PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwhf artikel 4
  • Ngabahas Alkohol jeung Budak Leutik

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ngabahas Alkohol jeung Budak Leutik
  • Bantuan keur Kulawarga
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Nu kudu dipikanyaho
  • Nu bisa dilampahkeun
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Alkohol?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Bantuan keur Kulawarga
ijwhf artikel 4
Budak awéwé merhatikeun kolotna nginum alkohol

BANTUAN KEUR KULAWARGA

Ngabahas Alkohol jeung Budak Leutik

”Mimiti abdi ngabahas alkohol jeung budak awéwé abdi téh waktu manéhna umur genep taun. Abdi teu nyangka manéhna nyaho loba hal sual alkohol.”​—Alexander.

  • Nu kudu dipikanyaho

  • Nu bisa dilampahkeun

  • Pandangan Alkitab ngeunaan alkohol

Nu kudu dipikanyaho

Ngabahas alkohol jeung budak leutik téh penting. Ulah ngadagoan nepi ka budak geus rumaja. Ceuk Khamit, ti Rusia, ”Abdi kaduhung teu ngabahas alkohol jeung budak ti manéhna leutik kénéh. Abdi kakara engeuh ieu téh penting basa apal budak abdi geus nginum-nginum ti umur 13 taun.”

Ku naon ieu kudu diperhatikeun ku kolot?

  • Batur sakola, iklan, jeung TV bisa mangaruhan pandangan budak kana alkohol.

  • Numutkeun hiji lembaga di widang kaséhatan (U.S. Centers for Disease Control and Prevention), 11 persén alkohol nu dikonsumsi di Amerika Serikat téh diinum ku budak nu can cukup umur.

Teu héran, para ahli kaséhatan nyarankeun kolot pikeun ngadidik budakna ti leuleutik kénéh ngeunaan bahayana alkohol. Kumaha carana?

Nu bisa dilampahkeun

Pikirkeun naon nu bakal ditanyakeun ku budak. Budak leutik biasana sok panasaran, beuki gedé beuki panasaran. Ku kituna, Sadérék kudu nyiapkeun bener-bener jawabanana. Misalna:

  • Lamun budak Sadérék hayang nyaho kumaha rasana alkohol, Sadérék bisa ngomong yén anggur téh rasana siga jus buah nu rada haseum, ari bir mah rasana rada pait.

  • Lamun budak Sadérék hayang ngasaan alkohol, Sadérék bisa ngomong yén alkohol téh bahaya keur awak budak leutik. Sebutkeun ogé pangaruhna: Jalma nu nginum alkohol bisa ngarasa tenang, tapi mun loba teuing manéhna bisa lieur, kalakuanana mahiwal, jeung ngomongna ngacapruk.—Siloka 23:29-35.

Sadérék gé kudu diajar. Alkitab nyebutkeun, ”Jalma anu sehat akal, sagala lampahna dipikir ti samemehna [”dibarengan ku pangaweruh”, Terjemahan Dunia Baru].” (Siloka 13:16) Sadérék kudu nyaho naon pangaruhna alkohol sarta kudu nyaho hukum jeung aturan ngeunaan alkohol di nagri Sadérék. Mun kitu, Sadérék siap ngabantu budak Sadérék.

Sadérék nu kudu ngamimitian ngabahas alkohol. Mark, saurang bapa di Inggris, nyarita, ”Budak leutik sok bingung meunang teu nginum alkohol. Abdi nanya ka budak abdi nu umurna dalapan taun, naha nginum alkohol téh bener atawa salah. Abdi ngobrolna teu sérius teuing, jadi manéhna bisa bébas nyaritakeun pandanganana.”

Pangaruhna bakal leuwih gedé lamun Sadérék ngabahas alkohol sababaraha kali. Gumantung kana umurna, Sadérék bisa ngabahas alkohol bari ngabahas hal-hal séjénna, misalna kaamanan di jalan jeung séks.

Sadérék kudu jadi tuladan. Budak téh siga spon nu nyerep hal-hal nu aya di sakurilingna. Numutkeun hasil panalungtikan, nu paling gedé pangaruhna ka budak téh kolotna sorangan. Ieu hartina lamun Sadérék nginum alkohol lantaran hayang ngaleungitkeun strés, budak bakal nyangka alkohol téh ubar keur ngaleungitkeun strés. Jadi, Sadérék kudu méré tuladan nu alus. Sadérék kudu bijaksana nginum alkohol.

Budak awéwé merhatikeun indungna nu nolak waktu ditawaran nambahan anggur

Budak Sadérék bakal nurutan cara Sadérék nginum alkohol

Pandangan Alkitab ngeunaan alkohol

”[Yéhuwa] ngadamel . . . anggur keur nyukakeun [manusa].” (Jabur 104:14, 15) Alkohol téh lain hal nu goréng, éta téh kurnia ti Allah.

”Anggur ari loba teuing mah matak ngacapruk kawas nu burung. Daek mabok mah bodo kabina-bina.” (Siloka 20:1) Kudu bijaksana nginum alkohol.

”Pamabokan . . . moal meunang asup ka Karajaan Allah.” (1 Korinta 6:10, Sunda Formal) Nu dikutuk ku Allah téh lain ngagunakeun alkohol, tapi nyalahgunakeun alkohol.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun