PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 149
  • Naon Hartina ”Mata Ganti Mata”?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Hartina ”Mata Ganti Mata”?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Jawaban Alkitab
  • Naon tujuan aturan ”mata ganti mata”?
  • Naha aturan ”mata ganti mata” kudu dijalankeun ku urang Kristen?
  • Sababaraha kasalahpahaman ngeunaan aturan ”mata ganti mata”
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 149
Mata saurang lalaki

Naon Hartina ”Mata Ganti Mata”?

Jawaban Alkitab

Aturan ”mata ganti mata” téh bagian tina Hukum Musa keur bangsa Israil sarta dicutat ku Yésus dina Hutbah di Gunung. (Mateus 5:38, Terjemahan Baru; Budalan 21:24, 25; Pamindo 19:21) Ieu hartina, waktu saurang jalma ngalanggar hukum, hukumanana kudu satimpal jeung kajahatanana.a

Hukum ieu dilarapkeun ka jalma nu ngahaja nyilakakeun batur. Ngeunaan jalma nu siga kitu, Hukum Musa nyebutkeun, ”Nu mateuhkeun pateuhan deui, nu mecakan pecakan deui, nu ngompongan ompongan deui. Naon bae kalakuanana anu ngalantarankeun batur jadi ruksak, kudu dibales kitu deui.”​—Imamat 24:20.

  • Naon tujuan aturan ”mata ganti mata”?

  • Naha aturan ”mata ganti mata” kudu dijalankeun ku urang Kristen?

  • Sababaraha kasalahpahaman ngeunaan aturan ”mata ganti mata”

  • Yésus ngalempengkeun pandangan nu salah

Naon tujuan aturan ”mata ganti mata”?

Aturan ”mata ganti mata” teu ngadukung jalma pikeun ngabales kajahatan batur. Tapi, éta ngabantu hakim pikeun méré hukuman nu satimpal, henteu beurat teuing henteu hampang teuing. Aturan ieu ogé dijieun supaya jalma-jalma henteu nyilakakeun atawa nyieun siasat pikeun nyilakakeun batur. Hukum Musa ngajelaskeun, ”Sina kauar-aer ka jalma rea [jalma nu ningali kaadilan Allah dilaksanakeun] sangkan sarieuneun, sangkan ulah aya deui anu nyieun kajahatan kawas kitu.”​—Pamindo 19:20.

Naha aturan ”mata ganti mata” kudu dijalankeun ku urang Kristen?

Henteu, urang Kristen geus teu kudu ngajalankeun aturan ieu. Éta téh bagian tina Hukum Musa nu geus teu dipaké deui sanggeus Yésus ngorbankeun kahirupanana.​—Rum 10:4.

Sanajan kitu, aturan ieu nyingkabkeun cara pikir Allah. Éta némbongkeun yén kaadilan téh penting pisan keur Allah. (Jabur 89:15) Aturan éta ogé ngajelaskeun papakon Allah ngeunaan kaadilan, nyaéta jalma nu ngalanggar hukum kudu didisiplin ”reujeung adil”.​—Yermia 30:11.

Sababaraha kasalahpahaman ngeunaan aturan ”mata ganti mata”

Kasalahpahaman: Aturan ”mata ganti mata” téh kejem pisan.

Fakta: Aturan ieu henteu ngadukung tindakan nu kejem demi kaadilan. Sabalikna lamun bener dilarapkeunana, éta bisa ngabantu hakim pikeun méré hukuman nu satimpal sanggeus mariksa heula kumaha kaayaanana jeung naha éta téh dihaja atawa henteu. (Budalan 21:28-30; Bilangan 35:22-25) Aturan ”mata ganti mata” nyegah supaya hukuman nu dibikeun henteu kaleuleuwihi.

Kasalahpahaman: Aturan ”mata ganti mata” ngadukung jalma jadi pabales-bales nepi ka euweuh tungtungna.

Fakta: Hukum Musa nyebutkeun, ”Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek.” (Imamat 19:18) Ti batan ngadukung tindakan ngabales kajahatan, Hukum Musa ngajurung jalma-jalma pikeun ngandelkeun Allah jeung sistim hukum-Na pikeun méréskeun masalah.​—Pamindo 32:34, 35.

Yésus ngalempengkeun pandangan nu salah

Yésus apal yén sababaraha jalma salah ngalarapkeun aturan ”mata ganti mata”. Anjeunna ngalempengkeun pandangan éta. Ceuk anjeunna, ”Aya deui timbalan: ’Mata bayar mata, huntu bayar huntu.’ Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.”​—Mateus 5:38, 39.

Perhatikeun waktu Yésus nyebutkeun ”aya deui timbalan”. Katingalina kekecapan ieu ditujukeun ka para pamingpin agama Yahudi nu ngajarkeun pikeun ngabales kajahatan. Ahli Alkitab nu ngaranna Adam Clarke nyebutkeun, ”Katingalina, ku urang Yahudi hukum ieu [mata ganti mata] . . . dijadikeun dasar pikeun ngunek-ngunek jeung ngalakukeun sagala hal pikeun ngabales.” Ku cara ngajarkeun pikeun ngabales kajahatan, para pamingpin agama éta ngarobah tujuan Hukum Allah.​—Markus 7:13.

Sabalikna, Yésus nandeskeun yén kanyaah téh dasar utama tina Hukum Allah. Anjeunna ngomong, ”’Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh . . .’ Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna. Nu kadua sarua pentingna, nya eta: ’Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’ Sakabeh eusi Hukum Musa . . ., gumantungna ka ieu dua parentah.” (Mateus 22:37-40) Yésus henteu ngajar urang pikeun ngabales kajahatan, tapi kudu mikanyaah batur. Éta téh ciri murid-muridna nu sajati.​—Yohanes 13:34, 35.

a Prinsip hukum ieu, nu biasana disebut lex talionis dina basa Latin, osok dipaké dina sistim hukum masarakat di jaman baheula.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun