PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwia artikel 3
  • Maranéhna Jadi Sobat Dalit

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Maranéhna Jadi Sobat Dalit
  • Pék Conto Iman Maranéhna
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Alesanana Maranéhna Bisa Nyobat
  • Kasatiaan Maranéhna Diuji
  • Tetep Satia Sanajan Kudu Nyieun Pangorbanan
  • ”Kanyaah Anjeun Teu Aya Tanding”
  • Yonatan nu Wani tur Satia
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Keur Yéhuwa Teu Aya nu ”Mustahil”
    Pék Conto Iman Maranéhna
  • Sing Silih Pidulur!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
Pék Conto Iman Maranéhna
ijwia artikel 3
Yonatan

PÉK CONTO IMAN MARANÉHNA | YONATAN

Maranéhna Jadi Sobat Dalit

Perang geus réngsé, ayeuna kaayaan di Lebak Éla mani tenang. Angin ngahiliwir di pakémahan prajurit. Raja Saul ngumpulkeun sababaraha prajuritna. Yonatan, putra cikalna, gé datang. Tuluy, saurang pangangon ngora nyaritakeun pangalamanana kalawan sumanget. Budak ngora nu sumanget ieu téh Daud. Saul ngadéngékeun bener-bener unggal kecap ti Daud. Kumaha parasaan Yonatan? Salila ngawula sabagé prajurit Yéhuwa, Yonatan geus sering meunang perang. Tapi ayeuna, kaunggulan lain keur Yonatan, tapi keur budak ngora ieu. Daud geus maéhan raksasa Goliat! Naha Yonatan sirik lantaran Daud diagul-agul?

Sadérék bisa jadi héran kana réaksi Yonatan. Alkitab nyebutkeun, ”Saul anggeus mariksana ka Daud. Ari putra Saul anu jenengan Yonatan ti harita manahna katarik ku Daud, kacida asiheunana, lir ka beubeulahan nyawa.” Tuluy, Yonatan méré pakarang perangna sorangan, kaasup gondéwana. Yonatan katelah jago manah, jadi ieu téh hadiah nu istiméwa keur Daud. Salian ti éta, Yonatan jeung Daud nyieun perjangjian yén maranéhna bakal terus nyobat jeung silih dukung.—1 Samuel 18:1-5.

Ti harita, maranéhna jadi nyobat. Sosobatanana téh jadi salah sahiji nu panghébatna nu dicatet dina Alkitab. Sosobatan téh penting keur jalma nu boga iman. Lamun urang bijaksana milih sobat sarta urang gé jadi sobat nu daék ngadukung jeung satia, urang bisa silih kuatkeun iman di dunya nu teu aya kanyaah kiwari. (Siloka 27:17) Ku kituna, hayu urang diajar ngeunaan sosobatan ti Yonatan.

Alesanana Maranéhna Bisa Nyobat

Ku naon maranéhna bisa gancang nyobat? Aya alesanana. Hayu urang perhatikeun carita saacanna. Yonatan téh keur nyanghareupan kaayaan nu sulit. Bapana, Raja Saul, sababaraha taun ieu geus barobah, sipatna nu goréng jadi beuki goréng. Saul nu tadina rendah haté, taat, jeung boga iman ka Allah, ayeuna téh jadi raja nu sombong jeung teu daék taat.—1 Samuel 15:17-19, 26.

Yonatan pasti sedih pisan ningali bapana siga kitu lantaran manéhna akrab jeung bapana. (1 Samuel 20:2) Katingalina, Yonatan hariwang yén kalakuan Saul bisa mawa pangaruh nu goréng ka bangsa pilihan Yéhuwa. Naha raja nu teu taat ieu bakal nyasabkeun rahayatna nu ngalantarankeun maranéhna jadi teu kamanah deui ku Yéhuwa? Pasti Yonatan jadi susah haté ku kaayaan ieu.

Urang jadi ngarti ku naon Yonatan resep ka Daud. Yonatan ningali Daud téh imanna kuat. Teu siga para prajurit Saul, Daud teu sieun ngalawan Goliat nu awakna jauh leuwih gedé. Daud yakin yén ku lantaran nami Yéhuwa, manéhna jadi jauh leuwih kuat ti batan Goliat jeung pakarang perangna.—1 Samuel 17:45-47.

Sababaraha taun saacanna, Yonatan gé boga kayakinan nu sarua. Manéhna jeung gandékna wani nyerang jeung ngéléhkeun sapasukan prajurit. Ku naon? Ceuk Yonatan, ”Ari dikersakeun mah ku Mantenna teu mustahil urang bisa meunang.” (1 Samuel 14:6) Jadi, aya sasaruaanana antara Daud jeung Yonatan: boga iman nu kuat jeung nyaah pisan ka Yéhuwa. Ieu alesanana maranéhna bisa nyobat. Harita, Yonatan téh pangéran perkasa nu umurna téréh 50 taun, ari Daud pangangon nu rendah haté nu umurna acan 20 taun. Sanajan kitu, éta kabéh teu jadi masalah.a

Perjangjian antara Yonatan jeung Daud ngabantu maranéhna silih satia. Naha bisa kitu? Daud nyaho naon kahoyong Yéhuwa pikeun manéhna, nyaéta jadi raja Israil saterusna! Naha manéhna ngarasiahkeun éta ti Yonatan? Henteu! Sobat nu hadé mah moal ngabohong jeung ngarasiahkeun nanaon, tapi bakal bruk brak. Waktu nyaho Daud bakal jadi raja, kumaha parasaan Yonatan? Kumaha lamun Yonatan pernah ngarepkeun jadi raja pikeun ngoméan kasalahan bapana? Alkitab teu nyaritakeun parasaan manéhna nu sabenerna. Hal penting nu dicaritakeun téh nyaéta kasatiaan jeung iman Yonatan. Manéhna ningali Daud disarengan ku roh Yéhuwa. (1 Samuel 16:1, 11-13) Jadi, Yonatan nedunan jangjina jeung tetep nganggap Daud sabagé sobatna, lain sainganana. Yonatan hayang ningali kahoyong Yéhuwa laksana.

Yonatan jeung Daud katelah sabagé jalma nu boga iman jeung kanyaah ka Yéhuwa

Sosobatan éta mawa loba pangaruh nu alus ka maranéhna. Urang bisa diajar naon tina iman Yonatan? Hamba-hamba Allah nganggap sosobatan téh penting. Jadi, nyobat téh ulah ngan saukur jeung nu sapantaran atawa nu kasang tukangna sarua, tapi kudu jeung nu boga iman sajati lantaran éta bisa mawa pangaruh alus pisan ka urang. Yonatan jeung Daud sering silih kuatkeun jeung gedékeun haté. Maranéhna ngabutuhkeun hal éta lantaran bakal ngalaman leuwih loba cocoba.

Kasatiaan Maranéhna Diuji

Mimitina, Daud dipikaresep pisan ku Saul nepi ka dijadikeun pamingpin prajurit. Tapi teu lila, Saul éléh ku sipat goréng nu bisa diéléhkeun ku Yonatan, nyaéta sipat sirik. Daud meunang deui meunang deui ngalawan urang Pélisti, musuh Israil. Manéhna dipuji-puji jeung diagul-agul. Sababaraha awéwé Israil nepi ka nyanyi, ”Saul maehan mangrebu-rebu, Daud maehan manglaksa-laksa.” Saul teu suka ngadéngéna. Alkitab nyebutkeun, ”Ti semet harita anjeunna neuteuli ka Daud.” (1 Samuel 18:7, 9) Saul sieun tahtana bakal direbut ku Daud. Éta pamikiran nu teu asup akal. Mémang Daud apal manéhna bakal ngagantikeun Saul, tapi teu pernah kapikir rék ngalungsurkeun raja nu dilantik Yéhuwa salila masih kénéh ngawasa!

Saul ngarencanakeun supaya Daud tiwas di pangperangan, tapi gagal. Daud tetep wé meunang. Manéhna kalah ka beuki dipikanyaah jeung diajénan ku batur. Tuluy, Saul ngumpulkeun kabéh ponggawa jeung putra cikalna sangkan kompak ngadukung rencana manéhna maéhan Daud! Bayangkeun sakumaha kuciwana Yonatan ningali kalakuan bapana kawas kitu! (1 Samuel 18:25-30; 19:1) Yonatan téh putra nu satia, tapi manéhna ogé sobat nu satia. Ayeuna, manéhna bingung rék satia ka saha.

Yonatan ngomong ka bapana, ”Mugi Daud ku Raja henteu dikitu kieu. Daud teh teu aya pisan lepatna, malah sugri lampahna jadi pitulung ka Sang Raja. Waktos ngarubuhkeun Goliat, Daud dugi ka naruhkeun nyawana, jadi lantaran Israil kenging kaunggulan sakitu ageungna ti PANGERAN. Waktos eta Sang Raja bingah ningalina. Ku naon ayeuna kagungan maksad teu sae ka nu teu aya dosana, bade maehan Daud kalayan teu aya lantaran?” Saul jarang-jarang éling, tapi ayeuna manéhna daék ngadéngékeun Yonatan jeung jangji moal rék nyilakakeun Daud. Tapi da dasar sok jalir jangji, ari Daud geus beuki suksés, Saul gé beuki sirik nepi ka ngalempag Daud ku tumbak! (1 Samuel 19:4-6, 9, 10) Daud nyingcet tuluy kabur.

Naha Sadérék gé pernah bingung rék satia ka saha? Haté Sadérék bisa kasiksa. Dina kaayaan kitu, sok aya nu méré saran yén Sadérék kudu ngutamakeun kulawarga. Tapi, Yonatan apal éta téh teu bener. Maenya manéhna rék mihak ka bapana padahal Daud téh hamba Yéhuwa nu satia jeung taat? Jadi lantaran satia ka Yéhuwa, Yonatan daék dibingbing ku Mantenna dina nyieun putusan. Éta alesanana manéhna ngabéla Daud. Sanajan Yonatan leuwih satia ka Allah, manéhna ogé satia ka bapana ku cara méré naséhat nu terus terang ti batan ngomongkeun nu alus-alus sangkan bapana teu ambek. Urang masing-masing bakal meunang mangpaat lamun nyonto kasatiaan Yonatan.

Tetep Satia Sanajan Kudu Nyieun Pangorbanan

Yonatan nyobaan deui ngarukunkeun Saul jeung Daud, tapi euweuh hasilna. Daud susulumputan datang ka Yonatan jeung ngomong yén manéhna sieun dipaéhan. Ceuk Daud ka sobatna nu leuwih kolot ieu, ”Salengkah deui bae abdi tinemu sareng ajal.” Yonatan satuju rék nguji bapana jeung bakal méré nyaho Daud naha Saul daék akur jeung Daud atawa henteu. Pas Daud keur nyumput, Yonatan bakal méré isarat maké gondéwa jeung jamparing. Tuluy Yonatan ménta Daud jangji, ”Akang titip aceukna sareng barudak, Rayi ulah pegat mikaheman. Kitu deui engke saparantos musuh-musuh Rayi disirnakeun ku PANGERAN.” Daud jangji bakal ngajaga jeung ngalindungan kulawarga Yonatan.—1 Samuel 20:3, 13-27.

Yonatan ngomong nu alus-alus ngeunaan Daud ka Saul, tapi raja jadi ambek pisan! Yonatan disebut ”anak bangkawarah” jeung nyebutkeun yén kasatiaanana ka Daud téh ngérakeun kulawarga. Manéhna mangaruhan Yonatan supaya mentingkeun diri, ”Na teu nyaho yen sapanjang eta jelema hirup keneh mustahil maneh bisa jadi raja di ieu nagara?” Yonatan teu kapangaruhan. Manéhna ngomong ka bapana, ”Ku naon margina kedah dipaehan? Naon dosana?” Saul ngamuk! Sanajan geus kolot gé, Saul téh prajurit nu perkasa. Putrana dilempag ku tumbak! Sakumaha jagona Saul, tumbakna teu keuna. Yonatan nyeri haté pisan jeung ngarasa direndahkeun. Bari ambek, manéhna nyingkah ti dinya.—1 Samuel 20:24-34.

Yonatan kabukti satia jeung teu mentingkeun diri

Poé isukna, Yonatan indit ka tegal tempat Daud nyumput. Manéhna mesatkeun jamparing tuluy méré isarat yén Saul masih kénéh hayang maéhan Daud. Geus kitu, palayan Yonatan dititah balik ka kota. Ayeuna kari manéhna jeung Daud duaan, jadi maranéhna bisa ngobrol sakeudeung. Duanana ceurik. Yonatan sedih pisan lantaran bakal papisah jeung sobatna ieu nu bakal jadi buronan.—1 Samuel 20:35-42.

Dina kaayaan nu susah siga kitu gé, Yonatan kabukti satia jeung teu mentingkeun diri. Sétan, musuh kabéh hamba nu satia, atoh lamun Yonatan nuturkeun bapana nu boga ambisi pikeun ngawasa jeung dihormat. Inget, Sétan mangaruhan manusa supaya mentingkeun diri. Adam jeung Hawa, kolot urang nu mimiti, beunang ku pangaruh Sétan ieu. (Kajadian 3:1-6) Tapi, ka Yonatan gagal. Bayangkeun, sakumaha keuheulna Sétan! Naha Sadérék bakal nampik gogoda nu siga kitu? Ayeuna, urang hirup dikurilingan ku jalma-jalma anu mentingkeun diri. (2 Timoteus 3:1-5) Naha urang daék nyonto Yonatan nu teu mentingkeun diri jeung satia?

Yonatan rék mesatkeun jamparingna pikeun méré isarat ka Daud

Sabagé sobat nu satia, Yonatan méré isarat ka Daud sangkan nyingkah tina bahaya

”Kanyaah Anjeun Teu Aya Tanding”

Haté jeung pikiran Saul dipinuhan ku rasa ngéwa ka Daud. Saul jadi siga jalma nu teu waras. Manéhna ngumpulkeun sakabéh prajuritna pikeun ngurilingan nagri rék maéhan hiji jalma nu teu boga dosa. Ningali bapana siga kitu, Yonatan teu walakaya. (1 Samuel 24:1, 2, 12-15; 26:20) Naha Yonatan pipilueun? Alkitab teu nyebutkeun manéhna pipilueun kana rencana goréng bapana. Yonatan teu mungkin pipilueun lantaran satia ka Yéhuwa, ka Daud, jeung kana jangji ka sobatna.

Parasaan manéhna ka sobatna nu ngora ieu tara barobah. Ka dieunakeun, manéhna bisa panggih deui jeung Daud. Éta téh di Horés, nu hartina ”Daérah nu Aya Leuweungna”. Horés téh daérah nu leuweungna masih kénéh geledegan, di daérah pagunungan sabaraha kilométer ti Hébron ka arah kidul-wétan. Ku naon Yonatan dadaékanan narohkeun nyawana pikeun manggihan buronan? Alkitab méré nyaho alesanana nyaéta pikeun ”ngahatean ka [Daud] kalawan percanten kana pangraksa Allah”. (1 Samuel 23:16) Kumaha Yonatan ngalakukeunana?

Yonatan ngomong ka sobatna nu ngora ieu, ”Ulah sieun.” Manéhna ogé ngayakinkeun Daud, ”Saul rama Akang moal iasa naon-naon ka Rayi.” Ku naon manéhna bisa yakin siga kitu? Lantaran manéhna percaya Yéhuwa bakal ngawujudkeun jangji-Na. Tuluy manéhna ngomong, ”Rayi bakal jadi raja nyangking Israil.” Nabi Samuél geus nganubuatkeun hal éta sababaraha taun katukang. Yonatan ngingetan Daud yén kekecapan Yéhuwa pasti laksana. Terus, ari Yonatan kumaha kahareupna? ”Akang pijadieun anu kadua ti Rayi.” Manéhna bener-bener rendah haté! Manéhna teu masalah lamun diparéntah ku nu leuwih ngora 30 taun. Manéhna daék dijadikeun jalma kapercayaan nu ngadukung Daud! Ahirna, Yonatan ngomong yén bapana gé ”uningaeun pisan” kana hal ieu. (1 Samuel 23:17, 18) Dina haténa mah Saul apal yén manéhna moal bisa meunang ngalawan pribadi nu dipilih Yéhuwa pikeun jadi raja saterusna!

Yonatan ngobrol jeung Daud

Yonatan ngagedékeun haté Daud waktu Daud keur kasusahan

Mangtaun-taun sanggeusna, Daud pasti sering nginget-nginget deui kajadian éta. Hanjakalna, manéhna teu pernah panggih deui jeung Yonatan. Kahayang Yonatan pikeun jadi jalma nu kadua ti Daud teu pernah ngawujud.

Yonatan milu perang jeung bapana ngalawan urang Pélisti, musuh gerotna urang Israil. Sanajan milu perang jeung bapana nu nyieun loba kasalahan, manéhna teu rumasa salah da éta mah dines ka Yéhuwa. Sakumaha biasana, manéhna satia jeung wani ngalawan musuh, tapi tetep wé urang Israil méh kaéléhkeun. Yéhuwa geus teu ngaberkahan Saul deui lantaran manéhna beuki jahat nepi ka ngalampahkeun spiritisme, hal nu dilarang pisan ku Hukum Allah. Tilu putra Saul, kaasup Yonatan, tiwas di pangperangan. Saul tatu parna tuluy maéhan manéh.—1 Samuel 28:6-14; 31:2-6.

Daud kacida sedihna. Jalma nu bageur jeung hampuraan ieu nyeungceurikan Saul, nu geus nyangsarakeun jeung nyusahkeun hirup Daud. Daud nulis lagu sedih keur Saul jeung Yonatan. Bisa jadi kekecapan nu paling nyérédét haté nu ditulis ku Daud keur guru jeung sobatna téh ieu, ”Deudeuh teuing Yonatan, dulur awaking! Kanyaah anjeun teu aya tanding. Kanyaah Akang ka Rayi, langkung ti batan ka istri.”—2 Samuel 1:26.

Daud teu pernah mopohokeun jangjina ka Yonatan. Sababaraha taun sanggeusna, Daud néangan tuluy ngurus anakna Yonatan nu cacad, nyaéta Mépibosét. (2 Samuel 9:1-13) Jelas, Daud geus loba diajar ti Yonatan nu satia dina ucap jeung lampahna, sarta satia ka sobatna sanajan kudu ngalaman kasusah. Naha urang gé diajar ti Yonatan? Naha urang néangan sobat siga Yonatan? Naha urang gé bisa jadi sobat siga kitu? Lamun urang ngabantu sobat urang nguatkeun imanna ka Yéhuwa, lamun urang leuwih satia ka Allah, sarta lamun urang satia jeung teu mentingkeun diri, urang bakal jadi sobat nu hadé kawas Yonatan. Urang gé nyonto iman manéhna.

Naha di Antara Maranéhna Aya Hubungan Séksual?

Sababaraha ahli nyimpulkeun yén di antara Yonatan jeung Daud téh aya hubungan homoséksual. Naha Alkitab ngadukung pandangan ieu? Coba pikirkeun sababaraha hal.

  • Ayat Alkitab nu dipaké keur ngadukung pandangan ieu sabenerna teu ngamaksudkeun hubungan séksual. Nu sering dipaké téh nyaéta kekecapan Daud ngeunaan Yonatan, ”Kanyaah Akang ka Rayi, langkung ti batan ka istri.” (2 Samuel 1:26,) Aya ogé nu ngagunakeun ayat nu nyebutkeun yén maranéhna silih cium. (1 Samuel 20:41, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Tapi, kekecapan jeung ungkapan kanyaah di antara dua lalaki kawas kitu téh geus biasa di jaman Alkitab. Éta téh kabudayaan di Timur Tengah kuno sarta euweuh patalina jeung hal-hal séksual.—1 Samuel 10:1; 2 Samuel 19:39, NW.

  • Boh Yonatan boh Daud boga pamajikan jeung budak. Daud boga sababaraha pamajikan jeung boga loba budak. (2 Samuel 5:13-16) Pamajikanana Yonatan teu disebutkeun ngaranna, tapi manéhna boga budak nu ngaranna Mépibosét, atawa Méribaal.—2 Samuel 4:4; 1 Babad 8:34.

  • Boh Yonatan boh Daud taat kana Hukum Allah. Maranéhna katelah sabagé jalma nu boga iman jeung kanyaah ka Allah Yéhuwa. Salian ti éta, maranéhna ngucapkeun jangji sosobatanana ”ku nami Yéhuwa”. (1 Samuel 20:41, 42, NW) Kataatan ka Yéhuwa téh hal nu pangpentingna keur maranéhna. Hukum Allah jelas-jelas ngutuk sagala rupa lampah cabul, kaasup homoséksualitas. (Imamat 18:22; 20:13) Maranéhna téh pan bisa nyobat lantaran nyaah ka Yéhuwa. Jadi, moal mungkin maranéhna boga hubungan homoséksual.

Alkitab teu nunjukkeun yén Yonatan atawa Daud boga kacondongan homoséksual. Alkitab gé teu nunjukkeun yén sosobatan maranéhna aya patalina jeung hal-hal séksual. Lamun aya pandangan nu béda jeung Alkitab, éta mah ngan saukur diaya-aya.

a Yonatan mimiti disebutkeun dina Alkitab basa Saul mulai maréntah. Harita, Yonatan téh kapala pasukan prajurit nu umurna kira-kira 20 taun. (Bilangan 1:2, 3; 1 Samuel 13:2) Saul maréntah salila 40 taun. Waktu Saul maot, Yonatan umurna kira-kira 60 taun, ari Daud umurna 30 taun. (1 Samuel 31:2; 2 Samuel 5:4) Jadi, Yonatan jeung Daud kira-kira bédana 30 taun.

Ceuk Yonatan, ”Rayi bakal jadi raja nyangking Israil, sarta Akang pijadieun anu kadua ti Rayi.”—1 Samuel 23:17.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun