PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • hf bag. 2 kaca 6-8
  • Sing Silih Satia

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Silih Satia
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • 1 UTAMAKEUN PERKAWINAN SADÉRÉK
  • 2 JAGA HATÉ SADÉRÉK
  • Ménta Pituduh Allah Sangkan Bagja
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Sanggeusna Nikah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Cara Tetep Akur jeung Mitoha
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Cara Ngaréngsékeun Masalah
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
hf bag. 2 kaca 6-8
Salaki mayungan pamajikanana bari mukakeun panto mobil

BAGIAN 2

Sing Silih Satia

”Ku lantaran kitu anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”​—Markus 10:9

Yéhuwa miharep urang sangkan ”satia” ka batur hirup. (Siloka 5:15) Éta téh penting dina perkawinan Sadérék lantaran lamun euweuh kasatiaan, moal aya kapercayaan. Dibutuhkeun kapercayaan sangkan bisa silih pikanyaah.

Jaman ayeuna, kasatiaan dina perkawinan keur diruksak. Pikeun ngajaga perkawinan, Sadérék perlu ngalakukeun dua hal.

1 UTAMAKEUN PERKAWINAN SADÉRÉK

PITUDUH KITAB SUCI: ”Terang ka anu panghadena [pangpentingna].” (Pilipi 1:10) Salah sahiji hal nu pangpentingna dina kahirupan Sadérék nyaéta perkawinan Sadérék. Éta kudu diutamakeun.

Yéhuwa miharep Sadérék ngutamakeun batur hirup Sadérék sarta bisa ”senang-senang” babarengan. (Pandita 9:9) Yéhuwa méré pituduh ka Sadérék sangkan ulah ngabaékeun batur hirup, tapi coba téangan cara pikeun nyenangkeun haténa. (1 Korinta 10:24) Upayakeun sangkan batur hirup Sadérék ngarasa dibutuhkeun jeung dihargaan.

Salaki mawa inuman haneut keur pamajikanana; salaki balik ka imah ningali pamajikanana keur masak

CARA NERAPKEUN:

  • Sacara rutin, gunakeun waktu babarengan sangkan Sadérék duaan bisa silih merhatikeun

  • Ulah mikir kumaha ”kuring” tapi kumaha ”urang duaan”

Salaki pamajikan ngagunakeun waktu babarengan

2 JAGA HATÉ SADÉRÉK

PITUDUH KITAB SUCI: ”Sing saha anu nelek-nelek awewe bari aya sir napsu birahi, geus kaasup jinah dina hatena.” (Mateus 5:28, Sunda Formal) Jalma nu terus mikiran hal nu rucah, geus teu satia ka batur hirupna.

Yéhuwa méré pituduh sangkan Sadérék ngajaga haté Sadérék. (Siloka 4:23; Yermia 17:9) Ku kituna, Sadérék perlu ngajaga panon Sadérék. (Mateus 5:29, 30) Conto nabi Ayub nu nyieun sumpah jeung panonna, moal pelang-pelong ka awéwé bari napsu. (Ayub 31:1) Jadi, ulah sakali-kali ningali pornografi. Jeung ulah sakali-kali boga rasa bogoh ka jalma nu lain batur hirup.

Salaki majang poto pamajikanana dina meja kantorna

CARA NERAPKEUN:

  • Témbongkeun ka nu séjén yén Sadérék bener-bener satia ka batur hirup Sadérék

  • Pikirkeun kumaha parasaan batur hirup Sadérék, jeung geura eureunkeun hubungan nu teu dipikaresep ku batur hirup Sadérék

NU PERLU DILAKUKEUN KU SADÉRÉK

Perlu jujur ka diri sorangan, jeung perlu nyaho kana kalemahan sorangan. (Jabur 15:2) Ulah éra ménta tulung ka batur. (Siloka 1:5) Lawan pikiran-pikiran nu rucah. Ulah nyerah. (Siloka 24:16) Yéhuwa bakal ngaberkahan upaya Sadérék pikeun tetep satia ka batur hirup Sadérék.

PIKIRKEUN . . .

  • Kumaha kuring bisa nyadiakeun leuwih loba waktu pikeun batur hirup kuring?

  • Naha batur hirup kuring téh sobat dalit kuring?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun