PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 90
  • Kumaha Supaya Abdi Teu Boga Pikiran Goréng Terus?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Supaya Abdi Teu Boga Pikiran Goréng Terus?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Anjeun téh jalma nu jiga kumaha?
  • Ku naon éta penting?
  • Nu bisa dilakukeun ku anjeun
  • Baca carana sangkan leuwih positif
  • Kumaha Mun Abdi Teu Ditarima ku Babaturan?
    Pananya Budak Ngora
  • Kumaha Lamun Abdi Hayang Bunuh Diri?
    Pananya Budak Ngora
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 90
Saurang awéwé boga pikiran goréng bari aya méga mendung di tukangeunana

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Teu Boga Pikiran Goréng Terus?

  • Anjeun téh jalma nu jiga kumaha?

  • Ku naon éta penting?

  • Nu bisa dilakukeun ku anjeun

  • Baca carana sangkan leuwih positif

  • Ceuk budak ngora séjénna

Anjeun téh jalma nu jiga kumaha?

  • Yakin

    ”Urang sabisa-bisa bungah jeung teu babari ambek. Urang hayang seuri jeung senang unggal poé.”—Valerie.

  • Asa-asa

    ”Unggal aya hal nu alus, abdi langsung mikir pasti aya nu salah. Maenya saalus kitu?”—Rebecca.

  • Asup akal

    ”Urang sok kuciwa mun yakin teuing, ari mun asa-asa gé urang moal bungah. Tapi mun asup akal mah, urang bisa ningali kaayaan nu sabenerna.”—Anna.

Ku naon éta penting?

Ceuk Kitab Suci, ”Anu sararenang tara kendat sukan-sukan.” (Siloka 15:15) Jalma nu henteu teterusan boga pikiran goréng jeung nyoba néangan hal positif mah biasana leuwih bagja. Manéhna ogé biasana boga loba babaturan. Mémang aya kitu nu daék nyobat jeung jalma nu sedih waé?

Tapi najan urangna geus positif gé, kasusah mah pasti aya waé. Misalna:

  • Loba berita ngeunaan perang, téroris, atawa kajahatan.

  • Anjeun boga masalah kulawarga.

  • Anjeun boga kakurangan jeung kalemahan.

  • Batur nganyenyeri haté anjeun.

Anjeun kudu asup akal. Masalah téh tong diantep, tapi ogé tong dipikiran teuing. Mun asup akal, anjeun moal teterusan mikir goréng jeung bakal bisa narima kanyataan. Ku kituna, anjeun moal teterusan leutik haté pas aya masalah.

Saurang awéwé boga pikiran goréng bari aya méga mendung di tukangeunana

Anjeun bisa ngaliwatan angin ribut dina kahirupan, sing percaya engké panonpoé bakal bijil deui

Nu bisa dilakukeun ku anjeun

  • Boga pandangan nu saimbang kana kakurangan sorangan.

    Ceuk Kitab Suci, ”Di dunya moal aya jelema anu bener sapapanjangna teu kungsi milampah salah.” (Pandita 7:20) Mun anjeun gagal atawa nyieun kasalahan, lain hartina anjeun euweuh gunana. Tapi da ngaranna gé manusa, wajar mun jiga kitu.

    Carana supaya asup akal: Upayakeun sangkan ka hareupna teu nyieun kasalahan nu sarua, tapi inget anjeun téh teu sampurna. Ceuk Caleb, ”Urang mah embung mikiran teuing kasalahan urang, bisi leutik haté. Justru kasalahan téh dijadikeun palajaran supaya ka hareupna urang bisa leuwih hadé.”

  • Tong sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur.

    Ceuk Kitab Suci, ”Ulah adigung, ulah silih nyenyeri, jeung ulah silih dengkian.” (Galata 5:26) Anjeun bisa nyeri haté mun ningali acara-acara babaturan anjeun dina média sosial, tapi anjeun teu diondang. Nu asalna sobat gé bisa dianggap musuh.

    Carana supaya asup akal: Kudu bisa narimakeun, lantaran moal mungkin anjeun diondang ka unggal acara. Urang teu bisa ngukur hiji kaayaan ngan tina poto-poto nu aya dina média sosial. Ceuk Alexis, ”Dina média sosial, biasana jalma-jalma ngan nga-post poto-poto nu pangalusna wungkul. Nu biasa-biasa mah tara di-post.”

  • Sing akur jeung batur, komo jeung kulawarga sorangan.

    Ceuk Kitab Suci, ”Sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.” (Rum 12:18) Anjeun moal bisa ngadalikeun kalakuan batur, tapi anjeun bisa ngadalikeun réaksi sorangan. Anjeun bisa ngupayakeun akur jeung batur.

    Carana supaya asup akal: Mun aya masalah dina kulawarga, tong sok ngomporan. Téangan carana supaya bisa akur jeung anggota kulawarga, sakumaha akur jeung babaturan. Ceuk budak ngora nu ngaranna Melinda, ”Teu aya nu sampurna, sakapeung urang bisa silih nyenyeri jeung batur. Urang kudu milih, rék tetep akur atawa kalah ka paséa jeung maranéhna.”

  • Ucapkeun sukur.

    Ceuk Kitab Suci, ”Aranjeun kudu muji sukur.” (Kolosa 3:15) Mun sering ngucap sukur mah, anjeun moal mikiran teuing hal-hal nu goréng, tapi nu dipikiran téh nu alus-alusna.

    Carana supaya asup akal: Kudu mikirkeun masalah nu keur disanghareupan, tapi tong nepi ka poho kana hal-hal hadé dina kahirupan. Ceuk budak ngora nu ngaranna Rebecca, ”Unggal poé, abdi nulis hiji hal positif dina buku catetan. Abdi hayang inget najan keur boga masalah, pasti aya waé hal-hal alus nu bisa dipikirkeun.”

  • Pikirkeun jiga kumaha babaturan anjeun.

    Ceuk Kitab Suci, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.” (1 Korinta 15:33) Mun babaturan anjeun resep ngiritik, sinis, jeung resep ngomongkeun batur, anjeun bisa kababawa.

    Carana supaya asup akal: Bisa waé babaturan anjeun ngalaman kasusah, maranéhna jadi sedih jeung strés pikeun sababaraha waktu. Anjeun kudu ngadukung maranéhna, tapi ulah nepi ka anjeun nu jadi sedih jeung strés. Ceuk budak ngora nu ngaranna Michelle, ”Tong ngan gaul jeung jalma nu boga pikiran goréng wungkul. Dina matématika gé, mun angka minus ditambah angka minus deui, jadi beuki gedé minusna.”

Baca carana sangkan leuwih positif

Urang hirup dina jaman nu ku Kitab Suci disebut jaman nu ”loba kasukeran”. (2 Timoteus 3:1) Na anjeun sok jadi hésé mikir positif lantaran jalma-jalma lolobana boga pikiran goréng? Baca ”Na Kasangsaraan téh Bakal Leungit?”

Ceuk budak ngora séjénna

Emma

”Kadang mun keur boga pikiran goréng, abdi nuliskeun naon hal alus jeung hal goréngna tina masalah éta. Ku kituna, abdi jadi bisa ngagunakeun akal, teu ngan maké parasaan wungkul. Najan kaayaan katingalina goréng, sering ogé loba hal alusna.”—Emma.

Jesse

”Mun boga pikiran goréng, abdi mikirkeun naon nu bisa abdi lakukeun pikeun nulungan batur atawa ngalakukeun hal hadé keur batur. Pan Nabi Isa ngomong, mun méré ka batur téh urang bakal bagja. Terus mun abdi méré ka batur, pikiran abdi jadi teu goréng-goréng teuing.”—Jesse.

Intina: Kumaha supaya abdi teu boga pikiran goréng terus?

Boga pandangan nu saimbang kana kakurangan sorangan. Upayakeun sangkan ka hareupna teu nyieun kasalahan nu sarua, tapi inget anjeun téh teu sampurna.

Tong sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Tong nyeri haté mun teu diondang ka hiji acara.

Sing akur jeung batur, komo mun jeung kulawarga sorangan. Mun aya masalah dina kulawarga, tong sok ngomporan, tapi upayakeun sabisa-bisa supaya tetep akur.

Ucapkeun sukur. Kudu apal kana masalah nu keur disanghareupan, tapi tong nepi ka poho kana hal-hal hadé dina kahirupan.

Pikirkeun jiga kumaha babaturan anjeun. Téangan babaturan nu teu mikirkeun teuing masalah maranéhna nepi ka strés.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun