PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • hf bag. 4 kaca 12-14
  • Carana Ngatur Duit

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Carana Ngatur Duit
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • 1 RENCANAKEUN SING TALITI
  • 2 PERLU TERUS TERANG JEUNG ASUP AKAL
  • Naha Duit téh Sumberna Sagala Kajahatan?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
hf bag. 4 kaca 12-14
Salaki pamajikan keur ngarencanakeun cara ngagunakeun duit maranéhna

BAGIAN 4

Cara Ngatur Duit

”Menta heula nasehat, sangkan hasil.”​—Siloka 20:18

Urang kabéh butuh duit pikeun nyumponan sagala pangabutuh kulawarga. (Siloka 30:8) Lamun ”boga duit, matak aman pipikiran”. (Pandita 7:12) Sanajan teu gampang ngomongkeun sual duit, ulah nepi ka duit jadi pimasalaheun dina perkawinan. (Epesus 4:32) Salaki pamajikan perlu silih percaya jeung sabilulungan dina mutuskeun cara ngagunakeun duit.

1 RENCANAKEUN SING TALITI

PITUDUH KITAB SUCI: ”Upamana, ti maraneh aya anu boga maksud nyieun munara, tangtu diuk heula ngitung-ngitung piwaragadeunana, hayangeun nyaho naha duitna teh picukupeun atawa moal dipake nganggeuskeun pagaweanana.” (Lukas 14:28) Ngarencanakeun babarengan carana maké duit téh penting. (Amos 3:3) Putuskeun barang naon waé nu perlu dibeuli jeung lobana duit nu rék dikaluarkeun. (Siloka 31:16) Sanajan Sadérék boga duit, teu perlu sagala dibeuli. Ulah ngahutang, tapi paké duit nu aya.​—Siloka 21:5; 22:7.

CARA NERAPKEUN:

  • Lamun aya sésa duit di ahir bulan, putuskeun babarengan bakal dikumahakeun duitna

  • Lamun duitna teu cukup, rencanakeun pikeun ngurangan biaya-biaya. Contona, ti batan dahar di luar, mending masak sorangan

Salaki pamajikan keur mariksa pangaluaran penting maranéhna

2 PERLU TERUS TERANG JEUNG ASUP AKAL

PITUDUH KITAB SUCI: ”Seja bruk-brak teh lain ka payuneun Allah bae, ka papada jelema nya kitu keneh.” (2 Korinta 8:21) Perlu jujur ngeunaan duit nu ditarima jeung dikaluarkeun ku Sadérék.

Perlu badami heula jeung batur hirup Sadérék saacanna nyieun putusan penting ngeunaan kumaha ngagunakeun duit. (Siloka 15:22) Komunikasi nu terus terang ngeunaan duit bakal ngajaga karukunan perkawinan Sadérék. Duit perlu dianggap sabagé milik kulawarga, lain milik sorangan.​—1 Timoteus 5:8.

Salaki pamajikan ngabahas daptar balanjaan waktu balanja babarengan

CARA NERAPKEUN:

  • Tangtukeun jumlah duit nu meunang dikaluarkeun nu teu perlu dibadamikeun heula jeung batur hirup Sadérék

  • Sual duit perlu dibadamikeun heula saméméhna aya masalah

PANDANGAN SADÉRÉK NGEUNAAN DUIT

Sanajan duit téh penting, tapi ulah nepi ka ngaganggu atawa ngalantarankeun kahariwangan nu teu perlu dina perkawinan. (Mateus 6:25-34) Sangkan bagja dina perkawinan mah teu kudu loba duit. Kitab Suci ngingetan, ”Kahade maraneh ulah nepi ka boga sipat sarakah dina hal naon bae.” (Lukas 12:15) Perkawinan mah leuwih penting ti batan naon waé nu bisa kabeuli ku duit. Jadi kudu ngarasa cukup, jeung ulah ngabaékeun hubungan Sadérék jeung Allah. Migawé hal ieu bakal ngabagjakeun kulawarga Sadérék, ogé bakal nyenangkeun Yéhuwa.​—Ibrani 13:5.

PIKIRKEUN . . .

  • Naon nu bisa dilakukeun ku kuring sakulawarga sangkan teu boga hutang?

  • Sababaraha waktu ka tukang, iraha kuring duaan ngabahas sual ngagunakeun duit?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun