PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • hf bag. 1 kaca 3-5
  • Ménta Pituduh Allah Sangkan Bagja

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ménta Pituduh Allah Sangkan Bagja
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • 1 TARIMA TANGGUNG JAWAB TI YÉHUWA
  • 2 PERHATIKEUN PARASAAN BATUR HIRUP
  • 3 SAUYUNAN SABAGÉ HIJI TIM
  • Sing Silih Satia
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Sanggeusna Nikah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Perkawinan téh Kurnia ti Allah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Cara Tetep Akur jeung Mitoha
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
Tingali Ogé
Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
hf bag. 1 kaca 3-5
Salaki jeung pamajikan dina poé nikahna

BAGIAN 1

Ménta Pituduh Allah Sangkan Bagja

”Waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe.”​—Mateus 19:4

Allah Yéhuwaa ngawangun perkawinan nu mimiti. Kitab Suci ngajelaskeun yén Mantenna nyieun awéwé nu mimiti ”tuluy dibawa ka eta manusa”. Adam sakitu bungahna terus ngucap kieu, ”Tulangna asal ti aing, dagingna nya kitu keneh.” (Kajadian 2:22, 23) Yéhuwa masih miharep salaki pamajikan aya dina kabagjaan.

Waktu Sadérék nikah, Sadérék bisa jadi ngarasa sagalana bakal sampurna. Tapi dina kanyataanana, sanajan salaki pamajikan silih mikacinta, maranéhna bakal nyanghareupan masalah. (1 Korinta 7:28) Dina ieu bacaan, Sadérék bisa diajar prinsip-prinsip Kitab Suci. Lamun prinsip-prinsip éta diterapkeun, perkawinan sarta kulawarga Sadérék bisa bagja.​—Jabur 19:9-12.

1 TARIMA TANGGUNG JAWAB TI YÉHUWA

PITUDUH KITAB SUCI: Salaki téh nu jadi kapala kulawarga.​—Epesus 5:23.

Lamun Sadérék nu jadi salaki, Yéhuwa miharep Sadérék bageur ka pamajikan Sadérék. (1 Petrus 3:7) Mantenna nyieun manéhna pikeun jadi batur hirup Sadérék, nu kudu dipihormat sarta dipikanyaah. (Kajadian 2:18) Sadérék kudu mikanyaah pisan ka manéhna nepi ka Sadérék daék miheulakeun kapentinganana ti batan kapentingan Sadérék.​—Epesus 5:25-29.

Lamun Sadérék nu jadi pamajikan, Yéhuwa miharep Sadérék hormat ka salaki sarta mantuan manéhna dina ngajalankeun tanggung jawabna. (1 Korinta 11:3; Epesus 5:33) Ngarojong putusan-putusanana sarta sabilulungan jeung manéhna. (Kolosa 3:18) Lamun éta dijalankeun, Sadérék bakal jadi pamajikan nu hadé di hareupeun salaki sarta Yéhuwa.​—1 Petrus 3:1-6.

CARA NERAPKEUN:

  • Tanyakeun ka batur hirup, kumaha Sadérék bisa jadi salaki jeung pamajikan nu leuwih hadé. Regepkeun enya-enya, sarta jieun parobahan nu diperlukeun

  • Sing sabar. Butuh waktu supaya Sadérék duaan nyaho carana pikeun silih ngabagjakeun

2 PERHATIKEUN PARASAAN BATUR HIRUP

PITUDUH KITAB SUCI: Sadérék perlu merhatikeun kapentingan batur hirup Sadérék. (Pilipi 2:3, 4) Témbongkeun ku laku lampah Sadérék yén batur hirup Sadérék téh jalma nu pangpentingna dina kahirupan Sadérék. Yéhuwa miharep umat-Na ”someah” ka saha waé. (2 Timoteus 2:24) ’Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos, jero ngaraheutanana. Ari omongan anu make akal budi mah jadi ubar.’ Jadi, Sadérék perlu ngajaga omongan Sadérék. (Siloka 12:18) Yéhuwa bakal méré roh suci-Na pikeun ngabantu Sadérék ngomong ku cara nu sopan jeung pinuh kanyaah.​—Galata 5:22, 23; Kolosa 4:6.

CARA NERAPKEUN:

  • Ngadoa sangkan tetep tenang sarta teu heureut pikir saméméh ngabahas masalah penting jeung batur hirup Sadérék

  • Pikirkeun naon nu bakal diomongkeun ku Sadérék sarta cara ngomongkeunana

3 SAUYUNAN SABAGÉ HIJI TIM

PITUDUH KITAB SUCI: Waktu Sadérék nikah, Sadérék bakal jadi ”sadaging” jeung batur hirup Sadérék. (Mateus 19:5, Sunda Formal) Tapi, Sadérék masih tetep dua pribadi nu bisa waé béda pandanganana. Jadi, Sadérék perlu diajar carana ngahijikeun pipikiran jeung parasaan. (Pilipi 2:2) Éta téh penting dina nyieun putusan. Ceuk Kitab Suci, ”Tong asa-asa menta heula nasehat, sangkan hasil anu diseja.” (Siloka 20:18) Prinsip Kitab Suci bisa ngabingbing Sadérék duaan dina nyieun putusan-putusan penting.​—Siloka 8:32, 33.

Salaki pamajikan sauyunan sabagé hiji tim, nyeuseuh sarta kukumbah babarengan

CARA NERAPKEUN:

  • Salian ti nyaritakeun pamikiran Sadérék, caritakeun ogé parasaan Sadérék

  • Saméméh nyieun putusan naon waé, badamikeun heula jeung batur hirup Sadérék

a Yéhuwa téh nami Allah nu aya dina Kitab Suci.

KUDU ASUP AKAL JEUNG OPTIMIS

Ulah ngarepkeun kasampurnaan ti diri sorangan ogé ti batur hirup Sadérék. (Jabur 103:14; Yakobus 3:2) Pikirkeun waé sipat-sipatna nu hadé. Sing sabar tur yakin yén prinsip Kitab Suci bakal mawa mangpaat. (2 Timoteus 3:16) Yéhuwa bakal ngaberkahan upaya Sadérék pikeun taat kana pituduh-Na, sarta hasilna perkawinan Sadérék bakal leuwih kuat ti taun ka taun.​—Galata 6:9.

PIKIRKEUN . . .

  • Naha batur hirup kuring bisa ngarasakeun yén kuring leuwih merhatikeun manéhna ti batan ka diri sorangan?

  • Naon nu geus dilampahkeun ku kuring poé ieu pikeun némbongkeun hormat sarta kanyaah kuring ka manéhna?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun