PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 126
  • Saperti Kumaha Rupa Yésus téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Saperti Kumaha Rupa Yésus téh?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Kasalahpahaman ngeunaan rupa Yésus
  • Saha Yésus Kristus téh?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 126
Kalangkang Yésus

Saperti Kumaha Rupa Yésus téh?

Jawaban Alkitab

Euweuh nu apal kumaha percisna rupa Yésus, lantaran teu pernah dijelaskeun dina Alkitab. Ieu nunjukkeun yén rupa Yésus téh lain hal nu penting. Tapi tina Alkitab, urang bisa ngira-ngira saperti kumaha rupa Yésus.

  • Rupana: Yésus téh urang Yahudi. Katingalina, anjeunna boga ciri-ciri fisik urang Semitik, nu diwariskeun ti indungna. (Ibrani 7:14) Ciri-ciri fisik Yésus téh teu béda jauh ti batur. Hiji waktu, Yésus susulumputan indit ti Galiléa, tapi euweuh nu engeuheun. (Yohanes 7:10, 11) Pangawakan Yésus ogé teu béda jauh ti para rasulna. Yudas waé kudu nyirian Yésus heula supaya jalma-jalma bisa néwak Yésus.—Mateus 26:47-49.

  • Panjang buukna: Buuk Yésus henteu panjang, lantaran ceuk Alkitab, ”buuk panjang pikeun lalaki mah teu pantes”.—1 Korinta 11:14.

  • Janggotna: Yésus téh boga janggot. Anjeunna nuturkeun hukum Yahudi nu ngalarang saurang lalaki pikeun ngerik ’sisi janggotna’. (Imamat 19:27; Galata 4:4) Dina hiji ramalan ngeunaan kasangsaraan nu bakal kaalaman ku Yésus, Alkitab nyebutkeun ngeunaan janggotna.—Yesaya 50:6.

  • Awakna: Yésus téh boga awak nu kuat. Yésus bisa leumpang ratusan kilométer pikeun ngawawar. (Mateus 9:35) Anjeunna ogé dua kali mersihan bait, ngajungkelkeun méja-méja tukang nalukeuran duit, jeung ngusir sasatoan ku pecut. (Lukas 19:45, 46; Yohanes 2:14, 15) Cyclopedia karya McClintock jeung Strong nyebutkeun, ”Kabéh carita ngeunaan pangwawaran Yésus nunjukkeun yén anjeunna boga awak nu kuat jeung jagjag.”​—Jilid IV, kaca 884.

  • Rarayna: Tina raray Yésus, katémbong yén anjeunna téh jalma nu bageur jeung nyaahan. (Mateus 11:28, 29) Rupa-rupa jalma sok datang ka Yésus pikeun dililipur jeung dibantuan. (Lukas 5:12, 13; 7:37, 38) Malah, budak leutik ogé resepeun aya di deukeut Yésus.—Mateus 19:13-15; Markus 9:35-37.

Kasalahpahaman ngeunaan rupa Yésus

Kasalahpahaman: Sababaraha jalma percaya yén Yésus téh turunan Afrika, lantaran buku Wahyu nyebutkeun yén buukna téh kawas wol jeung sukuna ”kawas tambaga beunang nyaling”.—Wahyu 1:14, 15.

Fakta: Nu dicaritakeun dina buku Wahyu téh mangrupa téténjoan. (Wahyu 1:1) Buuk jeung suku Yésus nu dijelaskeun dina ayat éta téh boga harti kiasan. Éta ayat keur ngagambarkeun sipat-sipat Yésus sanggeus dihirupkeun deui, lainna ngagambarkeun rupa Yésus waktu hirup di bumi. Waktu nyebutkeun yén buuk Yésus téh bodas siga wol jeung salju, Wahyu 1:14 keur ngagunakeun warna bodas pikeun babandingan. Ieu ngagambarkeun hikmat Yésus lantaran geus sepuh. (Wahyu 3:14) Tapi, ayat ieu lain keur nunjukkeun yén Yésus téh boga buuk nu galing kawas wol atawa salju.

’Sampean Yésus gilap kawas tambaga beunang nyaling.’ (Wahyu 1:15) ”Raray-Na [ogé] moncorong lir srangenge keur manceran.” (Wahyu 1:16) Lantaran euweuh ras nu boga warna kulit siga nu disebutkeun dina éta ayat, téténjoan éta pasti mangrupa kiasan. Éta ngagambarkeun Yésus nu geus dihirupkeun deui nu ”jumeneng di jero cahaya anu hamo bisa didatangan”.—1 Timoteus 6:16.

Kasalahpahaman: Yésus téh lemah jeung teu walakaya.

Fakta: Yésus téh lalaki nu gagah jeung wanian. Misalna, anjeunna wani nunjukkeun dirina ka jalma-jalma nu rék néwak anjeunna. (Yohanes 18:4-8) Awak Yésus ogé pasti kuat, lantaran geus biasa ngagunakeun alat-alat pikeun digawé jadi tukang kayu.​—Markus 6:3.

Jadi, ku naon Yésus kudu dibantuan pikeun ngangkat tihang siksaanana? Ku naon Yésus leuwih gancang maot ti batan jalma-jalma nu dihukum bareng jeung anjeunna? (Lukas 23:26; Yohanes 19:31-33) Saacan Yésus dihukum pati, awak anjeunna téh bener-bener geus lemah. Sapeupeuting anjeunna teu saré lantaran nalangsa sacara émosi. (Lukas 22:42-44) Dina peuting éta ogé Yésus dikaniaya ku urang Yahudi, terus isuk-isukna disiksa ku urang Rum. (Mateus 26:67, 68; Yohanes 19:1-3) Hal-hal éta ngalantarankeun anjeunna leuwih gancang maot.

Kasalahpahaman: Yésus téh surem jeung sok sedih.

Fakta: Yésus sacara sampurna nyonto sipat-sipat alus Yéhuwa, Bapa-Na di sawarga. Alkitab ngajelaskeun yén Yéhuwa téh ”Allah nu bagja”. (1 Timoteus 1:11, Terjemahan Dunia Baru; Yohanes 14:9) Yésus ogé méré nyaho jalma-jalma carana supaya bagja. (Mateus 5:3-9; Lukas 11:28) Ieu nunjukkeun yén tina rarayna, osok katémbong Yésus téh bagja.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun