PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 96
  • Kumaha Supaya Abdi Teu Kawalahan ku PR?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Supaya Abdi Teu Kawalahan ku PR?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Ku naon guru méré PR?
  • Saran pikeun diajar
  • Kumaha Mun Peunteun Urang Goréng di Sakola?
    Pananya Budak Ngora
  • Carana Ngabantu Budak Leuwih Alus Peunteunna di Sakola
    Bantuan keur Kulawarga
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 96
Saurang budak ngora keur ngagawékeun PR tengah peuting bari nyetél TV.

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Teu Kawalahan ku PR?

”Mani capé pisan kudu ngagawékeun PR nepi ka jam 1 peuting. Hayangna mah saré.”​—David.

”Kadang abdi kudu diajar nepi ka jam satengah lima subuh, tuluy jam 6 geus kudu hudang, da kudu indit sakola. Mani kieu-kieu teuing!”​—Theresa.

Na anjeun boga PR sagunung? Lamun kitu, artikel ieu bisa ngabantu anjeun ngagawékeunana hiji-hiji.

  • Ku naon guru méré PR?

  • Saran pikeun diajar

  • Ceuk budak ngora séjénna

Ku naon guru méré PR?

Sababaraha alesanana nyaéta PR téh . . .

  • nambahan élmu anjeun

  • ngalatih rasa tanggung jawab

  • ngalatih anjeun supaya pinter ngatur waktu

  • mantuan anjeun pikeun ngarti jeung nerapkeun naon nu diajarkeun di kelasa

”Ku cara méré PR, guru bisa mastikeun murid-muridna bakal nerapkeun naon nu diajarkeun di kelas, teu ngan saukur ngadéngé ti ceuli kénca, kaluar ti ceuli katuhu.”​—Marie.

Misalna, matématika jeung sains ngalatih kamampuh anjeun pikeun ngaréngsékeun masalah. Para ahli nyebutkeun yén hal ieu bisa ngabentuk sarta nguatkeun saraf otak. Jadi, PR téh sabenerna olahraga keur otak anjeun!

Teu sual anjeun ngarasa aya mangpaatna atawa henteu, daék teu daék anjeun téh kudu ngagawékeun PR. Tapi sabenerna, sanajan teu bisa nangtukeun sabaraha loba PR nu kudu digawékeun, anjeun bisa nganggeuskeunana dina waktu nu leuwih singget. Kieu carana.

Saran pikeun diajar

Sanajan anjeun ngarasa hésé nganggeuskeun PR, lamun direncanakeun heula mah moal hésé-hésé teuing. Cobaan saran-saran ieu:

  • Saran 1: Jieun rencana. Ceuk Kitab Suci, ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.” (Siloka 21:5) Siapkeun heula barang-barang nu diperlukeun keur nyieun PR, jadi anjeun teu kudu cengkat heula pikeun nyokot barang pas keur ngagawékeun PR.

    Pilih tempat di mana anjeun bisa konséntrasi. Aya nu resep ngagawékeun PR di imah, misalna di kamar nu tenang sarta caang. Nu séjénna resep ngagawékeun PR di luar imah, misalna di perpustakaan.

    ”Lamun urang boga agénda atawa kalénder keur nyatet PR nu kudu digawékeun, urang bisa ngahémat waktu. Lamun urang nuturkeun jadwalna, urang moal strés teuing.”​—Richard.

  • Saran 2: Pilih mana nu rék digawékeun ti heula. Ceuk Kitab Suci, ”Sagala rupa oge . . . kudu tartib.” (1 Korinta 14:40, Sunda Formal) Bari mikirkeun naséhat ieu, pilih mana nu rék digawékeun ti heula.

    Aya nu resep ngagawékeun nu hésé heula. Nu séjénna hayang ngagawékeun nu gampang heula supaya maranéhna ngarasa percaya diri. Pilih cara nu paling cocog keur anjeun.

    ”Nyieun daptar téh ngabantu pisan. Abdi jadi apal naon waé nu kudu digawékeun jeung rék nu mana heula. Ku kituna abdi bisa nganggeuskeun PR jeung moal kawalahan.”​—Heidi.

  • Saran 3: Geura gawékeun. Ceuk Kitab Suci, ”Kudu getol kana gawe, ulah mumulan.” (Rum 12:11) Bisa jadi anjeun hayang ngalakukeun kagiatan séjén. Tapi, waktu nu sakuduna dipaké pikeun ngagawékeun PR ulah dipaké keur ngalakukeun kagiatan séjén.

    Jalma nu sok ngaengké-engké bakal telat atawa gurung gusuh dina ngaréngsékeun pagawéanana. Hasilna ogé biasana teu pati alus. Anjeun moal strés jeung hariwang lamun langsung ngagawékeun PR.

    ”Lamun abdi langsung ngagawékeun PR atawa tugas sanggeus balik sakola, engkéna abdi moal hariwang sarta moal kaganggu ku kagiatan séjén.”​—Serina.

    SARAN: Unggal poé, gawékeun PR dina jam nu sarua. Éta bakal ngalatih anjeun supaya disiplin jeung biasa ngagawékeun PR.

  • Saran 4: Konséntrasi. Ceuk Kitab Suci, ”Sing teteg neuteup ka hareup.” (Siloka 4:25) Pikeun ngalarapkeun éta saran, anjeun kudu nyingkirkeun hal-hal nu bisa nyimpangkeun perhatian, hususna gadget.

    Saurang budak ngora ngagawékeun PR soré-soré jeung henteu disimpangkeun.

    Lamun anjeun ngagawékeun PR bari internétan jeung chatting-an, waktu nu dipaké jadi dua kali leuwih loba. Tapi lamun anjeun konséntrasi ngagawékeun PR, anjeun moal pati strés sarta boga leuwih loba waktu keur nyalsé.

    ”Hésé rék konséntrasi lamun bari nyoo HP, komputer, nongton TV, atawa maén game. Urang bisa konséntrasi lamun mareuman HP atawa alat-alat séjén nu bisa nyimpangkeun.”​—Joel.

  • Saran 5: Kudu saimbang. Ceuk Kitab Suci, ”Tunjukkeun sikep asup akal aranjeun.” (Pilipi 4:5, Terjemahan Dunia Baru) Lamun strés pas keur ngagawékeun PR, pék reureuh heula sakeudeung. Anjeun bisa leuleumpangan, sasapédahan, atawa lumpat.

    Lamun anjeun masih ngarasa beurat lantaran dibéré PR sagunung, pék nyarita ka guru anjeun. Lamun guru ningali anjeun geus ngalakukeun nu panghadéna, sugan guru anjeun daék ngurangan PR-na.

    ”PR téh ulah dijadikeun beban nepi ka urang strés. Lakukeun wé nu panghadéna. Ulah jadi strés teuing ngan ku lantaran PR.”​—Julia.

Pananya pikeun dipikirkeun:

  • Barang naon waé nu diperlukeun pikeun ngagawékeun PR?

  • Iraha waktu nu paling cocog pikeun ngagawékeunana?

  • Di mana abdi bisa bener-bener konséntrasi?

  • Kumaha supaya abdi teu ngaengké-engké ngagawékeun PR?

  • Naon waé nu bisa nyimpangkeun abdi?

  • Kumaha abdi bisa nyingkirkeun hal-hal nu nyimpangkeun, siga gadget atawa nu séjénna?

  • Kumaha supaya abdi bisa teu strés teuing waktu ngagawékeun PR?

PANGINGET NU PENTING: Pastikeun yén anjeun ngarti naon waé nu kudu digawékeun. Lamingung, geura tanya ka guru saacan balik ka imah.

Ceuk budak ngora séjénna

Angelique.

”Abdi sok ngagawékeun nu gampang heula. Éta bisa ngurangan strés sarta méré sumanget, lantaran abdi apal geus aya kamajuan.”​—Angelique.

Austen.

”Sanajan teu resep ngagawékeunana, PR téh ngalatih abdi ngatur waktu jeung boga rasa tanggung jawab. Ku kituna, ngagawékeun PR mangrupakeun palatihan nu alus keur kahirupan.”​—Austen.

Intina: Kumaha carana nganggeuskeun PR?

Jieun rencana. Siapkeun heula barang-barang nu diperlukeun. Pilih tempat nu cocog supaya anjeun bisa konséntrasi.

Pilih mana nu rék digawékeun ti heula. Putuskeun mana PR nu kudu digawékeun ti heula.

Geura gawékeun. Sing getol, ulah ngaengké-engké.

Konséntrasi. Ulah disimpangkeun ku gadget atawa hal séjénna.

Kudu saimbang. Mun perlu, pék reureuh heula. PR téh ulah dijadikeun beban nepi ka anjeun strés.

a Tina buku School Power nu ditulis ku Jeanne Schumm.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun