PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwwd artikel 3
  • Leungeun Gurita nu Luar Biasa

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Leungeun Gurita nu Luar Biasa
  • Naha Ieu Dirancang?
  • Bahan nu Sarupa
  • Mahluk Hirup nu Mencarkeun Cahaya
    Naha Ieu Dirancang?
Naha Ieu Dirancang?
ijwwd artikel 3

NAHA IEU DIRANCANG?

Leungeun Gurita nu Luar Biasa

Para insinyur robot ngarancang alat nu bisa ngabantu para dokter dina operasi. Éta alat digunakeun pikeun operasi di bagian-bagian nu sempit dina jero awak manusa ngagunakeun téknik pembedahan invasif minimal (pembedahan dengan sayatan kecil). Salah sahiji kamajuan nu geus dihontal téh mangrupa hasil tina niron leungeun atawa téntakel gurita nu bisa luak-léok.

Perhatikeun: Sanajan aya di tempat nu sempit pisan, gurita bisa néwak, nyekel, jeung meureut naon waé ku dalapan leungeunna nu bisa manjangan jeung luak-léok. Tapi gurita teu saukur bisa ngaluak-léokkeun téntakelna ka sagala arah, gurita gé bisa neuaskeun bagian leungeun nu séjénna waktu dibutuhkeun.

Para panaliti yakin yén robot leungeun nu gampang luak-léok bakal mangpaat pisan dina pembedahan invasif minimal. Ku ayana alat saperti kieu, operasi nu ruwed pisan jadi bisa dilakukeun.

Tingali téntakel gurita nu bisa luak-léok

Robot leungeun siga kieu geus dijieun sarta digunakeun dina operasi simulasi. Salah sahiji bagian leungeun nu panjangna 13,5 cm bisa ngangkat jeung nyekelan organ-organ di jero awak tapi teu ngabahayakeun sama sakali. Dina waktu nu sarua, bagian leungeun séjénna bisa ngalakukeun operasi. Dr. Tommaso Ranzani, salah sahiji anggota tim nu ngarancang alat ieu ngomong, ”Urang yakin yén sistim ieu bakal jadi awal pikeun diciptakeunana alat-alat anyar nu leuwih canggih deui.”

Gurita jeung robot leungeun

Robot leungeun nu gampang luak-léok bakal mangpaat pisan waktu ngalakukeun operasi

Kumaha ceuk Sadérék? Naha leungeun gurita téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun