PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwfq artikel 18
  • Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Ngarayakeun Natal?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Ngarayakeun Natal?
  • Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Subjudul
  • Kasalahpahaman nu umum
  • Ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa teu Natalan?
  • Ku naon Natalan bet jadi masalah?
Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwfq artikel 18
Kolot nu keur ngobrol jeung putrana bari manéhna muka hadiah.

Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Ngarayakeun Natal?

Kasalahpahaman nu umum

Mitos: Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun Natal lantaran teu percaya ka Yésus.

Fakta: Urang téh Kristen. Urang percaya yén kasalametan datangna ngan ti Yésus.—Rasul 4:12.

Mitos: Aranjeun megatkeun tali duduluran lantaran teu Natalan.

Fakta: Urang nyaah pisan ka kulawarga. Urang ogé ngalarapkeun naséhat Alkitab pikeun ngaraketkeun kulawarga.

Mitos: Aranjeun teu ngarasakeun kahadéan Natal saperti barang béré jeung bageur ka batur sarta karukunan.

Fakta: Urang ngupayakeun pikeun béréhan sarta rukun jeung batur unggal poé. (Siloka 11:25; Rum 12:18) Contona, di pasamoan jeung waktu ngawawarkeun Injil, urang ngalarapkeun pituduh Yésus, ’Kudu nulungan nu sejen, ulah menta bayaran.’ (Mateus 10:8) Urang ogé ngabagikeun harepan ngeunaan Karajaan Allah nu bakal ngawujudkeun katengtreman di bumi.—Mateus 10:7.

Ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa teu Natalan?

  • Yésus maréntahkeun urang pikeun miéling pupusna, lainna kalahiranana.—Lukas 22:19, 20.

  • Rasul-rasul jeung murid-murid Yésus di abad kahiji teu Natalan. New Catholic Encyclopedia nyebutkeun yén ”Natal kakara dirayakeun kira-kira taun 243 [M]”, leuwih ti saratus taun sanggeus rasul nu pangahirna maot.

  • Euweuh bukti yén Yésus lahir dina tanggal 25 Désémber. Alkitab teu nyatet tanggal lahirna Yésus.

  • Urang percaya yén Natal teu kamanah ku Allah lantaran asalna ti upacara jeung kabiasaan jalma-jalma nu nyembah brahala.—2 Korinta 6:17.

Ku naon Natalan bet jadi masalah?

Sanajan apal kana asal-usul Natal sarta nyaho yén euweuh catetan ngeunaan Natal dina Alkitab, loba nu tetep Natalan. Maranéhna bisa jadi nanya: Ku naon Natalan bet jadi masalah? Ku naon kudu béda ti batur?

Alkitab ngajurung urang pikeun ngagunakeun nalar, ”Uji sagala perkara.” (1 Tesalonika 5:21) Ku kituna, urang jadi ngahargaan bebeneran. (Yohanes 4:23, 24, Sunda Formal) Urang mikirkeun pandangan batur ka urang, tapi urang leuwih nurut kana prinsip Alkitab sanajan jadi béda jeung batur.

Sanajan urang pribadi milih teu Natalan, urang ngahargaan hak batur pikeun nyieun putusan sorangan ngeunaan Natal. Urang gé moal ngaganggu batur nu keur Natalan.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun