PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 159
  • Naha Sasatoan Bisa Asup ka Sawarga?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Sasatoan Bisa Asup ka Sawarga?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Jawaban Alkitab
  • Kumaha kaayaan sato nu paéh?
  • Naha sasatoan boga dosa?
  • Naha meunang nyiksa sasatoan?
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 159
Anjing

Naha Sasatoan Bisa Asup ka Sawarga?

Jawaban Alkitab

Alkitab ngajarkeun yén di antara sakabéh ciciptaan di bumi, ngan sababaraha manusa nu asup ka sawarga. (Wahyu 14:1, 3) Maranéhna bakal mingpin jadi raja jeung imam bareng jeung Yésus. (Lukas 22:28-30; Wahyu 5:9, 10) Kalolobaan umat manusa bakal di hirupkeun deui di pirdaus nu aya di bumi.—Jabur 37:11, 29.

Teu pernah disebutkeun dina Alkitab yén di sawarga bakal aya sato atawa anjing piaraan. Éta téh aya alesanana. Sasatoan moal bisa nyumponan sarat pikeun ”disalaur ku Allah” ka sawarga. (Ibrani 3:1) Sarat-saratna téh kaasup boga pangaweruh, némbongkeun iman, jeung taat kana paréntah Allah. (Mateus 19:17; Yohanes 3:16; 17:3) Manusa wungkul nu diciptakeun pikeun hirup langgeng.—Kajadian 2:16, 17; 3:22, 23.

Supaya bisa asup ka sawarga, ciptaan nu aya di bumi kudu dihirupkeun deui. (1 Korinta 15:42) Alkitab nyutat sababaraha kajadian ngeunaan jalma nu dihirupkeun deui. (1 Raja 17:17-24; 2 Raja 4:32-37; 13:20, 21; Lukas 7:11-15; 8:41, 42, 49-56; Yohanes 11:38-44; Kisah 9:36-42; 20:7-12) Tapi, sakabéhna manusa, lain sato.

  • Kumaha kaayaan sato nu paéh?

  • Naha sasatoan boga dosa?

  • Naha meunang nyiksa sasatoan?

Kumaha kaayaan sato nu paéh?

Alkitab ngajarkeun boh manusa boh sasatoan téh ”mahluk hirup”, jadi jalma jeung sato boga kahirupan nu sarua. Aya dua unsur dina kahirupan manusa jeung sato nyaéta ”taneuh” jeung ”napas anu matak hirup”.—Kajadian 1:24; 2:7; Bilangan 31:28

Alkitab ogé nyebutkeun yén manusa jeung sato bisa paéh. (Budalan 19:13) Sanggeus paéh, sato jeung manusa balik deui jadi lebu atawa taneuh. (Pandita 3:19, 20) Hartina maranéhna teu aya deui.

Naha sasatoan boga dosa?

Henteu. Dosa téh hartina pikiran, parasaan, atawa lalampahan nu papalingpang jeung papakon Allah. Ciptaan bisa nyieun dosa lamun boga kasanggupan pikeun milih nu bener jeung nu salah, sato mah teu boga kasanggupan ieu. Salila hirupna nu pondok, sasatoan ngagunakeun naluri dina tingkah polahna. (2 Petrus 2:12) Sanajan teu boga dosa, sasatoan tetep wé paéh.

Naha meunang nyiksa sasatoan?

Henteu. Sasatoan dikawasakeun ku Allah ka manusa, tapi éta lain hartina manusa bisa sangeunahna ka sasatoan. (Kajadian 1:28; Jabur 8:7-9) Allah merhatikeun kaayaan sasatoan, kaasup manuk piit nu leutik. (Yunus 4:11; Mateus 10:29) Mantenna maréntahkeun umatna sangkan ngurus ulah sangeunahna ka sasatoan.—Budalan 23:12; Pamindo 25:4; Siloka 12:10.

Ayat-ayat Alkitab ngeunaan sasatoan

Kajadian 1:28: ”Geus kitu [manusa] diberkahan, timbalan [Allah], ’Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui ka bangsa sasatoan leuweung.’”

Hartina: Sasatoan dikawasakeun ka manusa ku Allah.

Pandita 3:19, 20: ”Sabab nya manusa nya sato nasibna sarua bae. Manusa bakal paeh, sato bakal paeh, kawantu pada mahluk keneh. Jadi manusa teh teu leuwih punjul ti sato, hirupna sarua mubadirna. Duanana ngajugjug ka tempat anu sahiji, asal tina lebu, marulangna deui oge kana lebu.”

Hartina: Sanggeus paéh, sato jeung manusa balik deui jadi lebu atawa taneuh.

Siloka 12:10: ”Jelema hade mah rumawat kana pipiaraan. Nu jahat mah telenges kana pipiaraan teh.”

Hartina: Jalma hadé ngarawat sasatoan kaasup pipiaraanana.

Mateus 10:29: ”Piit hargana saduit dua, tapi sanajan kitu moal aya nu ragrag kana taneuh lamun taya pangersa Rama maraneh.”

Hartina: Allah merhatikeun sasatoan, kaasup manuk piit nu leutik.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun