PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwfq artikel 23
  • Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Daék Miluan Perang?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Daék Miluan Perang?
  • Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Subjudul
  • Dukungan keur masarakat
Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwfq artikel 23
Tantara nu keur perang.

Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Daék Miluan Perang?

Saksi-Saksi Yéhuwa teu miluan perang, ku sabab:

  1. Taat ka Allah. Alkitab nyebutkeun yén hamba Allah bakal ”ngarobah pedangna jadi wuluku” sarta ”moal tatahar perang deui”.—Yesaya 2:4.

  2. Taat ka Yésus. Rasul Pétrus pernah dibéjaan ku Yésus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.” (Mateus 26:52) Ku kituna, Yésus ngajarkeun yén murid-muridna moal miluan perang.

    Murid-murid Yésus téh ”sanes gaduhna dunya”, jadi maranéhna bener-bener nétral dina urusan pulitik. (Yohanes 17:16) Tapi, maranéhna moal miluan protés kana kagiatan militér atawa ngahalang-halang batur supaya teu jadi tentara.

  3. Nyaah ka batur. Yésus méré paréntah ka murid-muridna pikeun ”silih pikanyaah sabatur-batur”. (Yohanes 13:34, 35) Maranéhna jadi anggota duduluran internasional nu moal silih perangan.—1 Yohanes 3:10-12.

  4. Nyonto urang Kristen di abad kahiji. Encyclopedia of Religion and War nyebutkeun, ”Murid-murid Yésus nu mimiti, teu daék perang atawa milu dines militér.” Hal-hal éta dianggap ”papalingpang jeung prinsip kanyaah ti Yésus sarta paréntah pikeun mikanyaah musuh”. Kitu ogé, ahli agama asal Jerman nu ngaranna Peter Meinhold ngajelaskeun ngeunaan murid-murid Yésus di abad kahiji, ”Jadi urang Kristen bari jeung jadi tentara téh patukang tonggong.”

Dukungan keur masarakat

Saksi-Saksi Yéhuwa téh lain beban keur masarakat jeung lain ancaman keur nagara. Urang ngajénan wewenang pamaréntah. Ieu saluyu jeung paréntah Alkitab:

  • ”Kudu nurut ka pamarentah.”—Rum 13:1.

  • ”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.”—Mateus 22:21.

Ku kituna, urang taat hukum, mayar pajeg, sarta daék ngadukung upaya pamaréntah pikeun ngawujudkeun masarakat nu sejahtera.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun