PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 81
  • Abdi Kudu Kumaha Mun Keur Bosen?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Abdi Kudu Kumaha Mun Keur Bosen?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Nu kudu dipikanyaho
  • Nu bisa dilakukeun ku anjeun
  • Kudu Kumaha Lamun Budak keur Bosen?
    Bantuan keur Kulawarga
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 81
Saurang budak rumaja boga loba alat éléktronik, tapi angger wéh manéhna gogoléran jeung bengong

PANANYA BUDAK NGORA

Abdi Kudu Kumaha Mun Keur Bosen?

Bayangkeun anjeun keur aya di imah, di luar hujan. Jadi, anjeun teu bisa ka mamana jeung teu nyaho rék ngalakukeun naon. Keur sababaraha jalma mah, kaayaan jiga kitu téh pikaboseneun pisan. Saurang budak ngora nu ngaranna Robert ngomong, ”Mun keur kitu, abdi mah cicing wéh ngadekul. Teu nyaho rék naon.”

Na anjeun pernah ngarasa jiga kitu? Mun pernah, artikel ieu bisa ngabantu anjeun!

  • Nu kudu dipikanyaho

  • Nu kudu dilakukeun ku anjeun

  • Ceuk budak ngora séjénna

Nu kudu dipikanyaho

  • Téknologi bisa jadi lain jalan kaluarna.

    Pas keur bosen, anjeun meureun sok maén Internét. Tapi mun teterusan, anjeun moal kréatip sarta bisa beuki bosen. Ceuk Jeremy nu umurna 21 taun, ”Bisa waé panon mah ningalian layar, tapi ari pikiran mah kosong.”

    Budak ngora séjén nu ngaranna Elena gé satuju. Manéhna ngomong, ”Internét mémang aya mangpaatna, tapi éta téh lain dunya nyata. Pas enggeusan maén Internét, nu aya téh kalah ka jadi leuwih bosen!”

  • Nu penting téh sikep urang.

    Na anjeun moal bosen mun boga loba pagawéan? Éta gumantung, anjeun resep teu kana pagawéanana? Misalna, budak ngora nu ngaranna Karen nyarita, ”Baheula unggal poé, abdi sakola jeung loba nu kudu digawékeun. Tapi, angger wéh bosen. Nya supaya teu bosen, urang kudu mikaresep naon nu digawékeun ku urang.”

Anjeun apal teu? Mun teu nyaho rék ngagawékeun naon, tong bingung. Anggap éta téh kasempetan pikeun numuwuhkeun pikiran anjeun jadi leuwih kréatip.

Pepelakan dina pot ngabijilkeun gitar, pulpén jeung kertas, sarta alat-alat gambar

Mun keur bosen, anggap éta téh kasempetan, ibarat taneuh nu bisa numuwuhkeun pikiran anjeun jadi leuwih kréatip

Nu bisa dilakukeun ku anjeun

Pék cobaan hal-hal nu anyar. Téangan babaturan anyar, cobaan hobi anyar, jeung diajar hal-hal nu anyar. Jalma nu boga loba karesep moal gancang bosen pas keur sorangan. Sarta, moal dianggap pikaboseneun ku batur!

Naséhat Kitab Suci: ”Naon nu dipigawe, pigawe enya-enya.”​—Pandita 9:​10.

”Anyar-anyar ieu, abdi diajar basa Mandarin. Unggal poé abdi latihan. Geuning, abdi téh resep diajar jiga kieu. Resep mun boga tujuan téh. Abdi jadi teu miceunan waktu. Terus, pikiran gé teu kakalayangan.”​—Melinda.

Pikirkeun hasilna. Mun anjeun mikirkeun hasilna, anjeun bisa leuwih sumanget. Malah, ngagawékeun tugas sakola gé jadi teu ngabosenkeun teuing.

Naséhat Kitab Suci: ”Anu matak jelema panghadena teh . . . beubeunangan usaha teh pake senang-senang.”​—Pandita 2:​24.

”Pas rék ujian, unggal poé abdi diajar dalapan jam. Teu karasa bosen, da abdi mikirkeun tujuanana. Abdi hayang lulus. Ku kituna, abdi jadi sumanget diajar.”​—Hannah.

Kudu narima kaayaanana. Kagiatan nu pikaresepeun gé mun teterusan dilakukeun mah lila-lila bisa jadi ngabosenkeun. Terus, anjeun gé bisa bosen mun babaturan ngabatalkeun jangji, sabab anjeun jadi euweuh kagiatan. Mun kitu, anjeun kudu narima kaayaanana. Ulah sedih, jeung kudu terus boga pikiran nu positif.

Naséhat Kitab Suci: ”Anu sararenang tara kendat sukan-sukan.”​—Siloka 15:15.

”Aya babaturan nu méré nyaho, abdi kudu tetep senang pas keur sorangan. Abdi gé kudu saimbang. Jadi pas keur sorangan senang, pas jeung batur ogé senang. Kabéh jalma sabenerna mah kudu jiga kitu.”​—Ivy.

Ceuk budak ngora séjénna

Hannah

”Abdi sok sirik mun ningali batur nu hirupna téh asa senang. Tapi abdi sadar, maranéhna téh sarua waé jiga abdi, ngan maranéhna mah boga kagiatan. Jadi, abdi néangan kagiatan. Abdi néangan hobi anyar, diajar hal-hal nu anyar. Abdi jadi deudeuieun, hayang terus diajar. Abdi gé jadi teu bosen.”​—Hannah.

Caleb

”Pas rumaja, mun abdi keur bosen, abdi maén video game. Tapi beuki déwasa abdi apal, maén game téh ngan miceunan waktu. Nya mémang sih jadi teu pati bosen. Tapi pas geus bérés maén, euweuh hasilna. Jadi, ayeuna abdi ngalakukeun kagiatan séjén nu aya mangpaatna.”​—Caleb.

Micaela

”Baheula, abdi ngarasa sapoé téh mani asa lila pisan, mani bosen. Tapi abdi sadar, mun hayang boga babaturan, abdi gé kudu upaya ngadeukeutan maranéhna. Éh bener wéh. Ayeuna mah hayang boga waktu pikeun sorangan gé mani hésé!”​—Micaela.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun