PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwwd artikel 9
  • Kulit Tripang nu Sakitu Hébatna

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kulit Tripang nu Sakitu Hébatna
  • Naha Ieu Dirancang?
  • Bahan nu Sarupa
  • Kulit Hiu
    Naha Ieu Dirancang?
  • Jeruk Bali Dilindungan ku Kulitna
    Naha Ieu Dirancang?
Naha Ieu Dirancang?
ijwwd artikel 9
Tripang

NAHA IEU DIRANCANG?

Kulit Tripang nu Sakitu Hébatna

Tripang téh mahluk laut nu hirupna di dasar laut jeung dina terumbu karang. Awakna gegerenjulan, malah sok aya nu cucukan. Ngan dina sababaraha menit, malah sababaraha detik, awakna bisa bungkak-béngkok, bisa ujug-ujug lembék kawas lilin nu lééh, atawa ujug-ujug heuras jiga papan. Lantaran bisa bungkak-béngkok, tripang bisa selap-selip. Terus mun geus asup kana sela-sela, awakna bisa ngaheurasan, jadi moal bisa ditarik ku musuh. Tripang bisa kitu téh lantaran kulitna nu luar biasa.

Pikirkeun: Kulit tripang téh bisa heuras, sedeng, jeung lembék. Ngarah bisa kitu, tripang maké protein pikeun meungkeut atawa ngaleupaskeun serat-serat nu aya dina kulitna. Jadi, kulitna bisa heuras bisa lembék.

Pikeun ngaheurasan kulitna, protein saolah-olah ngawangun jambatan atawa ranté leutik ambéh serat-serat dina jaringan kulit silih pakait. Pikeun ngalembékkan kulit, protein bakal megatkeun ranté-ranté éta. Engkéna kulit tripang bisa lembék pisan jiga lilin nu lééh.

Para ahli hayang nyieun bahan nu bisa jiga kulit tripang. Rencanana, bahan éta bakal dipaké pikeun nyieun elektroda. Éta téh alat leutik nu diasupkeun kana otak pas keur operasi otak. Maranéhna hayang nyieun elektroda nu rada heuras ambéh bisa diasupkeun di tempat nu pas dina otak, tapi ogé bisa jadi lembék sanggeus aya di jero otak. Ku kituna, awak manusa bisa narima elektroda éta.

Kumaha ceuk Sadérék? Na kulit tripang nu sakitu hébatna téh hasil évolusi? Atawa, na ieu dirancang?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun