PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 123
  • Naha Gusti Aya di Mana-Mana?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Gusti Aya di Mana-Mana?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Naon Roh Suci téh?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Kumaha Carana Nyobat jeung Allah?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Jiga Kumaha Yéhuwa téh?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Naha Allah Linggih di Hiji Tempat?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 123
Langit nu pinuh ku béntang sarta panonpoé nu bijil

Na Gusti Allah téh Aya di Mana-Mana?

Jawaban Alkitab

Gusti Allah bisa ningali sagala hal sarta ngalakukeun naon waé jeung di mana waé. (Siloka 15:3; Ibrani 4:13) Tapi, Kitab Suci teu ngajarkeun yén Gusti aya di kabéh tempat. Sabalikna, Kitab Suci ngajarkeun yén Anjeunna téh Pribadi nu cicing di hiji tempat.

  • Wujud Gusti: Gusti Allah téh mahluk roh. (Yohanes 4:24) Anjeunna teu bisa ditingali ku manusa. (Yohanes 1:18) Téténjoan ngeunaan Gusti nu dicatet dina Kitab Suci nunjukkeun yén Anjeunna boga tempat panyicingan. Teu pernah disebutkeun yén Anjeunna aya di mana-mana.—Yesaya 6:1, 2; Wahyu 4:2, 3, 8.

  • Panyicingan Gusti: Gusti cicing di alam roh. Ieu téh béda jeung dunya urang nu bisa ditempo. Di alam roh éta, Gusti boga ’tempat linggih di sawarga’. (1 Raja 8:30) Kitab Suci nyaritakeun yén dina hiji waktu, mahluk-mahluk roh ”ngadeuheus ka payuneun PANGERAN”.a Éta hartina Gusti cicing di hiji tempat.—Ayub 1:6.

Lamun Gusti teu aya di sagala tempat, na Anjeunna bisa merhatikeun manusa hiji-hiji?

Bisa. Gusti nyaah pisan ka urang masing-masing. Sanajan Anjeunna aya di alam roh, Gusti merhatikeun jalma-jalma di bumi nu bener-bener hayang nyobat jeung Anjeunna. Gusti gé bakal nulungan maranéhna. (1 Raja 8:39; 2 Babad 16:9) Kumaha Gusti Yéhuwa nunjukkeun perhatiana-Na ka umat-Na nu satia?

  • Waktu urang ngadoa: Yéhuwa langsung ngadéngékeun doa urang waktu urang ngadoa kénéh.—2 Babad 18:31.

  • Waktu urang strés pisan: ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.”—Jabur 34:19.

  • Waktu urang butuh bingbingan: Yéhuwa méré ”papatah, keur pilampaheun [urang]” liwat Firman-Na, Alkitab.—Jabur 32:8.

Kasalahpahaman yén Gusti Allah aya di mana-mana

Kasalahpahaman: Gusti aya dina unggal ciptaana-Na.

Fakta: Gusti henteu cicing di Bumi atawa di hiji tempat di jagat raya. (1 Raja 8:27) Mémang bener, béntang-béntang jeung ciptaana-Na nu séjén téh ”ngebrehkeun kamulyaan Allah”. (Jabur 19:2) Tapi saperti tukang gambar henteu cicing di jero gambarna, Gusti ogé henteu cicing dina ciptaana-Na. Sanajan kitu, hiji gambar bisa nyaritakeun loba hal ngeunaan jalma nu ngagambarna. Sarupa kitu, ciciptaan Gusti nu katénjo téh bisa nyaritakeun ngeunaan ”sipat-sipat [Gusti], — sanajan [Gusti] teu bisa katenjo”. (Rum 1:20, Sunda Formal) Misalna, urang bisa ngarti yén Gusti téh boga kawasa, bijaksana, jeung nyaah ka urang.

Kasalahpahaman: Supaya bisa nyaho jeung merhatikeun sagala hal, Gusti kudu aya di sagala tempat.

Fakta: Roh suci téh nyaéta kawasa nu dipiboga ku Gusti. Ku roh suci-Na, Gusti bisa nyaho jeung ngalakukeun sagala hal di mana waé jeung iraha waé. Anjeunna teu kudu pundah-pindah.—Jabur 139:7, Terjemahan Dunia Baru.

Kasalahpahaman: Jabur 139:8 nunjukkeun yén Gusti aya di mana-mana. Ceuk ayat éta, ”Ngungsi ka langit, Gusti aya di dinya, nyempod ka alam maot, Gusti aya di dinya.”

Fakta: Ayat ieu lain keur ngabahas tempat panyicingan Gusti. Ieu téh ngan puisi nu ngajarkeun yén Gusti bisa nulungan urang, teu sual urang aya di mana.

a Dina Kitab Suci, PANGERAN téh gelar keur Gusti Allah nu nami-Na Yéhuwa.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun