NAHA IEU DIRANCANG?
Sonar Lumba-Lumba
Lumba-lumba ngaluarkeun rupa-rupa sora nu sadana siga ”klik” jeung ”suit”, terus ngadéngékeun pantulan sorana pikeun nangtukeun arah jeung mariksa kaayaan di sakurilingna. Meunang idé tina sonar lumba-lumba hidung botol (Tursiops truncatus), para ilmuwan nyobaan nyieun sistem akustik jero cai pikeun ngaréngsékeun masalah-masalah nu teu bisa diréngsékeun ku téknologi ayeuna.
Perhatikeun: Ku sabab boga sonar, lumba-lumba jadi bisa manggihan lauk nu nyumput dina jero keusik di dasar laut, sarta bisa ngabédakeun mana lauk mana batu. Keith Brown, asistén propésor di Heriot-Watt University, Edinburgh, Skotlandia ngajelaskeun yén lumba-lumba gé bisa ”ngabédakeun wadah nu eusina cai biasa, cai asin, sirop, jeung minyak ti jauh sapuluh méter”. Para ilmuwan hayang nyieun alat-alat nu boga kamampuh siga kitu.
Ti jauh 10 méter gé, lumba-lumba bisa ngabédakeun wadah nu eusina béda-béda
Sanggeus nalungtik carana lumba-lumba ngaluarkeun jeung ngadéngékeun pantulan sorana, para panaliti hayang nyieun tironan sistim sonarna. Ahirna, dihasilkeun hiji alat sonar canggih nu bisa diasupkeun kana tabung nu panjangna kurang ti saméter. Alat ieu dipasangkeun kana robot nu wangunna siga torpédo. Éta alat dirancang pikeun mariksa dasar laut, manggihan barang-barang nu kakubur siga kabel atawa pipah, sarta mariksa barang-barang éta ti kajauhan. Engkéna, alat sonar gé dipiharep bisa digunakeun dina industri minyak jeung gas. Sanggeus ditalungtik deui, téknologi nu nyonto sonar lumba-lumba sakuduna bisa ngumpulkeun leuwih loba informasi ti batan alat sonar nu aya ayeuna. Alat sonar gé dipiharep bisa ngabantu para ahli téknik pikeun nempatkeun alat jero cai dina tempat nu pangcocogna, bisa mariksa mun aya karuksakan naon waé, misalna retak rambut dina tihang-tihang nu nyangga rig pengeboran, sarta bisa nyaho mun aya pipah nu kasumpel.
Kumaha ceuk Sadérék? Naha sonar lumba-lumba hidung botol téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?