PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwhf artikel 1
  • Carana Ngadalikeun Amarah

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Carana Ngadalikeun Amarah
  • Bantuan keur Kulawarga
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Nu kudu dipikanyaho
  • Nu bisa dilampahkeun
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Ambek?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Bantuan keur Kulawarga
ijwhf artikel 1
Saurang pamajikan keuheul nempo salakina ngadon lalajo TV padahal manéhna keur ngumbah wadah

BANTUAN KEUR KULAWARGA

Carana Ngadalikeun Amarah

Batur hirup ngomong atawa ngalampahkeun hal nu ngajéngkélkeun Sadérék. Sadérék geus nahan-nahan sangkan teu ambek. Tapi, batur hirup Sadérék ngarasa aya nu béda jeung tatanya terus, beuki wé Sadérék jéngkél. Kumaha Sadérék bisa ngadalikeun amarah dina kaayaan siga kitu?

  • Nu kudu dipikanyaho

  • Nu bisa dilampahkeun

Nu kudu dipikanyaho

  • Ngabudalkeun amarah bisa ngaruksak kaséhatan. Hasil risét nunjukkeun yén amarah nu teu bisa dikadalikeun bisa nyababkeun tekanan darah tinggi, panyakit jantung, déprési, jeung masalah pencernaan. Amarah ogé bisa nyababkeun hésé saré, hariwang teuing, jeung stroke. Matakna, Alkitab nyebutkeun, ”Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae.”​—Jabur 37:8.

  • Amarah nu dipendem gé bisa bahaya. Ngunek-ngunek téh bisa disaruakeun jeung panyakit nu ngagarogotan awak. Misalna, Sadérék jadi osok nyindiran jeung ngiritik. Éta bisa ngalantarankeun perkawinan Sadérék awét rajét jeung ruksak.

Nu bisa dilampahkeun

  • Perhatikeun sipat-sipat alusna. Pikirkeun tilu sipat alus batur hirup nu dipikaresep ku Sadérék. Engké lamun Sadérék ambek deui ka manéhna, pikirkeun sipat-sipat éta. Ieu bisa ngabantu Sadérék ngadalikeun amarah.

    Prinsip Alkitab: ”Aranjeun kudu muji sukur.”​—Kolosa 3:15.

    Saurang pamajikan nu keur barang gawé mikirkeun salakina nu geus mantuan pagawéan di imah, osok ngadéngékeun manéhna, jeung ngarawat manéhna waktu keur gering
  • Sing jembar hampura. Mimitina, coba pikirkeun pandangan batur hirup Sadérék. Ku kituna, Sadérék bisa rasrasan, dina Alkitab éta disebut ”saperasaan”. (1 Petrus 3:8) Saterusna, pék pikirkeun, ’Naha masalahna téh sakitu parahna nepi ka abdi teu bisa ngahampura?’

    Prinsip Alkitab: ”Lamun urang digogoreng tapi ku urang teu ditolih, estu mulya kacida.”​—Siloka 19:11.

  • Ungkabkeun parasaan Sadérék ku cara nu hadé jeung bijaksana. Gunakeun kecap ”abdi”. Misalna, ti batan ngomong, ”Ka mana waé Akang téh mani euweuh kabar, teu mikirkeun parasaan abdi pisan,” mending ngomong, ”Abdi téh hariwang ti tadi Akang can balik-balik bisi aya nanaon di jalan.” Lamun lemah lembut waktu ngungkabkeun parasaan, Sadérék bisa ngadalikeun amarah.

    Prinsip Alkitab: ”Kecapna sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat.”​—Kolosa 4:6.

  • Déngékeun bener-bener. Sanggeus Sadérék ngungkabkeun parasaan, béré kasempetan ka batur hirup pikeun ngajelaskeun, tapi ulah dipotong omonganana. Sanggeus manéhna bérés ngomong, caritakeun deui maksud omonganana pikeun nunjukkeun yén Sadérék ngarti maksud manéhna. Ngadéngékeun téh hal nu saderhana tapi penting pisan pikeun ngadalikeun amarah.

    Prinsip Alkitab: ”Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita.”​—Yakobus 1:19.

Tim jeung Jennifer

”Lamun amarah dipendem, masalah nu sarua bakal muncul terus jeung sakali waktu amarah Sadérék bakal budal. Hadéna mah masalah téh diobrolkeun tapi tetep kudu silih hormat. Sanggeus diobrolkeun kabéh, abdi jeung salaki jadi akur deui.”​—Jennifer jeung Tim, salakina.

Jade jeung Corey

”Nu paling dipikaresep ku abdi téh salaki abdi osok ngadéngékeun jeung merhatikeun kahariwangan abdi. Saupama teu satuju gé, manéhna tetep mikirkeun pandangan abdi. Parasaan abdi teu pernah disapirakeun ku manéhna.”​—Jade jeung Corey, salakina.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun