PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwwd artikel 8
  • Lém nu Dihasilkeun ku Kerang Teritip

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Lém nu Dihasilkeun ku Kerang Teritip
  • Naha Ieu Dirancang?
  • Bahan nu Sarupa
  • Kulit Paus Pilot nu Bisa Tetep Bersih
    Naha Ieu Dirancang?
  • Lendir Siput nu Lengket
    Naha Ieu Dirancang?
Naha Ieu Dirancang?
ijwwd artikel 8
Kerang teritip

NAHA IEU DIRANCANG?

Lém nu Dihasilkeun ku Kerang Teritip

Para ahli sasatoan geus lila naliti kamampuh kerang teritip pikeun napelkeun dirina dina batu, dermaga, jeung bagian handap kapal. Cenah mah, lém nu dihasilkeun ku kerang teritip téh jauh leuwih pageuh ti batan lém jieunan manusa. Nepi ka ayeuna, para ahli masih diajar carana kerang teritip bisa napel pageuh dina permukaan nu baseuh.

Perhatikeun: Larva kerang teritip nu geus bisa ngojay téh sok mariksa rupa-rupa permukaan saacan napelkeun dirina. Sanggeus manggihan tempat nu cocog, katingalina larva kerang teritip ngahasilkeun dua jinis jat cair. Jat nu mimiti téh mangrupa cairan nu siga minyak, nu gunana nyingkirkeun cai tina permukaan barang. Ku kituna, permukaan siap pikeun dipépérkeun ku cairan nu kadua, nu dijieun tina protein, nu disebut fosfoprotein.

Dua jat ieu jadi lém nu pageuh pisan, saking ku pageuhna nepi ka teu bisa diruksak ku baktéri. Lémna mémang kudu pageuh pisan lantaran kerang teritip téh bakal napel di ditu saumur hirupna.

Kerang teritip nu mépérkeun lémna

Kerang teritip nu mépérkeun lémna

Prosés dihasilkeunana lém ku kerang teritip téh jauh leuwih ruwed ti batan nu dipikirkeun ku para ahli saacanna. Hiji anggota tim nu naliti prosés ieu méré komentar, ”Ieu téh cara alam nu luar biasa pinter pikeun nyanghareupan [napelkeun diri dina] permukaan anu baseuh.” Risét ieu bisa ngabantu para ahli nyieun lém nu bisa digunakeun di jero cai, nu sarua pageuhna jeung lém nu dijieun ku kerang teritip. Engkéna hal ieu bakal bisa dilarapkeun dina alat éléktronik jeung implan dina widang kedokteran.

Kumaha ceuk Sadérék? Naha lém nu dihasilkeun ku kerang teritip téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun