PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 128
  • Naha Pangajaran Api Penyucian téh Aya dina Alkitab?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Pangajaran Api Penyucian téh Aya dina Alkitab?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Jawaban Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 128
Gambar api penyucian nu dijieun ku saurang seniman

Naha Pangajaran Api Penyucian téh Aya dina Alkitab?

Jawaban Alkitab

Henteu. Dina Alkitab, euweuh kecap ”api penyucian” sarta euweuh pangajaran ngeunaan jiwa nu geus maot nu bakal disucikeun dina api penyucian.a Perhatikeun pangajaran Alkitab ngeunaan dosa jeung maot nu teu sajalan jeung api penyucian.

  • Nu bisa ngabersihkeun dosa urang téh getih Yésus, lainna api penyucian. Alkitab nyebutkeun yén ”diri urang geus beresih tina dosa ku karana getih Yesus Putra [Allah]” sarta ”Yésus Kristus . . . ngabébaskeun urang tina dosa ku getihna”. (1 Yohanes 1:7; Wahyu 1:5, Terjemahan Dunia Baru) Yésus ”ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema” dibébaskeun tina dosa.​—Mateus 20:28.

  • Jalma nu geus maot teu nyaho nanaon. ”Nu hirup mah nyaho yen bakal paeh. Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon.” (Pandita 9:5) Jalma nu geus maot teu bisa ngarasa nyeri, jadi moal bisa dibersihkeun dina siksaan api penyucian.

  • Euweuh hukuman pikeun dosa-dosa jalma nu geus maot. Alkitab nyebutkeun yén ”upahna dosa teh maot” jeung ”ari geus maot mah jelema teh leupas tina pangaruh dosa”. (Rum 6:7, 23) Sanggeus maot, dosa saurang jalma geus punah, jadi manéhna moal narima hukuman deui.

Kawas kumaha pangajaran api penyucian téh?

Dina pangajaran Katolik, api penyucian téh ngamaksudkeun tempat atawa kaayaan pikeun nyucikeun jiwa jalma nu geus maot tina dosa-dosa nu teu bisa dihampura.b Ceuk buku Catechism of the Catholic Church, penyucian téh diperlukeun supaya saurang jalma ”jadi suci jeung bisa asup ka sawarga”. Buku éta gé nyebutkeun yén api penyucian téh mangrupakeun tradisi garéja, saperti nu aya dina gambar di artikel ieu. Tapi, tradisi éta lain pangajaran Alkitab.

Ti mana asalna pangajaran api penyucian?

Urang Yunani kuno percaya kana pangajaran Limbo jeung api penyucian. Lantaran dipangaruhan ku kapercayaan Yunani, Klemens ti Aleksandria nyebutkeun yén dosa jalma nu geus maot bisa dibersihkeun ku api penyucian. Tapi buku The History of Christian Doctrines nyebutkeun yén anu ngesahkeun api penyucian jadi pangajaran nu kudu dipercaya téh Paus Gregory Agung. Éta buku gé nyebutkeun yén Gregory, nu jadi paus taun 590 nepi ka 604 M, ”osok disebut ’nu nyieun pangajaran api penyucian.’” Garéja Katolik ngaresmikeun pangajaran api penyucian dina Konsili Lyons (1274) jeung Konsili Florence (1439) sarta ditetepkeun deui dina Konsili Trent taun 1547.

a Numutkeun buku Orpheus: A General History of Religions, euweuh sakecap-kecap acan nu nyebutkeun ngeunaan api penyucian dina Injil. New Catholic Encyclopedia ogé nyebutkeun, ”Numutkeun panalungtikan nu pangahirna, pangajaran Katolik ngeunaan api penyucian téh dumasar kana tradisi, lain kana Kitab Suci.”​—Édisi Kadua, Jilid 11, kaca 825.

b Tingali New Catholic Encyclopedia, Edisi Kadua, Jilid 11, kaca  824.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun