PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwfq artikel 52
  • Naha Sadérék Kudu Jadi Saksi Yéhuwa lamun Diajar Alkitab?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Sadérék Kudu Jadi Saksi Yéhuwa lamun Diajar Alkitab?
  • Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Naha Sadérék bisa maké Alkitab sorangan?
  • Ku naon Saksi Yéhuwa daék ngajarkeun Alkitab ka nu embung jadi Saksi Yéhuwa?
  • Siga Kumaha Palajaran Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa?
    Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Na Sadérék Bisa Mantuan Batur pikeun Jadi Murid?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
  • Urang Hayang Dibaptis Lantaran Nyaah ka Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • Kumaha Carana Jadi Saksi Yéhuwa?
    Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
Tingali Ogé
Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwfq artikel 52
Saurang lalaki nyepeng bacaan bari merhatikeun Saksi-Saksi Yéhuwa nu keur ngobrol jeung saurang awéwé

Naha Sadérék Kudu Jadi Saksi Yéhuwa lamun Diajar Alkitab?

Henteu. Sadérék teu diwajibkeun pikeun jadi Saksi-Saksi Yéhuwa. Aya jutaan jalma nu diajar Alkitab, tapi henteu jadi Saksi Yéhuwa.a Sadérék diajar téh supaya paham kana pangajaran Alkitab. Sanggeus diajar, Sadérék sorangan nu mutuskeun naon nu rék dilakukeun. Urang paham yén unggal jalma kudu mutuskeun sorangan naon kapercayaanana.​—Yosua 24:15.

Naha Sadérék bisa maké Alkitab sorangan?

Bisa. Saksi-Saksi Yéhuwa mémang resep ngagunakeun Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru nu aya dina loba basa, nu tarjamahanana leuwih gampang kaharti. Mun Sadérék hayang, Sadérék bakal dibéré haratis. Tapi, Sadérék gé bisa maké Alkitab sorangan. Teu sual naon tarjamahan Alkitab nu dipaké, Sadérék bisa tetep diajar ngeunaan harepan jeung kasalametan ti Alkitab.

Ku naon Saksi Yéhuwa daék ngajarkeun Alkitab ka nu embung jadi Saksi Yéhuwa?

  • Utamana, lantaran urang nyaah ka Allah Yéhuwa. Mantenna miharep urang Kristen ngabagikeun naon nu geus diajarkeun ka maranéhna. (Mateus 22:37, 38; 28:19, 20) ”Gawe babarengan” jeung Allah pikeun mantuan batur diajar Firman Allah téh pagawéan nu panghadéna.​—1 Korinta 3:6-9.

  • Urang ogé nyaah ka sasama. (Mateus 22:39) Urang bungah mantuan batur diajar bebeneran.​—Rasul 20:35.

a Dina taun 2023, aya 7.281.212 jalma nu diajar Alkitab unggal bulanna. Sababaraha jalma diajar babarengan dina waktu nu sarua. Tapi, ngan 269.517 jalma nu dibaptis jadi Saksi-Saksi Yéhuwa dina taun éta.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun