PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 66
  • Abdi Kudu Kumaha Mun Putus jeung Kabogoh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Abdi Kudu Kumaha Mun Putus jeung Kabogoh?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha rasana?
  • Nu bisa anjeun lakukeun
  • Urang Hayang Paéh—Kumaha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Miceun Kahayang Bunuh Diri?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 66
Saurang budak ngora keur sedih bari nyekel kongkorong bentuk haté

PANANYA BUDAK NGORA

Abdi Kudu Kumaha Mun Putus jeung Kabogoh?

Steven ngomong, ”Sanggeus putus jeung kabogoh, abdi ngarasa sedih pisan. Asana mah, can pernah abdi ngarasa jiga kieu saacanna.”

Pernah teu anjeun ngarasa jiga kitu? Mun pernah, artikel ieu bakal ngabantu anjeun.

  • Kumaha rasana?

  • Nu bisa anjeun lakukeun

Kumaha rasana?

Mun putus, duanana bakal ngarasa nyeri haté.

  • Mun anjeun nu ngajak putus, meureun anjeun ngarasakeun naon nu dirasakeun ku Jasmine. Ceuk manéhna, ”Abdi ngarasa teu ngeunah haté pisan lantaran geus nganyenyeri jalma nu dipikanyaah ku abdi. Abdi embung ngarasa jiga kitu deui.”

  • Lamun anjeun nu diputuskeun, meureun anjeun ngarti ku naon sababaraha jalma jadi déprési. Saurang budak ngora nu ngaranna Janet nyarita, ”Abdi ngarasa sedih pisan. Mimitina abdi teu tarima, ambek, hayang balik deui jeung manéhna, sarta déprési. Sanggeus ampir sataun, ahirna abdi kakara bisa tarima.”

Palajaran penting: Lamun putus jeung kabogoh, anjeun bisa ngarasa remuk haté. Saurang jalma nu nulis Kitab Suci ngomong, lamun urang teu sumanget, urang moal boga kakuatan.​—Siloka 17:22, Terjemahan Dunia Baru.

Nu bisa anjeun lakukeun

  • Saurang jalma keur ngomong

    Nyarita ka jalma nu bisa dipercaya. Kitab Suci nyebutkeun, ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?” (Siloka 17:17) Mun anjeun nyaritakeun parasaan anjeun ka kolot atawa batur nu bisa dipercaya, anjeun bisa leuwih tenang jeung boga pikiran nu positif.

    ”Salila mangbulan-bulan abdi embung ulin kaluar imah. Abdi gé embung nyaritakeun parasaan abdi ka sasaha. Tapi, sabenerna babaturan téh bisa ngabantu abdi. Sanggeus abdi nyaritakeun kumaha parasaan abdi, abdi jadi leuwih plong.”​—Janet.

  • Otak manusa

    Cokot hikmahna. Jalma séjén nu nulis Kitab Suci ngomong kieu, ”Sing meunang hikmah. Sing meunang pangarti.” (Siloka 4:5) Lamun urang boga pangalaman goréng, urang jadi bisa ningali urang téh jelemana jiga kumaha sarta kumaha sikep urang pas aya masalah.

    ”Sanggeus putus jeung kabogoh, saurang babaturan nanya kieu, ’Naon hikmahna? Terus mun engké manéh boga kabogoh deui, manéh kudu kumaha?”​—Steven.

  • Saurang jalma keur ngadoa

    Pék ngadoa. Kitab Suci nyebutkeun, ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa.” (Jabur 55:23) Doa téh bisa ngabantu anjeun supaya teu pati sedih jeung bisa meunang hikmah sanggeus anjeun putus jeung kabogoh.

    ”Sing rutin ngadoa. Nu leuwih paham kumaha parasaan urang téh nya Yéhuwa, lain urang.”​—Marcia.

  • Leungeun nu siap nulungan

    Bantuan batur. Ceuk Kitab Suci, ”Tong mikirkeun kapentingan diri sorangan baé, tapi pikirkeun ogé kapentingan batur.” (Filipi 2:4) Lamun anjeun sering mantuan batur, anjeun bakal leuwih gampang mopohokeun masalah anjeun.

    ”Pas putus, asana dunya téh geus kiamat. Meni nyeri pisan. Tapi lila-lila, nya leuheung lah, abdi bisa mopohokeun masalahna. Nya, mémang sih butuh waktu.”​—Evelyn.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun