PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 143
  • Naha Ngudud téh Dosa?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Ngudud téh Dosa?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Jawaban Alkitab
  • Naon ceuk Alkitab ngeunaan ngagunakeun ganja atawa narkoba pikeun senang-senang?
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 143
Ngudud

Naha Ngudud téh Dosa?

Jawaban Alkitab

Alkitab teu ngabahas ngeunaan ngududa atawa ngagunakeun bako ku rupa-rupa cara. Tapi, Alkitab ngamuat prinsip-prinsip nu némbongkeun yén Allah téh teu satuju kana kabiasaan nu teu séhat jeung najis. Ku kituna dina pandangan Allah, ngudud téh dosa.

  • Ngahargaan kahirupan. ”Allah . . . maparin hirup sareng ambekan katut salian ti eta ka manusa.” (Rasul 17:24, 25) Kahirupan téh kurnia ti Allah, jadi urang teu meunang mondokan umur ku cara naon waé, misalna ku cara ngudud. Ngudud téh salah sahiji hal utama nu nyababkeun jalma-jalma di sakuliah dunya maot, padahal sakuduna bisa dicegah.

  • Nyaah ka batur. ”Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.” (Mateus 22:39) Ngudud di hareupeun batur téh hartina urang teu nyaah ka batur. Jalma nu ngudud bisa keuna sababaraha panyakit. Tapi, jalma-jalma nu sering ngambeu haseup roko batur leuwih gampang katerap panyakit-panyakit éta ti batan jalma nu ngududna.

  • Urang kudu suci. ”Sanggakeun ka Mantenna diri sakujur, nya eta pikeun jadi korban anu hirup, suci tina rereged, sarta kamanah ku Mantenna.” (Rum 12:1, Sunda Formal) ”Urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, hirup kudu beresih jeung kudu ajrih ka Allah.” (2 Korinta 7:1) Urang moal bisa suci atawa bersih lamun ngudud, lantaran dina bako téh aya racun nu ngaruksak awak.

Naon ceuk Alkitab ngeunaan ngagunakeun ganja atawa narkoba pikeun senang-senang?

Alkitab teu nyebutkeun nanaon ngeunaan ganja atawa rupa-rupa narkoba. Tapi dina Alkitab, aya loba prinsip ngeunaan senang-senang ku ngagunakeun jat-jat kimia nu matak nyandu. Salian ti prinsip-prinsip di luhur, aya prinsip-prinsip séjén nu bisa dipikirkeun:

  • Urang kudu ngajaga kamampuh mikir. ”Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung . . . budi akal.” (Mateus 22:37, 38) ”Kudu sayaga.” (1 Petrus 1:13) Lamun keur dipangaruhan ku narkoba, urang moal bisa ngajaga kamampuh mikir. Nu aya mah malah jadi kacanduan. Bororaah bisa mikir bener, jalma nu kacanduan téh kalah ka mikirkeun kumaha carana supaya bisa teterusan meunangkeun jeung ngagunakeun narkoba.—Pilipi 4:8.

  • Tunduk kana aturan pamaréntah. ”Kudu tunduk ka pamarentah.” (Titus 3:1) Di loba nagri, aya obat-obatan nu dilarang. Urang kudu tunduk kana aturan pamaréntah lamun hayang nyenangkeun Allah.—Rum 13:1.

Bako Mangaruhan Kaséhatan Urang

Organisasi Kesehatan Dunia (WHO) nyebutkeun yén unggal taunna, aya kira-kira genep juta jalma nu maot lantaran ngagunakeun bako. Ieu kaasup 600.000 jalma leuwih nu maot lantaran sering ngambeu haseup roko batur. Pikirkeun naon pangaruh bako kana kaséhatan nu maké jeung jalma di sakurilingna.

Kangker. Dina haseup bako, aya leuwih ti 50 jat kimia nu bisa nyababkeun kangker. Encyclopædia Britannica nyebutkeun yén 90 persén hal nu nyababkeun kangker paru-paru téh nyaéta haseup bako. Haseup bako gé bisa nyababkeun jalma katerap kangker sungut, tikoro, haté, pankréas, jeung kandung kemih.

Panyakit pernapasan. Haseup bako nyieun jalma leuwih gampang katerap panyakit pernapasan, misalna pneumonia jeung flu. Barudak nu sering ngambeu haseup roko batur gampang katerap panyakit asma, batuk kronis, jeung paru-paru nu ruksak.

Panyakit jantung. Jalma nu ngudud leuwih gampang keuna stroke jeung panyakit jantung. Karbon monoksida tina haseup bako téh asup ka paru-paru, tuluy kabawa ka aliran getih nu sakuduna dieusi ku oksigén. Lantaran oksigén dina getih jadi ngan saeutik, jantung kudu digawé leuwih beurat pikeun méré oksigén ka sakujur awak.

Ngabahayakeun janin. Lamun indung ngudud waktu keur reuneuh, bisa jadi orokna lahir prématur, beurat badanna kurang, atawa cacad misalna biwir suwing. Salian ti éta, pernapasan orok bisa ruksak atawa orok bisa katerap sindrom kematian bayi mendadak (SIDS).

a Nu dimaksud ngudud téh nyaéta nyeuseup haseup bako tina roko, surutu, pipah, atawa bong. Tapi, prinsip-prinsip ieu ogé bisa dilarapkeun keur bako nu digayem atawa diseuseup liwat irung, roko éléktrik nu aya nikotinna, jeung produk-produk nu sajinis.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun