PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 155
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Méré Sumbangan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Méré Sumbangan?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Jawaban Alkitab
  • Sumbangan siga kumaha nu nyenangkeun Allah?
  • Sumbangan siga kumaha nu teu nyenangkeun Allah?
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 155
Saurang jalma nu rék méré kado

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Méré Sumbangan?

Jawaban Alkitab

Alkitab ngajurung urang pikeun méré sumbangan nu iklas jeung niat nu bener. Alkitab némbongkeun méré sumbangan siga kitu téh mangpaatna teu ngan keur nu narimana wungkul, tapi ogé keur nu méréna. (Siloka 11:25; Lukas 6:38) Ceuk Yésus, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”—Rasul 20:35.

  • Sumbangan siga kumaha nu nyenangkeun Allah?

  • Sumbangan siga kumaha nu teu nyenangkeun Allah?

  • Ayat-ayat Alkitab ngeunaan méré sumbangan

Sumbangan siga kumaha nu nyenangkeun Allah?

Sumbangan nu iklas nu bisa nyenangkeun Allah. Ceuk Alkitab, ”Mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.”—2 Korinta 9:7.

Méré sumbangan nu iklas téh dibutuhkeun sangkan ”ibadah” urang ditarima ku Allah. (Yakobus 1:27) Jalma nu réla nyumbang ka nu butuh téh nyenangkeun Allah. Keur Allah, jalma éta siga nginjeumkeun pangabogana ka Mantenna. (Siloka 19:17) Alkitab méré nyaho yén Allah bakal balik ngaberkahan jalma nu méréna éta.—Lukas 14:12-14.

Sumbangan siga kumaha nu teu nyenangkeun Allah?

Lamun jalmana boga niat nu salah. Contona:

  • Hayang dipuji ku batur.—Mateus 6:2.

  • Aya pamrih.—Lukas 14:12-14.

  • Hayang meuli kurnia ti Allah.—Rasul 8:20.

Sumbangan nu dipaké pikeun hal-hal nu dikutuk ku Allah. Misalna, urang teu perlu méré sumbangan lamun nyaho éta bakal dipaké keur judi, narkoba, atawa alkohol. (1 Korinta 6:9, 10; 2 Korinta 7:1) Kitu ogé, urang teu perlu méré sumbangan ka jalma nu sabenerna bisa nyumponan pangabutuhna tapi embung digawé.—2 Tesalonika 3:10.

Sumbangan nu nyababkeun hiji jalma teu ngajalankeun tanggung jawabna ka Allah. Alkitab ngajarkeun yén kapala kulawarga kudu nyumponan pangabutuh rumah tanggana. (1 Timoteus 5:8) Tangtu teu bener lamun anggota kulawarga jadi sangsara gara-gara kapala kulawargana nyumbang kaleuleuwihi ka batur. Yésus ogé ngutuk jalma nu maké alesan yén kabéh hartana ”geus dibaktikeun ka Allah”, tuluy embung nyumponan pangabutuh kolotna nu geus sepuh.—Markus 7:9-13.

Ayat-ayat Alkitab ngeunaan méré sumbangan

Siloka 11:25: ”Nu balabah babari meunang rejeki. Nu resep tutulung babari meunang pitulung.”

Hartina: Méré sumbangan téh mangpaatna teu ngan keur nu narimana wungkul tapi ogé keur nu méréna.

Siloka 19:17: ”Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN. Mantenna nu baris ngabalesna.”

Hartina: Allah ngarasa boga hutang ka jalma-jalma nu resep nulungan batur, Mantenna gé jangji bakal balik ngaberkahan jalma nu béréhan.

Mateus 6:2: ”Mere sidekah ka nu miskin ulah ditembong-tembong ka batur. Ulah cara anu marunapek sok . . . hayang katangar balabah ngarah dipuji.”

Hartina: Ulah nyumbang ngan ku lantaran hayang diperhatikeun.

Rasul 20:35: ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”

Hartina: Sumbangan nu iklas nyieun urang bagja.

2 Korinta 9:7: ”Ku sabab kitu mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.”

Hartina: Sumbangan nu iklas téh nyenangkeun Allah.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun