PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 88
  • Kumaha Carana Supaya Abdi Sumanget Olahraga?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Carana Supaya Abdi Sumanget Olahraga?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Ku naon kudu olahraga?
  • Ku naon asa horéam olahraga téh?
  • Kumaha supaya abdi teu horéam olahraga?
  • Sing saimbang
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 88
Budak ngora nu tadina horéam jadi sumanget olahraga

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Carana Supaya Abdi Sumanget Olahraga?

  • Ku naon kudu olahraga?

  • Ku naon asa horéam olahraga téh?

  • Kumaha supaya abdi teu horéam olahraga?

  • Sing saimbang

  • Ceuk babaturan anjeun

Ku naon kudu olahraga?

Di sababaraha nagri, loba budak ngora nu jarang olahraga. Mun kitu téh bisa bahaya keur kaséhatan maranéhna. Alkitab nyebutkeun, ”Olah raga aya gunana keur badan.” (1 Timoteus 4:8) Pék perhatikeun ieu:

  • Olahraga bisa nyieun haté urang leuwih gumbira. Waktu olahraga, otak urang ngahasilkeun jat kimia nu ngaranna endorfin. Jat ieu nu nyababkeun urang boga parasaan senang jeung teu tegang. Aya nu ngomong olahraga téh ubar strés nu alami.

    ”Abdi ngarasa leuwih sumanget gawé jeung leuwih senang lamun isuk-isukna abdi lumpat heula. Haté abdi jadi leuwih gumbira.”—Regina.

  • Olahraga bisa nyieun bentuk awak jadi leuwih alus. Olahraga nu saimbang bisa nyieun awak jadi leuwih séhat, karasa ngeunaheun, jeung percaya diri.

    ”Seneng pisan ayeuna abdi kuat pull-up sapuluh kali, taun kamari mah boro-boro hiji ogé teu bisa. Tapi nu pangpentingna, abdi ngalatih awak abdi.”—Olivia.

  • Olahraga bisa ngajaga kaséhatan urang. Olahraga téh alus keur jantung jeung sistem pernapasan. Latihan aerobic bisa nyegah panyakit jantung koroner. Éta téh salah sahiji panyakit nu nyababkeun kalolobaan jelema maot.

    ”Mun urang sok olahraga, urang téh ngahargaan awak nu geus dibéré ku Gusti Nu Nyipta.”—Jessica.

Palajaran penting: Olahraga téh mangpaatna lain ngan keur engké wungkul, tapi keur ayeuna ogé. Ceuk saurang awéwé nu ngaranna Tonya, ”Urang moal waka ngomong, ’Ah coba bieu teu olahraga.’” Terus ceuk manéhna gé, ”Gampang néang-néang alesan mah, tapi mun abdi tetep ngupayakeun, sanggeusna abdi ngarasa puas.”

Budak ngora nu keur ningali mesin mobil nu tara dirawat

Mobil nu tara dirawat lila-lila bisa ruksak; kitu gé jeung awak urang mun tara olahraga

Ku naon asa horéam olahraga téh?

Bisa jadi ieu sababaraha alesanana:

  • Ngarasa teu perlu. ”Budak ngora mah ngarasa jagjag. Jadi, moal mikiran engkéna bisa waé keuna panyakit. Disangkana nu keuna panyakit téh ngan nu kolot wungkul.”—Sophia.

  • Teu aya waktu. ”Abdi téh mani sibuk, keur dahar nu séhat jeung héés gé abdi kudu ngatur waktu, komo deui ieu keur olahraga.”—Clarissa.

  • Kudu mayar. ”Mun milu fitness téh kudu mayar iuran, mahal deui, asa jadi horéam.”—Gina

Pikirkeun:

Naon nu paling nyieun anjeun horéam? Mémang mimitina urang kudu upaya, tapi mun geus karasa hasilna mah bakal puas.

Kumaha supaya abdi teu horéam olahraga?

Ieu aya sababaraha saran:

  • Urang nu kudu mikirkeun kaséhatan urang sorangan.—Galata 6:5.

  • Ulah néang-néang alesan. (Pandita 11:4) Contona, mun rék olahraga anjeun teu kudu ngadaptar jadi anggota fitness heula, tapi cukup téangan olahraga séjén nu dipikaresep jeung sing rutin ngajalankeunana.

  • Bisa tatanya batur naon olahraga nu dijalankeun manéhna.—Siloka 20:18.

  • Tangtukeun jadwalna. Jieun tujuan jeung catet nu geus kahontal.—Siloka 21:5.

  • Téang batur pikeun olahraga. Mun aya batur, urang jadi leuwih sumanget jeung teu gampang nyerah.—Pandita 4:9, 10.

  • Ulah babari nyerah sanajan hésé ngajalankeunana—Siloka 24:10.

Sing saimbang

Alkitab ngingetkeun urang ”kudu wijaksana”. (1 Timoteus 3:2, 11) Jadi, urang kudu saimbang waktu olahraga. Mun olahragana kaleuleuwihi, éta bakal mubadir. Ceuk saurang budak ngora, nu ngaranna Julia, ”Boro-boro resep ningali lalaki nu otona gedé bari jeung boloho mah.”

Kadé ogé ulah katipu ku iklan-iklan. Misalna, nu nitah urang terus olahraga sanajan geus capé. Éta bisa bahaya keur kaséhatan anjeun. Anjeun ogé lila-lila bisa ngabaékeun hal-hal ”anu panghadena” dina hirup anjeun.—Pilipi 1:10.

Bisa jadi aya ogé hal-hal nu malah ngaleutikan haté urang. Saurang budak ngora nu ngaranna Vera ngomong, ”Loba budak awéwé hayang ngarobah bentuk awakna, jadi maranéhna nyimpen poto jalma-jalma nu rék dijadikeun conto. Waktu keur horéam olahraga, maranéhna ningali poto éta. Tapi maranéhna kalah ka leutik haté, lantaran ngabandingkeun dirina jeung jelema éta. Jadi mendingan gé, urang leuwih mikirkeun kaséhatan urang, ti batan bentuk awak urang.”

Ceuk babaturan anjeun

Yasmine

”Abdi mah resepna lumpat, sualna jadi teu strés. Mun lumpat téh gancang kaluar késang jeung alus keur jantung. Sanggeus lumpat, asa leuwih sumanget jeung awak gé jadi leuwih ngeunaheun.”—Yasmine.

Joel

”Abdi mah resepna olahraga nu bari ulin, siga baskét. Waktu maén baskét, abdi teu ngarasa siga keur olahraga. Mémang mimitina butuh waktu jeung kudu upaya heula, tapi mun geus bisa mah bakal resep.”—Joel.

Lily

”Hiking téh mani resep pisan. Salian keur awak, mangpaatna ogé keur pikiran abdi. Mun geus ningali alam, abdi teu hariwang deui, asa tiis hulu jeung seger deui. Teu siga biasana nu pak-pik-puk.”—Lily.

Miles

”Geningan olahraga téh teu sahésé nu dibayangkeun. Contona pas keur maén baskét, abdi resep kana ulinna, lainna mikiran capéna. Urang ogé bisa boga batur anyar.”—Miles.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun