah ngadoa, aya jalma-jalma dina Alkitab nu ngadoa, ”Allah, tulung abdi.” Pangalaman maranéhna bisa ngabantu Sadérék. Conto doana:
”Tulungan, nun PANGERAN, Allah abdi, demi kaasih Gusti nu taya kendatna, salametkeun abdi!”—Jabur 109:26.
”Gusti teh jurusalamet, PANGERAN abdi. Enggal abdi tulungan!”—Jabur 70:6.
Mémang jalma-jalma nu nuliskeun kekecapan éta téh boga iman nu kuat ka Allah. Tapi, Allah ogé ngadangukeun jalma-jalma nu boga sikep nu bener, kaasup nu keur ”remuk haté” atawa ”pegat pangharepan”.—Jabur 34:19.
Ulah ngarasa Allah sakitu luhurna nepi ka Sadérék sieun Mantenna henteu paduli kana masalah Sadérék. Alkitab ngomong yén ”Gusti teh maha luhur, kacida luhurna, nanging kersa nitenan jalmi nu laip, jalmi nu adigung teu tiasa nyumput ti Gusti.” (Jabur 138:6) Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Buuk sirah maraneh ge ku Mantenna geus diitung.” (Mateus 10:30) Hal-hal leutik ngeunaan Sadérék waé diperhatikeun ku Allah, komo deui doa. Ku kituna, urang bisa yakin Mantenna bakal ngadangu doa Sadérék pikeun nyanghareupan kasusah!—1 Petrus 5:7.